SASAKA/SALAKA DOMAS: Manggihan Jeung Makena Dijaman Ayeuna (Bag I)

I
PANGANTEUR

Caritaan ngeunaan salaka/sasaka domas teh –lengkepna: lalayang salaka domas atawa Payung sasaka domas - umumna aya dina pantun popular tuturunan ‘Mundinglaya Dikusumah’. Pantun  nu nyaritakeun usaha hiji satria Pajajaran kasebut  Mundinglaya nu kudu meunangkeun jeung mawa  pusaka mangrupa (la)layang atawa payung, nyaeta sasaka/salaka domas,  ti(sa)jabaning langit  dina waktu nagara susah butuh solusi inovasi/cara anyar pakeun karaharjaan kasalametan kamakmuran. Sab bisa balik deui ka nagara bari hasil/sukses mawa sasaka ku cara maehan jongrang kalapitung & guriang tujuh-ngarana katambahan jadi Mundinglaya dikusumah.

Ieu pantun saliwat mah siga sabangsaning carita komik fiksi hayalan keur budak karya Hans Christian Andersen nu ukur mangrupa ‘happy ending story’. Tapi, keur urang urang lembur nu masih keneh make-nerusajarkeun kasundaan mah, pilihan kecap, ngaran nu boga lalakon, ngaran pusaka, proses manggihan-meunangkeun eta pusaka jeung hal hal lain dina eta pantun teh mangrupakeun rekayasa ide, guritan, pasieup, nu ngahaja sangkan eusina ngagambarkeun hiji ulikan enya enya ngeunaan kasundaan nu kudu (jeung bisa) diturut teruskeun ku urang sunda ayeuna: Aya barang kanyataanana, metodana empiris pakeun nuturneruskeunana, puguh guna mangfaatna.
Malah ngeunaan ieu ulikan kasundaan nu dicaritakeun dina pantun diluhur teh aya, ‘ngahajakeun dijieun model’ nu sawarna, di langit nu biasa-buana panca tengah. Kayaning, sebut wae dua diantarana, 1) di kabuyutan kanekes -sasaka domas atawa sasaka pada ageung/sasaka pusaka buana- jeung 2) di kabuyutan sasaka domas di Bogor.



Salaka/Sasaka domas teh Pusaka/caang/cahaya/tuduh keur kasampurnaan hirup. Sab ngeunaan kasampurnaan hirup tangtu (dipiharep) bisa jadi solusi pikeun hal-hal nu teu sampurna, ‘defect’, kakurang, kateupuas, kahengker, panyakit, kahayang, kabutuh jrrd jrrd kateusampurnaan. [Sasaka, harti ka 1, pusaka;  Domas,  harti ka 1,  sampurnaning hirup]- referensi harti kecap: Kamus Basa Sunda Lembaga Basa& Sastra Sunda 1992.

Salaka Domas teh di jabaning langit/kahyangan mangrupa layang kitab cahaya (-Layang, lalayang: kitab, buku, nu bisa dibaca, Salaka, harti ka 2, cahaya bodas herang-perak), Sanggeus  dibaca eusina eta ‘spectrum’ cahaya tuduh salaka domas digambarkeun aya/mangrupa 800 hal, dimensi, kahanan, wujud, kaahlian, kamatihan, kamampuhan, formasi, tangtungan
[Salaka: perak, warnana bodas herang; -Bodas mangrupakeun kumpulan rupa rupa spektrum warna-sagala warna; -Domas, harti ka 2, 800].

Cat: Islam, Qur’an,  oge nyebutkeun yen kitab teh mangrupa cahya-lain kertas; upami  Sang Rahmatan lil alamin mah janten mushaff utsmani nu, aya hubungana diantarana,  jeung bilangan 7 jadi 19; Urang sunda mah tina kitab cahaya layang salaka domas teh jadi dipetakeun kana angka 7 jadi 800 cupu manik astagina, detailna tingal bagian 4)

Satuluyna, sanggeus dibaca di bawa ka buana panca tengah, nya jadi payung sasaka domas. (Payung alat keur nyalindung tina panas jeung hujan; mayungan nu boga nu makena dina nyukupan kabutuh kabetahna).

Dina jucungna, lamun jalma sunda nempa maneh (Domas, harti ka 3, gosali tempat nempa) nurutkeun nu diajarkeun nu dituduhkeun ku eta lalayang,  dibuana pancatengahna kapayungan jeung jadi payung seliran leleberan tangtungan sasaka/salakadomas ti jabaning langit salila hirup hurip. Matak kongas didunyana digambarkeun mangrupa/jadi arca domas tangtungan jelema nu geus katempa kawaris -jadi- kaauban ‘barokahna’ ‘karamahna’ kahadeana kamatihan kamampuhana sasaka/salaka domas nu jumlahna aya 800 tangtungan (murtina tina 800 hal nu kapanggih tina layang salaka domas jabaning langit kahyangana sunan ambu).
 Nya hal ieu nu jaradi sasaka pada ageung sasaka pusaka buana saperti nu di gambarkeun modelna di kabuyutan kanekes jeung jadi sasaka domas di tempat kaweruh-gudang elmu  Tenjo Laya (Tenjo=tingal-pandangan, wawasan, kaweruh; laya=tempat).  Di kabuyutan  kanekes ukur mangrupa  batu nu  dipasieup ku liang jeung garis garis keur mere tuduh kana rajah mukakeun sasaka/salaka domas. Di cibalay/tenjolaya, oge badigul-maha wijaya,  Bogor arca (icon-tangtungan) sasaka domas (pernah aya) lobana 800 siki.

Jadi jalma sunda saha wae (muga2 kapanggih/kapake ku urang sunda lain ku batur), nu kuat mampuh/para munding laya, bisa/mampuh matih mayungan –jadi sasaka lulugu pioneer tuturus nu mere/jadi  domas solusi tuduh- keur diri jeung lingkunganana nurutkeun kabutuh kabetahna.

Sedengkeun, kabutuh kabetah sangkan sampurna hirup teh teu kudu  keur urusan bangsa  nagara atawa buana nu gede gede wae, tapi  urusan sapope salaku jalma jamak rahayat loba kayaning urang urang, malah eta nu perlu pisan diburu butuh mah sangkan kahibaran pusaka dina lampah  unggal usik satutuluyna. Jadi, ngadownloadna ge jalma biasa mah paling ukur hiji dua tina leleberan 800 nu geus katuliskeun murti dina eusining sasakadomas. Karek jalma-jalma petingan pinilih nu boga cita cita luhung nu butuheun jeung bisa macamakekeunna leuwih loba da ambahan tanggung jawabna ge leuwih jembar  (Naha 800 tingal bagian 5).

Salah sahiji buktina, kapan kabuyutan-kabuyutan sasaka domas ge lolobana mah kapake – dipake dipenta ‘dibaca’ keur nohonan kaperluan jalma jamak somah nu datang kadinya. Komo ayeuna mah pamingpin pamingpina nu hayang maca keur karaharjaan nagara jeung seler - komo nepikeun kabisa maca jeung makena- can aya. Asumsina mun geus aya mah meureun nanjung sunda teh teu jadi kekesed keneh.

Eta kabeh nu dicaritakeun diluhur bakal asup kana ukur kikirataan, dongeng fiksi –hayalan lamunan, ngahuntu sakadaek jeung pangwadulan mungkul,  lain mangrupa ulikan elmu waja nu semplak lamun euweuh bukti barangna, euweuh metoda nu bisa dipigawe sacara empiris pakeun manggih-maca-makekeunana.

Kumaha cara manggihanana?? Cara macamakekeunana?? nu kudu empiris hartina saha wae numake metoda-teknikna bakal sarua – toleransi beda sautak saeutik- manggihan Sasaka/salakadomas lamun enya ieu teh hiji elmu/ulikan.

II
TEKNIK/METODA MANGGIH MEUNANGKEUN SASAKADOMAS

Manggihanana tiap jalma sunda kudu jadi Munding Laya (munding: sato nu kuat, laya:tempat) nu bisa maehan jongrang kalapitung nalukeun guring tujuh. Nyaeta, jelema nu kuat mampuh ngelehkeun maehan nyirnakeun ngaleungitkeun ‘buta jongrang kalapeteng’ hijab dirina nepi ka bisa unggah ka jabaning langit (jaba=lian-yang lain), hartina leupas tina kabiasaan, keterbatasan, kotak penjara akal & kesadaran, qadar ukuran sorangan na sangkan bisa neangan tuduh  hada  -nu bisa jadi mangrupa- sudut pandang kemampuan dimensi lain/baru ti batan langit wawasan elmu nu heubeul, nu lumrah, nu biasa, nu teu jadi solusi.

Di dimensi lahir batin nu lain/beda/anyar ieu, sangkan meunangkeun pusaka sasaka domas teh kudu ngelehkeun  ngereh ngatur nalukeun menguasai 7 panta tingkatan jenis patapaan (guriang: pertapa ; 7 hartina loba, kabeh,’all’, sakabeh fase tingkatan jenis jrrd,  tingal 7 turunan). Supaya engke robah jadi guriang nu tunggal, patapa nu geus bisa mampuh ngahijikeun kabeh-teu jadi misah misah teu jadi pakia kia tapi harmoni dina kahijian hiji. Nu antukna, eta hiji tangtung teh beunghar euyeub eusi/diwangun kurupa rupa warna warna eusi ning eusi. Loba loba hiji - hiji loba loba, ‘tauhid-nauhidkeun’ bari wenang ngararangkenan  sorangan.

Di kabuyutan kanekes oge arca domas karek kapanggih/tepi ka arca domas sanggeus ngaliwatan7 undakan, tiap undakan aya rajahna. Bener henteuna ngarajah tiap nu haji-deuheus nangtukeun kapanggih henteuna makam panta sasaka domas dina alam kaweruh pibadina dina waktu  ragana leumpang naek tiap undakan. Nu bener hasil nu henteu panggih jeung lalamunan sasangkaan.

Teknik2 metoda2 empirisna  dina milampah di dua kahanan sangkan bisa kajabaning langit jeung meruhkeun Guriang Tujuh,  kieu:

Bagian saterasna urang dugikeun upami pareng