IEDUL FITRI DI SUNDA JADI BOBORAN SHIAM JEUNG LEBARAN.... NAHA EUY? MANA NU ENYANA? (I)

PANGANTEUR


Baheula mah sab lebaran sok di lembur kecap Boboran shiam teh paling sering kadenge/kaucapkeun ku kolot kolot -jeung ti nu leuwih ngora ka nu leuwih kolot- lamun keur silaturahmi dina poean lebaran, sasalaman bari aris deudeuh nyarariosna raos lentong sareng anteb rengkuh dadasar tata titi jalmi berbudi:

"wilujeng boboran siam ….teh ceuceu/ akang /ayi /uwa/ mang/ mbi/ nden/ agan/ cep…. neda hapunten tina samudaya kalepatan…..-sok rajeun ditambahan kukecap arab saeutik- ‘minal aidin wal faidzin’.

Ari kecap lebaran, sering kadenge/kacaritakeun utamana jadi obralan barudak/babaturan/’satingkat’ nu nandaan poe anggeusan puasa ramadhan bari libur sakola/gawe, mudik, ngahiji jeung dulur dulur sanak kadang, kadaharan loba, ulin kaditu kadieu. Kecap Lebaran asa boga rasa kecap nu loma; ”Lebaran rek kamana wae euy? “; ”lebaran kamari mah teu seubeuh euy libur ukur 2 poe”; “lebaran ka 2 urang panggih di anu nya” jrrd jrrd...arang kadenge kaucapkeun dilembur mah make basa sunda nyebut ‘wilujeng lebaran’. Tuluyna lebaran teh jadi kecap nasional –lain disunda wae- ‘selamat berlebaran’, ‘selamat hari raya lebaran’ ‘selamat libur lebaran’ ‘hadiah lebaran’ ‘jalur lebaran’ jrrd.. bari tara kadenge/kaucapkeun ‘selamat hari raya boboran siam’.

Sedengkeun kecap Idul Fitri ukur kadenge/kabaca dina buku agama, dina kalender, da’wah ustad/kiai/ajengan, jeung obrolan urang masjid. Cenah poe anggeusan puasa ramadhan teh poe balik ka fitrah, poe balik ka kasucian/wiwitan, poe kamenangan/unggul juritan jrrd jrrd. Bari asa ‘tojaiyah’ jeung saru ongkoh rek/keur dahar loba, hajatan, kariaan jeung ulin, teu puasa deui, sahwat deui, ongkoh jadi poe wiwitan lubar dosa siga orok deui; poean geus meunang hasil puasa bari enggeus/eukeur/aya dina poe fitrah poe suci tapi keukeuh raresep keneh ngadoakeun “taqobalallahu…jst” naha lain samemehna puasa ameh dina idul fitri tinggal ngarasakeun hasilna teu kudu dido’akeun deui. Hayoh deuih, ngadongeng/nitah puasa syawal jrrd jrrd padahal keur ‘hari raya’. Ingetan teh harita mah ukur…..”ah da kitu meureun pagawean ‘guru/ustad/kiai/ajengan/urang masjid’ mah beukina ngingetan umat meh teu kamalinaan teuing sukan sukan di poe lebaran”.

Kadieunakeun, sanggeus ngasaan cicing di lembur batur terus rame dunya maya biasa urang irang nyebut/ ngucapkeun/ nuliskeun ‘happy / enjoy eid mubarak’ ka batur batur nu lain sunda/Indonesia.

Beda beda kitu teh teu ieuh riweuh, 'EGP weeh…...' Nu penting mah akur jeung batur. Hayangna lebaran ngilu; hoyongna boboran mangga; iedul fitri wae jadi; rek menta maaf ngeunah da beuki; rek nga/didoakeun nuhun da butuh; rek saukur mere ‘greeting’ baeu; munjungan kudu, jarah lebaran guna, dibere/disuguhan dahar loba nepi ka kamerkaan sering, kariaan ulin kaditu kadieu jeung make baju alus/ anyar resep; nganggap wae poe wiwitan keun, poe kasucian/kajayaan heug ari enya mah caritaan agama teh lain ngabibita nyingsieunan mungkul.

Ngan ayeuna loba alo jeung suan katut barudak liana nu teu apal sundana jadi natanyakeun kumaha beda saruana? naon maksudna? nanahaaon disunda mah bet jadi boboran jeung lebaran? – teu saeutik nu aaraban/babaratan teu beukieun kecap/cara sundana. Matakna urang tuliskeun meh sakali dodongengna –teu cape ngabudah, jeung di upload seja nurutan batur batur nu sok raresep ngabejaan bulu tuur pedah keur usumna bari untung sok loba/aya wae nu ngomean jeung nambahan.


BOBORAN SHIAM

Bobor hartina bocor mudal bijil tina wadahna, balong diboborkeun dibocorkeun supaya caina saat/ngurangan tina balong/kulahna; Bobor karahayuan maksudna paeh/cilaka/tiwas sabab karahayuana ninggalkeun/leungit ti/bjil ti/sirna/pegat ti dirina dina keur perang/jurit/bitotama; shiam=shaum=puasa, eureun tina kabiasaan kanafsuan salaku jalma ). Jadi, boboran shiam sarua jeung geus henteu puasa/euweuh puasana di manehna, kamanehan manehanana salaku jelema –kayaning dahar nginum sahwat gawe jrrd kajelemaan- geus bobor/geus bocor deui barijil dina dirina geus ngalakukeun/ngabijilkeun deui kabiasaan kajelemaan nu sok dipilaku dipilampah.

Matakna, disunda mah pas boboran Shiam eureun puasa turun deui aya di kajelemaan (teu aya di alam munggah/naek/undak/luhur) the diduakeun ku nu lain/silih du’aken sasama jelema ‘wilujeng wilujeng wilujeng…wilujeng boboran shiam’. Ari Wilujeng hartina waluya, rahayu, salamet. Wilujeng boboran shiam muga muga eureun puasa the bari tetep tuluy kalungsuran kaauban karahayuan kasalametan kahadean satutuluyna - memeh engke panggih jeung (alam/pangkat/maqam) puasa deui.

di Arab Saudi jeung tempat tempat nu basana ‘english’, keur babandinganana, Kecap Idul fitri boga harti hari raya anggeusan puasa, ngarayakeun anggeusan teu puasa deui/eureun teu puasa. Ngarayakeunana cenah ge –aya dongeng baheulana- nepikeun ka nyanyi nyanyi ge dikengingkeun ku Nabi da ngarana ge Eid/festivity/hari raya. Kaayeunakeuna geus jamak kapangih, utamana, dina ngarayakeunana eta poe mimiti/anggeusan teu puasa teh jalma jalma silaturahmi bari diantarana silih bere ‘greetings’ nu eusina ngadu’akeun supaya pada pada kalungsuran Mubārak dina ngarayakeunana (blessed berkah diridoan di rahmat meunang kaalusan karahayuan kasalametan kawilujengan-puncak puncakna berkah blessed teh pan salam rahayu wilujeng). Osok oge ku bule mah, ditambahan ku kecap ‘happy/enjoy’ ….‘ happy/enjoy Eid Mubārak’. Harti kecap jeung ‘greetings’na teh teu nyambung nyambung acan kana harti poe balik deui kana suci/fitri/asal, poe unggul juritan/jaya/meunang/hari kemenangan nu sok loba dicaritakeun ku ‘ustadz/kiai/ajengan/urang masjid’ di urang.

Jadi ana kitu,…. sarua sawarna wae kecap Mubarak dina ‘perayaan’ ied anggeusan puasa/fitri Jeung kecap wilujeng- kawaluyaan kawilujengan karahayuan- boboran shiam di sunda ku basa sunda. Singgetna, Wilujeng boboran shiam keur lebaran = (happy) eid Mubarak idul fitri. Kecap sunda nu dipake diurang ayeuna nu hasil kapercekaan luluhur (generasi saencan urang) teh lain kecap asal/ukur jijieunan beda tinu mainstream islam -matak kudu daek makena keur/di sunda mah da pantes jeung merenah.


Minal aidin wal faidzin

Sab karasaeun pangkat puasa aya di alam nu undak nu luhur nu leuwih alus – rek puasa ramadhan oge disebutna disunda mah munggah- naek ka pangkat/kaayaan nu leuwih luhur ti samemehna. alam/pangkat/maqam nu puasa mah nyatana nu geus nahan kanafsuan kajelemaan, euwuh/teu aya/teu bijil /teu bocor /teu mudal tina/dina dirina mah kaasup pangkat taqwa pakean dunya/aherat nu pangalus alusna mungguh Allah. Kabeh di dirina keur/nu aya ka Allahan Allah mungkul sab puasa the pagawean ibadah nu ngan keur Allah lain keur kajelemaan jelema.

Nya keur sasalamana the bari ditambahan ku do’a ‘minal aidin wal faidzin’ moga kaasup minal aidin - nu bisa balik deui/munggah deui kana (pangkat/ alam/ maqam) puasa najan ayeuna geus turun deui jadi kajelemaan jelema jeung wal faidizn - kaasup nu unggul na juritan dina ngatur nahan ngalawan meruhkeun hawa nafsu kajelemaanana najan dibocoran ge ameh sok disebut manusa sampurna –sampurnaning jelema.


Sabenerna kecap kecap do’a eta rentetan tinu kecap taqaballahu jst…tungtungna minal aidin wal faidzin tapi ku sabab panjang teuing mun keur ssalaman nya dicokot tungtungna nu jadi mamarasna – ari nu ayeuna mah sok dicokot awalna taqabalalohu tara anggeus do’ana da kaburu sasalamana beres (iwal ti dina status atawa surat/card tapi arang kapanggih nu nulis lengkep).


LEBARAN

Lebaran. lebar maksudna handeueul/manghandeueulkeun hal/barang nu teu kaarah guna/maksud nu sakuduna, hal nu nu alus/resep/kapake keneh tuluy dibikeun dipiceun diantep teu digunakeun teu dipake dimomorekeun digagabahkeun jrrd sok disebut dilelebar “jeung dilelebar kitu mah dahareun teh mening di bikeun….” Jadi lebaran = poean ngagagabahkeun (alam puasa), ngamomorekeun pangkat puasa, teu make/teu aya deui dina maqam puasa martabat shaum alam eureun tina kabiasaan kajelemaan nyatana ngajauhkeun kajelemaan tina dirina nu dipamrih mancur mubyar ka Allahanana (TAQWA) diganti ku hajatan dahar nginum ulin sahwat jrrd jrrd kabiasaan kajelemaan liana salaku jalma biasa deui -Hartos kecap taqwa Ngajauhkeun diri ti Allah tingali “eddy nugraha, taqwa ka allah: ngubeng jeung pamohalan!??... kumaha ari ku puasa ??” 

Nya dina poean lebaran eta teh kajadianana sanggeus eureun (shiyam) sabulan tina kajelemaan nu biasa. Seja pada ngamimitian da dititah anggeusan ku agama,.. ngalelebar maneh (lebaran) deui. Boboran, eleh, bobor, bocor, nafsuan deui. Nulisan deui ku kanafsuan da euweuh deui salian ti eta nu jadi ciri tiap nafs kajelemaan jelema. Turun ngencar deui ngadagangkeun nafsu kajelemaan. Bari seja ngaduhung-duhungkeunna. Meungpeung badan maranehna masih daek katempuhan narimakeun dikanafsuan nujadi ciri kajelemaan jelema. Najan kitu, Muga - muga –matakna silih du’akeun- ieu Nafs nu ngalelebar turun deui dikajalmaan eta teh digampangkeun/teu poho tapis dikafitrahana di kataqwaan (hasil puasa)na manjjing kaasup minal aidin wal faidzin.


Aya oge dina kamus -kamus sunda LBSS- nu nyebut lebaran tina lubar nu hartina bebas. Bebas tina naon? Eta kamus mah teu nyebutkeun ngan nyatana nu geus pasti harita mah mah bebas tina puasa/teu puasa deui. Sedeng bebas tina dosa kasalahan saencana? urusan nu can tangtu kumaha bener/enya henteuna puasana mungguhing Allahna.

Dina seuhseuhanan tangtu moal kabeh bener jeung tamat puasana (sabaraha persen muslimat di dunya islam sabaraha persen nu masih karuseban tangtu moal tamat puasana jadi can tangtu hasil henteuna da ngan pribadi nu puasa jeung Allahna nu nyahoeun ditarima puasa henteuna lain nu keur khutbah), malah sok kacaritakeun cenah nu puasa teh aya nu ukur meunang lapar hanaang mungkul. Jadi dina lebaran the can tangtu kabeh ninggang/manjing kana wiwitan/fitrahna deui. Pan loba kadenge malah mun teu salah mah aya laguna (lagu bimbo) jelema jelema hayang dibere kasempetan bisa ngalaman puasa ramadhan taun hareup. Bisa jadi sab karasaeun ngeunahna aya di alam pangkat maqam puasa (kaleler taqwa) atawa ngarasa teu bener puasana harita nepikeun ka hayang taun hareup mah bisa manjing puasa.



Tapi lamun enya bener puasana naha enya bisa dihampura dosa jeung aya dina fitrahna deui saperti nu sok didongengkeun ku ‘ ajar/Ajengan/ustad/kiai jeung urang masjid’ jeung enya kaasup jalma nu meunang juritan nepikeun ka disebut idul fitri the poe kemenangan jeung poean balik ka asal wiwitan??? Naon gunana lailatul qadar dicaritakeun dina agama? jeung naha jadi lumpatna dina poean lebaran the di sunda mah jadi neda hampura..tara aya nu keur sadar atawa teu keur heureuy mah…ribut ka batur yeh maneh dihampura ku dewek….tapi ngan tepi kana menta hampura jeung dijawab sami sami??


(Bagian salajengna urang kintunkeun upami pareng..)