ADEG ADEG
‘Tong jauh jauh
euy,…ka sumedang geura, Puseurna elmu sunda mah aya di dinya’ mangrupakeun caritaan daria oge kadang bari
heureuy kawas caritaan nu teu siga siga nu sok remen kadenge puluhan taun ka
tukang lamun ruang riung jeung batur batur nu keur raresep ngabahas ngeunaan
waja waja nu tos semplak warisan kaluhungan luluhur luluhur nu agung agung. Enyana
mah gening, pamanggih kitu teh aya benerna tapi bari ayeuna mah loba salahna.
Aya
benerna sabab baheulana Sumedang teh, di ahir jaman sumedang larang, pernah mangrupakeun puseur dayeuh karajaan nu
kapilih neruskeun Pajajaran sanggeus pakuan (pajajaran) burak. Jadi, munasabah
mun nu ngarana di puseur dayeuh kumpul
inohong inohong ti sakuliah nagri pajajaran nu nepingajarkeun elmu panemuna,
salah sahiji pusat atikan/‘binayapanti’na
harita pernah aya mekar di daerah WARU Sumedang. Satuluyna, dina geus semplak nu jadi wajana dibeungkeutkeun
kana hiji realm nu katelah KASUMEDANGAN nu masieup kasumedangan ‘local’ versi
samemehna nu jadi warisan pakeun kabeungharan
seuweu siwina. Bakating ku warna warna jeung euyeubna kasumedangan nepikeun ka nu
osok nererusajarkeuna ge tara tarapis dina kabeh ulikan kasumedangan tapi
biasana manjing ngan dina pokona nepikeun ka bisa nuduhkeun ngajarkeun anu laina.
Loba salahna, nyaeta sabab eta mah
baheula ayeuna mah wallahu alam hartina barang can tangtu/geus teu tangtu, ngan
nu pasti aya mah tapak tapakna urut urutna patilasan patilasana nu warna warna.
Ku kajadian kasauran pamuk sumedang
larang baheula ‘nu nuturkeun aing, cadu ngawula ka menak’ nya para satmata para
budimana bubar nyebar deui ka masing masing padikana. Sumedang larangna ge
malah tuluy kaereh deungeun.
Sumedang ayeuna mah ukur sagede
kabupaten nu sok dipoyok/dilebarkeun lain larang, alus, mahal, mulya, jarang lantaran
‘outstanding’, ‘haram’ diganggu, teu bisa dibuka/kapanggih/diasupan/diganggu
sagawayah deui tapi cenah ge ukur sumedang nu ngarangrangan. Kamulyaanana
maruragan kaditu kadieu kamana mana nu aya tinggal regang/rangrangna mungkul, paling
paling tempatna ukur jadi daerah
‘penyangga’, liliwatan lamun rek ka tanah ukur jeung puseur dayeuh. Najan sugan
wae dina nepikeun ka tinggal regangna ge ari engkena tuluy dihujanan dipupukan
deui mah lila lila daunan deui buahan deui hejo lemboh deui mulya larang deui.
Seke selerna –sebut we menak menakna
harita- nyebar deui ka sakuliah nagri kamana mana kayaning entragan mimitina
aya nu ka sukapura, timbanganten, tanah ukur,
galuh, bogor, ujung kulon, sukabumi, Cirebon, cianjur, kuningan, karawang, majalengka
subang jayakarta jrrd jrrd bari aya nu mawa sabagian atawa sakabehna ngeunaan
‘pustaka’ kasumedangan nu tuluy disambung tepikeun. Aya oge nu disaralin ditaruliskeun, najan jadi warna
warna aya nu dipisah pisah aya nu ngan sabagian aya nu lengkep aya nu kurang.
Jadina, Loba nu diajar kasumedangan manggihna di luar sumedang, kitu oge
sabalikna, bari kitu na teh aya nu arapaleun yen eta teh baheulana pernah
dibeungkeut dina realm kasumedangan, aya nu henteu.
Najan bari tangtu wae/aya wae (sing
aya wae) urang sumedangna ayeuna (rundayana nu aya di sumedang) nu enya enya
weruh bari tapis dina/ngeunaan kasumedangan nu enyana, loba urang sumedang nu teu apal kana kasumedangan, bari
jeung dina ngapalkeunana/nyusudna teh
sok pabaliut jeung rupa rupa patarekatan
padikiran oge kagorengan katahayulan jeung mitos-mitos, nu sok ngajadikeun nga
enya enya nu lain ngalain lain nu enya dina nuturkeun tapak lacak luluhurna.
Bari teu saeutik oge nu ngan nyahona
ukur nepikeun kana tuturut tukang kirata –dikira kira sugan nyata, dinyata
nyata ku kira kira, dikira kira ameh siga nyata- nyaeta jalma jalma nu resep
ngira ngira hiji harti konsep elmu
ulikan dumasar tahayul rekaan hatena/pikirna sorangan ku cara ngawancah kecap
sunda make –diantarana- pangaruh cara ngahartikeun kecap arab nu sok
nerap/mahabu di jalma jalma nu ngulik kabatinan nu bisa jadi cocok dina basa
arab tapi moal nyambung lamun
digunakaeun kana harti kecap/basa sunda.
Misalna wae, harti sumedang jadi inSUn
anu M(a)EDANGan, InSUn tandang Ma(e)wa Kahayang, insun medal jrrd jrrd. Nu saliwat wah siga mangrupa jargon husus nu
istimewa padahal mun ngan nepi ka kitu naon bedana? Da teu dijadikeun jargon ge
kabeh kitu petana. Kawas kana ngaran alat (hardware) nu baheulana keur neangan
hakaneun nu dipasieup (boga nilai plus) ku/aya softwarena
(do’a/rajah/mantra/program/pamor nu disimpen/diinstall pakeun ningkatkeun nilai
tambahna) hasil kaluhungan kamotekaran jaman baheula nu hese tandingna -Kujang-
aya nu nyebut make kirata kujawahyang, kudihyang,
kukuh kana jangji, pedah manggihan sababaraha kujang nu diprogram diluar
wilayah neangan hakaneun atawa dina wilayah/konsep neangan hakaneun nu leuwih
jembar, nu tungtungna kusabab kangeunahan make pola piker kirata ngawancah harti kecap, barudak mah bisa jadi
ngajawab kieu: Naon ari kujang teh euy? (lain nunjuk kana, barang
handicraft/seni nu dipajang hareupeun atawa jadi emblem da kujang ayeuna mah hardwarena geus jarang
dipake neangan hakaneun tapi) eta acara di Bandung TV “KUJANG-Kamandang Urang Jeung tembANG” - Kecap SUmedang ge ku nu heureuy sok jadi
SUka MElihat yang tembus panDANG -nu kabeh ge sah sah wae, wenang wae, da ukur dumasar
kana rekaan ati/pikir dina ngareka reka ngira ngira kanyataan harti tina kecap
sakumaha kahayangna/alusna. Kitu oge
pupuh tembang Kinanti cenah hartina tekin ati, aya oge engkin dianti anti jrrd
nu jauh mela melu tina kanyataana lamun seug geus diajar/tapis nulis /nyieun
tembang kinanti sorangan nu moal bisa bijil lamun budalan rasana lain dina
alam-alam nu digolongkeun ku ahli pupuh Jrrd jrrd jrrd conto bias kikirataan nu
loba kapanggih di urang dina ngahartikeun hiji konsep/nilai/barang/ulikan/ajaran.
(Tingali Eddy Nugraha, Kirata: cara
ngawancah kecap nu loba dipake tukang kabatinan di sunda. Naha?)
Jadi, supaya kecap puseurna elmu sunda
di sumedang (larang) bener deui, salaku pernah jadi pusat ‘civilisation’ nu
kapilih nuluykeun Pajajaran baheula kudu aya upaya nyusud nerangkeun deui
ngumpulkeun deui elmu elmu nu aya dina kasumedangan. Pakeun ditalungtik wadul
henteuna mangrupakeun beungkeutan elmu elmu Pajajaran, jeung utamana mah
kagunaanana keur urang ayeuna, ku cara
ulikan hartina kudu nohonan kajian empirik lain ukur dina kikirataan mitos
jeung mitos cenah jeung euceuk ameh seuweu siwina nu aya di mana wae boga
kareueus jeung daek nuluykeunana.
Matak bag bagan kasumedangan ieu ditepikeun
ngaliwatan cara/format: Nyaritakeun heula ulikan elmuna – nomor urut bisa beda
atawa patukeur- tuluy di sebutkeun cara cara ngulikna –metoda meuli katut
ngasakeunana, protocol protokolna, field studyna, paradigmana- supaya engke nu
maca bisa ngabuktikeun ngaenya henteukeun konsep/dongeng/panganteurna nu
dicaritakeun sacara empiric (elmu) lain ukur kumaha kayakinan, kumaha masing
masing, kumaha kapercayaan, kumaha wadah, kikirataan, katahayulan, simbol simbolan
jrrd nu ngarusak ngabiaskeun elmu.
Teu hilap neda maphumna miwah widi oge
auban ti para sepuh ti para luluhur, ieu sabagian kasumedangan di upload ka
internet –sok sanaos seueur nu diusahakeun dibalibirkeun- sanes bade ngalanggar
kapamalian ngarobih kabiasaan. Kapungkur mah para sepuh biasana ngadugikeun
nganggo cara tradisional ngariung dina wanci sareureuh budak bari ukur dinu
singkur singkur atanapi di kabuyutan kabuyutan, bari nembe ngadongeng
ngajarkeun kasumedangan kawenginakeun caket caket janari atuh mung nu enya enya
temen nu kawaris elmu da leres leres enya hoyongna - sesana mah panginten ukur
ngadahdir wareg ku bakakakna. Ayeuna ge
ku lajuna jaman, bawiraos sami wae, da sok sanaos di upload di uar uar oge nu macana tara seueur, ti nu
macana ge teu sakedik nu ukur kawaris sifat ‘abu thalib‘ hoyong nyaho mungkul
hoyong thalab mungkul tara hoyongeun meser dugi ka JADIna, nu engke temen enya
enya hoyong dugi ka bukti-jadina mah ukur sapertos nu nyesa dina riungan wanci
janari leutik da panginten memang kitu pola/hasil/kedahna ti ngawitan samemeh
memeh ti jaman luluhur nu agung agung.
Pun.
PANGANTEUR
KASUMEDANGAN : 7 ulikan poko/cecekelan
jeung 33 disiplin elmu/ulikan/pakean.
Tangtu geus jadi pamanggih loba loba yen sumedang larang teh
ditaratas ku salah sawios luluhur seuweu Galuh Sang Guru AJi Putih - Resi
Cakrabuana - Pr. Tajimalela. ‘Posisi’ Sumedang Larang haita leuwih mangrupakeun
karajaan daerah/wilayah Galuh nu jadi
pananggeuhan/panasehat/ pendukung/pusat atikan Galuh-Sunda (Pajajaran).
Ieu luluhur agung teh henteu/tara langsung berkiprah/berkakrir ka luar sumedang
larang. Contona wae dina widang kanuragan, teu aya deui nu gaduh pangkat
TAJIMALELA (taji siih hayam, malela beusi. Taji malela pamuk nu ‘siihna’ tanggoh
alah batan wesi) ngawitana iwal ti nu
nyakrawati di gunung lingga Sumedang, paguron nu make ngaran Taji malela aya nepikeun ka ayeuna,
namung nu teras nyebarkeun ka luar wilayah sumedang mah, nya salah sawios nu
diatikna Pr. Gagak Lumayung nu ku kadigjayaana oge kaleler gelar Taji Malela
nyebar utamina di daerah timbanganten (garut ayeuna) mantena jawara di tempat
pangaduan hayam Sancang Garut kidul. Hayam resep diadu, Jadi pangaduan hayam
hartina tempat ngadu jago/jawara kabiasaan neang jago keur tanggohna Pajajaran.
Kitu ge baheula ngadu jagona Sang Manarah di Galuh kanggo nyandak deui hakna lain mamawa/ngengelek hayam diadu adu bari nu mawana cingogo ngagulung
sarung, tapi nyekel sabuk milang tatu ngadukeun karongkahan –tingali elmu
kanuragan sumedang- kasumedangan no 8.
Kitu oge ngeunaan kaahlian katapis
dina nyakra buana nya luluhur sumedang ieu nu naratas ulikana dugikeun tiasa
ngabedah wilayah sumedang janten ngajanggelek Karajaan Sumedang Larang –tingali
kala cakra, ulikan kasumedangan no. 12, jeung ngeunaan palemahan (fengshui
sunda), kasumedangan no 26. Namung, nu
nganggona leres leres dina ngabedah nagri/wilayah anyar diluar sumedang larang mah
–misalna di Jati purwa jadi karajaan Cirebon - nya salah sawios murid
pinunjulna Wong Agung Cirebon Pr. Walangsungsang dugi ka sami kaleler Gelar Cakrabuana.
Kitu oge ngeunaan aji putih (putih
lain bodas, ki rambut putih (keur urang bandung mah mo bireuk ieu luluhur agung
teh sab jadi ngaran jalan di ciumbuleuit) lain jelema nu buukna huisan, tapi ‘herang’
caangna rambut nu hideung- hiji kaayaan lamun dinu poek (hideung) euweuh cahya
tapi bisa neuleu weruh awas tah nu keduleuna nu dikanyahoeunana disebut putih
teu warna teu rupa najan masih kanyahokeun arah jeung puguh enggonna) nu
masieup ulikan galunggung galuh nu agung (galuh= inten, galeuh rasa nu mahal
lir inten sab hese kapanggihna tapi agung mahal bobot/pangaruhna) nu jadi
cecekelan purba tisti purba jati galuh jeung sunda jati. Matak nu geus tapis dina kasumedangan tara hareseeun
manggihan kalbu mu’minin tukang tarekat nu lamun sacara ‘visual’ dina angenna ‘kacirina’
kawas cahaya hideung (ka’bah) nu dikurilingan ku cahaya bodas nu thawaf -
jarang nu ka haji nyaritakeun kumaha rasana aya dina jero ka’bah nu tiluar ti
jauhna ukur siga warna hideung jeung jarang ulama nu nyaritakeun ayat naon nu
bijil waktu Rasul Allah aya di lebet ka’bah da teu sambarangan jalma pilgrimage nu bisa
asup – tingali AJI PUTIH - Kasumedangan
ka 14. Jadi bijilna sumedang jadi insun anu madangan teh lain hartina sumedang
kitu tapi aya ulikan/kamampuh AJI PUTIH dina madangan nyaangan awak nuduhkeun lampah
ngahibarkeun buana tangtung.
Nu gaduh karir nyongcolang di luar
sumedang larang nyambuang sa pajajaran mulya di puseur pakuan teh putrana ku
anjeun Prabu Geusan Ulun nu manggung sateuacan pr Kean Santang Gagak lumayung kakoncara.
Namung teu lami ku salah sahiji margi mantena mutuskeun janten sunan (sunan
geusan ulun) mandita di padikan malih henteu neraskeun kaprabonan sumedang larang. Eta sababna salah sahiji alesan pangeran
angkawijaya dina janten nalendra sumedang larang nu kapeto neraskeun pajajaran
dipasihan gelar GEUSAN ULUN nganggo nami luluhurna nu sateuacana kantos
kawartikeun seungit wangi diugi ka luar sumedang larang gaduh tempat anu mulya/posisi/jabatan
di salah sawios kadaton Pakuan Sri Bima Punta Narajana Mathura Suradipati –ngeunaan
kawilayahan –kaasup ngeunaan loba loba ngaran
kuta di sunda kuta maneuh kuta tandingan kuta maya jrrd tingali
kasumedangan no 12.
Sanggeus Sumedang
Larang jadi nu nuluykeun Pajajaran, ulikan kasumedangan teh Salian ti eusina
ngeunaan kumaha kumaha wae jadi SASAKA SUMEDANG rintisan Sang Guru Aji Putih –
Prabu Tajimalela Resi Cakrabuana nu euyeub
sateuacan Pangeran Angkawijaya jeneng nalendra (Sumedang Larang memeh
masih mangrupa karajaaan daerah Pajajaran), Oge, jadi beunghar masagi ku ulikan ulikan lain/luar sumedang atawa
asalna jeung mekarna samemehna eta
ulikan di daerah luar sumedang larang, sebut wae diantarana dinu 7 ayana ulikan
ngeunaan kanyataan ratu galuh, sasaka sakawayana, sasaka kabantenan, kanyataan
ujung kulon, Ati/aji putih, siliwangi,
kawilayahan, sunda jati, kinangeran, kamandalaan/kabuyutan,
jrrd salian ti nu sipatna praktikal (dinu 33) kayaning ngeunaan kawedukan
karongkahan asihan tarikolot kahuripan kamokahaan panayogean uubar kanuragan kala
cakra werejit karatuan jrrd. Ieu teh can
kaasup dina widang widang turunanana, misalnawae dina hal kanuragan, aya nepikeun ka 68 widang
kamampuhan nu dina poponclotna aya 4 kamatihan. Matak enya kudu ditepikeun ka loba loba barudak ngora sabab
moal bisa/arang kabeh kaulik ku hiji jalma, jadi engkena kudu dikeureuyeuh ku
loba loba saresepna saresepna samampuhna samampuhna nu dipiharep ngajadi ‘teamwork’
ngahaleuangkeun deui pajajaran anyar. Kongas aya caritaan dilembur lembur cenah
engke mah jang luluhur pajajaran teh bakal lalungsur deui di jaman urang
sapertos nu diugakeun nyalametkeun nusantara. Tangtu lain luluhur nu tos teu
aya dialam dunya juljol harirup deui jeung jalma ayeuna make papakean baheula mungkul -
harianeun pisan aranjeuna euweuh kabosen jeung keresa kacape cape- tapi elmu panemuna
diparake deui dipimilik deui ku seuweu siwina pakeun nanjeurna uga. Ieu tulisan
nu ngauar uar ngaucah aceh sahayuna sakadaekna sakawayanana teh itung itung
caritaan murah urang lebur sugan sugan nu arek nyaraliksik teu kudu ngatog kahese hese muka medarna.
7 ulikan poko/cecekelan
jeung 33 disiplin elmu/ulikan/pakean – sok disebut oge ditempat lain 40 panta
sampurnaning tekad bari dina catetan coberna teu nyabit nyabit kecap kasumedangan.
Bisa jadi diistilahkeun deui kitu teh sabab sakabeh ulikan aya hubungana jeung
panta panta/martabat/tingkat/alam patekadan (tekad=itikad= ngaitkeun diri kana hiji
hal/tujuan/ajian/program) nu kudu sampurna nu dibareulina kudu wae ku cara
tirakat kuru cileuh kentel peujit meureut maneh ngasakeun awak kongas gulang
GULING euweuh lawan sab geus jadi pagulinganana sorangan. Matak osok cirina aya
di geger hanjuang - nu engke ngajawab naon sababna nyieun ciri sok make tangkal
hanjuang kaasup caritaan ngeunaan naha bet make tangkal hanjuang keur jadi
panayogean/ciri unggul/elehna Pamuk tanggoh Sumedang Larang Jaya Perkasa dina
Perang.
Oge sok aya nu
ngaistilahkeun kasumedangan sederhana pisan ukur jadi “ulikan ulikan panglesu
nafsu”. Ditanyakeun teh naha bet disebat kitu? Enya, saurna, sab sakabeh elmu
kamatihan kamampuhan hasil tina kamampuh ngalesu nafs-na sorangan supaya bisa
kaatur ‘kamanage’ ari nafsu ciri/parabot kajelemaan jelema tuluy we mere conto
cenah kongas sok kacaritakeun aya ratu agung raja wisesa nu nyakra (jadi cakra)
BUANA tangtung sab PUTIH AJI-na TAJI na ge tina MALELA TEMBONG ka(AGUNG)nana caang
madangan kajauhna hibar buana nu dina sirnana ge ajeg linggana.
Jadi loba nu
diajar kasumedangan dina manggihan/nepungan/ field- trip/jarah, kayaning salah
sahijina ngeunaan sakawayana teu kudu heula
ngaprak ngadeuheusan ka majalengka/kuningan/ garut atawa ka sukabumi kidul
cukup metakeun kasumedangan. Tuluy, misalna wae, dina inditna ka pulo sari wahanten
girang ujung kulon sanghyang sirah, memehna ka agrabinta ngadongkang ka
sindangbarang pakeun manggihan deui rintisan SUNDA JATI (Tarumanagara/Salakanagara/Sunda)
ge geus boga referensi nu lengkep tina kasumedangan memehna ameh teu salah
madep nu engke diadumaniskeun jeung purbatisti purbajatina Galuh nu jadi
tuturus ngajenglengna Pajajaran.
Bagian
saterasna urang kintunkeun upami pareng