KABUYUTAN RENGGANIS: Kapercekaan Anu Samar Ku Kabodoan Ayeuna & Pangaweruh Meruhkeun Gunung ‘berapi’ Nu Diluliluli (Bag I)

I. PANGANTEUR

Kabeneran libur muludan kamari, malem 24 januari 2013, pareng bisa muludan di kabuyutan Gunung Rengganis. Malah umur umuran, ngabungbang teh nepikeun ka ngalaman meuting didinya. Kabuyutan Rengganis baheula mah loba kasebutkeun ku balarea kabuyutan batu ngangkang pedah aya batu satangtung (lingga) ukuran kira 1,8-2 meteran nu ajeg nangtung teu napak ngangkang kurang leuwih 10 cm luhureun taneuh-aya oge nu nyarita cenah 20 sentian.

---
Dicatet kurang leuwih 10 cm the sab tahun 2000an pernah nyaksian langsung aya jelema datang peuting2 mawa barudak ngora kurang leuwih 7an daratang ngabuktikeun ngangkangna eta lingga. Eta jelema ukur nangtung bari mapatkeun rajah nu laina caringogo nyingraykeun batu2 nu ngahalangana -nu teu tapis dina rajahna mah cenah tara wani ngoreh ngorehkeun acan. Sanggeus enya kabukti mah dibalikeun deui kana tempatna bari metakeun deui rajah panutup. Hanjakal teu nyaho urang urang manana ngan ngakuna sok raresep datangna the malem saptu pahing.
---

Ari gunungna salian ti disebut Gunung Rengganis (aya tapak luhung Dewi Rengganis didinya) aya oge nu nyebut gunung satria (sab aya kajadian sikep satriana luluhur Pajajaran dina nganggeuskeun masalah pacogregagan diantara dulur dulur bangsana katut sifat berkorbana hiji satria nu heman nyaah ka pijagaaeun nu kajadiana di eta gunung), aya oge kasebut gunung cakrabuana (sab aya kakantun Sang Tajimalela Resi Cakrabuana tuturus agung Sumedang larang).

Kabuyutan Rengganis ayana di daerah Sumedang Kidul kurang leuwih 7 km ti Desa Ganeas/Cikoneng. Ngaran kampungna kasebut Dayeuh Luhur pedah pernah jadi tempat ngungsi pamarentahan nalendra Sumedang larang panungtung Pangeran geusan ulun. Ieu kabuyutan geus aya ti zaman Medang Kahyangan jauh saencan jaman Sang Siliwangi Jaya Dewata najan ayana lingga ngangkang mah didamel ku salah sawios luluhur Pajajaran kadieunakeun dijaman Sumedang larang sanggeus Pajajaran burak.

Pernah baheulana Waktu Sumedang larang kaereh dengeun (mataram jeung walanda) ieu kabuyutan teh samar euweuh nu nganyahokeun tur ka kaluli luli. Atuh kapaksa salah sawios luluhur Sumedang mati geni 7 dinten 7 wengi dina luhur tangkal pakeun mendakana deuina--Kawas sumur zam zam di Mekah nu kapendak di jaman Siti Hajar-Ibrahim as, cenah, pernah katutupan/teu bijil dina waktu nu lila, kapanggih kapanggih deui sab ditarekahan ku Sayidina Abdul Muthalib eyangna sang Rahmatan lil alamin.

Nya pareng dina wengi ka 7na, ieu luluhur Sumedang teh ningal aya cahaya-cahaya gilang gumilang mancur ti luhur gunung Rengganis. Pang mancur mancurna nya tina batu lingga nu ngangkang eta. Teras we dibaladah deui bari kana sababaraha tapak luluhur dipasihan deui tawis ku batu batu sab batu teh pohacina ratuning taneuh. Misalna wae, dilawangna disimpen batu ngajegir saopat opat. Oge, dipetakeun deui rajah rajah nyieun wangunan kabuyutana kaasup jalan jalana.

Tuluy, utamina ku kawijaksanaan Pangeran Mekah, eta lingga ajeg nu Nantung teu nempel kana taneuh teh dipiwarang ditutupan ku injuk, jeung dibalai handapna ku batu batu sakeupeul nu ngentepna di trigger ku pamasieup rajah turun manurun, sanggemna: ‘supaya teu kaciri teuing ahengna ku jalma saliwat’.

Ayeuna mah ku kabodoan, dirarobah kawas kuburan gaya arab nu keur ngetrend, make keramik, teneuhna ditembokan/dipaving blockan, dikurungan, batu batuna ditalian/dikawatan, pangalaan taneuhna disaeuran, dijieunkeun tempat modol jeung kiih ukur memeteran tina ayana batu ngangkang-ari keur wudu euweuh padahal dijieunan mushola. Malah aya batu garis siga nu kapanggih di si jalatunda situs kawali nu dipindahkeun ka darat – ieu mah dipekprek kapanggih tinggal dua bagian disimpen jadi batu balai jajalaneun, kitu oge batu gede nu aya dilawang dibeulahan dijadikeun bahan jalan. Bari jelas, ditempel didinya aya tulisan ngajeblag nu ukur ngabebegigan tina seng gede yen ulah ngarobah mindahkeun sabagian/sakebehna naon wae nu aya di hiji situs purbakala.

Kumaha sabenerna kajadian ieu kabuyutan Rengganis katut hubungana jeung ayana batu ngangkang oge tilemna Sang Hyang Sayang Hawu pamuk Sumedang larang manten nu kongas Jaya Perkasa nu kapanggih tina kaSumedangan?? kieu geura waja nu semplakna:



II. KAPERCEKAAN DI KABUYUTAN RENGGANIS DINA MERUHKEUN GUNUNG ‘‘BERAPI’’

Memeh saperti nu katingali ayeuna, Gunung Rengganis di jaman Sumedang larang kaahirnakeun mangrupa gunung ‘berapi’ nu beuki aktif sanggeus kajadian teu jadi bituna Gunung Tompo omas ratus ratus taun saencana.


Samemeh kacatetkeun ku Bujangga Manik (abad 15an) ngarana Gunung Tompo Omas -ayeuna mah jadi Gunung Tampomas- ieu gunung kasebutna ukur Gunung Gede. Hiji ngaran nu payus sab diwilayah medang kahyangan (Sumedang ayeuna) ieu hiji hijina gunung nu ngajegir panggedena.

Ngarana jadi gunung Tompo Omas sab baheulana mangrupa gunung ‘berapi’ nu pareng arek bitu. Tapi, ku kaluhungan salah saurang luluhur agung ti Medang Kahyangan (nu diajar kaSumedangan-kaPajajaranan pasti arapaleun saha jenganana) ditarekahan supaya teu jadi bitu ku cara ngalungkeun emas kana liang kawahna, sanggemna teh ‘pisakumahaeun teuing rusak balangsakna urang dieu lamun eta gunung nepika bituna’.

J. Noorduyn (1982) nyebutkeun- Bujangga Manik's Journeys Through Java: Topographical Data From An Old Sundanese Source- tompo asal tina kecap jawa nu hartina tolombong, tompo omas jadina dihartikeun ‘(small) golden basket’. Ari ceuk sunda mah, tampomas teh tina tampa emas, jadi tampomas maksudna (geus) narima emas. Najan kitu, eta dua harti teh teu pati jauh sarua nyaritakeun yen gunung tampomas teh hartina gunung nu kungsi narima emas atawa jadi tolombong (nu ngawadahan) emas. Sab harita saperti dicaritakeun diluhur cara supaya teu bituna teh ku ngalungkeun barang mangrupa/tina emas kana liang kawah. Jadi sanggeus tampa/nampa emas atawa jadi ‘tolombong-small basket-‘nu ngawadahan eta emas gunung gede di medang kahyangan (Sumedang) teu jadi bitu.


NGAN hasilna, Ratus ratus taun saeunggeus Tampomas teu jadi bitu teh, kawasan Rengganis jadi leuwih aktif-didinya aya kawah nu diluhurna mangrupa kulah. Gunung Rengganis pahareup hareup/teu jauh jarakna jeung gunung tampomas - ayeuna ge didaerah sabudeureun tampomas aya daerah daerah nu jadi pamandian cipanas kawas di ciater-subang/cipanas -garut. Ku panorah luluhur nu barijaksana kabuyutan Rengganis nu nyimpen pustaka luluhur nu mangrupa SUNDA ti buhun keneh teh bisa rusak/robah lamun kawahna beuki aktif/ lingkungana robah sacara ekstrim sab ayana kawah atawa komo engke kajadian nepikeun ka bituna; ‘access’ kana kitab kitab SUNDAna ge bakal ‘corrupted’ atawa ‘deleted’ tina ‘qur’anul madjid’ (ayat ayat nu disimpen/dipetakeun di alam) nu aya didinya nu disimpen dipasieup turun manurun. Jeung deui lamun kajadian bitu didinya, akibatna moal pihadeun keur urang Sumedang jeung sabudeureunana kawas kajadian rek bituna gunung gede Sumedang (tampomas) samemehna. Malah dina panulupna lamun kahareupna kajadian bitu “bisa jadi leuwih gede”, sab ‘nyambung’ jeung gunung gunung ‘‘berapi’’ laina kayaning Galunggung Guntur Papandayan Malabar Wayang jeung saterusna di bagian kidul sunda.

Kusabab eta, supaya teu bijil ngagedean jeung teu bitu didinya ku kaheman sareng kanyaah Sang Hyang Sayang Hawu ka pijagaeun bari mulasara kaluhungan kaluhungan bihari -nu sok disebut dina ulikan kala cakra kaPajajaranan mah ‘asih ka wiwitan nyaah ka wekasan’- mantena narekahan supados teu terus motah tangeh keneh memeh kajadian arek bitu pisan kawas tampomas ku cara neraskeun sareng nyaean cara cara meruhkeun gunung ‘berapi’ warisan ti luluhur sateuacana.

Narekahan meruhkeunana, Lamun gunung tampomas mah di alungan emas dina liang kawahna, Rengganis mah nahan jeung neken magma tina kawahna nepikeun ka kajero pisan teh ku cara ‘ditahan/diteken’ ku batu satangtung (lingga 1,8-2 meteran). Kusabab daya dorong ti handap jeung beurat lingga nu neken, Kaayaan aya dina kasaimbangan the kajadian sanggeus lingga ngangkang kurang leuwih 10 cm. Kajadiana bareng jeung tilemna ieu luluhur ti pajajaran didinya.

Jadi ukur caritaan wadul, asal dededenge ti beja wadul nu padu dibejakeun deui, nu nyebutkeun pamuk Sumedang larang luluhur ti Pajajaran Jaya Perkasa -JAYA hartina tara keuna ku eleh/naas, PERKASA sagala bisa kuat matih jeung mampuh - bendu ka raja & ngahukuman 3 kandaga lante nu laina, teras pundung tilem saharita di Rengganis. Piraku aya jalma nu sampurna paeh gancang gancang alatan pundung. Nu pundungan mawa kanyeri kakeuheul ati mah tong boro bisa tilem paeh ge moal ngeunah, hese, jauh tina sampurna ning sampurna.

Apan kongas kacaritakeun turun manurun di jalma rea yen saatos kawartikeun ayana pamuk Sumedang larang nu kasebut jaya perkasa. Liren tina ngawula ka menak sab harita menakna ‘teu bisa dipercaya’, mantena masih keneh ngalalakon kasebat Ki Sayang Hawu (Sanghyang Sayang Hawu) SAYANG tempat gedena ‘orok’ nepikeun ka bisa leupas hiber menceger sorangan, HAWU tempat masak/popolah tempat ngariung/ngumpulna sanak kadang pangeusi imah. Jadi ngagambarkeun tokoh nu ngatik ngauban seuweu siwi tempat kumereb pananggeuhan balarea-nya kabuyutan Rengganis ieu salah sahiji tapakna. Matak ku urang lembur mah sok disebutna dihijikeun: mbah/uyut/eyang Jaya Perkasa Sayang hawu. Nu dina ahir waktos lalakon mantena-taunan sanggeus kajadian ‘hanjuang di kutamaya’, mantena tilem didinya alatan peryogi masieup nyeungitan kabuyutan rengganis nu salah sahijina nyegah rengganis ulah bitu kahareupna.

Eta batu lingga 2 meteran disebut iteuk (teteken) ku nu nga-engineerna. Dingaranan iteuk teh lain maksudna mangrupa iteuk keur nahan/mantuan ngajadikeun bisa nangtung jelemana kawas kabeuki caritaan tukang kabatinan -rek kumaha jangkung rubak leungeuna mun iteukna sagede sabeurat lingga. Tapi, sabab nya ieu batu nu dijadikeun paseuk teteken ‘penyangga’ kasaimbangan tanaga magma/kawah nu bijil didinya. Nu ahirna dibagian luhur jadi tiis, magmana jauh jauh pisan kadorong ka/di jero taneuh. Nya kulah nu asalna aya didinya jadi garing kaganti ku cai cur cor sabudeureuna.

Proses bijilna sirah cai oge direkayasa ku cara dicolokan dina tempat tempat nu husus kunu kawas ‘CURUK’ nu mangrupa ‘AUL’- lain keris curuk aul nu di museum keun. Bari diprograman ku rajah rajah nepikeun ka boga warna/rupa/program pakeun kahuripan kawedukan, mangrupa darma asihan kajayaan nu menceger bari nyimpen nuluykeun tarikolot keur bekel dina kahirupan pakeun saha saha nu cocok/daek nga-update operating systemna. Sirah cai eta 2 di kulona 7 di wetana. Sanggemna “sab geus lain jamana, aing nyieun ieu cai jeung iteuk diluhur bisi wae engke barutuheun ku tulungna”.

Ayana Lingga ngangkang nu meruhkeun gunung ‘‘berapi’’ di kabuyutan Rengganis nu teu robah nepikeun ka ayeuna ieu sok dipake jadi caritaan –ngailhaman- bujangga bujangga katut para ajar para satmata pakeun ngasuh barudak nu diajar kapribadian ngaliwatan kecap kecap, najan teu nyambung langsung ‘jaka sembung mawa golok’ jeung kumaha sabenerna eta teknologi meruhkeun gunung ‘berapi’, diantarana:

Gumantung Tanpa Cantelan: tangtungan nu ajeg qiyam nangtung sorangan menceger (najan) euweuh (batur) nu mantuan mantuan acan dina nangtungna (bisa) mampuh ukur ku kersa qudrat iradat nu ngajadikeunana - kawas eta lingga (tingal eddy nugraha: qun dat qun mutlak qun fa ya qun: asa ngeunah ngeunah teuing eta qun na kumaha qun-na?).
Ulah/Taya Gantar Kakaitan keur nyindiran hate/piker sabab eta lingga bisa ngangkang nangtungna sorangan teh teu ngait ka itu ka ieu teu kasisi teu kagigir teu nali/gumantung kaditu kadieu.
Teu Luntur Ku Usum Teu Laas Ku Jaman, Teu Unggut Kalinduan (lindu=lini/gempa) Teu Gedag Kaanginan, Teu Luntur Kaibunan Teu Laas Kahujanan jaman sab (eta lingga mah) angger nepikeun ka ayeuna kawas kituna najan gunta ganti usum kahujanan kanginan kapanasan katiisan bari robah robah jaman jeung nu ngajamanana.
Tara/Teu Cueut Ka Nu Hideung Tara Ponteng Ka Nu Koneng Najan nu ngadeugdeugna rupa rupa awewe lalaki kolot budak jin & jelema bari rupa rupa warna warna pamaksudan pamuhitanana angger urang urang teh (kawas eta lingga ) kudu ajeg jadi teteken dina tetekon sarua ka sakabehna walatra sakumaha nu datang nu inditna;

Tuluy ditambahan ku caritaan urang tarekat tukang kabatinan cenah eta kawas hakekat huruf alif –pedah ajeg jeung hiji hijina. ‘Pilarian, cenah, dimana iteukna nyata ayana dina diri’. Matak Madep/mencrongna kudu kawas Sayidina Ali dina ngangkat iteuk –ulah ku cara Pr. Keansantang ngawitan nuju teu acan kenging pebuka; oge maju kana nyambung nyambungkeun hartina kana diri, cenah, supaya apal wanoh kana kaayaan lingga ngangkang ieu kudu muasaan pangdenge pangangseu pangdeuleu pangucap heula sabab nu gaduhna the Jaya Perkasa sayang Hawu nu mana jaya sok aya diceuli, perkasa dina irung /ambekan, sayang di mata sab sagala nyayang kadinya, hawu betus na sungut. jrrd jrrd jrrd

Kumaha Pangaweruh Meruhkeun Gunung ‘berapi’ Di Sunda Nurutkeun Nu Kapanggih Dina Kasumedangan/Kapajajaranan the enyana ?? naha enya bisa kapanggih deui cara carana nu empiric bari bisa kahontal ku urang ayeuna??

III. PANGAWERUH MERUHKEUN GUNUNG ‘BERAPI’ DI SUNDA


(bagian saterasna urang kintunkeun upami pareng)