HAQMALIYAH (I) : Tareqat syncretic nu dianggap local sunda, handbookna layang muslimin muslimat meunang ‘niron’ ti buku lain, teknik meditasina ongkoh islam tapi niron ti hindu/jawa, wah nu bener we euy??? (I)

I

Nu loba kanyahokeun ku umum ayeuna, Haqmaliyah ngarupakeun ngaran hiji tarekat nu diadegkeun ku KH. Muhamad Kahfi (KHMK) sareng seuweuna R. Asep Martawijaya (RAM) ti Pataruman Garut diawal abad 20-an. Ieu tarekat, lamun kapaksa kudu disebut hiji ‘brotherhood’ patarekatan (sufi orders), mangrupakeun salah sahiji tarekat nu teu make ngaran ‘pendirina/imamna/guru besarna’ teu kawas loba loba tarekat tarekat ‘international orders’ lainna numekar di Indonesia, sebut wae Sattariyyah, Qadariyyah, Naqsabandiyah, Rifaiyah, Tizaniyyah, jrrd jrrd.

Dua ciri poko nu sok kacaritakeun di jalma rea nu ngabedakeun Haqmaliyah jeung tarekat nu laina nyaeta ngabogaan:

(1) ‘Distinctive meditational technique’ teknik meditasi nu sifatna rahasia dina harti ngan aya di eta tareqat –euewuh di nu laina- nu sok disebut ku loba loba istilah kayaning a) Tasjid Muhammad, b) tarekat wali c) asmaullijinsi [Layang Muslimin Muslimat/LMM], d) Tajali/shalat da’im (bacaan introduction memeh migawe teknikna), e) Mencet Maneh (Haji Hasan Mustapa [HHM]), f) teknik Mateni patang parkara jst (padalangan-loba dalang2 di sunda nu tapis kana eta teknik-nya nyieun istilah sundana) g) teknik 10 dibagi 7 jangkep (jargon tukang hareureuy) h) Sorog - utamana ngaran ieu kapanggih di sumedang sering dipadungdengkeun dina nyaritakeun teknik nu leuwih advance ‘tajali tanpa sorog” jrrd. 


Eta kabeh the sok dipabaliutkeun jeung teknik tarekat siti Jenar (Muhammad Solikihn - Ajaran Ma’rifat Syech Siti jenar) oge jeung Yoni Mudra katut Laya Yoga sadhana ti Hindu ku para pengamat ‘non partiscipant observer’.

oge,

(2) Ayana ‘buku pegangan’ husus dina basa sunda keur ihwan tarekatna nu disebut Layang Muslimin Muslimat nu ‘dikarang/digurit’ Ku RAM nu di taun 2000an dumasar ‘temuan’ Dr. Kalsum. M.Hum (Kalsum) dianggap ‘nyalin’ nepikeun ka nyieun ‘perobahan gede’ kaasup judul jeung lakona’ tina naskah asal Wawacan Jaka Ula Jaka Uli (WJU) nu lain milik/teu sacara langsung ngaklaim haqmaliyah bari teu ‘nyebutkeun’ referensina. nepikeun nyahona/dikanyahokeunana LMM ‘karangan’ RAM murni.


Malah, Keur nu teu pati apal kana dunya tasauf sunda, arinyana nganggap Haqmaliyah teh saukur tarekat local/kabatinan sunda, saperti pamendakna Gus dur/KH Abdurahman Wahid (tingali-panganteur warisan intelektual Indonesia); oge diasupkeun kana –digolongkeun kana- kelompok aliran kepercayaan/kebatinan, teu dianggap tareqat mu’tabar nepikeun ka kudu ‘diawasi’ dijaman orba. Ku kitu teh, satuluyna nepi ka taun 1994, sab nu nepikeun pamanggihna saukur pengamat2 luar deui nu teu jadi participant observer, Haqmaliyah tetep masih dianggap/kacatetkeun mangrupakeun tarekat local nu berkarakter sunda nu teu kapangaruhan ku tarekat tarekat ‘international’ islam lainna.

Bisa jadi nepikeun ka ayeuna ieu kutrat kotret dituliskeun pamanggih umum masih keneh mere label yen Haqmaliyah mangrupakeun hiji hijina tarekat local/kabatinan sunda nu mandiri/misah/teu kapangaruhan ‘sufi orders’ internasional/arab nu diadegkeun ku KHMK & RAM ti Garut nu ’doctrine jeung practices’na ‘syncretic’ saperti nu dicatetkeun ku Bruinessen (Origins and Development of the Sufi Orders (tarĂ©kat) in Southeast Asia)

Najan kitu,…

II

Lamun urang ningali silsilah guru-guru nunurunkeunana - salian dumasar tina content eusi eusina LMM nu bakal ditepikeun dibagian satuluyna, ieu dua luluhur Pataruman -KHMK & RAM- teh, (maqamna ngarendeng tur dijadikeun/aya dijero mushola/masjid) saenyana ngan saukur nu ‘neraskeun’ nerusnyebarkeun eta ajaran – Lain nungadegkeun Haqmaliyah.

Nurutkeun silsilahna, sababaraha guru haqmaliyah sateuacan KHMK& RAM ti sundana diantarana –disebutkeun di dieu dipilih ngan nu kanyahokeun tapakna ku loba loba diluar Haqmaliyah- Syekh abdul Muhyi (pamijahan), Sunan gunung Jati (Cirebon), Sunan Rahmat (Godog), diluar sundana diantarana Syech Jumadil Qubra, Syekh Abdul Qadir Al Zaelan, imam Zaenal Abidin nu tuluyna ngamuara ka Sayidina Ali, Sayidina Mursalin jeung Gabri-EL.

Dugina ka Sunan Gunung Jati aya nu ngalangkungan Syech Juamadil Qubra, Syech abdul Qadir al Zaelan teras Ka/ti Sayidina Ali; aya oge nu langsung ngalangkungan Sunan Rahmat (Godog) ti Sayidina Ali. Kitu oge saparantos entragan Sunan Gunung Jati kadieunakeun aya nu ngalangkungan KHMK & RAM aya nu henteu. Aya nu nyebar ka Cirebon Girang –dareah priangan oge banten- aya nu ka tatar jawa, lain di sunda mungkul. Jadi sama sakali Haqmaliyah the lain ajaran nu bijil ti susukan nu teu nyumber ka Sayidina Mursalin kawas nu geus jadi baku/ngabaju ka sakabeh sufi orders (tarekat) laina nu ngaku/nga kalim ngamuara ka Sang Khataman Nabiyyin najan tarekatna make ngaran imam/pendirina.

Nepi kadieu tangtu jadi kahemeng naha kawas Syekh Abdul muhyi (sering dianggap Sattariyah), Syekh Abdul Qadir (Qadariyyah), Syech Jumadil Qubra (Qubrawiyyah) jadi quru/asup silisilah guru guru nu ngagelarkeun Haqmaliyah/ngajarkeun ‘distinctive meditation technique’ Haqmaliyah di jamanna,

iyeu teh sabab:


III

Haqmaliyah leuwih mangrupakeun/museur kana ajaran ngeunaan nu aya hubunganan jeung katapis dina ‘distinctive meditaion technique’na nu (nu maca kedah nambihan ku kecap –dianggap- heula sateuacan ngabuktoskeun nyalra leres henteuna) rahasia ti Rasulullah katut penjelasana anu:

“Henteu digelarkeun ka sadayana, malah sok dipidamelna oge di Guha, nyaeta nu disebatkeun Jabbal Iqra, mung ditibankeun ka para Sahabat bae babakuna ka Sahabat Ali, supaya bisa turun tumurun ka putrana terus ka zaman akhir”…..Digolongkeun ‘Kaasup ilmuna agama Rasulullah’ (LMM jilid 5). 


Tuluy diterus-ajarkeun nepi ka ayeuna sab jalma ayeuna harirupna ge di guha guha modern-imah nu dijieun tina (bahan ti jero) taneuh-batu semen beusi genteng jrrd.

Samemeh urang sunda ‘imahna di guha’ teknik ieu diajarkeun ditempat tempat nu mangrupa ‘Guha’ Tingali di Sunyaragi Cirebon –tempat tapa nu ayeuna nu jadi ‘tempat’ kunjungan wisata nu teu pati karawat/menarik- wangunan nu saliwat mah aneh bet pararendek siga di guha hira.

Dina prakna sok jadi software atawa cecekelan di rupa rupa paguron bari jeung bajuna make hal-hal teknik teknik paguron lain sebut wae:

Perguruan silat Margaluyu nu puseurna di Cicalengka –geus nyebar ka sakuliah jawa- ngajarkeun diantarana teknik pernafasan jeung silat tapi oge nyebutkeun ngeunaan Haqmaliyah - mama Anda (R. Anda Dinata) nampi ti KHMK/RAM. Jadi tangtu ka umum mah rada aneh sab etamah da guru silat nu kondang naha bet asup kana jajaran (tareqat) Haqmaliyah. 
Aya pasantren gede di tasikmalaya, teu wani disebutkeun ngarana sab can menta izin anjeuna kaburu pupus, nu ngajarkeun padikiran keur umum santri santrina, tapi anjeuna tapis dina eta teknik jeung ngawurukeun ngan ka murid ‘pepentol’na mungkul. Sanggemna ‘da TAJALI mah sanes kanggo umum’. Jadi ti luar mah moal aya nu wanoh yen eta ge nyepeng haqmaliyah dina harti tapis /ngawas teknikna.

Kitu oge ngeunaan jaman luluhur sapertos Syekh abdul Mukhyi nu salah sahijina bisa katingali ku ayana guha safarwadi nu sawarna jeung fungsi sunyaragi - guha hira. Malah konsep martabat 7 na nu ditambahan ku symbol symbol gambar (lingakaran) engke tangtu kasungsi kapanggih yen sawarna jeung LMM lamun geus tapis metakeun teknikna.

Kitu oge Syech Jumadil Qubra (Qubrawiyyah), Bruinessen nyebutkeun yen di qubrawiyyah oge teu kabeh diajarkeun/nyaho eta ‘distinctive meditation technique’ ukur scholar scholarna nu apaleun/tapis metakeunana.

Kitu oge Hoofd Panghulu Bandung Haji Hasan Mustapa (HHM-bujangga sunda pangbadagna) nu dina seratana nyebutkeun ngeunaan sattariyyah oge tapis/pemilik teknik mencet maneh (tingali bab qurbah) Lamun LMM mah sab buku pegangan keur nu ngambah/diajar metakeun teknikna nyaritakeun leuwih rinci prosesna, ari HHM mah dina qurbah nyarioskeun kumaha implikasina/cara makena lamun geus kasukma roh idopi nu hiji papanggihan nu ngan saukur kahontal ku nu geus tapis/outstanding dina metakeunana. HHM nampina teu ngalangkungan KHMAK/RAM tapi ngalangkungan Sunan Rakhmat Dalem Pager Jaya jst turun manurun.

Jadi umumna para scholars tiap tarekat ngabogaan kamampuh/kanyaho leuwih ti hiji teknik/tools tapi nu diajarkeun ka umumna mah nya nu jadi bandera tarekatna. Teu saperti grup ‘ecek-ecek’nu ngan nyaho hiji hal terus taklid asa pangenyana. Ayeuna ge sok loba barudak ngora nu lunta ti pasantren/pagurona upruk aprak kaditu kadieu ditugaskeun ku guruna taunan nu dipiharep balikna bisa ngamekarkeun pagurona/pasantrena bari teu ngarobah ‘brother/sisterhood’ pagurona. Tingali misalna nu aya di ajaran/ulikan Sang Kodrat Pasti Sakawayana ngeunaan sahadatna, kasumedangan nu teknikna aya 33 jeung 7 nu pokona dimana eta teknik tazaliat disimpena. Kabeh natrat ayana eta ’distinctive meditation technique’ ti Rasulullah (detailna tingal bagian X).


IV

Haqmaliyah samemehna sok disebut oge Aqmaliyah mimiti kacatet di dunya tasauf Indonesia ku sabab ayana catetan pamarentahan Walanda Kolonial di ahir abad 19 samemeh tandangna KHMK & RAM. .....

(Bagian Saterasna urang kirimkeun upami pareng)