PUASA RAMADHAN: NANAHAON JEUNG NANAONAN LAKU KITU?? (II)



III

Tinu dua bagian panganteur diluhur, tangtu urang gampang nga ah-keun ku make alesan etamah kajadian shaum keur saencan kanabian/umat umat baheula jeung kajadian di bangsa sunda mungkul nu teu nyambung jeung sareat islam. Tapi, hal kitu the rada jauh tina bener sabab:

Mushaff utsmani nyatet tapak kasauran Allah swt langsung keur muslimin nu ngagem sareat Muhammad saw –wahyuna metu di Madinah – yen saenyana...sakabeh jalma jalma –saha wae- nu keur puasa…. bakal meunang ampunan jeung kahadean/pahala nu gede. Bari dina ieu ayat teh teu disebutkeun husus kanu puasa ramadhan mungkul; jeung teu diwates naha cara puasana kudu kawas puasa di bulan puasa ramadhan nurutkeun hukum sareat agama (teu dahar teu nginum teu sahwat ti subuh nepi ka magrib) atawa henteu. Pokona mah, para ash-shaimin wash-shaimat sakabeh lalaki atawa awewe nu keur puasa/shaum …. (Al-Ahzab, 33:35)


Jadi dumasar ayat diluhur, ampunan jeung pahala nu gede teh ‘lungsur/bijil/mubyar’ lain dina puasa di bulan ramadhan mungkul tapi iraha wae di bulan mana wae asal jalma jalmana puasa. Najan tangtu -nya ku tina ieu ayat jelas pisan- yen mun migawe puasa di bulan ramadhan kaasup oge nu bakal meunang ampunan jeung pahala/ganjaran nu gede ‘magfiratan wa ajran adhim’.

Matak ge naon pentingna puasa bulan ramadhan nepikeun ka jadi puasa wajib??


Ongkoh deui, lamun urang nengetan maksud kecap yen nu keur/tuluy/angger meunang ampunan katut pahala nu gede teh lain nu geus puasa,… lain nu arek puasa,….. lain nu pernah puasa, TAPI…. nu keur puasa …. …atawa sok disebut dilembur lembur sunda mah nu marampuh tuluy puasa, narahan hawa nafsuna saendeng endeng/ tuluy/ eukeur wae/ langgeng/ angger/ satutuluyna ‘ash-shaimin wash-shaimat’.

Ku kitu teh, sok loba nu ngarulik elmu hakekat mikung/kapoekan sok moyok kana puasa ramadhan basana teh ‘eta mah ukur puasa sareat, nu leuwih hese mah nu puasa sakabehna saendeng endeng…” najan kaciri mikungna, sabab rek kumaha puasa saendeng endeng nahan nu bangga bangga, karek nahan teu dahar teu nginum teu sahwat ti subuh nepi ka magrib di bulan puasa wae teu bisa teu daek teu mampuh. Atawa, boga pangrasa cenah da enggeus pernah baheulana memeh meunang hakekat. Kapoekanana, nyaeta ari numeunang ampunan jeung pahala/ganjaran agung teh sakali deui lain nu pernah/enggeus/arek… tapi,…. nu eukeur …ash-shaimin wash-shaimat. Ayeuna/harita dina keur nyarita/moyok kitu tangtuna bedah bocor teu manjing puasana (teu eureun/ nahan/ cicing - tina kabiasaan jelema nu biasana resep popoyok ka amal batur), atuh keneh keneh sarua jeung nu dipoyokna…nyarita bari teu eusian.

Tapi naha enya migawe puasa ramadhan ukur level puasa sareat mungkul? Lain ari sareatna Sang rahmatan alamin teh matak dipake di sunda ku luluhur baheula sabab sareatna pangparatan hakekat…nepi ka teu kudu nyieun sareat lain deui/geus cukup geus manjing hakekatna.

IV

Mushaff utsmani oge netelakeun yen, puasa ramadhan nu karek mimiti diwajibkeun di tahun ka 2 hijrah -jaman sang khataman Nabiyyin tos di madinah. Lilana migawe puasa di bulan ramadhan ge aya tahapana – saperti kawijaksanaan nu umum ti Allah ngeunaan hiji parentah, loba kacatetkeun dina mushaff utsmani - misalna wae, kiblat shalat mimiti ka masjid al aqsha (Bethlehem/bait el/elohem =imah pangerana seuweu israel) tuluy malik ka masjidil haram/kabah (baitulah = imah Allah, pangeran/gustina urang arab - nu ahirna jadi asma pangeran/gustina muslim sadunya) jadi asalna sujud ka Bethlehem ahirna ngabujuran; shalat asalna tilu kali tuluy jadi 5 kali; mabok asalna meunang asal teu keur ibadah tuluyna mah samasakali teu meunang, kitu oge ngeunaan nyandung jrrd -, jadi puasa ramadhan teh memehna mah ukur sababaraha poe “ayyaman ma’dudat”...tuluy ditambihan jadi sabulan ‘faman syahida minkum syahra falyas sumhu”, (sapi bikang 184-185). Najan kitu sabagian ulama deui percaya yen titahan puasa di bulan ramadhan mah langsung saharita dipiwarang ku Allahna sabulan campleng….(ngadurenyomkeun mana nu bener dina hal ieu - teu guna, urang mah padu nyaho, da nu pentingna mah dipigawena meh karasa kabukti hasilna).

Kitu oge ngeunaan bulan puasa rame ku shalat taraweh berjamaah teh anyar anyar di jaman khalifah umar bin khatab. Jaman nabina jumeneng keneh mah tara/teu dicontokeun-nu dicontokeun teh salian puasa -teu dahar teu nginum teu sahwat ti beurang-nya di 10 poe ahir bulan ramadhan sok nyamuni ti balarea I’tikaf madep khusu ka Allahna- padamelan ieu Sang khataman Nabiyyin teh sarua pisan jeung sumanget harti kecap shaum (tingal bag panganteur) Khalifah Umar bin khatab, cenah, ngangken ieu teh bid’ah/nambah nambah, ngan numutkeun/saur anjeuna ieu bid’ah “nu ngeunah” tibatan ti peuting umat ngaliud teu puguh - Ayeuna ge ieu bid’ah pantes/alus/hade pisan Sunah dipigawe tibatan geus magrib masjid sepi, barudak kolot mukaan facebook, maen game, ulin, hees kamerkaan, ngawadul … jrrd jrrd kateuari (sab keur teu sajalan jeung laku puasa nu keur dipaju).

Tapi, ari paloba lobana jalma dina bulan puasa migawe kahadean, netepan rukun islam, mageuhkeun kaimanan, sabar, loba sedekah/derma, kanaah, ngaraksa kahormatan, loba eling, lampah bener –ningalkeunlampah salah/goreng, dina ngeuyeuban laku puasa ramadhan mah kasadaran jalma loba sabab eta pagawean sarua jeung pagawean puasa nu ngajadikeun ‘lahum magfiratan wa ajran adhim’ (Al Ahzab: 35). Tapi ku ieu katerangan nuduhkeun yen lain hartina bulan ramadhanna nu pinuh ku ganjaran jeung ampunan tapi memang amal2na nu nyababkeun kitu (najan dipigawe di bulan nu lain oge sarua wae).

Jadi naon atuh istimewana bulan ramadhan? Jeung naha bet kudu/wajib dieusian ku puasa sagala? Nanahaon jeung nanaonan laku kitu ??


Kieu geura,…

V

Puasa ramadhan: muasaan mujizat (al qur’an) nu bisa nyilakakeun jalma.


Mutshaff utsmani netelakeun yen hiji hijina alesan dina bulan ramadhan muslimin/muslimat diwajibkeun puasa sabab nya dina eta bulan… turun Alqur’an nu jadi pituduh jeung furqan ka manusa (sapi bikang: 185).

Al qur’an teh mujizat pang agungna diantara mujizat2 anjeuna nu sanesna – cenah nepi ka 50na - nepikeun ka kamampuh, neunggeul batu jadi ajur, jago perang, ci papangna jadi landong, naek ka sidratul muntaha (isra mi’raj) jeung meulah bulan ge teu nande kadinya, malah malah ngungkulan sakabeh mujizat nu dipasihkeun ka para nabi saencana. Ahlakna Muhammad teh qur’an, tuluy nya eta pisan, Al qur’an, nu terus diamanatkeun memeh anjeuna ngantunkeun jeung dipiharep dijadikeun cecekelan sakabeh muslimin sapapanjangna. Nu ku kitu teh urang urang loba nu agul ku payung butut, nyaritakeun gamatikalna, nyaritakeun rasiah angkana, nyaritakeun eusi eusina, geunah dinyanyikeunana, cenah sagala aya didinya (bari ayeuna mah eusi musahf utsmani teh geus eleh ku internet. Naha? Enya google/facebook/encyclopedia euweuh dina mushaff tapi dina web mah mushaff utsmani ge aya da di upload) jrrd jrrd jrrd…jarang nu nanya sabaraha guna ieu kitab keur dewek…disbanding kitab nu lain….jeung kumaha supaya guna jadi tuduh jadi rahmat jadi obat jrrd

Tapi mujizat soteh nembe kabukti ku Sang khataman Nabiyyin ari keur urang mah jalma biasa can tangtu jadi mujizat jadi guna dina kahirupan sapopoe.

Kanyataanana, … najan al qur’an nu turun –mimitina- di bulan ramadhan tuduh jeung pangbeda keur manusa…tapi dina geus jadi kitab mah can tangtu. Malah malah geus ditangtukeun ku Allah yen kitab nu diwahyukeun kalayan haq ku Allah teh ana tuluy diwariskeun ka abdi abdina -catet cacakan ka abdi abdina nurajin ibadah ka mantena lain ka jalma biasa-….sabagian jadi nyongcolang/outsatanding dina kahadean, sabagian sineger tengah sabagian deui mah dharolim (fathir: 35:32).

Diawal awal mushaff utsmani –diawal qur’an leutik nu disebut sapibikang - geus aya ‘warning’ nu natrat…. ‘Daalikal kitaabu laraiba fiih hudan lil muttaqin’. ieu kitab jadi pituduh anu teu mangmang deui teh ngan ukur keur muttaqin jalma nu taqwa…keur jalma biasa mah moal…,

Jadi kajeun digugulung dibaca nepi ka ngacai ditilik dibolak balik lamun urang teu keur dina pangkat taqwa cumah mo jadi hudan/tuduh nu teu mangmang aya yakin keur manehna aya ge oh mungkin ini artinya, oh menurut ulama maksudnya, tapi boa euy daurang mah jalma dhaif, eusi pastina mah teuing, wallahu alam ngan Allah nu nyaho.. jrrd jrrd jrrd…. malah malah keur kafirin –jalma nu nolak- mah mo guna mata ceuli hatena katutup tina lamun aya tuduhna oge.


Sedengkeun ari keur urang jalma biasa nu di kabasyariahan kakafiran kataqwaan teh sakedret netra obah obahna naek turuna.

Kukituna, Allah subhana hu wata’ala tos masihan jalan yen pakeun jadi taqwa –supaya ieu kitab teh jadi tuduh nu teu mangmang- carana kudu shaum/puasa. Ngahontal taqwa teh lain nanya kaditu kadieu lain ngadenge pamanggih ahli tafsir ti ditu ti dieu guru timana ti mendi mikir ku akal dibolak balik jrrd jrrd…nepi keun ka kongas nu kawaris tiasa metu medarkeun qur’an mah ngan jalma ummi – nu teu bisa maca teu bisa nulis – tapi ku puasa (tingali bag IX: ngahontal pangkat ummi hubungana jeung shaum puasa).

Naha??...
sabab harti kecap taqwa teh nyaeta…ngajauhan, nyinglar ngajaga diri ti Allah…nu teu gampang cenah ge pamohalan pisan....rek kumaha ngajauhan, nyinglar ngajaga ti Allah pan kamana jelema aya Allah aya. Tapi bisa dihontalna kataqwaan teh lamun puasa. Kutib aalaikum shiam…laalakum tataqun. (tingali eddy nugraha: ittaqulah: ngajaga nyinglar ngajauhan diri ti Allah….wah bisa kitu ??)

oge dinua ayat nu lainna ngingetan kanu resep tahajud, “wanunajillu minal qur’an maa huwa syfaun wa rahmatun lil mu’mini wa laa yajidudholimin illa khasaron (al isra: 67). Diturunkeun qur’an nu jadi obat jeung rahmat keur mu’minin tapi keur dholimin nu paroek sasar mah ngan saukur kaulinan heuheureuyan sasar.

Qur’an karek jadi ubar jeung rahmat ngan keur mu’minin jalma iman. Ari iman ceuk mushaf utsmani mah lain percaya api hiji NUR (sunda) nu dipasihkeun ku Allah tapi ukur ka jalma jalma nu dipilih dikersakeunana. Iman mah ngan Allah nu bisa merena, buku, kitab, guru, syech nu jaranggotan, kyai, luluhur nepikeun ka pangkat Nabi sareng rasul ge teu tiasa mere iman.

Jadi urang ulah kawas urang Arab nu gampang gampang ngaku geus kapasihan iman geus iman – sing boga ka era ku nu moncongok- tuluy riweuh jeung pada baturna ngaku sebagai orang beriman mu’minin

Timana urang nyahona yen geus iman diber nur ti Allah?...ulah asal kalejokeun ku nu nitah kawas kalde sami’na wa’atona ka saban jalma…sami’na wa’atona teh lamun urang keur dina iman/caang/nur (sunda) (mu’min)…keur jadi jalma biasa mah kudu wae dipikirdibplak balik dibeuweung diiutahkeun ulah bol bol percaya critical kana caritaan batur – kaasup tulisan ieu- ngeunaan eusi ageman.

Ari keur jalma biasa kaimanan kaemenan caang jeung poek ati pikir lampah teh robah robahna sakedet netra.

Didieu Allah masihan jalan mangrupi janji “yen saha saha nu muslim sumerah ka Allah nya bakal dipasihan iman nur sunda”. Thus, ngajadikeun qur’an jadi rahmat obat keur hirup huripna.

Kumaha supaya muslim sumerah kanu ngamurbengna..nya puasa –rukun islam sareat (tingali definisi shaum dina panganteur) nu jadi jalana.

VI


karek bijil lima ayat geus disebut qur'an, naha?...na sok  make paku aji sagala (alif lam mim, yaa sin jrrd) nu teu puguh kunyemna?....na dimana disimpena eta ayat qur'an di hate mu'minin... da mamawa nu mangrupa kertas mah disebutna ge sihir?...kumaha kajadiana puasa bisa maca qur'an kalayan ummi??....


urang kintun bagian salajengna upami pareng.....