Rahyang Sempak Waja: Sempak waja hartina huntu Pohang.... waaaah maenya? kumaha enyana? (bag II)

JADI SABENERNA KUMAHA SEMPAK WAJA TEH ENYANA??

 
Aya carita ngeunaan DASABAGAWA –geus dibukukeun & waktu gramedia masih mere tempat keur buku sunda mah gampang kapanggihna- nu nyaritakeun sajumlah budak ngora lalaki nu ninggalkeun lembur ninggalkeun nagri dititah neangan Huntu budha nu leungit. Sihoreng lain Sang Sidarta ompong teras waosna ical nepika kudu diteangan tapi nu kudu diteangan jeung dipesek  teh ajaran budha anu mulya nu geus metu baheula jeung jaya nagn di jaman dasabagawa ilang. Huntu teh ngagambarkeun ajaran/elmu…lamun huntu geus semplak (kawas huntu budha)….hartina ajaranna geus metu geus nyebar geus diajarkeun/dibikeun ka umat lain di Sang Sidarta mungkul.

Dina kahirupan sunda sapopoe ayeuna oge, Lamun urang resep ulin ka lembur ruang riung jeung jalma hade, tangtu bakal sering ngadenge omongan kieu : ‘ ngahuntu we’, atawa ‘kade ulah loba teuing ngahuntu’ ieu kekecapan dipake lain ulah ngadu/moe huntu/waos/gigi tapi keur ngingetan supaya ulah resep atawa ulah loba teuing nyaritakeun elmu/ajaran/ageman (da elmu/ajaran/ageman mah kudu atawa leuwih hade loba dilenyepan di rasakeun diprakeun dipigawe tibatan diwadulkeun diobrolkeun diadurenyomkeun). Ngahuntu teh maksudna nyaritakeun ajaran/elmu (beda deui jeung maksud idiom:  loba sungut, biwir teu diwengku, letah teu tulangan,  jrrd jrrd).

TAPI, lamun ngan dua alesan diluhur nu dipake tangtu  lain argument kuat (memuaskan) pakeun nunjukeun yen “kena rohang”  jeung “ sempak waja”  teh lain dina harti harfiah huntuna ompong, “Context” dina naskah carita parahyangan sorangan bakal leuwih nunjukeun yen argument diluhur enya.


KIEU GEURA:


Salian ti nu geus ditepikeun di bagian I, yen pilihan harti harfiah nu dicandak ku Pa Atja  nu ngajelaskeun sababna  Putra cikal  Sang Wretikandayun teu janten Haji/ratu Galuh sabab “kena rohang (huntu Pohang)” mangrupakeun pilihan harti kecap nu teu ajeg teu consisten (ka sempak waja & rahyangta kedul harfiah (ompong jeung burut) ari mandi minyak jeung Buni sora carita prahyangan nunjukeun gambaran anu metahapore/perlambang-nu sigana kapangurahan bias carita mahabarata.

Tuluy lamun, nu jadi pamingpin nagri Ratu/Haji kudu ulah cacat fisik - nepikeun ka huntu ompong ge teu meunang. Tangtu tiap raja Galuh bakal aya dina kaayaan nu salilana rentan/vulnerable..sabab sawaktu waktu bisa turun teu jadi ratu..komo syarat ulah punglak huntu/pohang  sab jaman harita mah raja teh kudu moro, adu jago, numpak kuda, perang fisik jrrd nu kamungkinan huntu punglak kagedor teh gede pisan.

Jeung,  tangtu keur di Galuh mah pada terang –tina  Amanat Galunggung, Sewaka Darma, Sanghyang Siksa kanda ing karesian- yen pamingpin nagri pangluhurna teh lain ku saurang/salembaga –ratu- tapi ku tilu –Tri Tangtu nu pada pada salevel satingkat. Resi teh hiji tiantara tilu pamingpin Galuh seliran dewa di dunya/bumi- Tri Tangtu di Bumi.

"Ini triwarga di lamba. Wisnu kangken prabu, Brahma kangken rama, Isora kangken resi. Nya mana tritan(g)tu pineguh ning bwana. triwarga hurip ning jagat."

 Jadi, lamun Hajina teu meunang ompong..naha bet jadi Raja Resi nga batara nu oge ngereh sajumlah nagara ‘bawahan’? bari jeung ari Resi mah pan loba/butuh nyarita –can kacaritakeun loba nulis- jadi  meureun masalah huntu Pohang teh hiji hal nu oge/ malah leuwih dipahing  keur hiji Resi.

MATAK CARITAAN “KENA ROHANG” SEMPAK WAJA TEH “SAENYANA” KIEU:

Disebutkeun dina carita prahyangan yen Sang wretikandayun ngabaladah 2 hal  1) ngadegkeun Galuh jeung 2) nyieun Purbatisti –saenggeus jadi Resi.

Sang Wretikandayun adeg di Galuh. Ti inya lumaku ngarajaresi, ngangaranan manéh Rahiyangta ri Menir [16]. Basana angkat sabumi jadi manik sakurungan, inya nu nyieunna Purbatisti.

jadi tilu sadulur teh –Sempak Waja, mandiminyak, rahyangta Kedul- mangrupakeun generasi ka dua nu kudu nerusmajukeun  Galuh salaku karajaan anyar jeung nerus majukeun Purbatisti salaku ajaran nu teu bisa dilakukeun ku saurang/sajalma/sainsitusi/salembaga kusabab kaidah Tri tangtu. Jadi kudu aya dua-an -nyaeta jadi Prabu di Galuh jeung jadi guru/resi/”Nabi” nu nyebarkeun ajaran/ Purbatisti.

Jadi kawas bagian awal carita parahyangan nu loba nyaritakeun hal nu sipatna metaphore/perlambang, kasus tilu sadulur dina  carita parahyangan ieu ge aya dina context  tantangan/masalah karajaan anyar (Ratu) jeung ajaran anyar (Resi)- lain dina masalah pantes teu pantes –causa effect- jadi raja/haji sab urusan cacat fisik- ompong huntu.

Naha jadi “Nabi’/Resi pakeun nyebarkeun purbatisti dipanggul ku seuweu cikal/panggedena?

Kusabab dua hal teu bisa diurus ku hiji, kudu  wae ku dua-an (kaidah tri tangtu). Pilihan kanu panggedena bisa katingal ku “tabeatna” seuweu Rahyang ta menir diantarana gening nu cikal mah gaduh isteri ge hese- da temen  tolab elmu-  dugikeun ka dijodokeun ku ramana ge sab karunyaeun

“Carék Sang Resi Guru, "Karunya aing ka Rahiyang Sempakwaja hanteu diboga [18] éwé”.

Ari nu panengah mah  pan ‘galak’ kana sahwat teu pilih saha sahana:  

carék Rahiyangtang Mandiminyak, "Sang Apatih, na saha éta?" "Béjana nu ngigel di buruan ageung.""Éta bawa sinjang saparagi, iweu kéh pamalaan aing. Téhér bawa ku kita keudeukeudeu!"

Oge, hasil tina katemena saperti nu bisa katingal diluhur, Waosna (ajarana/cariosanana/nasehatna tina  hasil didikan ngeunaan purbatisti nu didamel ku nu jadi Bapa Sang Wretikandayun ) tos teu keur sanyaliraeun tapi geus bisa mampuh turun ragrag ka batur.  Nya keuna sesebutan “kena Rohang”  geus ragrag/turun/metu  ajarana keur batur….nya kawartikeun engkena Rahyang Sempak Waja..Rahyang nu ajarana/nasehatna –lainomponghuntuna- tos metu mubyar ka nusantara jadi purbatisti ……purba nu jati.

(Sang Wretikandayun nu ngadamel/nyusun nu mendakan, Rahyang Sempak Waja nu nyaean nyebarkeunana ka nusantara).

Ajaranna tos metu bisa diragragkeun jadi tuduh ka batur teh, tangtu ka panggih/dicaritakeun dibagian satuluyna dina carita parahyangan kumaha ketakna Rahyang Sempak Waja dugikeun ka gaduh jujuluk Batara dangyang Guru, mayunan Rahyang Sanjaya, ngereh raja2 bawahan. Aya tilu  jago - Sang Wulan, Sang Tumanggal, Sang Pandawa ring Kuningan- nu etu eleh ku Rahyang Sanjaya malah Rahyang Sanjaya nu tiasa nalukeun  karajaan2 di nusantara dugi ka dauber uber tapi ku Rahyang sempak waja mah kaereh,  tuluy majuna kabuyutan Galunggung salaku pusat ajaran purbatisti, kumaha pangaruh munding ti galuh nepi keun ka loba di nusantara nu aya hubungana jeung make munding -kawas upacara dina paeh make jasa munding jrrd jrrd.

----
Ayeuna urang tuluykeun kana hal nu leuwih guna, nyaeta naha enya ieu carita prahyangan teh nyaritakeun nu enya  atawa ngawadul mungkul?
Utamana ngeunaan purbatisti nu nyebar ka nusantara? Naon buktina? kumaha kabuyutan galunggung teh petana, dimana ayana nu saenyana? Naha sang Kama lumenggang bisa ngelehkeun elmu bala sarewu Rahyang Sanjaya?? padahal elmu bala sarewu –nurutkeun carita parahyangan geus bisa ngelehkeun karajaan2 di nusantara.
Naon gunana keur urang ayeuna?? Kumaha nyusukna ??
----

II. KETAKNA RAHYANG SEMPAK WAJA