IBADAH JEUNG PAMUSRIKAN, DIMANA LEBAH LEBAHNA ? (2)

Kalam Kasundaan No 43: 
II. PAMUSRIKAN

Kaayeunakeun kusabab ‘misah’na cara nganepikeun ngeunaan hal ”sagala ge ulah iwalti nu aya titahanana/tuduhna; Sagala ge meunang iwalti nu diulahkeun/dicaram” (tingali: eddy nugraha, Ibadah jeung pamusrikan patohidan, dimana lebah lebahna bag I), loba kapanggih dina kahirupan sapopoe utamana lamun urang keur susundaan kayaning: manggihan neangan ngulik ngaekspresikeun nganepikeun ngaapresiasi numuwuhkeun nyeungitan milampah nu aya hubungana jeun kasundaan boh budaya boh, utamana, kapribadian ulikan elmu sunda (kitu oge kana ‘modernitas’ nu dibawa ku ‘munding bule’) sok dinafikeun ku disingsieunan jeung di/kabebegigan ku caritaan nu dipahingkeun tina pamahaman ibadah ritual formal/’sareat’ nyaeta utamana pamusrikan/ ibadah Lain ka maha suci Allah swt atawa bid’ah migawe nu euweuh tuduhna/titahanana (kaidah ka hiji) nu ngajadikeun aya, lamun teu kasebut loba, urang sunda nukeur susundaan jadi:

· Ngajauhan ‘masjid/sareat’, ngewa/anti/teu paduli kana islam atawa misahkeun maneh tina kaislaman mopohokeun yen sababna islam ditarima/dipake baheula ku luluhur teh sab sareatna pangparatan hakekat bari teu kudu jadi arab/tetep nyunda/teu kudu anti ‘modernitas’, matak tara/tong daek nurut kana fiqih-fiqih (pamahaman jalma dina ngahartikeun agama) nu lain pangparatan hakekat, kudu wae ninggang hakekat/kanyataanana tara ngandelkeun cenah (tingali eddy nugraha: Naon sabab islam dipake di sunda, na teu boga cecekelan sorangan?). Sabalikna, aya nu

· Embung, sieun atawa susulumputan milampah kasundaan da nyaeta sok/bisi/ngajaga tina dicap/dianggap musrik jeung milampah bid’ah poyokaneun/kamarginalkeun ku ‘urang masjid/sareat’ jadi we jati diri nu enya ngeunaan ulikan kasundaan teh hese neanganana da nyumput tara nembrak atawa kasundaan jadi barang aneh sab geus lila tara dipake sab sieun jeung embung tea mimitina nepikeun ka hese nyusudna salaku ulikan. Ari pareng aya/bijil nembrak, remen pasariwut jeung nu sada sunda tapi sundel da poekeun rumpu rampa keneh pikir jeung atina jajauheun kana moncorong gumiwang caang sampurna piker ucap jeung lampahna salaku nu tug tutuhu tumut turut ka maha suci, kawas nu sada islam padahal eusleum jajauheun tina aslamtu numawa kasalametan karahayuan kaharmonisan kasampurnaan najan ngakuna mah (ukur tepi ka ngaku) abdi/tukang ibadah ka Allah-Kawas nu siga ‘educated’ luhung elmu padahal setan logika mungkul.

Sabenerna mah teu kudu aya dua kajadian diluhur, tapi memang kudu enya enya jeung ati ati pisan ulah nepikeun ka tigebrus kana pamusrikan jeung bid’ah.

Matak ayeuna urang semplakeun deui waja tina ageman teh boh dina ngalakukeun ibada ‘formal’, dina susundaan, dina naon wae lampah dunya nepikeun ka paehna kudu jadi ibadah bakti diri tutuhu ka maha suci lain ka salian ti eta ulah milampah nu dicegahna. Nepikeun ka lembut lembutna oge, dina ngerejet mireungeuh miharsa ulah asup kana pamusrikan sabab eta teh dosa nu pangede gedena jeung euweuh ampuna saencan ditinggalkeun/teu dilakonan deui/taubat (balik deui) ka ngan ibadah ngabdi bakti diri tug tutuhu ka nu maha suci (tauhid). Jeung lamun geus musrik teh kacida pisan sasar sasabna (Awewe, 4:116).



NA KUMAHA NU DIMAKSUD SYIRIK/MUSYRIK TEH ENYANA?

SYIRIK umumna nyaeta ngaduakeun (leuwih ti hiji) Pangeran. Nganggap pangeran boga /ngabogaan atawa butuh/mikabutuh batur (syarik), jeung nganggap pangeran boga/ngabogaan ‘saingan’ nu satara/nu ngaleuwihan (andad).

Saliwat mah keur urang urang lamun ngadenge kekecapan syirik atawa musrik teh sok langsung kainget kana caritaan ka budak yen nu musrik (nu ngalakukeun syirik) teh

· Nu ibadah bakti ka berhala kawas patung arca jeung sarupa ti eta (Para Nabi (21):52-65).

· Sujud ka sarangenge ka bulan (diwincik, 41:37) sawarna jeung eta tangtu kaasup sujud bakti nyembah –migusti- kana barang barang nu dianggap ‘aheng’.

· Ngajadikeun jin-nu gaib gaib- jadi sarekat Allah (ingon-ingon, 6:100).

· Mangerankeun ka jelema2 nu dianggap aheng jeung luhung (Awewe, 4:171) kaasup - boh nu hirup keneh atawa geus maot.

Tapi tangtu ngeunaan pamusrikan nu disebut diluhur mah gampang ngabedakeunana dina lampah bakti tutuhu sapopoe. Kitu deui anggapan yen Allah/pangeran boga anak boga pamajikan terus konsekuensi logisna pangeran jadi tilu jrrd jrrd (5:116; 6:102; 16:57; 19:82-92) oge geus jelas beda/ulahna-malah diurang mah teu kagok, teu riweuh nyebut aya batur nu jadi Anak Allah, sorangana we ngaraku jadi Allah -kawas fir’aun baheula- meureun leuwih ngeunah lieurna, teu bakti/ibadah/migusti deui ka batur saluaraeun manehna.

Najan tiap jalma ayeuna nu masih keneh siga nu dicaritakeun diluhur mun ditanya naha laku kitu pasti ngajawabna eta mah saukur simbolis, pengarah, ngagampangkeun hiji abstraksi, perantara, ’sareat’mungkul, ’membumikan tuhan nu abstrak’, manifestasi/perwujudan (jrrd) tina bakti ka nu murbeng alam. Embung disebut bodo bodo teuing ngaduakeun pangeran jeung patung, panonpoe, bulan atawa jin, nu gaib gaib, nu boga sifat basariyah jrrd. Jadi, teu pati guna teuing dibejer beaskeun kitu kieuna kacape cape.

Ayeuna urang ome pamusrikan nu rada leuwih hese –mun teu kasebut hese pisan- nyingkahanana ku sorangan tapi bari rada gampang nangenanana/gampang mere labelna mun kalampahkeun ku batur nyaeta:

· Jalma musrik teh nu ngajadikeun ulamana/guruna jadi Pangerana/gustina (9:31). Nu karieu barakti turut tumut tutuhu ka ulamana/guruna jeung kana naon wae ti ulamana/guruna ngaenyakeun nurut teu minge. Tuluy,

· Jalma musrik teh nyatana jalma jalma nu ngabengkahkeun agemanna nepikeun ka jadi golongan2/aliran2/isme2/brotehrhood2 masing masing reueus agul ku nu aya di paguron/ aliran/komunitas maranehna (30:31-32; 23:52-53) tah pan di urang ge boh nu iislaman boh nu susundaan pasariwut loba loba golongan/aliran bari misah misahkeun maneh aragul rareueus ku ageman nu aya di manehna nu beda/asa leuwih alus leuwih enya ti nu aya di batur. Malah-malah, sok kasebut loba loba

· Jalma nu tigebrus dina syirik teh nyaeta nu leuwih mikacinta harta, pagawean, dulur, pamajikan, anak, kolot, oge naon naon nu dipikameumeut ku maranehna, sasat leuwih mikacinta nu lain (andad) ti batan mikacinta pangeran (9:24).

Ngan lamun ka batur ku urang disebut laku kitu teh pamusrikan, najan aya caritana dina qur’an numutkeun Allah, meureun wera malah boa moal tuluy hahadean, papaseaan, musuh saumur umur. Tapi hal hal saperti nu disebut diluhur mun keur kaalaman ku sorangan hese sadarna beurat leupasna najan nyaho yen musrik teh moal dihampura ku Pangeran jeung siksana teh perih pisan nyelekit enya.

Nu panuntungna mah,…Pamusrikan nu samar ipis bedana hese pisan ditinggalkeuna nu tuluy wae ngilu kababawa ngukuntit salila usik malik jadi jelema najan susundaan, iislaman, shalat rajin, puasa leket ceuk rarasaanana atawa nu ceuk batur geus di pangkat ulama luhung Satmata oge komo keur urang jalma biasa. Nyaeta:

· Nu ngajadikeun hawa nafsu kajelemaanana jadi pangeranana/gustina/ALlahna. ‘ara’aita manittakhada ilaahahuu hawaahuu’ (Pamisah (25):43).

Hartina nu bakti tumut turut tug tuhu kana hawa nafsuna sorangan, ngajadikeun hawa nafsuna jadi gustina(andad). catetan: Pangeran/Gusti teh nu kudu diturut piwaranganana/cegahanana jadi mangeran/migusti bisa ngandung harti nurut tumut bakti tuhu kana piwarangan/cegahanana.

Naha?

Nyatana apan kajelemaan teh nafsu, pikir akal teh bijil ti nafsu, Qalbu teh pan owah owah dina sir kanafsuan. Moal lampah moal usik malik mun teu nafsuan, dahar nginum sahwat kiih ngising nafsu, moal mikir moal ngakal moal boga angen angen mun lain di kanafsuan, moal jadi jelema mun teu boga nafsu kajelemaan. Jadi pagiling gisik terus jeung nafsu moal pisah pisah satungtung aya dikajelemaan jadi jelema.

Cobaan shalat teu nafsuan moal meta moal usik usik acan, jadi shalat teh hasil/pagawean nafs kajelmaan ku jelema mah - beda lamun nu shalatna Allah atawa malaikat. kusabab eta coba saliksik sing telik ka sorangan di sorangan, Naha migawe shalat harita sabab nurut nafsuna nu hayang shalat? atawa nafsuna nurut kana titahan pangeran supaya shalat/puasa. Nu kahiji nurut-sasat mangeran/migusti-kana nafsu sorangan. Nu kadua nafsuna nurut kana titahan pangeran. Ngan didieu beuratna/samarna, Kumaha ngabedakeunana nganyahokeunana dina waktu ngan sababaraha ‘detik’ owah owahna sir dina ati, lamun can meunang perbuka ebreh wajahNa (wajhilah)?

- Matak bisa kaharti dina shalat fardhu ge kudu wae aya niatna/itikad heula, kudu wae khusu ngado’ana, make formulasi basa/kecap kecap nu geus proven tibaheula dipake ku Rasul Allahna - ulah nyieun sorangan, kudu bener peta petana ulah meta sakahayang sorangan, ibadah nu pantang migawe lamun euweuh tuduhna. Ameh bener ngalelempeng kanafsuan ulah mangerankeun/nurut kana nafsu sorangan (di lembur mah kabedakeun ku isitlah antara make/numpakan nafsu jeung kagugusur nurut mangeran kana nafsu, tingali eddy nugraha: ibadah patohidan).

Biasna pamusrikan henteuna teh leuheung ngeunaan hayang shalat fardhu-pagawean alus, kumaha lamun dina angen angen? dina sahwat? dina dahar? Ngaroko - ‘Addicted Narkoba mah meureun leuwih jelas’-? Gawe? neang elmu? Keur parebut pagetreng jeung batur dina dudunya? Ngabaktikeun kasusah kasenang Jrrd jrrd Kumaha lamun kawas Sang Khidir as dina maehan & ngarusak keur urang ayeuna, jaba urang mah jalma biasa? Mana nu nurut make nafsu mana nu kagugusur bakti kana nafsuna? Mana nu mangeran kana/ngajadikeun nafsuna jadi pangerana dina usik malik, mana nu usik malikna dumasar kana titahan/tuduh Pangerana? Lain jawabeun/sangkaan/penilaian nu harung gampung sungut mungkul lain hasil tilikan nu deet deet sab ieu mah pamusrikan patohidan nu pagiling gisik dina jajaten jajatian sorangan.

Kitu oge ngeunaan pangeran nu jadi kakait ati/pikir, tujuan shalat/do’a bakti sumembah dina usik malik salila hirup jeung/ tug nepika paehna. Pangeran nu kasebat nganggo basa arab Allah-nu cenah jadi pamsurikan urang Arab jahilliyah. Allah teh dzat nu euweuh upamana Suci sareng Agungna teh maha pisan bari gaduh asma alhusna ngaratus katut af’alna nu tanpa wilangan. Eta hasil nu kabaca/kadenge tina kitab mushaff utsmani/ti guru/ti ulama- ku nu parinter dina agama Allah teh dipasihan ‘gelar’ SWT ameh ngingetan/puguh bedana nu kumaha Allah teh. Nya ku katerangan eta dilakukeun ‘conseptualised’ pemodelan anggapan pemahaman nu jadi kayakinan disorangan ngeunaan eta katerangan. Bisa bener bisa salah ngahartikeuna - komo nu ukur aya dina nyangka ngaduga ngira ngira/meureun ngeunaan Allah dumasar kana katerangan tina ayat (nu ngaduga ngira ngira Allah baladna setan). Najan kitu, ari ngahartikeun, pamahaman, kayakinan, konseptualiasasi, nyangka ngaduga ngira ngira bijil ti nafsu kajelemaan. Dina salahna jadi mangerankeun kanu lain pangeran, mi Allah lain ka Allah najan asa enya.

Tapi, leupas tina bener salahna mi Allahna ka ‘Allahna’ teh sabenerna nurutkeun kajelemaanana da jelema sasat bakti tug tutuhu nurut tumut mangeran kana nafsu kajelemaanana pangrasana sorangan ngeunaan Allah, lamun can meunang perbuka ebreh wajahNa (wajhillah) (tingali eddy nugraha:ibadah patohidan).

Jadi Mana nu mangerankeun nafsuna ngeunaan Pangeran (syirik)? mana nu ku nafsuna mangeran ka Pangeran? Lain jawabeun/sangkaan/penilaian nu harung gampung sungut mungkul lain hasil tilikan nu deet deet sab ieu mah pamusrikan patohidan nu pagiling gisik dina jajaten jajatian sorangan.

Kusabab katerangan diluhur, teu salah lamun nu mangerankeun nurut tuhu migusti kana nafsuna sorangan ieu nu ngajadikeun ayana syirik syirik nu laina. Jadi nyembah berhala teh nyatana berhala dina nafsu sorangan, leuwih micinta dunya tibatan ka pangeran sab mangerankeun hawa nafsu sorangan, nurut mangeran ka guru/ulamana sab nafsu sorangan, ngabengkahkeun ageman agul ku ageman sorangan sab mangeran kana kaagul nafsu sorangan, nyieun pangeran keur manehna sakahartina sab jijieunan pamahaman hawa nafsu sorangan, lain saukur dina nangenan aya nu susundaan atawa nu iislaman mungkul, nu kitu moal leupas salila di kanafsuan hawa kajelemaan lamun lain ku perbuka.

Ieu ge nuliskeun papanggihan nga upload ngauar uar naha sabab: make nafsu numpakan nafsu da kudu ku nafsu ameh jadi tapak salaku nu katitipan ngagolangkeun nafsu kajelemaan titipan ti maha suci, atawa ukur nurut mangeran kana nafsu sorangan pedah hayang/kudu nuliskeun ngauar uar sab perlu atawa gandel kana nafsu jamak bisi ‘perish’ lamun teu ‘publish’? Ana kajawab kaburu lain da lain dina alam susundaan iislamanana mungkul tapi pagiling gisik dina jajaten jajatian sorangan unggal usik unggal ngetug unggal ngarenghap. Jadi mending dianggeusan bisi keuna ku poho ireug katalingeuhan.

CAG.

=========

Kalam Kasundaan no 44

IBADAH PATOHIDAN

Eddy Nugraha