Kasalahan kisunda dina hayang nanjeurkeun uga (Bag I)

Aya sabaraha catetan kuring nu katengetan kana sikep-sikep sunda, dina kahayangna nanjeurkeun UGA luluhur.


Ka-1: Nganggap ageman kumaha masing-masing bari nempatkeun ulikan kasundaan dina tataran mistis, aliran/isme/brotherhood/ngan hiji guru terus kultus sempit,

lain museurkeun kana ulikan elmu nu empirik nu bisa dimusawarahkeun tuluy dijadikeun konsensus babarengan kisunda -nu rupa-rupa backgroundna- supaya bisa silih rojong.

--

Kabeneran kuring dikintun buku ngeunaan karyana Juragan Haji Hasan Mustapa (HHM)- saur Ajip Rosidimah HHM the budayawan sunda pangbadagna, jadi meureun pantes mun dijadikeun referensi.

Dina bab Qurbah HHM ngadugikeun pamendakna ngeunaan sikepna yen hakekat Muhammadiyah (rasulullah) ragrag/ aya ditiap nu kumelip ku cara elmu nyatana dumasar cara/teknik antar atanapi lintas isme/aliran/grup/brother/sisterhood, diantarana kieu, manggihan ruh idlofi ruhul kudus teh:

(1)Aya nu nyileuk nangkarak, samangsa,...ngalangkang sapangadeg,....
(2) Aya nu maca salawat, tapi ulah make rasulullah, madep kana panon poe...samangsa aya....
(3) Aya nu mencet maneh,..lamun ....ngagulimeng....
(4)Aya nu mepet napas nepi ka katurelengan, lar.... sapangadeg sorangan



Tah ku opat cara eta ku HHM ku anjeun kabuktoskeun tiasa manggihan/nyukmakeun roh idofi ruhul kudus ka nyalirana. (tingal , HHM jeung karya-karyana, hal 281, dikempelkeun ku Ajip Rosidi)

ieu tulisan nu aya dina bab Qurbah, pangkat sasaka nu pang luhurna nu aya dina alam rasa rasaning sampurna (lengkep nya lahir nya batin nya gaib nya nyata) sanes mung dina alam iman/islam/sahadah jeung sajabana. TAPI JUSTRU dina ngeunaan alam kayakinan (ageman) ieu, anjeuna parantos nunjukkeun sikep empirik/ilmiah.

Tangtu katingali, tiasana HHM nyimpulkeun ayana roh idofi ruhul qudus nu aya ditiap jalma the dumasar kana pependakan (bukti) nu ngaliwatan leuwih ti hiji cara -4 cara.

Sakali deui, Ieu conto empirik ngeunaan ulikan kapribadian nu aya teknikna aya indikatorna nu minuhan unsur kaharti karasa jeung bukti jeung nu numuwuhkeun sikep keterbukaan/balabah elmu jeung miceun benteng eksklusifitas aliran/sekte.

Sabab tangtu -lamun enya enya ngulik kasundaan jeung islam muhammad bakal tiasa apal nyaho yen ti nu 4 cara/teknik/metoda nu didugikeun ku HHM the aya nu:

Asli ti Islam Muhammad, Aya nu asli ti Sunda (samemeh Islam Muhammad aya), Aya nu hasil modifikasi urang sunda dina ngadumaniskeun/ngamodifikasi cara/koncsep/teknik sunda jeung Islam muhammad (akulturasi).

Jadi sabalikna tinu caritaan diluhur lamun aya nu ngaku ngulik atawa ngagem "sunda wiwitan", "sunda asli" atawa "sunda mungkul" nu jadi mamawa bangsa sunda /oge Islam muhammad teu bisa/teu nyaho manggihan roh idofi ruhul kudus jeung teu sarua indikatorna, kuduna naranya ka sorangan naha geus bener eta ageman nu dicarekelna, boa boh pamanggihna/sektena/guruna the saukur “katak dalam tempurung” mungkul.

Hanjakalna, loba kaasup di kisuda nu ngan saukur apal ti hiji guru/sekte nu ngan hiji metoda bari teu puguh tolak ukurna biasana the sok nyararita “ari ageman (sunda jeung islam) mah kumaha sewang-sewangan”. Pan aya di urang ge nu nyarek ka batur ngandel tapi manehna teu bisa nerangkeun andelanana terus boga angkeuh asa geus bener dina ngahontal elmu ngan wawanian ngalabelan terus ngawakilan ulikan sunda atawa ulikan islam.

Naha nu nyararita 'ageman mah masalah sewang-sewangan' kitu?

Sabab maranehna teu apal pisan kana indikator/ciri/bukti/bandera ngeunaan hiji ulikan, jeung naha bisa indiktorna kawas kitu, nepikeun ka masalah agemanna teu bisa ngajelaskeun ka batur da keur soranganna ge can jelas saukur dikirakira dumasar euceuk atawa dipercaya ku hawa nafsuna sorangan. Keur mindingan manehna make kecap basa-basi (meh siga toleran padahal eta teh kecap nu ngajadikeun teu ngaharijina kisunda) nu padahal dina ulikan mah basi. Nu kararitu the sok nyararek ngandel ka batur (pedah beda) ku andelan sorangan nu lain mangrupa elmu bukti nu teu minuhan unsur harti jeung rasa nu yakin sabab saukur rararasaan sorangan.

Conto lain, dina pamahaman ngeunaan sunda eusi nu hartina “cahaya” nu lain kapanggih ku mata oge... aya sabaraha teknik nu bisa nunjukkeun barang jeung buktina, yen eta empirik, diantarana

(1)kucara nangtung bari nga scan tangtung
(2)kucara sila menekung angilo paesan tunggal bari metakeun latipah
(3)kucara mepet napas mencet maneh
(4)kucara teuleum dina cai nu bisa di leuwi/situ/laut/kulah/kolam renan/swimming poll jrrd

ieu oge tangtu, yen nu enya enya ngulik kasundaan bakal bisa ningali nganyahokeun yen ka opatna the (nu bisa jadi leuwih ti opat) sumberna aya tina Islam Muhammad, Sunda baheula saacan islam muhammad, jeung gabungan modifikasi ti eta.

tapi, loba nu leuwih resep mangaruhan batur ku cara ngartikeun sunda (nu mangrupakeun kecap kunci dina ngupayakeun kalimatun sawwa atawa kebersamaan dalam keragaman cara dina silih rojong nanjeurkeun uga) make teknik kirata dikirakira supaya nyata jeung dinyatanyata ku kira-kira. Misalna wae:
sunda the ingSUN nu aya dina daDA, ieu siga alus padahal 'ambigue' jeung teu puguh indikatorna/masih lain dina level indikator atawa deskriptor tapi 'khayali” , sarua jeung omongan cawokah bolon nu nyebutkeun sunda the -di SUN the nyanDA.

ku cara empirik jeung lintas ISME kitu teh gening HHM tiasa mendakan/ngabuktikeun kasauran luluhur "hatamna qur'an teh tina sunda ka sunda deui, rasiahna kasimpen ku sindir siloka, perwira perlambang jst. (hal 293)

jeung ku cara empirik ieu teh bisa nunjukkeun ka urang sunda nu budaya sunda na geus teu jadi budaya dominana di jaman multikultural melting pot jaman ayeuna (loba hasil research nu nunjukkeun yen stratgeis etnosentris dina ngajual budaya/ageman mah ngan saukur jadi kaum pinggiran/marginal da moal payu); bari geus kagedekeun ku islam arab jeung dunya pendidikan barat yen sunda ge sanyatana,- atawa mun diulik di tengetan kalawan daria jeung hanif mah- sarua MUlYA jeung pantes DICEKEL bisa DIJUAL ka batur sabab sarua bae bisa manggihan nu kahontal ku ISLAM muhammad ngan beda carana mungkul.