QURBAN DEWEK: WAH..ETA MAH… NGADEUHEUSKEUN MANEH MAKE TULUNGNA SATO, NA TEU BISA SORANGAN? (II)

III. NGADEUHEUSKEUN MANEH MAKE TULUNGNA SATO
---
Naha Sang Khalilullah teh gening ari prak bade midamelna bet diganti ku sato? Naha ieu conto ku sato (keur ngaganti meuncit budak kanyaah) teh saukur nyokot gampangna bari telenges ka sato? Atawa memang bijil tina kasasmitaan?
----
Lamun urang ngoraan deui timimiti gubrag ka alam dunya:


ceuk sunda mah mimiti bijil ti bagha indung teh karek boga hirup…tuluy sanggeus kasusuan kabere kadaharan kainuman lila lila bisa nyarita, neuleu, ngadenge, ngangseu awakna ngagedean -nukitu ceuk kolot lembur mah nu disebut nyawa teh. Satuluyna beuki sampurna dasaindriya ….ahirna lengkep boga sir nafsu akal budi.

Ari susu indung jeung kadaharan teh asalna tina sato jeung tutuwuhan. Tah alusna teh sab baktina sato/tutuwuhan ka manusa nepikeun ka jadi jelema (basarriyyah). bijilna rasa nyawa kaasup boga sir hayang kawin tuluy boga kanyaah ka anak ka dunya sabab…gara-gara sato/tutuwuhan nu dipeuncit/dipaehan tuluy didahar…saencan aya eta mah teu boga rasa dunya/rasa nyawa (tingali tulisan eddy nugraha “bagbagan ngaleupaskeun nyawa: enya kitu paeh?”)…

Wah?..

Enya cobaan we tong barang hakan…tong boro-boro resep ningali bujur..teu boga nangan keur usik-usik acan. Eta sato/tutuwuhan nu dipeuncit didahar tuluyna ngajadikeun rupa rupa rasa (sir nyaah resep ngewa jrrd) dangdanan hirup, bawa jeung mawa maneh, dipake usik malik hirup didunya nya.


Jadi nungajadikeun simataholang boga nyawa teh nya hakaneun, utamana, berkah pitulung sato (nu leuwih gede/dominan dina nimbulkeun rupa rupa rasa nyawa).

Ti baheula mula disindiran…(dina mahabrata) aya pandita nu hayang saresmi robah jadi sato. Nepikeun ka kapanah ku Pandu da kacirina keur kitu mah kawas sato. Maksudna mah..enya keur kitu teh sarua jeung nurutkeun kahayang sato (dina awakna) da resi mah geus meujeuhna ninggalkeun eta. Antukna pandu ditulah sarua moal bisa saresmi da satona dipaehan.

Wisnu ti utara segara hoyong ka dewi pertiwi turun jadi sato (bagong)..teras nikah gaduh putra Boma.
Siwa lungsur ti argadumilah ka dunya kedah numpakan Nandini (sapi)… bari kacarioskeun saresmi jeung garwa dina luhur sapi gaduh putra dewa Kala.
Sang Guruminda hoyong nikah ti kahyangan turun heula jadi sato (lutung)…tiasa mendakan Purbasari.

Eta kabeh nunjukkeun rasa dunya bijil ti barang dunya deui, rasa Allah bijil ti Allahna, moal Allah gaduh anak jeung dianakeun, tapi gaduh qudrat iradat ku/aya/nyieun jelema nyieun budak. Kabasariyahan sab ku tulungna sato diparake ku nubarijaksana saperluna sacukupna,…kongas nyata lamun teu MI moal NYA.

Gorengna,….

Beuki lila beuki loba teh tuluy ngarangkaengan mawa maneh. Gede Kahayang teu kuat nahan nafsu hayang panggih jeung baturna keneh.

Misalna wae,..
Hayang kawin (da geus loba dahar sato/tutuwuhan) moal resep ka orok umur 40 poe (da can aya nyawa sato/tutuwuhana) atawa resep ka nininini/akiaki pikun rek disangsarung padung (da geus ngurangan nyawa sato/tutuwuhan dina awakna);

hayang terus dahar (da nafsu sato dijero hayang panggih jeung baturna- can pernah nu biasa dahar hayam teu pupuguh dahar entog/beurit, iwal ti diasa asa heula, geus sakali dua kali deudeuieun da geus cukup rasa nyawa diawakna memehna, sabalikna, tengetan nu ditinggalkeun lila pisan ku sato/tutuwuhan kawas mati geni puluhpoe jeung nu ‘gizi buruk’ sabab kurang dahar….diasongan dahareun teh moal langsung nyatu loba..da geus kurang rasa nyawa baturna di awakna…geus dibiasakeun mah nya gembul deui.

Tong jauh jauh…ngaroko…mimitina babatukan heula pait letah..tuluyna geus ngabaju ngarangkaengan ‘lieur/susah’ lamun teu udud. Sabalikna nu tara ngaroko lieur lamun aya udud (da euweuh baturna dina awak).

Beuki loba sasatoan/tutuwuhan nu aya di awak beuki gede rasa nyawa (rasa dunya). Daging jadi getih getih jadi sungsuam sungsuam jadi mani…matakna..aya sesebutan… ih budak teh MANI gede MANI jalugjug MaNI busekel….nyatana mani nu geus jadi maningkem. Nepikeun ka Loba nu poho papatah karuhun nyawa mah mung gagaduhan…enya gagaduhan sabab asalna teu boga-boga; ngarasa kitu jeung kieu sab roh/nyawa sato/tutuwuhan, nu ngagedekeun maneh tuluy diaku asa rasa sorangan dasar bongan basariyah.

Dina geus dikaluarkeun/diturut…timbul babasan nafsu nu matak kaduhung (duhung=peso; kaduhung = kapeuncit jadina misah euweuh jrrd) badan anu katempuhan. Hartina geus bijilmah terus paeh nafsuna (teu karasa hirup da euweuh dina awakna) sanggeus mantuan dipake kahayang tinggal weh leueleusna/seubeuhna/capena jrrd rasa tina badan (sesana) nu ngarasakeunana sab sabagian nafsuna geus duhung.

Oge Nyaah ka anak, naha hese leungit sab sasatoan/tutuwuhan nu ngajadi mani/seltelur bijil tina gen asalna sorangan nu natrat sarua/kawaris/kabikeun ka/aya di anak turunana. Kasebut tujuh turunan moal poho (ari tujuh ngandung harti loba)…matak satungtung turunana aya keneh mah terus aya gambaran/kanyaah/tapak luluhurna (teng manuk teng anak merak kukuncungan….nu matak sok loba nu salah terap dina nuturkeun tapak luluhur).

Jadi,..nafsu kahayang dudunya (kaasup kanyaah ka anak) AYAna sab sato/tutuwuhan nu dihakan… pantes  mun:

(1)    Puasa teh hiji cara pakeun takwa (pengkuh-ngajauhkeun kajalmaan dimanehna)..bisa nahan ngatur iraha kahayang sato/tutuwuhan bijil. Nyatana mulya, lamun nafsuna teu satuluyna dipaehan tapi diatur/ditahan lamun lain wayahnatetep jadi jelema baranahan ngaganti nu saencana (khalifah) nu ngamurbeng di dunya; Nistana, kairid kahayang nafsu sato nya jadina kaduruk jadi korban kahayangna.

Disunda mah leubeut eueyeub bari spesifik malah empirik pisan peperenian luluhur dina upaya ngatur sato/tutuwuhan dina awak nu jadi nafsu. Aya mutih, ngabeuti, niis, ngalalab, mati geni, puasa teu sare, puasa teu dahar biasa, mantang dahar anu dahar anu dina hiji (periode) tertentu jrrd supaya bisa nga manage nga file keun kalawan bener di ‘PC’na …jadi engkena saukur numpakan/make nafsu mungkul lamun perlu, dina henteuna cukup disimpen dina direktori awak meh kaciri siga jelema ku jelema deui padahal mah manusa enya sab saukur make nu ngaibadahan dewek.

(2)    Mentingkeun/ngutamakeun mere du’a/program (sagala rupa gumantung kana itikad/ngaitkeun manehna) kana sagala sato/tutuwuhan nu asup kana awak supaya nurut jadi abdi nu boga awak..tengetan di islam/oge di sunda saencan islam rek dahar rek nginum (kaasup rek melak miara ngala tutuwuhan oge miara meuncit sato) aya do’a na program keur nempatkeun dina jiwa.

Tibaheula keneh aya carita…

Naon sababna wisrawa salah mere ajian boga anak buta tilu sesana manusa?;
oge naon sababnya …..aya caritaan pernah loba nu jarah ka baitullah katingali ku nu wacis mah (syekh zaenal Abidin) lain jamaah jelema tapi sato (sapi domba monyet jrrd) mungkul. Dongengna nepikeunka ayeuna natrat katepikeun kacatetkeun tinggal daek maca daek mikiranana.

Naha meuncit budak diganti ku meuncit sato karana Allah?

Supaya teu katalimbeng rasa dunya (diantarana, kanyaah ka anak nu pohara nepikeun ka poho yen nu kitu teh, saukur anyar-anyar kapanggih jeung moal langgeng) upaya ngaturna ku jalan mrogram sasatoan utama (nu engke jadi dangdanan rasana ti mimiti dipeuncit/dihakan…)

…lila lila mun bener mrogram ngaitkeunana dina jiwa si rasa nyawa teh bisa kaperuhkeun kaatur kakokolakeun. Lain timbulna kanyaah sir dunya teh sab hakaneun/inumeun sakur sato/tutuwuhan nu asup kana awak?

Urang  tengetan tata cara qurban (sapi/domba sasatoan utama nu dihakan ku jelema) kawas dihandap ieu:

Dina qurban kudu  wae diprogram/do'a ikhlas karana Allah ku nu bogana; Kapan ari daging jeung getihna mah lain keur/moal tepi ka Allah, tapi nu tepi teh karidoan/kaikhlasan nu migawena. Nya dina mencitna, kudu migawe sorangan atawa ditungguan nyaksian nu ngado’a (waktu mrogram sato nu dipeuncit supaya jadi tanda bakti ka nu ngamurbeng awakna, nyatana diantarana manehna sorangan), satona kudu nu alus/sampurna, tuluy didahar ku nu qurban oge kulawargana jeung batur batur.


----
Domba diurang ayeuna - oge sapi- mangrupakeun sato nu jadi kadaharan poko hartina mangrupa roh jiwa nu dominan nyarang/nyirekem/dikubur dina awak/waruga jelema jadi sir nafsu jelema salian ti pare/sangu. ---


Jadi mun bener migawena sato eta ngajadikeun imah pakeun kahadean dina warugana (nu qurban jeung nu lain nu ngadahar dagingna-daging nu geus diprogram pakeun qurban/deukeut /deuheus kagustina) pan kongas aya beja hadis nu qurban lir ibarat nyieun imah di sawarga nyatana nyieun kahadean (program/nangan pinangan) dina (sa)warugana pakeun nurut ka nubogana.

Ayeuna si daging na tuluy dibagikeun ka kulawarga jeung batur batur .. kahadean teh nyebar (sato nu diprogram ku do’a sangkan qurban/deuheus nurut ka gustina tea) ararasup kaawak manehna jeung awak-awak batur (nyatana daging sato nu geus diprogram tanda bakti ngadeuheus ka nu ngamurbeng) nu kabeneran (bisa jadi) teu bisa migawena sorangan.

Jadi, ngadeuheuskeun maneh ka nu ngamurbeng make sato (teu kudu ku meuncit anak) hiji cara nu bijil tina kasasmitaan....
Supaya barisa miceun katineung kanyaah nu kuat pisan pangaruhna kana jiwa jeung supaya supados pengkuh (takwa) ikhlas nurut kanu Maha Hirup nu ‘eusina-usikna-petana nyaah asih’ teh lain saukur kawas nyaah ka anak mungkul tapi ngawengku kanyaah kaasih sa rat jagad alam buana nu moall bisa kahontal lamun hiji jalma katalimbeng ku katineung kangeungeunahan kabeubeurat salah sahiji/sadua rasaning dunya,  ulah kakubur ku  butuh jeung betah nu ngan ku hiji dangdanan rasa dunya nu anyar anyar kapanggih di dunya.

Dina cara lampahna disareatan/dijalanan ngaliwatan  ngaprogram/ngadu'akeun sangkan si sato nu jadi kadaharan/hwa nafsu dominan dina awak nu engkena jadi sir nafsu kanyaah kaasih kajelemaan jelemana teh sangkan bakti ka Maha Suci Pangeran anu ngamurbeng.

Kasasmitaan ieu mere lolongkrang cara ka jelema supaya bisa meruhkeun hawa nafsu tina sato supaya daek bisa wani nyaho deuheus/qarib/deukeut (qurban- qaraba-yuqarabu-qurbanan) ka nu ngamurbeng (kaasup henteu kapopohokeun dina make nafsu “kanyaah ka anak” nu timbul dina jiwa sabab manina geus jadi maningkem); Jeung jelema jelemana nu ngalakukeun qurban oge nu ngilu ngadaharna bisa sehat jagjag waringkas ku baktina sato dina awakna bari bisa dipake bakti di buana panca tengah..nga bumi lamdakeun jagat pramudita lain jadi kabawa sakaba kaba ku kahayang jiwa/ruh sato nu ngeusian dikubur dina awak jadi dangdanan awakna.

Malah satona ge, ku ayana ieu kasasmitaan qurban dina agama jadi terus dibutuhkeun bari aya nyampak terus henteu punah. Geus jadi kanyataan loba sato nu dibutuhkeun ku jelema sok aya wae aya tuluy…hayam, domba, sapi dipeuncit teu jadi musna…sab saengeusna loba deui nu miara ngajaga ngagedekeun keur nyukupan kabutuhna kahareup (jadi sumber daya nu terbarukan).

--
Bener di sunda loba cara teknik pakeun nyampurnakeun awak nu digedekeun ku sato/tutuwuhan ?? naon gunana? Aya perluna dijaman ayeuna? Kumaha nyambungna jeung sareat Muhammad saw?
--