SURAT AL ‘ADIYAT (nu tarik melesat) dina Maskumambang

KINANTI

Nyalindung ka Maha Agung,
Maha mulya Maha Suci,
Allah nu Maha Uninga,
Tina poek sasar diri,
Alatan gogoda setan,
Nu nyiruruk nyiriwuri.


Kalayan asma Hyang Agung,
Marengan lampah sayakti,
Nu jadi marga lantaran,
Sadaya usik ngajadi,
Nyaah asih taya kendat,
Nganteur mahluk nu kumelip.


MASKUMAMBANG



1. Wal ‘aadiyaati dabhaa 2. Falmuuriyaati qadhaa


Demi kuda perang nu lumpatna tarik
Ngahegak hos hosan
nu talapokna mun nitih
Bijil geni tingburinyay

3. Falmughiiraati subhaa 4. Faatsarna bihi naq’aa 5. Fa wasathna bihi jam’aa


Nya ngajororag rebun rebun lir tatit
Nu mumbulkeun rosa 
Kebul lir minuhan langit
Jeung nyerang musuh sapisan

6. Innal insaana lirabbihi lakanuud 

Enyana jalma ka Gustina pribadi
Nyata nyata ingkar
Medit durhaka nya diri
Teu daek mulang tarima

7. Wa innahuu ‘alaa dzaalika lasyahiid 8. Wa innahuu li hubbil-khairi latsadiid

Enyana kana kaingkarana tadi
Manehna nyaksian
Jeung estu dirina bakhil
Sab meulit dunya barana

9. Afalaa ya’lamu idzaa butsira maa filqubur 10. Wa hus-shila maa fis-shuddur

Na teu nyaho mun nu tikubur barijil
Eusina dibongkar
Jeung ditembrakeun murti
Nu aya dijero dada

11. Inna rabbahum bihim yaumaidzin lakhabiir

Saenyana gusti maraneh sayakti
Kana nu tumiba
Mangsa harita ka diri
Nyata langkung langkung awas



cat:
Ayat ka 6 -Lakanuud: ingkar, medit, durhaka, teu daek syukuran/mulang tarima
Ayat ka 7- Kecap lam dina li hubbi - lam dibaca li - boga harti 1) ‘disebabkan/oleh karena’ 2) ‘terhadap’ atawa’ ‘dalam hal’ .
Ayat ka 9- bu’tsira = dibongkar, dibulak balikeun, dirucat.

*Digurit ti magrib nepi ka isa 18 oktober 2012