Nusa Larangna Rahyang Niskala Wastu Kancana, dimana kitu euy???


Anyar anyar ieu kapangih remen nu nyaritakeun/natanyakeun malah aya oge nu nuliskeun ngeunaan dimana sabenerna patilasan panungtung ti luluhur Galuh anu mulya Rahyang Wastu Kancana. Salah salima sababna lantaran kaayan situs kawalina nu geus jadi kawas makam /kuburan ‘Arab’ tibatan kabuyutan atawa astana gede [(astana=hastana=leungeuna) jadi astana gede hartina tempat nu tapak lacak amal pagawean na gede/mulya/agung)]. Jeung leungitna/teu nepina transfer knowledge ti kuncen sepuh ka nu nuluykeuna nepikeun ka teu bisa ngajelaskeun ngeunaan tempat  nu sabenerna, ditambah ku lobana bararudak ngora nu natanyakeun –najan ukur nepi kana hayang nyaho- nu kaweruh kana sundana teh taram taram keneh bari diramekeun ku pagaliwotana/pakepukna informasi  ‘sajarah’/versi/cenah jeung euceuk oge pacampurna basa nu dipake di sunda.  



Sabenerna lamun hayang enya nyahona kuduna nanyakeun ka jinisna ku anjeun (Ka Rahyang Wastukancana) sabab ngan mantena nu ngalamana nyalira -kawas paduna jalma rea ngeunaan tos islam henteuna Sang Siliwangi Jaya Dewata, jawabna nu pasti mah kudu ti jinisna. Ieu tangtu siga jawaban nu ngabuntut bangkong, heuheureuyan, sangeunahna atawa padu ngucap, padahal  ditulis bari jeung enya enya sabab puguh jalana/aya metodana nu sifatna 'empiric' nu lamun dipigawe sarua protokolna bakal manggihan nu sarua. Naha? (tingali kasalahan kisunda dina hayangna nanjeurkeun uga luluhur bag II).

Sabab ari natanyakeun mungkul  ka batur mah nu meunang ngan ukur pamanggihna/versina, dina manggih nu benerna ge ahirna ukur tepi kana babasan agul ku payung butut nyaho ngeunaan luluhur tapi teu kabagian saeutik oge leleberanana atawa mun di Arab mah kaasup kana  simbolis carita Abu Thalib (thalib = neangan/diajar/hayang nyaho) terang ngeunaan tauhid tapi teu tohid terang ngeunaan islam tapi teu muslim terang iman tapi teu mu’min da karek tepi /pageuh dina talab mungkul hayang nyaho mungkul.  Komo nampa bejana ngeunaan ngahyang/tilemna/maotna/paehna ukur ti para pengamat (ari pengamat can tangtu/lain pamake/pengguna teknikna). Boh pengamat sakolaan ‘peneliti’  boh pengamat tradisional nu sok loba ngadeukeutan luluhur bari make metoda nu teu pasti misalna wae salah neangan key personsna  jeung kanu ukur nuturkeun tahayul rekaan atina resep ku cenah jeung euceuk.

Ngan da memang keur ayeuna usumna hasil didikan sakola barat nu mentingkeun nyieun alesan atawa argument enya henteuna mah teu pati penting da pageuh dina hal nu relative tea -kabeh bisa nepikeun pamanggihna – beda jeung di sunda kampung nu tara rea argument tapi nyaritakeun ngan nu enya mungkul sab eraeun ku luluhurna mun ukur nyangka ukur ngaduga kikirataan wawancahan. Jadi ieu tulisan rek pipilueun nurutkeun galibna jaman ayeuna.

Rada jadi bahan caritaan ngeunaan dimana sabenerna patilasan panungtung Rahyang Wastu kancana -salian ti nu geus dicaritakeun di paragraph mimiti- sabab kalolobaanana ngeunteung kana carita parahyangan, dokumen nu relative leuwih diajenan nilai sajarahna timanan naskah Wangsa kerta.

“Sakitu, sugan aya nu dék nurutan inya twah nu surup ka Nusalarang”

Jarang aya nu nyaritakeun katerangan nu leuwih lengkep tina kalimah saencana nyaeta: 

Aya na seuweu Prebu, wangi ngaranna, inyana Prebu Niskalawastu Kancana nu surup di Nusalarang ring giri Wanakusuma”.

Jadi, kahiji, lamun dumasar kana kecap giri wana kusumah (giri= gunung, daerah luhur ([pa]gunung[an] , wana=leuweung, kusuma=kusumah=kembang) tangtu moal gancang gancang/kacape cape mikiran caritaan hoax yen Rahyang wastu kancana teh surupna di nusa kambangan (ngaran pulo di daerah cilacap) pedah nusakambangan sok disebut oge nusalarang sab nusalarang/nusakambangan ieu mah ayana di sagara (laut) lain di gunung/giri/ daratan pagunungan.

Ngeunaan kecap Nusa nu hartina pulo/an island. Nurutkeun Jonathan Rigg (kamus sunda pangheubeulna nu aya 1862) disunda mah arang dipake/arang kapanggih/dipake. Nurutkeun Riggs, ieu kecap nusa (diduga ku Riggs tina Sanskrit) dipake ku urang barat (saharti jeung nesos (greek) =island) nu mere ngaran pulo pulo di muara cisadane  “nusa kalapa”. Kecap nusa nurutkeun kamus LBSS (lembaga basa jeung sastra sunda) mangrupa kecap jawa, jadi lamun nusa kambangan, nusantara, jrrd nu nunjukeun harti pulo  tangtu lain kecap sunda tapi kecap jawa. Malah jadi basa Indonesia mah gening satu nusa lain hartina satu pulo tapi hiji tanah air.

Kecap Nusa di sunda sawarna jeung kecap bojong jeung lengkong (kamus R Dana Dibrata –kamus sunda nu entrina panglobana) ari bojong  “taneuh palebah tikungan anu asalna panyaeuran ku kabawa palid di sahiji walungan n.k. lila-lila jadi luhur”…..; léngkong teluk di sisi walungan gedé/situ. Tangtu ari kana kecap bojong jeung lengkong mah bisa loba manggihan di sunda ayeuna oge, sab loba ngaran daerah dimana mana nu dimiitian ku bojong persis saperti nu digambarkeun dina kalimah diluhur-cirina daerah luhur jeung aya/deukeut susukan/walungan/situ (di Bandung wae misalna aya: bojong soang, bojong koneng, bojong menje; kitu oge Lengkong (deukeut kampus UNPAS) disisi cikapundung jrrd jrrd).

Dipilihna kecap nusa(larang) nunjukeun yen nu nulis carita parahyangan jalma ‘educated’ apal vocabulary nu tara/arang dipake ku somah di sunda. kecap nusa ngahaja dipilih supaya ngabedakeun jeung (situ) lengkong dideukeutna. Panjalu jeung kawali teu pati jauh (deukeut).

Jadi, kaduana, mere ngaran pulo di tengah situ panjalu jadi nusa larang oge perlu dipikran deui asal muasalna nu kasebutna ‘kaayeunakeun’ sanggeus pangaruh (basa) jawa nerekab kana ngaran situ lengkong/situ panjalu sab kecap lengkong teh sawarna jeung  bojong sawarna jeung nusa. Situ lengkong geus ngagambarkeun  situ nu aya lengkong/pulo/bojongna. Kitu oge, ngira ngira/mere ngaran pulo di tengah situ lengkong jadi nusalarang ukur mangrupa dugaan/disambung sambung jeung kecap nusalarang nu hartina pulo kawas di nusakambangan, jeung pola piker n ungahartkeun yen kecap nusa(larang) dina naskah carita parahyangan nu kudu hartina pulo ditengah cai. Padahal lamun urang leukeun nengetan robah robahna alam loba kajadian: mucunghul/karam na pulo ti laut, robahna lengkong/bojong jadi misah ti daratan asalna, baheulana waktu carita parahyangan ditulis misah atawa sabalikna. Kitu oge ngeunaan nu aya di situs kawali nu deukeut walungan can tangtu garing siga ayeuna, situ aksan ge di bandung geus jadi situ imah euweuh caian.

Ayeuna dimana nusalarang giri wana kusumah ayana? Tangtu di tempat nu deukeut susukan/walungan nu aya di tempat rada luhur leuweung nu pinuh ku kembang kembang nu dekeut ka dayeuh/situs kawali. Naha deukeut/ di daerah situs kawali? sabab sababaraha prasasti nunjukeun kaasup batugaris di kawali jeung lingkungana nu nuduhkeun cocok jeung cara/metoda/teknik ngahyang/tilem urang pajajaran baheula (tingali, eddy nugraha:tilem/ngayang di alam kami bag XII) jeung nepi ka ayeuna sok masih dipake pakeun tempat latihan keur jalma jalma nu 'inquiry' na teh lain saukur hayang nyaho tapi hayang JADI.

Naha kumaha teknikna tilem/ngahyang jaman pajajaran nu kadukung ku daerah di kawali jeung dimana lebah lebahna? Matakna lamun ka astana gede daratang teh tong saukur hayang  jadi wisatawan, pengamat, atawa ukur datang mun aya hajatan budaya/ritual tradisi bari hayang nyaho mungkul. Cag.