AL JIN DINA DANGDANGGULA

====
Bedana elmu sangka kira kira ijiran mungkul (donna) jeung elmu ahli waris rasul kanyataan mustika rasana pribadi nu diridoan ku gustina. Dina nyaksi alam luhur nu hiji ngapung ngajaul tur keuna pangaruh robahna jaman  nu hiji mubus nyusup awor manteng dina tangtung mo aya hahalangna sapapanjangna. Ngan padikana lamun hayang jadi ahli waris TEU MEUNANG NGAKU (kudu dipahing pisan-panyakit jalma loba loba), sagala nu jadi metu pangaweruh kamatihan kamampuhana anging ku idin Allahna lain ku nu lian nu gaib gaib komo tahayul rekaan kira kira sangka nafsuna. Dina metakeunana di alam tangtung nu gaib loba nu ngaub lain aub ka nu gaib gaib.  Muguhkeunana dina eukeur nyusul nyusul elmu kira kira sangka jeung elmu karasulan mah dina buktina, kudu kasaksi nyatana mana nu leuwih hengker tulungna jeung leutik bobot danghyangna. Pun.
====

 AL  JIN
SURAT NO 72 - 28 AYAT
  
(Kinanti)
 Nyalindung ka maha agung, maha mulya maha suci, Allah nu maha uninga, tina poek sasar diri, alatan gogoda setan, nu nyiruruk nyiriwuri.
Kalawan asma Hyang Agung, marengan lampah sayakti, nu janten marga lantaran, sadaya usik ngajadi, nyaah asih taya kendat, nganteur mahluk nu kumelip.

(Dangdanggula)

1. Qul 'Ūĥiya 'Ilayya 'Annahu Astama`a Nafarun Mina Al-Jinni Faqālū 'Innā Sami`nā Qur'ānāan `Ajabāan. 2. Yahdī 'Ilá Ar-Rushdi Fa'āmannā Bihi Wa Lan Nushrika Birabbinā 'Aĥadāan

Wakcakeun ditembrakkeun ka kami
Yen sakumpulan jin geus miarsa
ngareungeukeun teu geseh
Tuluy  ucapna  metu
Kula  kabeh estuning nyaksi
Qur’an nu aheng pisan
Sa-benerna tuduh
Kula  percaya caangna
tur  mo rek nyaruakeun Gusti
jeung salian mantenNA



3. Wa 'Annahu Ta`ālá Jaddu Rabbinā Mā Attakhadha Şāĥibatan Wa Lā Waladāan 4. Wa 'Annahu Kāna Yaqūlu Safīhunā `Alá Allāhi Shaţaţāan 5. Wa 'Annā Žanannā 'An Lan Taqūla Al-'Insu Wa Al-Jinnu `Alá Allāhi Kadhibāan

Tur saestuna kaluhungan Gusti
agung mulyana kalintang pisan
teu istrian putra komo
Jeung enya nu saestu
nu barodo ti kula kungsi
ngucap ngeunaan Allah
nu teu pantes betus
Jeung kula  kabeh geus nyangka
jelema jeung jin henteu kungsi  ngalahir
ngabarohongkeun Allah

6. Wa 'Annahu Kāna Rijālun Mina Al-'Insi Ya`ūdhūna Birijālin Mina Al-Jinni Fazādūhum Rahaqāan  7. Wa 'Annahum Žannū Kamā Žanantum 'An Lan Yab`atha Allāhu 'Aĥadāan

Jeung sawatara jalma ngamuhit
menta ka antara jin auban
eta jin kalah gumede
mutuh sombong  adigung
tur leuwih nyusahkeun nu muhit
Jeung maranehna nyangka
tulupan nu nguntup
kawas lampah loba loba
yen Gusti mo ngintun rasul
tulung asal ti papada

8. Wa 'Annā Lamasnā As-Samā'a Fawajadnāhā Muli'at Ĥarasāan Shadīdāan Wa Shuhubāan 9. Wa 'Annā Kunnā Naq`udu Minhā Maqā`ida Lilssam`i Faman Yastami`i Al-'Āna Yajid Lahu Shihābāan Raşadāan

Jeung saestuna kula bangsa jin
geus kungsi nyoba  nyoba ngungkaban
rusiah langit nu gede
gening di alam luhur
dijaraga pamuk linewih
Jeung seuneu nu nyamberan
kula kungsi matuh
ngadengekeun tur noongan
ngan ayeuna sing saha nu laku tadi
disamber  nu ngalentab

10. Wa 'Annā Lā Nadrī 'Asharrun 'Urīda Biman Fī Al-'Arđi 'Am 'Arāda Bihim Rabbuhum Rashadāan

Jeung kusabab eta kula nyaksi
kula kabeh teu apal pastina
naha anu tarembong
ka buana tarurun
pigorengeun keur nu kumelip
atawa  sabalikna
gusti maha agung
nuju nembongkeun kawasa
ngalungsurkeun kersa keur sawiji wiji
rahmat kasinugrahan

11. Wa 'Annā Minnā Aş-Şāliĥūna Wa Minnā Dūna Dhālika Kunnā Ţarā'iqa Qidadāan 12. Wa 'Annā Žanannā 'An Lan Nu`jiza Allāha Fī Al-'Arđi Wa Lan Nu`jizahu Harabāan

Jeung  enyana kula mere warti
ti bangsa kula nu saleh aya
nu sabalikna aya oge
bareda jalan hirup
salampahna  marasing masing
Tur na ijiran kula
kula kabeh mo luput
ti Gusti di ieu dunya
jeung mo bisa nyingkahan kawasa Gusti
ku jalan ngapung  birat

13. Wa 'Annā Lammā Sami`nā Al-Hudá 'Āmannā Bihi Faman Yu'umin Birabbihi Falā Yakhāfu Bakhsāan Wa Lā Rahaqāan

Jeung  sanggeus ngadengekeun pangwarti
kula kabeh enya percayana
benerna eta papadon
sing saha saha tangtung
nu iman ka gustina pribadi
pangeran nu ngamurbana
Gusti maha agung
moal sieun kaleungitan
sepi  kahariwang  hirup henteu  hurip
jeung mo boga kabeurat

14. Wa 'Annā Minnā Al-Muslimūna Wa Minnā Al-Qāsiţūna Faman 'Aslama Fa'ūlā'ika Taĥarraw Rashadāan 15. Wa 'Ammā Al-Qāsiţūna Fakānū Lijahannama Ĥaţabāan

Jeung ti antara kula bangsa jin
aya anu muslim ka gustina
aya  oge nu teu balener
ingkar ti maha agung
Nya sing saha nu sumerah jati
geus bener lumampahna
Sing saha nu adigung
nyimpang ingkar ti Gustina
lampahna  jadi suluh seuneu pribadi
keur siksa narakana

16. Wa 'Allawi Astaqāmū `Alá Aţ-Ţarīqati L'asqaynāhum Mā'an Ghadaqāan 17. Linaftinahum Fīhi Wa Man Yu`riđ `An Dhikri Rabbihi Yasluk/hu `Adhābāan Şa`adāan

Jeung upama maranehna tigin
pengkuh dina kaislamanana
ginanjar rahmat nu gede
lir cai nu ginulur
anugrah keur sakumna anu kumelip
Nu Bisa we kabehna
ngan cocoba  mungkul
Nya sing saha anu ingkar
teu eling  ka kersa Gustina pribadi
meunang siksa nu beurat

18. Wa 'Anna Al-Masājida Lillāhi Falā Tad`ū Ma`a Allāhi 'Aĥadāan -19. Wa 'Annahu Lammā Qāma `Abdu Allāhi Yad`ūhu Kādū Yakūnūna `Alayhi Libadāan

Jeung saenyana  ieu tanggara kami
yen masjid tempat sujud ka Allah
nya didinya kabeh montong
neneda tur nunuhun
salian ti ka maha suci
Jeung nu saestuna
keur abdiNa nangtung
awor manteng ka gustina
eta kabeh jin teh ngagimbung kataji
pasesedek nyaksian

20. Qul 'Innamā 'Ad`ū Rabbī Wa Lā 'Ushriku Bihi 'Aĥadāan -21. Qul 'Innī Lā 'Amliku Lakum Đarrāan Wa Lā Rashadāan -22. Qul 'Innī Lan Yujīranī Mina Allāhi 'Aĥadun Wa Lan 'Ajida Min Dūnihi Multaĥadāan

Wakcakeun: ngan ka Gusti  gumati
tur  mo nyasamakeun jeung nu lian
Wakcakeun:  ieu tangtung teh
henteu  boga kamampuh
sanggup nyilakakeun nu lain
oge mere kaalusan
Jeung nya ieu tangtung
mo bisa nyinglar Gustina
jeung  mo bisa manggih salian ti Gusti
geusan panyalindungan

23. 'Illā Balāghāan Mina Allāhi Wa Risālātihi Wa Man Ya`şi Allāha Wa Rasūlahu Fa'inna Lahu Nāra Jahannama Khālidīna Fīhā 'Abadāan -24. Ĥattá 'Idhā Ra'aw Mā Yū`adūna Fasaya`lamūna Man 'Ađ`afu Nāşirāan Wa 'Aqallu `Adadāan

Ieu tangtung ngan jadi pangwarti
tanggara jeung piwarang Gustina
jeung sing saha saha oge
nu ingkar ti nu agung 
katut rasulna nu sayakti
langgeng meunang  jahanam
Nya, mun janji gulung
bakal nyaho sajatina
Saha anu leuwih hengker tulung diri
tur saeutik bobotna

25. Qul 'In 'Adrī 'Aqarībun Mā Tū`adūna 'Am Yaj`alu Lahu Rabbī 'Amadāan -26. `Ālimu Al-Ghaybi Falā Yužhiru `Alá Ghaybihi 'Aĥadāan

Wakcakeun: ieu tangtung teu wacis
Naha nu dijangjikeun ku mantena
Bakal gancang tembong
Kaalaman ku tangtung
Atawa lila keneh jadi
Nu uninga niskala
gusti maha agung
moal masihan terang
rusiah niskala ka gaiban sajati
ka umat saha saha

27. 'Illā Mani Artađá Min Rasūlin Fa'innahu Yasluku Min Bayni Yadayhi Wa Min Khalfihi Raşadāan -28. Liya`lama 'An Qad 'Ablaghū Risālāti Rabbihim Wa 'Aĥāţa Bimā Ladayhim Wa 'Aĥşá Kulla Shay'in `Adadāan

Kajaba nu dikersakeun Gusti
ti antawis rasul utusana
anu diwasakeun nyaho
nya  dina eta tangtung
di -hareuptukang-na sinelir
pangraksa nu prakosa
meh bukti yen  rasul
ngadugikeun sabdaNa
jeung  kasaksi ngungkulan sawiji wiji
tur gemet balitungNa