Rahyang Sempak Waja: Sempak waja hartina huntu Pohang.... waaaah maenya? kumaha enyana? (I)

  1. Ngahartikeun  Sempak waja huntu Pohang (sempak = semplak, waja= huntu) salah gede ….lamun teu kasebut salah pisan.
Carita sempak waja hartina huntu pohang teh kapanggih diantarana dina buku “sajarah jawa barat” (drs. Yoseph iskandar) oge dina “ensiklopedi sunda” (Ajip Rosidi dkk) ngeunaan salah sahiji luluhur agung anu mulya seuweuna Sang Wretikandayun ti Galuh nu gaduh jenengan - engkena kawartikeun cenah -Rahyang Sempak Waja (rahyang nu huntuna Pohang (ompong)). Malah dina carita eta dua pustaka teh ngajelaskeun yen kusabab waos Pohang ieu luluhur agung putra pang ageungna ti nu ngabedah karajaaan Galuh the teu janten ratu di galuh - cacat fisik nepi ka teu jadi ratu. Nya ahirna kusabab Pohang teh, cenah, ieu putra cikal seuweu sang wretikandayun teh ngadeg batara –nga raja resi- di galunggung kagurnita Batara dangiang guru. Saliwatmah siga nu enya, tapi hayu urang tingali leuwih jero:


Dua pustaka ieu gening ukur ngarunut atawa make referensi sumber rujukan utama –salian ti naskah Wangsakerta nu masih diadu renyomkeun sahih henteuna - kana Carita Parahyangan: Naskah Titilar Karuhun Urang Sunda. Atja, Jajasan Kebudajaan Nusalarang, Bandung – 1968. Urang cokot kumaha ti asalna:

 [lanceukna/dulurna] “Rahiyangtang Kedul wurung ngadeg haji, kena rohang, ja mangka ngaran Rahiyang Sempakwaja. Rahiyangtang Kedul wurung ngadeg ratu kena kemir, ngaran mangadeg Wikuraja”.

Mun dina basa sunda ayeuna/ tafsiran Pa Atja:

[Lanceukna/dulurna rahyang ta kidul] “Teu tulus jadi ratu, lantaran (huntuna) rohang, mangkana katelah Rahiang Sempakwaja. Rahiyang Kidul oge hanteu bisa jadi ratu sabab burut, nya jadi Wikuraja.

Tina ieu cutatan kaciri yen ngeunaan sempak waja hartina huntu pohang teh ngan tafsiran harfiah Pa Atja –tina “kena rohang”  jadi “lantaran huntuna rohang”-nu sawanda jeung harti sempak = semplak, waja= huntu. Nya ieu tafsiran  nu diturutan n ku  Pa Yoseph Iskandar jeung tim penyusun naskah (Pa Ajip rosidi dkk) ensiklopedi sunda. Jadi we jadi hiji pamahaman nu siga siga ragem dicekel ku loba loba. Ieu harti harfiah nu dicokot/dipilih ku Pa Atja teu merhatikeun “context” naskah  bari - sanajan wenang wae nyokot harti harfiah teu kudu methapore- henteu ajeg teu konsisten, teu sarua, dina ngahartikeun bagaian saterusna tina naskah. Lamun  ajeg “konsisten” mah meureun:

Ka 1. Rahyang Mandiminyak ge maksudna jelema nu mandi ku minyak. Sabab teu mungkin tuluy mandi ku minyak kudu wae ku cai. Kecap mandi minyak  tangtu metaphore sab kahirupan ieu ratu di galuh pernah –sakali deui pernah lain satutulyna- loba ‘pesta pora’, kasenangan ‘artificial’,  nepikeun ka ngalajur nafsu ‘ngagadabah’ pamajikan dulur nu tungtungna jadi loba pasea/perang rebutan pati diantara turunan.

Ka 2.  Rahyang ta kidul….burut  tina kecap kemir …nya janten batara di denuk jadi wiku raja. Lamun burut kanjut…. tong boro jadi ratu jadi wiku oge moal bisa malah moal ngeunah cicing cicing acan. jadi tangtu kecap kemir ieu terus jadi wiku nunjukeun perlambang/metaphore yen Rahyang ta kidul mah hidup selibat teu garwaan tungtungna teu gaduh turunan.  Matak diantara nu tilu Sempak Waja,  Mandi Minyak ngan Rahyang tang kidul (Batara Hiang Buyut, buyut=utun=adi)  nu teu dicaritakeun turunanana. Pan ari wiku mah –nurutkeun sanhyang siksa kanda ing karesian Wiku nyatana nu ngulik sandi, tapa, lungguh, pratyaksa. putus tangkes, kaleupaseun, tata hyang, tata dewata, rasa carita, kalpa carita, oge sagala rupa ngeunaan dewa. Jadi lamun wiku teu garwaan rada kaharti. Jeung piraku jaman baheula teubisa ngubaran kanjut burut burut acan nepi ka kudu teu jadi Ratu tapi terus nga jadi wiku.

Ka 3.  Masih dina carita parahyangan,  Hyang Buni Sora (buni= teu kaciri/katutupan/nyumput; buni sora= teu kadenge sorana)…. ge kuduna pireu pigeu…tapi gening hyang Buni Sora teh malah kasebut nu hasil ngasuh nu ngadidik Rahyang Wastukancana malah ngadegkeun paguron (Binayapanti). Jadi harti jenengan buni sora teh lain harfiah tapi metaphore/perlambang. Sora nu buni  teh metaphore tina: “Sora/caritaan/ajaran”…nasehat/tuduh nu dina pangkat suci… nu sok buni dijero ati..lain tinu gaib gaib eta mah sok kadenge ucapna aya soraan kadenge ku ceuli, ari pangkat suci  maha suci mah teu nyoara ku sungut teu kadenge ku ceuli tapi nu seukeut (kalam) dina jajantung apan kongas Hyang Buni Sora mah pangkat Satmata.

Aya deui putra Prebu, kasohor ngaranna, nya eta Prebu Niskalawastu kancana……... lantaran ratu eleh ku satmata, nurut ka nu ngasuh, Hiang Bunisora, nu hilang di Gegeromas. Batara Guru di Jampang. Sakitu nu diturut ku nu ngereh lemah cai. Batara guru di Jampang teh, ……. Mana dina jaman eta mah daek eleh ku nu ngasuh.
(Carita parahyangan)

Kitu oge rupa rupa telahan gelar luluhur di sunda kayaning taji malela, gagak lumayung, kidang pananjung, munding laya, gelap nyawang, gajah agung, cakra buana, garantang setra, sweta liman sakti, kalang sunda jrrd jrrd lain ngandung harti harfiah tapi metaphore perlambang tina sikep/kamampuh sareng tapak lacakna…moal raja eumedang (Taji malela) sukuna siihan beusi kawas hayam, moal kidang pananjung  mentri di pajajaran  sato (Kidang) tapi  teknokrat perceka nanjungkeun nagri, moal gagak lumayung  pamuk biwir cewaw kawas gagak jst jst jst.,  jadi  piraku ari maksud sempak waja kanggo jujuluk nu agung batara danghyang guru ti galunggung nu dihurmat di nusa jawa..dihartikeun sacara harfiah huntuna pohang.

Sigana, ieu  tafsiran, Sempak waja huntu Pohang teh  kapangaruhan/bias ku carita ‘handicapped’ fisik dina Mahabarata ….dimana aya tilu sadulur hastina nu cikal lolong, panengah peang sirah, nu bungsu pinced. Nu cikal (destarata) teu jadi raja sabab lolong diganti ku panengah (Pandu dewanata) ari nu bungsu (widura) jadi panasehat karajaan da pinced.

Jadi sabenerna kumaha Sempak Waja teh enyana??

2.Ulikan ka galunggungan leuwih ti elmu bala sarewu