Rahyang Sempak Waja: Sempak waja hartina huntu Pohang.... waaaah maenya? kumaha enyana? Bag III

KETAKNA RAHYANG SEMPAK WAJA

Lamun urang nengetan lebah - lebahna caritaan “kena rohang” dina alur carta prahyangan, eta kalimah ayana  di bag  XI…. Ieu bagian geus  nyaritakeun generasi ka 4 ti Sang Wretikandayun (incu buyut) – Rahyang Mandiminyak na ge tos teu jeneng Ratu Galuh.

---
Waktu masih keneh nyaritakeun gaganti Sang Wreti kandayun mah euweuh caritaan ngeunaan naon sababna seuweu panggedena Rahyangta menir  dibere gelar/jujuluk Rahyang sempak waja. Tapi cukup:

Anak Rahiangta di Menir teh aya tiluan, nu cikal nya Rahiang Sempakwaja, ngadeg Batara Dangiang Guru di Galunggung; Rahiangtang Kidul, ngadeg Batara Hiang Buyut di Denuk; Rahiangtang Mandiminyak ngadeg ratu di Galuh. (Bag V)
-----
‘statement’ :

wurung ngadeg haji, kena rohang, ja mangka ngaran Rahiyang Sempakwaja”   ayana Sanggeus “Rahiyang Sanjaya –pernah incu geus gede- kawekasan ring Medang” (di bag XI).

Ieu ‘statement’ dipiheulaan ku ayana ‘pamenta/permohonan/nyuhunkeun piunjukna Rahyang Sanjaya nu tos ngelehkeun ratu galuh Sang Purbasora/uwana dugi ka maotna (Sang Purbasora mah ukur ngusir Sang Senna) - atawa bisa oge nyuhunkeun ”piunjuk” salaku hiji upaya  nunjukeun kakuatan politis Rahyang Sanjaya rehna tiasa ‘miwarang’ Rahyang Sempak Waja - supaya Rahyang Sempak Waja masihan  putusan saha saha keur  ganti ratu Galuh:

Carek Rahiang Sanjaya: "Patih, indit sia, tanyakeun ka Batara Dangiang Guru, saha kituh anu pantes pikeun nyekel pamarentahan di urang ayeuna." (bag IX)

Jadi  ‘statement’ kena rohang…. nu ahirna jujuluk Rahyang Sempak Waja  nyambungna ka posisi/harkat “caritaan ujaran sabda ‘fatwa’ nu bisa jadi ‘hukum/ajaran’  ti Rahyang Sempak Waja nu ditunggu/bakal diturut ku batur nepi ka boga kakuatan politik/marentah balarea -wajana tos semplak ka balarea di galuh haritam (teu pisan pisan nyambung contextna  ngeunaan Pohang ompong huntu cacat fisik).

--
Kitu oge, ngeunaan kecap "kemir" nu dihartikeun burut kanjut –salian ti pilihan harti nu teu ajeg/bag I -   teu nyambung pisan harti kecapna jeung context  carita satuluyna dina carita parahyangan ngeunaan ayana ngaran hiji karajaan luareun wilayah galuh nu diperangan ku Rahyang Sanjaya… “Kemir diperangan, eleh Rahiangtang Gana”

Piraku euweuh deui pilihan kecap? …. nepikeun aya karajaan/wilayah –sok sanajan misalna mangrupa karajaan leutik, tapi di raksa ku pangkat Rahyang jeung kakuatan politikna cukup signigicant  dina peta politik harita nepikeun ka diperangan ku rahyang Sanjaya, …tuluy ngarana kemir… karajaan/wilayah burut kanjut???

Ngan lamun enya  aya karajaan burut kanjut…deui deui …kecap kemir di dieu metaphore sabab piraku nagara/wilayah boga kanjut/kanjutan.

A. Pangaruh Waja nu semplak diwilayah galuh jeung sabudeureuna



Waja nu tos semplak ujaran/carita ‘fatwa’ Rahyang Sempak waja -purbatisti- teh mangaruhan jeung diturut ku raja-raja lokal, tiasa ngereh  nu teu mampuh kaelehkeun ku rahyang Sanjaya - malah Rahyang Sanjaya nu kawon diuber uber - jeung dina elehna  Rahyang Sanjaya nyuhunkeun tulungna nya Ka Rahyang Sempak Waja.

Carék Batara Dangiyang Guru: "Rahiyang Sanjaya, ….éléhkeun Sang Wulan, Sang Tumanggal, Sang Pandawa ring Kuningan.….." Nyandogé na kasaktian, kénana …..hanteu kawisésa Dangiyang Guru. Mana ingéléhkeun, inya sakti." Rahiyang Sanjaya ka Kuningan, tuluy diprang. Éléh Rahiyang Sanjaya. Digérékan, teka ring loh Kuningan [30], ….Rahiyang Sanjaya tuluy marék ka Batara Dangiyang Guru.


Sanggeus eta tilu Haji kuningan  teu eleh ku Rahyang Sanjaya,…satuluyna:

Carék Batara Dangiyang Guru:… Sang Wulan, Sang Tumanggal, Sang Pandawa ring Kuningan….beunang ku aing kawisésa (ka kawasa), turut carékéng! Ja aing wenang nuduh tan [36] katuduh. Ja aing anak déwata.


Waja ujaran nu metu semplak diturut ku balarea  lain hal nu aneh, jalma biasa wae nu diajarkeun ngeunaan purbatisti bisa parigeuing komo ieu ‘Nabi’na, ari parigeuing  apan:

…..(nu) bisa matitiskeun bayu, sabda, heddap. Nya mana nya ho di ….parigeuing ; Parigeuing ma ngaranna bisa nitah bisa miwarang ja sabda arum wawangi. Nya mana hanteu surah nu dipiwarang ja katuju nu beunang milabuh siloka (Siksa kandang ing karesian).

Lamun ieu batara dangiang guru alim nulung /’pendendam’ pedah putra cikalna palastra ku rahyang sanjaya, sigana Rahyang Sanjaya ge diantep palastra di tewek ku eta tilu haji digjaya.


B. Waja nu tos semplak ujaran/carita ‘fatwa’ Rahyang Sempak waja teh mangaruhan jeung diturut ku raja-raja sa nusantara- nepi ka Cina.

Carita parahyangan netelakeun yen Purbatisti salaku ajaran waja nu tos semplak ti ieu batara dangiang guru (Rahyang Sempak Waja)...agung  mulya luhung (luhung kasebut sabab aya dina tangtu resi)....dihurmat diajenan di punjung jalma rea sa nusantara:

Sakitu ménakna, ini tangtu Rahiyang Sempakwaja…….

Ari tangtu Rahyang Sempak waja mah dina karesian –salah sahiji tri tangtu-. Jadi ‘tangtu Rahyang Sempak Waja’ nunjukeun institusi galunggung  jeung ajaran purbatisti nu diujarkeunana).

Malah sacara ‘karakter personal’ jeung sabab ‘kalungguhanana’ ....Rahyang Sempak Waja  jadi tempat panyaluuhan jalma rea ti dayeuh/kota2, desa desa wilayah wilayah, pulo pulo jeung sakurilingna sabudeureunana... “pamarta ngawong rat kabéh. Dayeuh paradayeuh, désa paradésa, nusa paranusa”.  

Wilayah Pulo pulo diluar nusa jawa lega pisan ambahana –paling deukeutna-  nepi ka cina sabab geus kaelehkeun/kaereh ku ratu Galuh harita –rahyang Sanjaya jeung nu terus bakti ka seuweuna.

Kasohor Rahiangtang Kuku, enya eta Sang Seuweukarma, ngadeg di Kuningan, anakna Rahiang Sempakwaja. Indung bapana teh tempat panyaluuhan jalma rea. Dayeuh, desa, pulo jeung sakurilingna: ti Keling bakti ka Rahiangtang Kuku; Rahiangtang Luda di puntang; Rahiangtang Wulukapeu di Kahuripan; Rahiangtang Supremana di Wiru; Rahiang Isora di Jawa sang ratu Bima di Bali (tar); di Kulon di Tu(n)tang Sunda nyabrang ka wilayah Malayu. Rahiangtang Gana ratu di Kemir; Sang Sriwijaya di Malayu, Sang Wisnujaya di Barus, Sang Bramasidi di Keling. Patihna Sang Kandarma di Berawan; Sang Mawuluasu di Camara Upatah; Sang Pa(n)cadana ratu di Cina. Kabeh kabawah ku Rahiangtang Kuku.

Cat: lamun ratu cina ngarana  Sang Pa(n)cadana -patihna  Sang Sarikaladarma nu nulis carita parahyangan  geus ngalakukeun ‘sundanisasi kecap’, kawas urang cina ngalakukeun ‘chinasisasi kecap’ nulis taruma jadi to lo mo) -


Geus umum lamun daerah dikawasa ku hiji nagri ajaran/ageman na ge sumebar di daerah nu dikawasana. Nu kabuktikeun –saperti nu kapangggih din acarita parahyangan- harita pada  bakti ka Saunggalah.


C. Waja nu semplak leuwih kuat pangaruhna tinimbang ratu nu sakti

Saparatos Rahyang sempak Waja janten Batara di Galunggung  sareng Rahyang Sanjaya ngalalakon. Kajadian aya ‘persaingan’ /’adu kuat’ politis/pangaruh nu cukup lila:

Ka hiji, dina nangtukeun gaganti Sang Purbasora jeneng ratu Galuh. Tingali bag A, didinya Rahyang Sanjaya nu gaduh/ngawasa pustaka bala sarewu 'retuning bala sarewu', anu ngandung hikmah pikeun jadi ratu sakti,….teu bisa ngelehkeun tilu Haji Kuningan…ari  kamampuh waja nu semplak ti Purbatisti  bisa meruhkeunana.

Ka dua, Rahyang Sanjaya ahirna ngalegaan kakawasaanana ka luar galuh   tapi masih di jaman Rahyang Sanjaya aya dina kalungguhan janten ratu keneh ‘eta kabeh’ nu kantos dierehna malah bakti ka lulugu penerus penyebar ajaran purbatisti kenging makihikeun Rahyang Sempak Waja. Rahyangta Kuku nurutkeun carita prahyangan neraskeun ajaran Purbatisti -tapana geus kataekan - jeung mikukuh tapak dangiang “kuning” (tingali -Eddy nugraha: ulikan purbatisti galuh nu agung)…nu dipernahkeunana dipakihikeunana di saunggalah  ku Rahyang Sempak waja.

  “Ja aing ogé disalahkeun ka Kuningan ku Rahiyang Sempakwaja. Aing beunang Rahiyang Sempakwaja nyalahkeun ka Kuningan ini”.

Ahirna, Rahyang Sanjaya mutuskeun dieureunana ‘persaingan ratu sakti jeung purbatisti’ Carek Rahiang Sanjaya: "….. Ayeuna aing hayang runtut raut. Aing jeung bapa, Rahiang Kuku, Sang Seuweukarma. Ayeuna aing moal ngalawan…. Ayeuna urang tetepkeun: tanah bagian Dangiang Guru di tengah, bagian Rangiang Isora ti Wetan; jauhna nepi ka kalereun Paraga jeung Cilotiran, ti Kulon Tarum, ka Kulon bagian Tohaan di Sunda."

Malah lamun nurutkeun carita Parahyangan mah nya Rahyang Sanjaya gaduh kahanjakal kana  cara hirup way of life agama nu tos dipraktekeunana. “Rahiang Sanjaya sasauran,…. "Ulah arek nurutan agama aing, lantaran eta aing dipikasieun ku jalma rea."


D. Ajaran Purbatisti kabuktikeun ngajadikeun nagri Parahyang kereta jeung unggul na juritan sabaraha generasi saenggeusna.

Najan teu dicaritakeun sakaliber Rahyang Sempak Waja & Rahyangta Kuku & Rahyang Sanjaya  dina harti ngawasa ngereh mangaruhan  karajaan2-wilayah2-pulo pulo di luar parahyang, Carita parahyangan negeskeun yen hasili henteuna/lila henteuna  ratu ratu parahyangan ngeuyeuk nagri jeung somah gumantung bisa henteuna/mikikuh henteuna ajaran/ulikan waja purbatisti (diantara wajana aya: sanghyang dama, sanghyang siksa, sanghyang watang ageung, dangiang kuning, kabuyutan jrrd, tingali eddy nugraha : Ulikan purbatisti galuh nu agung), nu diasean disebarkeuna ngawitan ka nusantara  di galunggung ku Rahyang Sempak Waja (tingali bagian I), misalna wae:

Sang Manarah, lilana jadi ratu dalapan puluh taun, lantaran tabeatna hade (katagori hade pasti dumasar kana ajaran nu dicekel- nya ajaran purbatisti. Sang Manisri lilana jadi ratu genep puluh taun, lantaran pengkuh ngagem Sanghiang Siksa. Sang Rakean Darmasiksa, Nu nyeueuran kabuyutan –mengembangkan kabuyutan- di sunda lain di galunggung mungkul. ”….nu ngawangun sanghiang binajapanti. Nu ngajadikeun para kabuyutan ti sang rama, ti sang resi, ti sang disri, ti sang tarahan tina parahiangan."Tina naon berkahna?" Ti sang wiku nu mibanda Sunda pituin, mituhu Sanghiang Darma, ngamalkeun Sanghiang Siksa”.

Tuluy kacontokeun Prebu Niskalawastu kancana, jadi jadi ratu saratus opat taun, lantaran hade ngajalankeun agama (ajaran purbatisti), nagara gemah ripah. Sanajan umurna ngora keneh, tingkah lakuna seperti nu geus rea luangna, lantaran ratu eleh (nurut) ku satmata..... ; Rahyang Wastu kancana Ngajaga ngariksa ku masihan ngadukung sumebarna ajaran purbatisti “Sang resi tengtrem dina ngajalankeun palaturan karesianana ngamalkeun purbatisti purbajati 35). Nya hasilna ” ….Cai, cahaya, angin, langit, taneuh ngarasa senang aya dina genggaman pangayom jagat.

Ahirna Sang Ratu Rajadewata –nu sok rea kasebutkeun bog agelar lain Sri baduga Maharaja oge loba disebut salaku Siliwangi pang mashurna: jadi ratu tilupuluhsalapan taun. manjingna kitu teh "Ku lantaran ngajalankeun pamarentahanana ngukuhan purbatisti purbajati, mana henteu kadatangan boh ku musuh badag, boh ku musuh lemes. Tengtrem ayem Beulah Kaler, Kidul, Kulon jeung Wetan, lantaran rasa aman.

Lamun ku urang ditengetan  ieu carita parahyangan nunjukeun yen nu poko diantarana nyaeta perluna urang ayeuna nganyahokeun wajana rahyang sempak waja- (ulikan purbatisti)- sabab saperti nu geus dicaritakeun di luhur kabuktikeun kapake/guna ku aranjeuna jeung sababaraha generasi saenggeusna. Oge Perluna the supaya bisa muguhkeun bisa henteuna kapake jaman ayeuna jeung kahareup. Jadi dina ngahuntukeuna moal kaasup jelema nu cilaka –teu meunang guna- sabab saukur agul ku payung butut ngagul ngagul jalma baheula nu aragung bari sorangan ukur kekesed teu kawaris kamulyaana waja nu geus semplak.

Jadi sabenerna kumaha eusina ieu ajaran purbatisti?  bener henteuna –aya henteuna bukti bukti- pangaruh ajaran purbatisti di nusantara – boa carita parahyangan ukur ngawadul? Kabuyutan galunggung: naha kabuyutan galunggung mah teu meunang karebut batur malah nepi ka ku sunda ge ulah –padahal diamanatkeun ku nu engkena jadi ratu di pakuan/sunda, Naon maksudna jeung dimana ditempatkeunana dina ajaran senyana? Ayeuna ge kabuyutan galunggung mah hese – mun teu kasebut moal- bisa kapanggih ku nu teu nyahoeun rajahna, Naha?  Aya gunana keur urang ayeuna?

Geura urang buka lalangsena…..pwah!