Taqwa Ka Allah: Ngubeng jeung pamohalan!??... Kumaha ari ku puasa??


Dina babasan sapopoe kecap takwa teh harib harib kana taat ‘patuh’ tumut turut pengkuh. Ieu kecap teh dina agama mah kaasup nu paling sering -paling henteuna unggal aya nu da’wah- dinasehatkeun diomongkeun diuarkeun dihuntukeun. Malah aya ‘kaidah’ agama nu jelas nanceb di muslimin yen Allah cenah mah moal ningali jungkiring gede leutikna tapi ningali teh kataqwaanana.

harti taqwa sabenerna nyaeta : ‘ngajaga’, ‘nyinglar’ ‘ngajauhan’, jadi ittaqullah taqwa ka Allah teh maksudna nu saenyana ngajauhan nyinglar ngajaga diri ti Allah. Diri teh (dijaga/ditahan) tong aya bijil panggih (nyinglar) tong deukeut (ngajauhan) jeung/ti Allah.

Tina ieu harti takwa ka Allah najan sering diomongkeun dicaritakeun sab geus ngarupakeun waja nu semplak dina agama tapi jadi hal nu aheng keur loba loba jalma sabab hiji hal nu pamohalan/imposible/ teu mungkin dipigawe.

Kapamohalanana teh, saperti nu diantarana didugikeun ku M Quraysh shihab, sabab, cenah, teu mungkin dilakukeun ku mahluk, rek kumaha mahluk ngajauhan, nahan atawa nyinglarkeun diri ti Allah sedengkeun Allah marengan/qarib ka mahlukna, dimana jelema aya Allah aya kamana jelema indit moal kaeuweuhan ti Allahna. Rek nurus bumi ngejat ka langit ge moal bisa nyinglar ngajaga ngajauhan ti Allah.


Sedengkeun kaayaan-maqam panta takwa teh hubunganan jeung qur’an -mujizat pang agungna- penting ‘crucial’ pisan sabab nya panta ieu nu ngajadikeun nyababkeun qur’an jadi pituduh nu yakin nu moal mangmang jeung moal ngamangmangkeun nu kawarisna ‘laaraiba fiihi hudan lil muttaqin’ nu ngajadikeun inyana meunang tuduh jeung bagja ‘muflihuun’ ti dinya -tina kitab qur’an

…lamun keur teu dina pangkat takwa mah..komo nolak kafirmah moal moal pisan guna eta mujizat agung keur manehna the sab hate pandenge panenjona nutupan tina eta tuduh..’hatamallahu ala qulubihim wa ala sam ihim wa ala absorihim gisawatun…jst” (sapi bikang ayat 2-7). Jadi kasarna kajeun maca bulak balik nepi ka ngacay ge cumah mun henteu kahontal/ keur dina pangkat takwa.



Kusabab kitu, hayang neangan gampangna, harti taqwa ka Allah (ittaqullah) teh ditarambahan ku kecap siksa. Jadi ittaqullah teh ahirna dihartikeun ngajauhkeun nyinglar nahan diri supaya teu keuna ku siksa Allah. Syaikh Muhammad Abduh nyerat, cenah, nyinglar ngajaga nahan diri tina siksa/hukuman Allah, dihontal kucara nyingkar/ngajaga/nahan diri tina migawe sagala ulah/cegahan jeung tumut /turut kana sagala piwaranganNA.


TAPI, harti nu dicokot diluhur salian ti nambah nambah kecap taqwa ka Allah ku siksa, nu tangtu kapengkuhan dina agama nu didasaran ku sieun mah moal ngeunah/moal alus –didunya atikan ge loba bukti research kumaha jelema nu digedekeun ku kasieun, jeung deui ‘debatable’ naha Allah teh maha nyaah maha asih tapi resepna ningali jelema dumasar kana darajat/tingkat kasieun ku siksana. Oge dina prakna –hususna ngeunaan ngajadikeun qur’an jadi tuduh nu yakin- jadi ngubeng.

Rek kumaha teu ngubeng sabab hayang tumut kana sagala piwarangan nyegah sagala cegahanana teh pan kudu nyumber tina qur’an (sumbaer ajaran tertinggi). Ari hayang ngahartikeun kalawan enya/teu mangmang naon wae tuduhan/cegahan nu datangna ti Allah (nurutkeun sapi bikang ayat 2) kudu taqwa heula syaratna. Hayang bisa patuh/pengkuh/tumut kana sagala cegahan/titahan ti Allah (taqwa) nyahona bener henteuna tina qur’an, tapi hayang nyaho sagala cegahan/titahan ti Allah kalawan teu mangmang tina qur’an kudu taqwa heula.

Jadi tangtu kawas endog jeung hayam mana nu heula mana nu pandeuri. Tungtungna bareng digorolongkeun/ngagorolong…tinggal kumaha engke/kumaha nanjak mudun pungkal pengkol dijalana bae….. sugan sugan pareng meunang hidayah.

Najan kitu,…. sabenerna,…… ieu waja nu semplak ngeunaan taqwa teh teu kudu ditambah tambah ku siksa, sabab ngajauhan ngajaga nyinglar keun diri ti Allah teh BISA dipigawe ku jelema –lain hal nu pamohalan- bari teu kudu ngubeng kawas diluhur…nyatana kucara shaum/puasa.

Kutiba alaikum shiam….laalaqum tattaqun……

Kumaha bisa nahan/ngajauhan/nyinglar diri ti Allah ku shaum?? Kieu geura:

Ari Allah teh pan qarib deukeut jeung jelema. Kamana wae jelema aya Allah aya didinya. Jadi kusabab eta ngajauhan diri ti Allah carana/ ngandung maksud ngajauhkeun ngajaga nyinglar ngaleungitkeun dirina lain kucara lumpat nubus nyumput kaditu kadieu tapi ku cara ‘nahan’, ‘teu usik’, ‘eureun’ ti kajelemaanana ulah bocor ulah batal (harti kecap shaum tingali bagian I).

Kajelemaanana -- kamahlukan/ka nafs-an nyatana dahar nginum sahwat sare mikir, boga angen angen, hate nu bolak balik, nyarita ku biwir, ngadenge ku ceuli, boga awak usak usik jrrd jrrd. – ku shaum cicing eureun sirna ditahan dijauhkeun disinglar ti dirina, ameh nu aya tinggal ka Allahan Allahna dimanehna (taqwa). Kajelemaana nafi (euweuh) kaallahana isbat (aya) dimanehna. Jelema nafi/euweuh nu aya/isbat Allah.

Matakna shaum/puasa dina prakna teh :

Kusabab Allah mah tara barang tuang tara ngaleueut tara sahwat …nyatana kajelemaaan eureun/cicing/ nahan teu dahar teu nginum teu sahwat. …..matakna puasa ibadah nu ngan keur allah..sab di manehna engke ngan aya nu teu dahar teu nginum teu sahwat (kawas Allah)…matakna puasa ibadah nu ngan keur Allah da kaAllahan allah mancur di nu puasa – sedengkeun kajelmaana nu puasa/shaum mah nafi eureun.

Kusabab Allah mah tara kulem..puasana nyatana tong sare(paeh) tong poho eling wae…meh teu siga jelema nu keuna ku poho beuki hees….mun kajelemaana nafi….ka Allahan mancur da allah ‘laa tahuduzuhu sinnatuw wa laa naum’…matak puasa mah ibadah lain keur jelema tapi keur Allah…meh Allah (ka-allah-anana) mancur di nu puasa dinu keur eureun kajelemaanana (sare jeung poho).
Kusabab Allah mah tara nyarios ku sungut ngadangu ku cepil…matakna eureun tina nyarita ku sungut (ngabetem) ngadenge ku ceuli (sumum) …. sagala ku awasna ati…. Nya metu kalamulah nu terus rasa awas rasana sab keur shaum/puasa panca indera kajelemaana…; Nyamuni sab kongas Allah mah tara kaciri kumata tara kadenge ku ceuli tapi ku awasna ati….. matak shaum puasa mah ibadah keur Allah meh ka Allahan mancur…lain keur kajelemaan jelema.

Jst …jst….jst….

Taqwa –saperti harti kecapna- ngaleungitkeun ku ngajauhkeun kajelemaana disorangana nepikeun ka nu aya teh ngan ka-Allah-an wae, nahan kajelemaanana ulah bocor bijil di tangtung nepikeun ka nu aya ngan ka-Allahan Allahna bae, nyinglar dirina tong bijil nyampuran nyanyahoanan Allahna nepikeun ka nu mancur ngan Allahna wae, dirina mampuh nyumput/nahan/nyinglar kalawan buni dinu caang nu mancur ka-Allah-an Allahna mungkul.

Kongas jadi basa kataqwaan nu mashur dipake ku nu tahlil:

laa maujuda ilallah euweuh nu maujud iwal ti allah di manehna….lain aku aku…. da manehna keur nafi (euweuh) keur eureun keur shaum/puasa.

Laa wujudika ilalllah euweuh nu aya kajaba ti Allah di manehna……lain aku aku.. da manehna keur nafi euweuh keur eureun keur shaum/puasa.

Laa khalika ilallah euweuh nu jadi khalik –manehna teu boga kahayang kawasa- iwal ti iradat qudrat allahna…da manehna laa haola wa laaa quwwata iwal ti allahna wae nu ngusik malikeun da eureun keur manjing shaum/puasa.

Laa hayatan ilallah..euweuh nu hirup nu ngadenge nunyarita nuningali nungarenghap iwal ti Allah di manehna…da manehna keur eureun/nahan/teu usik shaum mati genina kumaha Allah wae.

Tungtungna laa ya’budu ilallah… kaembungna teh cegahan Allahna kadaekna teh rido/piwarangan allahna –kawas kecap taqwa nu dipake kuloba loba tapi lain pedah sieun ku siksana tapi ku eureun nahan cicing shaum -, ucapna teh lain ucapna tapi sabab ucap allahna, dengena denge allahna, jrrrd jrrd jrrd jrrd da kajelemaan mah eureun/nafi.

--Matak lamun teu keur puasa/shaum mah…eta kecap tauhid teh ukur aku aku mungkul..da rek kumaha teu aku aku nyebut laa maujuda/laa wujudika/laakhalika/laa hayatan ngan Allah di manehna ari manehna ngajentul cacarita usik malik samanehna dimanehna, manehna nu hayangna, matak loba lamun bocor shaum puasana batal kapoekan kafanaan ngaraku Allah asa sagala jadi Allah bari mikung cacarita make sungut kawas jelema--

Jadi gening enya ayat.. kutiba alaikum shiam…laalakum tatqun

nu taqwa ka Allah -muttaqin- teh nyaeta nu bisa nahan ngajauhkeun nyinglar dirina di manehna ti Allah ku eureun teu usik nahan shaum puasa nafs kajelemaana – henteu/ulah ulah bocor/batal dina tangtungna (nu batal puasa disebut bocor..sab kajelmaana -dahar nginum sahwat - nu asalna ditahan bijil bocor kaluar di manehna deui, nutupan ngahijaban ka-Allah-an nu teu tuang teungaleueut teu sahwat jrrd jrrd kajelemaan/kamahlukan…ka-allahan jadi nafi deui kajelemaan isbat tuluy mangprung barijil .

Matak dina hasilna….

Muttaqin tingkat tingkat…panta panta darajat kataqwaana di tiap jalma....bari kataqwaan sok naek sok turun…kadangkdang kalankalan….kumaha kapengkuhanana kumaha katemenanana kumaha kahusuanana kumaha kasabaranana dina shaumna supaya ulah bocor supaya ulah batal…. teu bijil kajelemaan dina shaum/puasana.

Panta pantana darajatna Muttaqin nu leuwih ti sasama jalma biasa teh kaciri aya nu seukeut ucapna da kuat shaum teu nyaritana…ucapna unggah darajat jadi ucap allahna. aya nu seukeut tingalina..sok weruh kanu bakal kajadian saba deuleuna deuleu Allahna, aya nu seukeut rasana jadi ahli waris kanabian karasulan (ulama)..nyaho rasiah elmu elmu Allah da teu ngelmu ti kajelemaan tapi ngelmu ka ladunian nu tumorojog ti allahna jrrd… jrrd…. jrrd.

Agungna …luhungna kataqwaan …puncakna nya di Sayidina Muhammad nu kongas mangrupi qur’an kitabullah –nu engke kabukti sagala aya didinya- tuduh ti Allah lain tuduh ti kajelemaan da teu guru ti papada mahluk matak ayat qur’an euweuh tandingna kunu di pikir akal kajelemaan. Nya ku hal eta muslimin kabeh hayang kawaris leleberanana.

Allahumma shalli ala sayidina Muhammad wa ala ali sayidina Muhammad.

----

Naha dina muasaan qur’an di bulan ramadhan mah cukup puasana 30 poe teu dahar teu nginum teu sahwat ti subuh nepi ka magrib saperti nu disebutkeun ku syareat?...dimana pernahna kumaha kahontalna meunang tuduh nu yakin tina mushaff utsmani lain ceuk batur tapi ceuk Allahna ceuk qur’ana??

Padahal urang jawa mah aya – R.Said nu ahirna kongas kasebat Sunan kali jaga- dipiwarang angkat/lunta ku ibuna karek meunang mulih lamun tos tiasa macakeun qur’an teh….dugikeun ka shaum –eureun teu usik – di sisi walungan Cirebon sasat dipiwarang nungguan iteuk ku wong agung Cirebon syech bayanullah cakrabuana guru susuhunan jati (versi jawa mah sunan bonang).

Ari urang sunda mah hayang layang (kitab) sasaka domas teu nungguan walungan tapi maehan jungkiring kala nu petengna ngahijikeun/nunggalkeun guriang nu tujuhna hirup sab pohaci (wirumananggay)na kalawan widi sunan ambuna….mayungan pajajarana…kongas jadi munding nu laya di kusumahna.

Ari Sayidina Muhammad mah shaum numpi di hira karungkupkalimpudankasumpingan rasul gustina -gabri-EL- nu sanes jalma tapi mangrupa caang cahaya–najan bisa ngarupakeun jalma- nya ngalungsurkeun qur’an kongas pasir keusik nu panas ge jadi kasebut jabal (gunung) nur (sunda). Nya bagian agung kamuhammadan ieu qur’an kitabullah nu diwariskeun turun manurun ngaliwatan puasa ramadhan ka jalma jalma saenggeusna –ameh aya dina hate mu’minin- …..ka nu daek puasana… muasaanana….sab keur aya dina kataqwaan jauh/nafi kajelemaanana ti Allahna..ciri macana ge… diantarana …bismirabbika…. lain ku asma qiraat manehna jst…. jst…. jst (tingali di bagian III : cara maca qur’an di ka ummian). Da ari ukur hayang kawaris mushaff utsmani mah teu kudu hese hese ngalenteh puasa rukun islam cukup boga duit Rp.200.000 tinggal meuli ka toko buku atawa Rp. 15.000 meuli CD holly qur’an bajakan.

Pun.