ANTARA KASUSAH JEUNG KASENANG

Ulah ngarasula lamun pareng keur meunang kasusah eta teh kanyaah kaasihna nu maha asih maha nyaah supaya urang daek leah (leuwih leah) ngado’a menta ngan ukur ka nu salila ieu enya enya marengan ngauban bawa jeung mamawa maneh - sing kapanggih yen enya euweuh deui nu bisa jeung daek nulung iwalti nu ngauban dumasar pamenta/ kahayang/ do’a sorangan, ngeunah geura geus kitu mah. Keur senang mah sok kapopohokeun hese husu sab batur batur dulur dulur anyar pinanggih dikadunyaan nu pada deukeut pada hayang diaku bari geus umumna ari jalma mah sok katungkulkeun ku kasenang.

Dulur dulur batur batur nu deukeut sab maneh senang moal datang lamun maneh keur susah. Kitu oge sabalikna engke manggihan nu jadi dulur jadi batur waktu maneh keur susah sok tara jadi terus deukeut lamun maneh geus senang da hirup mah papasangan owah owah ing SIR. Matak engke kudu bisa nyusah nyusah maneh bari senang kasebut basajan tara nyirikeun maneh senang teuing; kudu bisa nyenang nyenang maneh najan keur susah tong betus kaciri susah ucah aceh ka batur kasebut jelema sabar wekel kuat nahan nu karandapan ameh angger boga batur diduanana. Moal dipupuas ku nu deukeutna lamun urang senang moal dialah alah ku nu deukeutna lamun urang pareng susah.


Matak engkena mun bisa narimakeun diduanana bakal boga batur –najan moal loba- nu sarua tara robah ku senang ku susah tah nu kitu nu engke bisa dijadikeun dulur pet ku hinis batur ka cai sok jaradi saleuwi kadarat jadi salebak sabobot sapihanean moal pisah sab susah senang ukur jaradi jajantung diri.

Jadi meunang kasusah teh mun bisa narimakeunana syukuranana untung pisan bisa deukeut jeung nu maha asih nyaho (da memehna sab kasusah terus diperedih can hasil mah) cara mentana najan teu kudu pok bari boga lawang tulung ti sasama na tara rubah rupana angger pasemona salah sahiji gambaran lir kasenang sawarga didunya.

Sabalikna kudu ati ati loba istigfar mun gancang gancang dibere senang hayang geura geura senang embung susah, sok jadi teuas hate teu daek leah ka gustina. Tungtungna ngaberung nafsu tunggul dilarud catang dirumpak kumaha maneh wae da karasana euweuh nu nulungan meunangkeun eta teh iwalti nafsu manehna sorangan. Nu kieu teh sok digampangkeun dina hirup meunang kasenangan nu teu lila (dunya/pondok/sakeudeung).

Matak engkena, kusabab teu biasa sadrah tumarima ku susah sok gancang di kaiblisan nu hartina putus harepan (iblis/qublisa=putus asa) najan aya tuduh ti pangerana –aya wae tuduhna najan kanu nolak gustina oge- tara daek sujud. Ari sujud teh ngamahasucikeun bari muji syukur hartina nu kabeh katarima teh ukur tapak lampahna maha asih maha nyaah da datna sorangan mah euweuh upamana matak tara siga siga.

BRAY