KUJANG: NAON AHENGNA? NAON GUNANA? JEUNG KUMAHA MAKENA KEUR URANG AYEUNA??? (I)

  1. PANGANTEUR

Kujang mangrupakeun pakarang teuteupaan/tempaan/enggineered hasil kamotekaran urang sunda,  nu baheulana, diantarana katuliskeun dina naskah sunda kuna sang hyang siksa kanda ing karesian, ngarupakeun ganggaman (gegaman) wong tani (patani) nu dipake pakeun ngala/ meunangkeun kikicapeun/dahareun jeung iinumeun. Sedengkeun Teuteupaan (nempa) upaya ngabentuk/nyieun ngaenggineer ngarekayasa “bahan teuas/hese diolah” supaya  dibentuk/dijieun/dimanipulate dipake sakumaha kaperluan. Baheula mah ukur dipake kana logam ayeuna mah jelema ge nu dididik/dilatih sok biasa oge disebut ditempa/hasil tempaan.

Waruga kujang, nu pokona, congona seukeut ‘lancip’ bisa nyongkel  nubles, tonggongna seukeut bari aya liang/bolong keur ngagampangkeun ‘maneuver’ ‘ngorek’ dijero taneuh/tangkal/peujit jrrd, Bagian beuteungna oge seukeut matak aya babasan kujang dua pangadekna  kana maksud hiji kekecapan jalma sabab dua ‘sisi panjang’ kujang (najan beda ‘bentuk’na’ –tonggong +beuteung) bisa dipake ngadek. Buntutna bisa ditutupan di perahan. Bahanna teuteupaan/tempaan tina logam jeung aya oge –arang kapanggih nu bisaeun nempana jadi kujang - tina bahan meteor nu ‘sesana’ sok loba ragrag kapanggih di tanah sunda.

Tempatna dina kaidah ajaran sunda Tri-tangtu  (Ratu-Rama-Resi) kujang mangrupakeun pakarang jalma dina realm/tangtu Rama, nyaeta keur ngala dahareun jeung inumeun. Lain keur ngabahayakeun/nyilakakeun/maehan jelema atawa perang sakumaha pakarang dina realm ratu/prabu kayaning Pedang, golok, keris. oge lain pakarang nu dipake keur ngagaris/ngagurit/mahat diantarana peso raut, peso pangot  para pandita/wiku dina  realm/ tangtu resi (tingali naskah siksa kanda ing karesian).

Guna kujang nu aya patula patali jeung tani masih keneh bisa kasungsi diantarana didaerah kanekes, di dulur dulur kanekes mah  aya babasan bentang kidang turun kujang nu maksudna lamun bentang kidang –bintang wuluku- geus kaciri di langit cirina geus waktuna mitembeyan  (keur kaum agraris mah tani) nya kujang nu asalna ukur diluhur ‘digantungkeun’ dicokot diturunkeun dipake keur ngamimitian gawe-bari jeung lamun ka semah mah tara ieuh ngabasakeun kujang cukup ‘bedog’ wae sab arinyana tarapti nyumputkeun harti tara asal betus.


Dikalolobaan daerah sunda mah, kaayeunakeun, geus jarang dipake –mun teu kasebut tara- malah geus jarang/teu dipikawanoh dina kabiasaan usaha/gawe neangan dahareun inumeun ayeuna sab kamajuan teknologi dina pertanian jeung kusabab mekarna upaya ngala dahareun-iinumeun nu lain saukur dina tani. Malah kujang teh jarang kapanggih iwalti jadi alat souvenir atawa hiasan imah nu bahana ge loba cukup tina beusi sesa atawa urut per mobil jieunan pabrik /teu ditempa ku sorangan tinu bahan asal.

‘hardware’ kujang nu aya keneh ayeuna  geus teu dipake, tapi ukur dipercaya ngabogaaan ‘software’/pamor/maunat atawa boga nilai seni nu guna/dipikaresep keur/ku nu  nyimpena/collectorna. Najan kitu, keur sabagian mah sabab manggihan nyieun software/hardware na teh teu gampang atawa manehna teu bisaeun teu sanggupeun  nurutan/nyieuna nepikeun ka nyimpena ge dipupusti/ dihurmat pisan/dihargaan/ diagungkeun  bakat ku reueus ku kaluhungan luluhurna/nu nyieuna.

Malah teu saeutik nu nganggap kujang -kalolobaanana kana kujang heubeul - boga kakuatan gaib (gaib sab teu kahartieun kumaha bisa kitu tapi kabuktikeun ayana kumanehna dina eta kujang) jadi we nerekab kujang teh pakarang nu boga kakuatan mistis.

Tuluy we ku jalma ayeuna ngarana ge disusur make cara ‘kirata’ di kira kira supaya siga nyata/enya saluyu jeung rekaan ati-pikirna/ imajinasina-sangkana sab ningali/manggihan kamampuh/pamor/maunat/softwarena kujang -Naskah sunda kuna mah tara ngahartikeun kecap make wancahan kirata aya oge dijaman basa sunda orba-orla baheula. Cenah ge, kujang teh asal/wancahan tina kudi (senjata nu boga kakuatan gaib) + hyang (asma Allah na urang sunda nu kapake  da enya nepi ka ayeuna).

Ku kitu teh, ahirna nyambung jeung aktivitas ritual, kayakinan, filosofis, simbolis, jeung oge -kudu disebut- aya nu nyambung kana pamusrikan, tahayul, mitos jrrd jrrd, malah nepikeun ka ngarobah (nambahan/ngajembaran) kujang jeung attribute attribute / value addedna - nu asalna tina baheulana realm rama jadi kana realm ratu jeung resi, misalna wae: nu asalna dipake jadi symbol pamarentahan sipil nu  gunana ngaronjatkeun pangwangunan gemah ripah wibawa mukti (1945) tuluy nambah dipake jadi symbol/ngaran batalyon infanteri –militer- nu boga maqam ‘queen of teh battle’ (1960)  encyclopedia sunda (2000), najan teu nyebutkeun timana sumberna sacara langsung, malah nyebutkeun yen kujang salian ti alat tani oge alat keur perang. Kamari kamari, dina facebook aya komunitas  sipil ‘legion kujang’ nu nga-klaim kumpulan  gabungan ‘jawara jawara aliran dan perguruan pencak silat ditatar padjadjaran, para kolektor kujang, grup tosan aji, padepokan seni dan budaya, lembaga adat lembaga adat kabuyutan dan kahuripan, ORMAS, OKP, paguyuban, lembaga lembaga pendidikan dan latihan seni budaya’ –lain para entrepreneur/ahli karaharjaan (2010) nu  kutilu hal eta oge, ngajadikeun ‘kesan’ pakarang kujang teh jadi boga hawa hawa perang/militer hawa hawa jawara, oge hawa hawa seni/kolektor/sekte, lain pakarang keur usaha ngahontal karaharjaan ‘meunangkeun dahareun jeung iinumeun’ sacara jembar.

Tapi sabenerna naon ahengna kujang teh nepika kudu dianggap jadi warisan nu kudu dimumule  di jaman ayeuna ?? kieu geura urang buka saeutik lalangsena sugan sugan aya pieusianeunana.


II. KUJANG: PAKARANG NU BISA METAKEUN LELEMBUT KU LELEMBUTAN DINA GANGGAMAN KEUR KARAHARJAAN

Pakarang hartina alat pakeun ngolah karang, karang hartina taneuh – sarupaning bahan/unsure dunya  nu bisa di olah dimanipulate - dipacul dipelakan diteuasan di pupuk disaeur digali jrrd jrrd bahan/unsure nu  di bias engginered/direkayasa bari loba kandunganana/eusina/potensina/faedahna. Matak dina harti jembarna hasil olahan uteuk make pakarang  (peso pangot, pulpen, keyboard, touch screen, voice recognition, gerak mata motoric sensor) disebut karangan. Taneuh sabudeureun imah nu geus diolah (make pakarang) sakumaha kahayang nu boga imah disebutna pakarangan. Pulo leutik /taneuh ditengah sagara disebutna karang kambang. Wilayah dimana taneuh jeung hasil bumi sakabehna katut pangaweruh nu dihasilkeun ti ieu daerah bari dibarung kuhasil kaparigelan kaluhungan nu ngeusian/nu ngolahna nu ngajadikeun kamulyaan sabudeureunana disebut karang kamulyan (ayeuna ukur jadi situs) kongas nepika ayeuna aweuhan Sang Manarah luluhur Galuh di karang kamulyan teu sirna sirna manjang natrat apanjang apunjung. disebatna ge ku rahayat mah Prabu Ciung Wanara (Kujang anjeuna kujang ciung nu ngaraharjakeun ngarahayukeun (kerisna mah wanarabraja atawa sok disebut oge sarotama – kujang ciung beda  bentuk/rupana jeung kujang nu dipake di kanekes dina mitembeyan tani).

---
Naha kujang dicepeng ku ieu ratu? Naha bet ciung?, kitu oge naha bet pakarang Sri Baduga bet ‘two in one’ keris jeung kujang ngahiji bari hasil yasana “ngadamel” leuweung tutupan jeung talaga rena mahawijaya –tingal carita parahyangan-nu bisa ‘ngaluarkeun’ 4 ‘lelembut’ udubasu Banaspati, Pulunggana, Surugana, tingali  bag IV).
----
Ganggaman alat/pakarang andelan/penting nu dicekel/kacekel ku leungeun. Baheula kujang keris peso pangot  nu beda di tiap relam/tangtu ayeuna mah bisa wae pestol, kuas, handphone, jam tangan, tablet PC jrrd. 

Sang hyang siksa kanda ing karesian nyebutkeun:

Sa(r)wa Iwir/a/ ning teuteupaan ma telu ganggaman palain. Ganggaman di sang prabu ma: pedang, abet, pamuk, golok, peso teundeut, keris. Raksasa pina/h/ka dewanya, ja paranti maehan sagala. Ganggaman sang wong tani ma: kujang, baliung, patik, kored, sadap. Detya pina/h/ka dewanya, ja paranti ngala kikicapeun iinumeun. Ganggamam sang pandita ma: kala katri, peso raut, peso dongdang, pangot, pakisi. Danawa pina/h/ka dewanya, ja itu paranti kumeureut sagala. Nya mana teluna ganggaman palain deui di sang prebu, di sang wong tani, di sang pandita.

Tina cutatan diluhur katingal yen, Tani  mangrupakeun sagala usaha pakeun ngala dahareun jeung inumeun. Nu tangtu ayeuna mah usaha meunangkeun dahareun jeung inumeun lain dina widang agraris mungkul tapi bisa oge di bidang industri perdagangan jeung sakabeh usaha pakeun meunangkeun karahayuan karaharjaan cukup sandang pangan papan.  Jadi nu nyieun lambang pamarentah provinsi jawa barat harita, bisa disebut ngartieun pisan/sasmita kana ‘kapasitas’ pamarentahan provinsi nu teu boga kakawasaan militer tapi leuwih kana ngaronjatkeun pangwangunan pakeun ngahontal karaharjaan karahayuan gemah ripah wibawa mukti matakna make symbol kujang nu jadi pakarang wong tani lain symbol keris dikaratuan atawa boga kakuatan militer/perang.

Leuwih na pakarang kujang, lain saukur beusi tempaan, sabab kamampuh luluhur sunda dina nyieuna teh lain saukur ‘ngabentuk’ beusi jadi hardware/alat mungkul -nu boga kamampuh aplikasi jeung boga nilai seni - tapi nambahan masieup mere ‘value addded’  kana eta barang ku jalan dibere program. Hal ieu teh ditunjukeun ku kecap “Detya pina/h/ka dewanya, ja paranti ngala kikicapeun iinumeun”.

Ari detya teh hartina  lelembut mahluk nu teu kaciri ku mata teu kasat mata, tapi bisa mangaruhan jelema tempat imah wangunan tutuwuhan tatangkalan cai hawa dahareun iinumeun jeung lingkungan sabudeureunana  (keris raksasa dewana –raksasa=buta/gede/tanaga rosa kuku ranggoas seukeut/kasat mata- sabab keur maehan). Hal nu teu kasat mata ieu ulah dihartikeun jurig siluman sileman mungkul tapi virus bakteri sasalad  hama unsure hara kelembaban ‘ketenangan’ gawe, rasa aman migawe, karesep katemen migawe, pamor/kualitas hasil tani jrrd jrrd hal hal ‘gaib/teu kasat mata’ tapi aya pangaruhna kana hasilna / kahontal henteuna  karaharjaan karahayuan jelema.

Proses nyieuna ge lain mistis tapi, hiji pagawean temen rumit enya enya bari kudu kuru cileuh kentel peujit timimiti: milih bahan; mere tambahan bahan/ramuan lamun rek nyieun model ciung, bangkong, kuntul jrrd; teknik nempana; bahan naon salian ti cai/getih sato keur nyimpen trigger supaya lelembutan nu nyieun bisa metakeun ngamanipulate ngontrol lelembut lelembut nu dimaksud; kumaha nyieun sort cut link jeung lelembut lelembut, kumaha nyieun ‘template’ ameh engke nu rek makena bisa nambahan nyocokeun ‘personalised’ jeung nu makena –karakter wewedalan ngaran naktu nenet jrrd jrrd- kumaha maintenancena lamun salah make  kumaha nyipuhna kumaha nyieun security lock lamun dipake ku nu lain haqna; Rajah naon nu dipake supaya pamorna enya matih mancur angger; keur dirampa naon triggerna, keur disalusur naon wae nu di scanna, keur dijadikeun ganggaman naon ajina, kudu naon wae nu make engke ameh lelembutanana bisa make eta software kujang; raga kasarna make hardwarena  ameh bareng itikad jeung peta/usikna ameh metu matih aya hasilna jrrd jrrd jrrd jrrd

Wah siah bener ieu teh lain ngawadul mungkul? Kumaha bisana nyusud teknik proven baheula di jaman ayeuna? Naha bisa aya rupa rupa kujangna? Kumaha bisa nyebut lain mistis tapi hiji ulikan established ngeunaan lingkungan? Naon gunana keur urang ayeuna eta kamampuh??? Naha aya kajadian bisa kujang dicekel ku Ratu? Naha bet ayeuna malah kujang (hardwarena) bisa dibere software pamor diluar widang karaharjaan karahayuan?? Naha bet ayeuna aya nu teu boga hardwarena tapi bisa softwarena??

2 Bagian salajengna  urang kintunkeun kapayun upami pareng