IQRA

Ngilo nengetan ku kamatihan kamampuhan 
asma nu nyipta nu ngamurba 
ngauban nu usik malik 
ti kawit sakeclak getih; 

Tenget yen sadaya kanyataan 
purbawisesana nu maha mulya, 
nyaah asih na nu maha agung. 

Nu masihan terang 
ngalangkungan clik putih clak herang 
kasucian rasa nu medal na kereteg,
...emh Paingan.
Pamugi wae 
sadaya nu atos tiasa mancur na tangtung 
dina paneda nu usik malik 
kanyataan nugrahana nu ngauban 
murti embun embunan nu teras natrat leleran Hyang.
Rebu rebu nuhun, nun.