QURBAN DEWEK: WAH..ETA MAH… NGADEUHEUSKEUN MANEH MAKE TULUNGNA SATO, NA TEU BISA SORANGAN? (I)

Tangtu geus pada terang yen pagawean qurban dina poe Iedul Adha the neraskeun tapak hiji luluhur para nabi nu kalebet Ulul Azmi baheula. Sanajan nu kaciri saliwat kaayeunakeun di lembur mah qurban teh meuncit sasatoan kayaning domba jeung sapi, tapi, lamun nengetan kajadiana baheula pagawean qurban teh asal asal kanyataan kapengkuhan Sang khalilullah nu mampuh miceun kanyaah kucara  keresa dipiwarang nelasan putra nu kenging hese cape bari ngan hiji-hijina (ti Siti Hajar); miceun katineung kalebar nuturkeun clik putih clak herang pituduh ti EL nu ngamurbeng sanajan beurat beurat teuing. Ku kitu teh, antukna kapasihan berkah carana qarib -ngadeukeutkeun-ngadeuheuskeun maneh (qurban- qaraba-yuqarabu-qurbanan) teh jadina ku meuncit sato.

Nya satuluyna mah, nu diturutan pakeun ngadeuheuskeun maneh ka Pangeran teh lain meuncit budakna tanda miceun/maehan kanyaah ka anak tapi meuncit sato. Ngan ku kitu teh, siga ngeunah ngeunah teuing, teu beurat kawas ngurbankeun maehan anak sorangan najan ngan saukur nu boga nu mampuh hartana (bari daek) mungkul nu bisa migawena. Malah sato nu dipeuncitna bisa dihakan jeung dibagikeun ka batur batur. Sapoe dua poe mah dilembur kawas kariaan: loba sate loba gule salelembur, bau domba/sapi saimah-imah. Tapin teu kurang kurang nu terus dodongeng ngingetkeun yen cenah baheulana mah eta teh titahan kudu meuncit budak kanyaah hiji-hijina.

Naha meuncit sato ayeuna teh mani kudu disambung sambung jeung gedena dodoja kudu meuncit budak baheula sagala? Naon gunana urang nurutan? Enya bakal deuheus? Naha ieu conto ku sato (keur ngaganti meuncit budak kanyaah) teh saukur nyokot gampangna bari telenges ka sato? Atawa memang bijil tina kasasmitaan?
Urang buka lalangsena sakumaha nu kapanggih dilembur dina nurutnangtungkeun ageman.

II

KANYAAH KA ANAK (HARTA BANDA JRRD KADUNYAAN) PANGRIBRIB RASA NU MAHALA MAHAYU

Sanajan aya dina qur’anna nu nyebutkeun yen geus lumrahna jelema dijadikeun boga kanyaah nu pohara ka anak (salian ti kana harta banda dunya barana) bari dibere pangwewedi yen di nu maha hirup aya nu leuwih ti saukur eta. Kanu geus ngasaan/eukeur boga anak tangtu moal nganahakeun deui sab karasa ngandung ngayuga ngaheujeunkeun jeung miara anak teh jadi dibere rasa nyaah nu sering pisan hese dileupaskeun –lamun kudu- najan keur nyungsi hal hal nu leuwih laina nu aya ti Pangeran.


Sedengkeun kanyaah gede pisan pangaruhna kana pribadi/jiwa nu dina nyatana bisa mawa bahla/cilaka (mahala) –bisa oge mawa karahayuan (mahayu): Anak senang sok ngilu senang (can tangtu dibere ge), anak gering milu gering, anak susah leuwih ngarasa susah, rido daek tisuksuk tidungdung poho ka sorangan melaanana – nya kajadian kolot jadi abdina (ngaulaan), anakna jadi gustina- padahal misah raga misah nyawa. “Kanyaah” eta teh panggih anyar-anyar di dunya  ayana sanggeus manehna dewasa/kawin jeung boga anak bari jeung moal angger bakal ‘papisah’ sanajan teu kaputus ku paeh oge. Anakna ngagedean dewasa kawas manehna, kawin gawe leupas ti imah… lila lila ‘pajauh’ deui .

Bahlana mun hayang terus ngeukeuweuk eta kanyaah hayang “deukeut” jeung anak terus: loba contona anak ngahiji jeung kolot sok mulya, tapi kolot ngahiji jeung anak sok jadi badega- da dasar misah raga misah nyawa. lamun teu wayahnaan-teu nurut kana wayah, ku nyaah teh jadi kakait katalimbeng loba nu teu waluya sab beda kahayang jeung anak. Anak teu saperti nu dipiharep. Disakolakeun dibiayaan sugan engke malik mulang (keun nu geus di) tarima tapi ana jadi kawin boga turunan sok leuwih bela ka duriat…. ayeuna mah manehnage (anakna) jadi kolot (boga pamanggih sorangan) oge deuih jadi diribriban boga kanyaah nu sarua ka nu anyar datang (da anakan deui). nu ngeukeuweuk wae eta pohoeun yen sanajan anak misah raga misah nyawa.

Rahayuna, bibilasan ikhlas rido resep reueus boga anak nyaah kabina bina saukur dharma sagala dibikeun meungpeung bisa da eukeurna jeung waktuna dipercaya didunya meunang ni’mat jadi kolot. Bagja boga anak (boh pituin boh lain) sab jadi lawang kanyaah nu maha hirup ‘ngagedekeun’ nur nu aen, cahaya/sunda nu anyar pinanggih katitipan kaamanatan. Teu ngarepkeun pamulang asal anak (batur anyar panggih didunya) salamet mulya hirup hurip…anak barang bere atawa daek ngadu'akeun sukur hanteu ge sukur...da nu maha hirup ge gening kitu petana euweuh pamrihna. Ngajar ngadidik teh supaya bisa mustaqim (bisa nangtung ajeg sorangan teu menta nyusah keun batur engkena) sab memang kuduna manehna ge kudu ulah gumantung kanu lian (mustaqim) ngencar sanggup sorangan, marampuh migawe kautamaan keur kaalusanana sorangan jeung nulaina bari teu miharep/ngagantungkeun maneh kana bangbalikan ti anak.

Rahayuna, leah sumerah "jig we jang/nyi kumaha maneh asal salamet jeung kaasup dina ridhona hirup" asal ge hirup sorangan geus cukup waktuna jadi bapa jadi indung nandangan dangdanan di kadunyaan ayeuna ngoraan deui….. Hayang diahir kakolotnakeun khusnul khatimah tiis ceuli herang mata, lugina kanyaah jeung du’a dibikeun kabeh geus euweuh sesana najan natrat da rek mulang ka rahmatullah. Kitu oge ti anakna da (ulah indungan bapaan tuluy) ikhlas ‘moal ngabeungbeuratan’ najan salaku anak ngan tarima reuues nganuhunkeun jadi/dibere pangwaris jadi anak urut ibu tuang bapa tuang sing bisa manjing pangkat shalihin mulangkeun mulangkeun kaasihna ku du’a keur ‘kolot’ ka nu maha asih nya geus jadi waja nu semplak bisa mulang tarima ka kolot. Panutupna neukteuk leukeur meulah jantung geus lain laina deui.ulah tunggul sirungan catang supaan.

Matak kongas dina Qur’an kitabullah aya ayat teu indungan teu bapaan teu anakan jeung teu dianakeun teh disebutna surat Al-ikhlas, sorangan  gumantung ka sorangan (shamad), geus teu kawas nu lain euweuh nu nyaruaan paling paling  ukur di siga siga disangka sangk. Nya ieu surat kaasup nu pangseringna/pangheulana dibaca diajarkeun ku barudak…sab engkena kudu kitu da kanyaah ka anak jeung dunya mah pedah eukeur waktuna (dharma)na, narimana bari pinuh ku rasa syukur nganuhunkeun sab kabeneran kapake jadi lawang kanyaah hirup, henteu ditolak moal dipiceun tapi enya enya ditarimakeun ngan lamun lain waktu/lain alamna moal tuluy khuldi dikeukeuweuk, bisa ngatur mernahkeun. Gede hate yen pasihan nu maha hirup/nu aya ti nu maha asih leuwih ti saukur eta..enya keur hirup oge kaalaman lain saukur jadi bapa/indung..ngalaman jadi budak jadi aki/nini, jadi guru jadi murid jadi beunghar jadi miskin ..mo wareg nataana warna warna rasaning dunya nu bisa karasa ku dasaindriya komo nu saleuwih ti eta loba loba deui loba loba deui.

Kukitu teh, tangtu bisa kaharti naon sababna Sang Khalilullah dipasihan dodoja meuncit (sasat kedah miceun/mutus kanyaah ka) putrana nu ngan hiji hijina da kanyaah eta teh gede pisan pangaruhna nepikeun ka putrana dipasihan nami Isma (nu diridoan) EL panginten bakat ku bingah sareng atohna nampi gaduh putra…didojana supados tiasa miceun katineung kanyaah nu kuat pisan pangaruhna kana jiwa teras supados pengkuh (takwa) ikhlas nurut kanu Maha Hirup nu ‘eusina-usikna-petana nyaah asih’ teh lain saukur kawas nyaah ka anak mungkul tapi ngawengku kanyaah kaasih sa rat jagad alam buana nu nuoal bisa kahontal lamun hiji jalma katalimbeng ku katineung kangeungeunahan kabeubeurat salah sahiji/sadua rasaning dunya,  ulah kakuburku  butuh jeung betah nu ngan ku hiji dangdanan rasa dunya nu anyar anyar kapanggih di dunya.

III. NGADEUHEUSKEUN MANEH MAKE TULUNGNA SATO
---
Naha Sang Khalilullah teh gening ari prak bade midamelna bet diganti ku sato? Naha ieu conto ku sato (keur ngaganti meuncit budak kanyaah) teh saukur nyokot gampangna bari telenges ka sato? Atawa memang bijil tina kasasmitaan?
----