PUASA II

Puasa Lain lapar hanaang mungkul...
Tapi... Nahan nafsu ameh pengkuh pancuh (takwa)…

Atuh teu kudu bari teu dahar teu nginum teu sahwat...
Asal pengkuh pancuh we?

...Enya ngan rek bisa kumaha nu bangga bangga..
ku roko kopi ku bujur ku eusi peujit geus teu kuat.

Na teu apal…euy?

Asalna nafsu teh tina eusi peujit…
bisa nahan eusi peujit moal kawisaya nafsu.....
Cobaan geura teu kaasupan tuluy….
Moal kudu cape cape pengkuh pancuh nahan nafsu…
sabab moal boga boga acan
Maneh sorangan ge moal aya.

Ngan dimana bisa ngatur ngamurba wisesa:
iraha asup iraha kaluar tina/kana peujit

Nyatana...
Iraha ngubur sagala bangke nu paeh
kayaning sato jeung tutuwuhan
jeung iraha jadi pamakaman
panta nu hirup usik malik
nurutkeun nu ngamurbana sorangan
meh manjing kanyataan ayat ku maneh

Nu hirup asal/bijil ti nu paeh nu paeh asal/bijil ti nu hirup

Meureun...
Deukeut kana taqwa pancuh
Nyaeta nu mampuh pengkuh
ngajauhkeun kajalmaan maneh ti maneh
ameh nu aya ngan Allah mungkul
nu teu tuang teu leueut teu sahwat
ngan edas langgeng angger ngamurba
nu hirup jeung nu paeh di kamanehan maneh.

Pan kongas euy....
Aya ayat puasa teh lain keur maneh tapi keur Allah.
Teu jauh jauh sabagian enyana teh
Ka Allahan Allah mancur di maneh
da kamanehan maneh ngaeuweuhan
dipahing bijil dijauhkeun tina diri
sab keur mampuh puasa .

BRAY