ABU LAHAB ‘SEUNEU/BEUREUM’ DI URANG AYEUNA, GEUS MANGGIHAN ENCAN?



Abu Lahab teh sesebutan/jujuluk goreng/kecap metaphore keur pamanna Sayidina Muhammad, ‘notorious’ Abdul Uzza bin Abdul Muthalib, nu jadi lulugu lampah nyebarkeun hurungna durukan kagorengan nu lir lelentaban rek ngaduruk batur, ngan ahirna kasundut kaduruk kalentab sorangan (Abu sundana Bapa, Lahab hartina seuneu ngalentab; ‘father of flame’).

Harta bandana ieu ‘seuneu nafsu’ teu guna, cape gawena teu mangrupa, kempreng, huam dangiang, hirup euweuh pihargaeuna taya piladangeunana. Tuluy, sorangana kaduruk naraka siksa diri pribadi. Kitu oge lampah nu sok mapanas nyundutan ngadongsok ngipasan kagorengan, ngaliarkeun taleus ateul, ngadu ngadu rajawisuna, asup kana babasan nu nyiru rombengeun, ceuli lentaheun, biwir teu diwengku, nyuluhan handaru batur. Hurung ruksak henteu hurip sab kabehanana eta lampah teh nyangreud nalian nyiksa sorangan.

-----
(Kinanti)


Nyalindung ka Maha Agung, Maha Mulya Maha suci, Allah nu maha uninga, tina poek sasar diri, alatan gogoda setan, nu nyiruruk nyiriwuri.
Kalawan asma Hyang Agung, marengan lampah sayakti, nu janten marga lantaran, sadaya usik ngajadi, nyaah asih taya kendat, nganteur mahluk nu kumelip.

Al Lahab (seuneu)
Surat ka 111 - 5 ayat


 
1.Tabbat yadā 'abī lahabin wa tabba 2. Mā 'aghná `anhu māluhu wa mā kasaba 3. Sayaşlá nārāan dhāta lahabin
(Durma)
Kempreng nya dua leungeuna Abu Lahab
jeung enya pisan pasti
Carem dangiangna
Harta banda mo guna
Upaya teu ngajadi
Tuluy kalentab
Naraka siksa diri

4. Wa amra'atuhu ĥammālata al-ĥaţabi 5. Fī jīdihā ĥablun min masadin
 

(Durma)
Kitu deui nu jadi pamajikana
Nu mawakeun di diri
Suluh angkara
Rorotek nafsu hawa
Na beuheungna meungkeut meulit
Nyengkek injukan
Cangreud siksa pribadi

----

Surat Al lahab, kaasup surat surat Makiyyah kaahirnakeun, metu nuju Sang Khataman Nabiyyin masih di Mekah lembur sarakan nyalira, masih ngariung ngumpul keneh sareng wargi wargi batur batur salembur ‘sakurungan’ memeh lunta ngalih ka tempat deungeun (yathrib). Bari salami dilembur teh, teras disesahkeun ku Abu Lahab & pamajikana oge ku loba loba nu sabangsa ti dua eta wireh kalayan nembrak ngadugikeun risalah nu benten ti jamak harita nu tilelep dina kajahiliyahan. Nya surat Al-lahab lungsur tanggara ti maha suci ka Rasulullah yen nu lampah karitu teh enya pisan pastina carilaka katulah polah lampah sorangan.

Ieu surat tanggara ti Maha Suci teh pamukpruk ka rasulllah yen ulah gedag ngiring kiruh kunu karitu –lampah abu Lahab jeung pamajikana- sabab pastina carilaka kaduruk katulah sorangan. Rasulullah na mah gening salamet teras ngabeubeukah di Madinah ngumbara nebihan lembur.

Tapi Ari keur urang mah ayeuna maca neuleumana teh kudu wae leuwih mikir leuwih nengetan sorangan,

NAHA?

Sabab bisi cariosan Allah ieu kajadian ka sorangan nyatana lampah Abu lahab /Pamajikana teh persis saeutik lobana gede leutikna manjing di sorangan nyirekeman sorangan jadi lampah dangdanan sorangan najan/komo deui lamun nu jadina sorangan mah sok asa teu jiga asa piraku siga kitu jrrd, komo jalma jalma wijaksana tara loba togmol ngingetan sab nyaeta, nukitu mah sok loba ngaragap angen sorangan bari arapaleun tara aya nu hayang disebut keur jadi turunan titisan ‘abu lahab si seuneu nafsu’ najan beuki ge – antukna teu saeutik sok beuki mangprung.

Seuneu beureum nafsu hawa ka-Abulahab-an nu ngalentaban saha wae mah, tibabaheula nepi ka ayeuna terus aya terus ngadodoho nyiliwuri di tiap tangtung. Kawas caritaan:

Rahwana nu angkara murka (dina wayang sok digambarkeun warnana beureum seuneu). Najan geus dibelesekeun ku gegedir arca ditengkep ku dua gunung sondara sondari angger nafsu hawana bijil terus nyaliara nyundutan ngalentaban nu paroho balangah lalawora paroek hate. Gening cenah ahirna nyilakakeun Trijata & kapijembawan sab balangah nu ahirna Hanoman milih jadi ngabagawan. Ari ka pangkat Wisnu (Rama-Krisna) jeung Hanoman nu tumut ka Wisnu nu luhung mah-sawarna jeung ka pangkat Sayidina Muhammad jeung jalmi jalmi nu enya enya tumut turut ka mantena- moal nerap moal ngagedagkeun, ngan ari ka pangkat kawas urang urang jalma biasa mah kawas conto diluhur nya bakal terus aya, da didinya nyayangna.

Malah ku dalang dalang di urang mah -samemeh ukur ngadalang keur neangan duit bari kawengku ku jam tayang jeung pesan sponsor- sok remen dicaritakeun najan geus jaman Pandawa ge, Rahwana masih keneh surup sinurupan nyilkakeun batur nu ahirna kudu wae bijil deui hanoman ti kendalisada keur nangkepna deui. Najan didinya aya wisnu wisnu keneh (Rama jeung Krisna keneh keneh titisan wisnu) tapi angger newak ngasupkeun deuina mah ku ‘monyet’ bodas nu disamping kotak kotak pasagi hideung bodas da kitu padikana cahaya/sunda nu bodas bari aya hideungan diantarana nu bisa meruhkeun cahaya beureum (rahwana sok di cat beureum kawas si cepot, hanoman bodas hideungna seutik tibalik jeung semar nu hideungna gede bodasna saeutik ukurna beungeut- tingali eddy nugraha: Kaidah Pancawarna cahaya nur sunda).

Kitu oge polah sangkuni, nu kawas pamajikan abu lahab, nu tukang ngipasan nyundutan kagorengan najan ku islam dirobah jadi laku lampah resi ge (drona acariya) angger we aya tepi ka ayeuna najan beda beda jalmana. Nu maehana ge ku siga hanoman keneh, dicewawkeun sungutna ku Bima nu pada pada seuweuna Bayu sarua sampingna sarua kukuna pancanaka jrrd, da kitu padikana kitu palercekana jalma jalma luhung baheula dina ngareka carita ameh ninggang kana hakekat kanyataan hirup hurip tangtung, pakeun pulunganeun jalma rea jeung nu geus maranggihan & tapis ngamudikeun formasi pancawarna cahaya sunda/nur.

Wijaksanana Qur’an, mun carita wayang nu geus direngga ku para wali mah mere kisi kisi nurutkeun ulikan Tajalliat ebrehna cahaya/nur/sunda di alam katasaufan kayaning cahaya poko beureum koneng bodas hideung tuluy leupas ti eta putih. Nu varian loba henteuna jadi karakter jelema (wayang)na, oge tuluy ngaran/ warna sejata pamunahna jrrd (ulikan pancawarna cahaya sunda) - eusi surat Al Lahab mere kisi kisi atawa patokan real/ nu bisa kapanggih ku kabeh pakeun nyaliksik sorangan bisi lampah ninggang di ka-abulahaban atawa kawas pamajikanana. Nyaeta:

Lamun ngarasa/manggihan/ngalaman harta banda nu dipiboga teu guna, teu cukup wae, teu boga pisan, teu kapake, asa kurang wae, dina perlu euweuh dina hayang teu nyampak, usik malik kahayang lan usaha teu mangrupa sakumaha paneja, ukur meak meak tanaga jeung waktu. Kitu oge, awak asa kaduruk ku kasusah kateungeunah, asa dipakurangan, asa teu dimulyakeun, asa euweuh hargana tibatur, kurang dangiang carem ngora ngora (komo kakolotnakeun) jrrd jrrd jrrd.

Lamun pareng ngalaman/manggih kitu,…..

Kade kasorangan mah ulah ngarasa agul hulu reueus awak nyebut ngaku nyimpulkeun “keur dicoba ku nu maha suci”. Naha? Ari dicoba mah pastina keur jalma2 nu temen dijalan nu diridoan Allah jeung lain akukeuneun sorangan. Ari urang jalma biasa mah kudu wae caringcing kade bisi lain keur di coba tapi dihukuman ‘diwarning ‘diseuseulan’. Jadi keur urang mah, lamun ngalaman kitu najan saeutik- komo gede mah- gancang gancang tumarima wae terus tobat neda ampun ka maha suci bari sing temen neneda nyuhunkeun hidayah supaya bisa ngomean maneh, sukur sukur bisa nepikeun ka nganyahokeuna/meruhkeunana dina pangkat muqarabin alam tajalliat kawas nu sok direnggakeun diantarana dina caritaan wayang ku para wali disunda.
---- NGAN ka batur mah omat kudu sabalikna, ulah nyebut kitu (nyebut dihukuman jeung sabangsana), kudu wae nyebut teh “panginten nuju dicobi” sing tapis mihapekeun maneh ameh cukup disebut alus ku batur nyinglar kabengkahan.

Kitu oge ulah gancang gancang nyalahkeun dicilakakeun diganggu batur. Mening saliksik heula bisi aya laku lampah nu geus ngalentab dina sirik pidik iren panastren jeung sabangsa ti eta nu jadi dulur sakurungan baraya ireug katalingeuhan, ulah nepikeun ka mangprung teu manggih ampunan alaming dunya/pondok/sakeudeung (komo mun tepi ka alam aherat/lila/manjang) da moal kajadian nu disindiran ku surat Al Lahab teh kanu enya enya iman jeung lampah shaleh mah. Nu karitu mah, enya enya iman jeung lampah shaleh, asup kana babasan saeutik mahi loba nyesa, keur perlu aya keur butuh nyampak, lugina tara keuna ku lara kaduruk nafsu hawa sorangan, hurung nangtung siang leumpang nyata nyata jalma jalma seliran ahli waris Rasulullah nu diangingkeun, najan kadang teu siga siga mungguhing ukuran dunya.

CAG