PUASA RAMADHAN: NANAHAON JEUNG NANAONAN LAKU KITU?? (I)

Na make nanya kitu sagala?...
Iih peupeuriheun migawenamah ti bubudak keneh, unggal taun tara towong, sageuy ari geus baleg mah boga pikiran natanyakeun naon leuwihna ti puasa puasa lain di sunda nu sakitu euyeubna. Keur sunda mah –nu masih keneh kagedekeun ku kabiasaan kasundaan- puasa teh hal nu lumbrah ti babaheula keneh nepikeun ka ayeuna najan lain bulan ramadhan oge.

Geus kuduna euy geus dewasa mah pengkuh nganggap wajib, moal henteu, daek / leuwih enya migawe lamun kaharti karasa kabukti leuwih alus/leuwih guna/leuwih hade tinu lain - henteu mah tinggalkeun we nanaonan milaku nu teu pati guna/kurang guna/ saukur kw2 kw3 jeung piraku nepi ka kolot ukur ngandel kana cenah, mercayakeun wae kana beja.

Matak urang huntukeun deui eusi ageman teh dikotretkeun sugan sugan pada pada semplak wajana pada pada papak qadarna bijil tina puputihna ameh enya jeung hate nyebut “marhaban ya ramadhan” teh lain pedah kailaharan jeung tuturut ka urang arab mungkul.


PANGANTEUR



I

Tangtu geus pada apal yen kecap shaum, nu saharti jeung kecap puasa di sunda, asal tina akar kecap sha-wa-ma nu hartina/maksudna nyaeta: ‘nahan’, ‘teu usik’, ‘eureun’. Jadi, Cicing/teu usik/nahan/eureun tina hiji pagawean/aktifitas –tina hal naon wae/ nu kumaha wae, saha/naon wae- disebut shaim atawa keur puasa,..nepikeun ka kana kalakuan lain jelema ge -kuda (sato)- nu teu usik/ngajeten teu daek leumpang/lumpat disebutna faras shaim (puasa).



Jadi shaum teh lain saukur pagawean eureun nahan teu dahar, teu nginum, teu sahwat mungkul sababaraha waktu tapi bisa mangrupa eureun/nahan teu sare (gening nu keur shaum paling copelna ti peuting dikurangan sare –eureun/nahan teu sare ku loba wirid loba shalat sunnah jrrd);

Shaum oge bisa teu nyarita (puasa ngabisu-ngabetem); bisa oge nyamuni teu ningali teu katingali teu ngadenge teu kadenge ku/ka batur –nu biasana ngumpul jeung pada jalma tuluy eureun heula nyingkur nahan teu panggih /kapanggih ku batur. Malah shaum teh, loba dilakukeun dilingkungan kaum sufi, kaasup nepikeun ka nahan/eureun usikna sakabeh awak, pikir jeung ati (mati geni) husu kana hiji tujuan nya eta ka nu MAHA ngamurbengna:

Kongas kawartikeun dina Mushaff Utsmani:

Padamelan teu nyariosna Siti Maryam ibuna sang Rokhullah Isa as nu dipiwarang ku rasul sunda ti EL (rasulullah nu mangrupa caang) (malaikat gabri-El: malak =cahaya=sunda lain jelema najan bisa ngarupakeun kitu, gabri = rasul=utusan, El = gusti/pangeranna Sang Khalilullah Ibrahim] ge disebutna puasa (shaiman).

Prak geura dahar geura nginum tong sieun hariwang, engke mun panggih jeung jelema ngalahir we: ‘Saenyana kaula keur nazar karana nu maha asih puasa (shauman), nya poe ieu moal cacarita ka jelema saha wae’ (QS Maryam [19]: 26).

Tuluy misalna….

Nabi Zakarya nyamuni di mihrabna teu pendak jeung sasaha (eureun heula tina aktifitas nu biasa nahan teu usik kaditu kadieu aya di mihrab) sababaraha waktos keyeng ngadu’a husu nahan usikna ati jeung pikir nahan tina gindi pikir belang bayah ku museur ka nu ngamurbana hoyong gaduh turunan tangtu oge disebutna nuju shaum (puasa nyamuni) (QS maryam [19]:11).

Jadi tangtu, ….

Padamelan nu sanes sakali dua kali, tapi kawartikeun sering, ti seuweu quraysh Sayidina Muhammad sateuacan manjing Nabi nyamuni ti balarea liren tina padamelan khalwat di guha hira jabal nur (eureun heula tina pagawean/aktifitas), nahan teu cacarios/ngabisu – da nyalira piraku ngocomang- madep teu usik/teu ngalih ti guha nu sempit husu ka nu murbeng alam, kaasup kana istilah kecap shaum. Nyatana eureun/nahan/teu usik ti pagawean/aktifitas nu geus/keur biasana.

Komo ari kabiasaan shaum teu tuang leueut Sang uswatun hasanah mah geus teu aneh deui… malah teu tuang leueutna ge sanes kabates ku magrib wae - leuwih ti sapoe dua poe…kawartikeun dina hadis…cenah dina hiji waktos, nalika nuang roti di bumi seuweuna Fatimah az-Zahra- sanggemna teh ‘ieu dahareun teh enyana nu pangheulana asup ka Ama sanggeus tilu poe…’. nepikeun ka, kadieunakeun di lembur lembur sunda aya babasan ka anu kuatan teu dahar teu nginum puasa teh sok disebutna “beuteung kureseun”... da cenah nurut siga patuangan ieu luluhur Agung seuweu quraysh nu seueur dikosongan …dadasar kentel peujitna.

Ari ieu seuweu quraysh teh kaasup kaum ahnaf nu milatu Ibrahim, jadi kabiasaan saum kawas nu ditepikeun diluhur teh mangrupakeun kabiasaan ti babaheula keneh-paling henteu ti jaman luluhur wedalan Ur Babylonia sang ulul azmi Ibrahim as. Kitu teh pantes, da gening aya ayat dina surat sapi bikang ‘kutiba alaikum shyiam kama kutiba alalladzina minqablina’ sab enya kabiasaan saum teh ti babaheula keneh geus aya.

JADI,…
Naha ukur puasa ramadhan..puasa nahan nafsu diri… nu sareatna teh ukur teu dahar teu nginum teu sahwat ti subuh nepi ka magrib salila sabulan…bari peutingna mah ngeunah da meunang…. naon istimewana nepi ka jadi wajib dina sareat hukum islam?


II

Shaum/puasa nu dicaritakeun diluhur- nyata kapanggih dipilampah di/ku urang sunda. keur urang sunda –nu masih gede ku kabiasaan kasundaan- mah puasa/shaum teh geus lumbrah teu aneh teu sing…malah warna warna pisan puasana teh:

Ampir sakabeh kahirupan sapopoe dina rek migawe hiji hal kayaning: arek tani, arek dagang, arek kawin, arek hajat, arek ujian jrrd jrrd sok wae dipuasaan; hayang bisa nyarita enya terus rasa, hayang bisa seukeut nulis, hayang loba rijki, hayang dipikaasih, hayang luhur pangkat, hayang gede dunya, hayang ngulik kasampurnaan kadugalan kasasmitaan dibeulina ku ngalenteh puasa heula; Malah.. malah.. keur nulis bari puasa, nyieun pakarang bari puasa, keur hajat (candolina) bari puasa,… keur usik bari puasa keur meta bari puasa…usikna sabab puasa metana sabab puasa.. jrrd.. jrrd..jrrd.

cara puasana aya ku ngabisu ngabetem teu nyarita, puasa teu sare, puasa teu dahar teu nginum -sabagian atawa sakabehna – oge teu sahwat, malah aya nu kudu nepikeun ka teu usik usik acan awak pikir jeung atina husu ka nu Maha ngamurbengna.

Dina hubungan jeung tangtungan ageman, misalna wae, nu harayang tepi ka yakin sab rumasa rasa rasana geus/keur pinuh ku rarasaan warnaning rasa rasanu jadi pangrasana tuluy hayang kapanggih rasa sajatina salaku jelema…nya aya nu mantang/nahan/eureun kadaharan nu biasa heula….aya ku cara ngabuah, ngatah, mantang uyah, mantang lauk, niis, mutih,.. jrrd jrrd jrrd; sanggeus kapanggih rasa sajatina hayang balik ka rasa jati bisa paeh samemeh paeh kumambang dina sagara hirup…mantang heula sagala hakaneun iwal ti beubeutian,…tuluy sanggeus kapanggih rasa jatina hayang namurba pangrasa ngahontal mustika tina rasa jatina...mantang heula usik pancainderana....dina atina boga rasa rumasa kapurba… jst jst jst;

Kitu oge dina kahayang jeung maksud maksud liana….rupa rupa warnana kumaha pituduh hidayahna wae boh ti guruna boh tigerentes hate nu caang ti luluhurna/atina, urang sebut we nu gampang gampangna:

lila waktuna aya nu puasa sapoe dina wedalna, aya nu 3 poe, 7 poe, 40 poe, aya nu 100 poe. Bukana aya nu saukur ti subuh buka magrib, aya oge nu terus disampurnakeun puasa nepi ka peuting karek buka subuh. Aya oge nu tuluy campleng disampurnakeun puasa teu dahar teu nginum teu sare teu sahwat ngabisu sila teu usik2 acan bari nyamuni leuwih ti sapoe sapeuting, leutik2na 3 poe, 7 poe, 40 poe jst jst jst. Bari ayanu awakna teu usik ku cara2: Angger sila, nangtung, ngeueum, melak cau, ngangkat suku sabeulah bari sidakep sinuku tunggal jrrd …jrrd…jrrd.

Tempat puasana ge –lamun kudu nyingkur- lain di mihrab, di masjid (itikaf), di guha di gunung wae tapi aya di walungan, di curug, dileuweung, di sumur, di kamar, dina parako, dina suhunan, di sisi laut jrrd jrrd dimana mana nyamuni ti jalma rea da keur eureun-nahan teu usik - ti pagawean aktifitas biasana nurutkeun pamaksudan nu disejana jeung nurutkeun hidayah pituduh nu katarimana.

Mun ditanya,…basana teh… ameh hasil jeung mangfaat aya barakhna kudu dibeli ku puasa, atawa kudu di puasaan heula, ke ari geus mampuh mah teu kudu puasa deui tinggal makena tinggal bukana tinggal lebarana da geus lubar moal di mahal mahal da geus jadi tumpah darahna nangtung di bali geusan ngajadina lain di bali buruan batur geusana nu lain lain.

- Barisa kitu teh sabab geus lengkep metoda pre-requisitena- misalna wae hayang kuat sila (teu usik)..memehna diajarkeun cara ngaleumpeuhkeun awak, cara nyimpen nafas ameh rasa akalna ajeg teu keuna ku tunduh, cara pangrasa basariyah numpakan nafas meh terus eling …cara nguatan ‘otot beuteung’ meh kuat teu bedah eusi mun teu kaasupan hakaneun inumeun, cara ngeusian rasa nafas anfas nufus tanafas jrrd… jrrd.

Jadi, ukur mati geni nepi ka 7 poe wae mah memeh kawin (rumah tangga)/ leupas ti indung bapana teh geus marampuh – lamun teu diajar/kaajar heula teknik2 dasar puasa teu usik, metana nafas, jeung merenahkeun rasa akal mah karek sapoe-dua poe ge biasana biwir bareulah huntu asa rek punglak sirah lieur pikiran teu bisa fokus loba kasirep saru ku nu gaib gaib, kulit lenyed awak teu nangan jrrd jrrd jrrd ciri jalma atah ajar can tuman ngamurbawisesa awak sorangan -

kabeh ieu puasa puasa sunda masih aya nepi ka ayeuna…aya keneh dina pabetekan ahli ahli waris....utamana disimpena dina kitab sunda nu mangrupa sunda… nu metu tina layang sasaka/salaka domasna… nganyahokeunana kudu bisa ummi heula (tingali eddy nugraha : kitab sunda kitab mangrupa sunda). Jadi,….

Naha ukur puasa ramadhan….puasa nahan nafsu diri nu sareatna teh ukur teu dahar teu nginum teu sahwat ti subuh nepi ka magrib salila sabulan…bari peutingna mah ngeunah da meunang…. naon istimewana nepi ka jadi wajib dina sareat hukum islam? naon leuwihna? Matak ge saperti nu dicaritakeun diluhur nanahaon jeung nanaoanan laku kitu malah jadi nu wajibna?