MORO MALAIKAT

Tibatan moro bagong (karunya satona) moro jurig (kateuteuari) moro nu gaib gaib (loba tipu tipu jeung mopohokeun nu nyata nyata aya, euweuh deuleueunana sab sok kagelo ku nu euweuh euweuh) Mening moro malaikat, puguh puguh euy!!

Waah kawas heueuh we wani wani, mana euradna kumaha ngeuradna ari taeun teh?? 
Kieu geura dongeng kampungna nu urang mimitian heula ku adeg adeg nu jadi pamianganana ameh engke puguh juntrungna puguh tuturkeuneunana. 

ADEG ADEG 



Iman ku jalma-jalma ayeuna sok pahili/disaruakeun jeung yakin atawa percaya. Padahal numutkeun Allah dina Qur’an, Iman teh nyatana Nur (nur=cahaya/sunda/dev/malak) nu dilungsurkeun/dipasihkeun Allah ngan ka jalma jalma pilihan nu dipikahoyongna (Asy-Syura,42:52). Iman hiji barang mahal nu euweuh hiji mahluk oge di satungkeb ing langit satangkarak ing jagat, nu bisa mere/mikeun/ngaleler. Ustad, Kiai, Ajar, Ajengan, kolot, Guru, Mursid, resi, pandita, Wali malah Nabi-Rasul-Malaikat ge teu tiasaeun. Sakali deui, nu bisa/boga haq masihkeun iman iwal ti Allah mungkul. 

Sanajan kitu, Allah nyebatkeun yen iman teh bakal dipasihkeun ka muslim nu aslamtu (manjing islam) ‘man syarahallahu sadrahu liislami fa huwa ‘ala nurin mirrabbihi ‘(Az-zumar, 39:22). Jadi lamun hayang meunangkeun iman (mu’min), kapilih ku Allah kapasihan iman, lain kudu maksa maksa atawa ngayakin yakin sorangan mercaya/ngandel ka beja tina agama nu ditepikeun/kabaca/kadenge tina kitab ti batur batur kawas keur budak. Tapi mungguh Allah mah, euweuh deui salian ti kudu prak milampah/ngupayakeun islam nyatana aslamtu (muslim) unggal usik unggal ngarenghap teu pegat pegat ulah pegat pegat -komo ulah pisan kapegat dina ngarenghap unggal usik ku kamurtadan najan ukur dina usikna hate- baring supagi awal ahir atawa gancang lilana tinekanan kaleler iman nur cahaya sunda ti nu murbeng alam. 

Ciri, nyatana, sampurnana iman nur sunda. ciri Iman nur sunda kudu minuhan ngaangliputi diwangun ku 6 hal nyaeta: iman nur sunda ngeunaan Allah, MalaikatNa, Nabi/RasulNa, KitabNa, Qiamat keur nu kalelerna, qadha jeung qadar salaku mahluk (6 Rukun Iman). Nyatana eta kabeh geus lamun karasa kabukti ku sorangan di sorangana sab kaislamanana, lamun henteu ukur nepi ka mercaya/ngahartikeun beja, enya henteuna jelema biasa mah ukur nepi ka ‘wallahu alam’ duka teuing. 

Sedengkeun sampurnana iman lamun nu genep sadayana geus kapasihkeun ku Allahna manjing mancur mubyar didiri nu aslamtu (muslim) sab enya haq islamna. Iman nur sunda ieu lain asal caang cahaya/nur sunda hal nu absurd/hayali/gaib/batin/ simbol sisilokaan tapi enya aya nyata haq keur nu enya aslamtuna mungguhing Allah -lain keur jalma biasa. 

Kusabab eta oge, tangtu bisa kaharti yen teu bisa jeung ulah ngeunaan iman nu 6 ieu urang urang jalma biasa wani wani ukur percaya/ngandel geus meunang sabab ieu teh hadiah /pangleler husus keur nu enya aslamtuna (muslim) numutkeun Allah. Ulah siga sawatara urang Arab nu dicaritaeun dina mushaff utsmani nu dikritik/diseuseulan/diingetan ku Allah ngaku ngaku geus iman. Ieu salah/diulahkeun sabab jelema mah ukur nepi kana ngupayakeun di kamusliman/aslamtu iman mah can tangtu geus kaleler encana”. 

Carana aslamtu unggal usik Tiap Lampah. Sumerah total submission teh kudu puguh aturanana mungguh Allah, nyaeta ngawengku 5 ruku:; sahadat shalat zakat puasa Haji. Lain sumerah ceuk nu kaharti ku kajelemaan jelema, ceuk aku aku sorangan rarasaan pangrasanana mungkul atawa panyebut batur pada pada jelema. Jadi sumerah aslamtu muslim tiap usik tiap ngarenghap teh kudu ngawengku nyata kalampahkeun 5 hal bareng rukun ngahiji sauyunan di manehna. 

Leuleutikanana, misalna, dina ngucapkeun sahadat. Karek islam ceuk batur batur lamun geus ngucapkeun kalimah sahadat, tapi sahadat teh, dina harita keur ngucap, lamun nu 4 teu manjing ukur sungut mungkul. Mo bisa enya nyaksi – hakna jadi saksi- mun kajelemaana teu keur eureun cicing (shaum), mo enya nyaksi nu qarib/isbat/enya di manehna lamun kamanehnana motah kuat dominan. Sedengkeun kamanehnana, kira kira sangkana, angena angena ngeunaan Allah hahalang ayana/kasaksina Allah harita keur ngucap dimanehna. Mo enya nyata syahadah lamun teu jiwa ragana harta pangmahal mahalna kaffah bareng dizakatkeun/diberesihkeun teu misah misah aing aingan. Mo nyata dikabul manjing sahadahna lamun lain mangrupa shalat/do’a ka Allahna ‘ud uni astajib lakum’ –sahadat ‘formal’ diucapkeun keur shalat 5 waktu. Mo bener bekas/madep qiblatna nu diucapkeun mun teu hajji (ngadatangan ka) di baitullahna sahadatna metu meta di imah Allahna sorangan kanyataan ‘qalbu mu’minin baitullah’ banjar karang pamidangan. 

Shalat ge mo sampurna manjing tilu panta karangkep kabeh sakali meta mun teu bari puasa eureun kajelemanana. (shalat aya tilu panta: jelema menta, malaikat mangmentakeun, Allah masihan/nyebarkeun rahmat.) Rek kumaha ngarasa ngabuktikeun yen nu shalat malaikatNa, nu shalat Allahna di sorangan -bari ku batur katingalna sareatna jelema keur shalat da (kudu) kawas jelema lamun teu puasa/cicing eureun puasa kajelemaanana di awakna? Pan kajelemaan teh hijabna. Kitu oge kumaha jadina mun teu puguh qiblat tina hasil hajjina? Teu husu gentur, cuscos kaditu sab teu keur ngazakatkeun/beberesih nyampurnakeun kamanehan maneh di manehna sorangan? 

Kitu oge dina lampah zakat puasa hajji, oge tiap lampah usik naon wae kudu diwangun atawa mangrupa 5 rukun islam kanyataan lampah aslamtu nu bareng teu misah misah rukun ka cai jadi saleuwi ka darat jadi salebak dina hal naon wae iraha wae kumaha wae meh mancur iman-na mu’min haqeqi-najan ku batur kudu kacirina kawas jelema. Bararisa nyumput buni dinu caang, nyatana nyumputkeun kalayan buni kaAllahanna dinu caang kajelemaan nyumputkeun kajelemaan kalayan buni dinu caang kaAllahanana ameh teu katorah ku kajelemaan jelema. 

Nu lamun engke dina jucungna turun kekecapan sunda kasauran luluhur luluhur para nabi para wali karamat karamat anu mulya dimanehna Islamna tanpa wangenan (da geus euweuh wates bedana dina tiap lampahna) Imana tanpa itikad (da geus teu diitikadan deui hartina jadi kalungsuran sinelir iman di nu aslamtuna sasat sasat nu geus disampurnakeun ni’matna - lain jelema biasa). 

Nya dina ngupayakeun aslamtu nu bener mungguh Allah ieu guna (elmuna) ustad/ kiai/ ajengan/ guru/ mursid/ ajar/resi/pandita. Aranjeuna tariasa nungtun nuduhkeun aslamtu nu enya mungguh Allah sab aranjeuna (kuduna) geus seubeuh kaleler/manjing 6 rukun iman nur sunda dicukupkeun ni’matna sab geus bener muslim hasil aslamtuna ditampi islamna ku Allah- kanyataan muslimin muslimat nu lain saukur pangakuan batur jelema jeung kajelemaana sorangan. (lengkepna kaasup teknik teknik aslamtu dina loba loba tipe/jenis usik/lampah tingali, Eddy nugraha: Iman Islam di sorangan) 

II 

Tina adeg adeg nu jadi pamiangan ieu tulisan, Moro malaikat lain urusan wani teu wani era teu era tapi urusan kudu/sing bisa sabab iman ka Malaikat mangrupakeun salah sahiji rukun iman atawa salah sahiji ni’mat nu panggede gedena lamun urang bisa kaleler eta. Iman ka malaikat ieu ka hontal –hasil kaboro- ngan ku nu aslamtu (muslim) lain ku kajelemaan jelema. Jadi euradna islam (manjing rahayu/salam/wilujeng) ngeuradna ku aslamtu dina wangun 6 warna laku/lampah kudu rukun sauyunan kabeh dina tiap usik/renghapna. Ciri aslamtu na bener lamun nu iman nur sunda nu 6na engke kahontal –karasa kabukti- leleran Allahna lain salian ti eta. Jadi teu aneh lamun Lampah aslamtu dina hirup hurip tug nepi ka paehna nu ngawengku 5 hal/warna/rukun ieu mangrupakeun lampah ageman hiji-hijina nu diridhoan ku Allah ‘innadinna inalloha islam’. 

Ayeuna dongeng kampung moro malaikat ieu urang jeroan saeutik sangkan kabuka lalangsena yen ageman teh lain saukur alamna nu duka teuing enyana ‘wAllahu alam’ mungkul sugan sugan pantes dituturkeun:
MALAIKAT 

Kecap malaikat asal tina malak ngandung harti 1) cahaya/nur/sunda jeung 2) power Kakuatan/ kakawasaan/kamatihan kamampuhan nu nurut tumut ngamahasucikeun ngan ka Allah lain ka salian ti Allah. Nu murbeng alam nyipta jagad katut saeusina nimbalan malaikat make kakawasaan kakauatan cahayaNa. Nulung nyiksa jelema, Mere wahyu, masihan rijki, ngatur urusan jagad dunya, ngamaotkeun, ngiamatkeun, ngajaga jelema nimbalan malaikat nyatana make cahaya kakawasaan. Para nabi disarengan malaikat dugi ka rebuan, sundana nabi disarengan cahaya kakuatan kasakten matak kenging perangna. Langit dipinuhan ku malaikat kawasaan cahaya nu ngamahasucikeun Allah nu naek turuna ka dunya lain untupeun kajelemaan jelema ukur keur nu aslamtuna mungguh Allah ditampi. 

Malaikat oge lain awawe lain lalaki. Najan kitu pernah/bisa mangrupa lalaki –kawas dicaritakeun dina hadis jabrail/jibril/Gabri-El sumping ngajarkeun islam–iman ka Nabi Muhammad. Ieu hal teh, bisa jadi, keur ngalainkeun anggapan jalma jalma ti babaheula keneh nu nganggap malaikat teh awewe. Tapi ahirna/sanggeus eta sarua kagelona loba nu nganggap malaikat lalaki nu raridu ku jangjang. Caritaan jangjang ‘djisamsoe’ 2 3 4 cahaya/kakuatan nu sampurna metakeun dunya saeusina (faathiir, 35:1) tangtung mangrupa methaphor - Siga pohaci (pwah aci –gunana/tuahna aci aci kadharan/inumeun nu asup kana awak) di sunda loba dibere ngaran kawas awewe jadi urang sunda loba nu kagelo yen pohaci teh awewe bari teu mikir naha euweuh lalakina. 

Malaikat sujud ka Adam timbalan Allah hartina Allah ngajadikeun cahaya nur kakawasaan kakuatan sujud ka Adam sangkan Adam jadi khalifah (penerus/pengganti nu saencana) di dunya. Jadi tangtu jadi kaera ka sorangan mun ngaku ngaku turunan Adam tapi teu karasa kabukti ku sorangan yen malaikat-malaikat sujud ka inyana. Matak loba nu ukur ngabohongkeun ayat di/keur manehna sorangan nyaritakeun wahyu/haq/bener malaikat sujud ka Adam bari teu karasa kabukti ku sorangan harita waktu keur ngucap- ukur dina kira kirana angen angen/lalamunan rarasaanana (ceuk Al Qur’an, kira kira ngeunaan Allah baladna setan, rarasaan angen angen pagawean setan di jelema). Boro boro jadi khalifah penerus nu agung agung baheula, kalah siga euwah euwah jati kasilih ku junti. 


10 MALAIKAT NU WAJIB DIBORO/KALELER IMAN SAB ASLAMTU 
Kumaha Indicator/Cirina? Naha Jadi Hiji Ni’mat Nu Gede/Agung? 

Cahaya Kakuatan malak ieu loba loba warna warna teu kaitung ayana- sab piraku cahaya/kakawasaan nu murbeng alam aya watesna. Ngan wijaksanana Panghulu Para Rasul dina ageman, tina loba loba ‘tak berhingga’na malaikat nu wajib dimankeun teh ukur 10. Ari wajib tangtu kudu pisan iman nur sunda na, nyaeta lamun henteu kahontal/kaleler tangtu doraka meunang siksa hartina tangtu susah sorangana mo mulya mo meunang pahala kahadean hirup hurip. 

10 malaikat teh nyaeta: Raqib, Atid, Ridwan, Malik, Munkar Nakir, Izra-El/Izrail, Izraf-El/Israfil, Michae-El/Mikail, Gabri-El/Jabrail/Jibril. Naha ukur 10 malaikat nu wajib di imankeun/kaleler/kahontal/kaboro ari harut marut zabanniyyah malak nu ngakod arsyi malak dilangit jrrrd nu dicaritakeun Al Qur’an henteu? Bari jeung tina 10 teh dibagi deui jadi 2 bagian 6 nu sifatna ‘pasif’ 4 aktif. Nu 6 dianggap ‘pasif’ sabab ukur nyatet-nyagragkeun-nyadiakeun hasil amal jelema sanggeus dipilampah kayaning Nur/malak/kakuatan/power nu kasebut Ridwan-Malik-Munkar-Nakir-Raqib-Atid; nu 4 Nu ‘Aktif’ mantuan nu aslamtu salila hiruphurip manjing alam malakut/cahaya/nur nyatana kakuatan/kakawasaan/cahaya/nur/sunda-kasebut: Izra-El, izrafEL, Michae-El, Gabri-El. 

--- 
Ngaran malaikat nu aya tungtungna El ieu nunjukeun, saperti oge dicaritakeun dina mushaff utsmani, yen kanyaho jelema ngeunaan malaikat malaikat/cahaya cahaya kakuatan teh geus aya/dikanyahokeun, paling henteuna, ti jaman Sang khalilullah Ibrahim ti babyllon baheula baheula pisan (Ibrahim nyembahna ka El sanes ka Allah matak putra putuna ge aya nu dinamian isma-El/ismail lain ‘Rodiallah’ & Isra-EL/yaqub lain Abdullah, tapi gening islam we da eta eta keneh beda basana mungkul-beda jeung urang urang ayeuna nu kudu wae aaraban ameh siga kaasup islam teh. 
--- 

1. IZRA-El 

IzraEl nyabut nyawa –nyawa beda jeung hirup. Nyawa aya sanggeus didunya tuluy dibarengan pangdenge pangdeuleu pangangseu jeung panarima (hate) engke oge leupasna kitu heula nungtutan keur jalma biasa mah. di aherat kudu ulah nyawaaan ameh sesana nya hirup mungkul. Matak keur nu aslamtu (lain ngagorok maneh nginum endrin dll) alam aherat sab teu nyawaan pindah ka alam dunya nyawaan deui wanoh jeung cahaya kakawasaan izra-el sab kaleler iman. 
--- 
Na jalma nu geus paeh tuluy dihirupkeun deui ku kami bari dibere cahaya/sunda nu kukitu teh manehna bisa usik malik diantara jelema sarua jeung nu poek/kapoekan bari euweuh jalan pakeun leupas? …..(al an’am: 122) 
--- 
Nu paeh dijalan Allah (sabilillah) hirup tuluy masih dahar nginum kawas jelema dirijkian rupa rupa. Ngan jelema biasa mah moal bisa ngabedakeuna/nganyahokeunana. 

Wah maenya? 

Aeh aeh…. Apan wajib iman/kaleler caang kakuatan ngaleupaskeun nyawa (izra-El). Atuh kudu puguh buktina. Matak saliksik sing telik sabaraha heueuh aslamtuna. Sab bener enya na aslamtu kudu kaleler iman –salah sahijina- kana kamatihankamampuhan ngaleupaskeun nyawa ti ayeuna ulah engke pas sakarat/awak rusak. Kakara mah sagala ge susah, can pernah ningali jelema nu paeh kakara? Kabeh jelema paehna kakara-iwal ti nu aslamtu kalawan enya-kataekan pangkat taqwa di manehna nyahoeun iraha waktu paeh cirina iman caang sunda ka izra-EL. Ari taqwa pan beunangna ku puasa-rukun aslamtu jst (tingali bagian puasa Saumur umur & taqwa nu ngubeng) 

Matak aya babasan sunda hasil tinu aslamtuna ‘hirup katungkul ku pati paeh nyaho di mangsa” –jelema bisa mah paeh ge teu nyaho di mangsa- sab geus kaleler iman cahaya sunda izra-El dina awas/caang denge deuleu mata angseuna tuluy puncak puncakna dina dampal panangana sasat sakabeh amal hasil dua hastana sagara panglejar lejar. 

Ti dieu oge sanggeus iman ka izra-El sing kaleler iman ka Munkar–Nakir. Tong poho yen beuteung ge kanyataan kuburan di sorangan. Kuburan sakabeh bangke kadaharan/nu paraeh nu dihakan ku jelema, memeh jasad jelemana oge dikubur dijero taneuh, matak sing kaleler iman caang acknowledge Munkar & Nakir. Kumaha mun maranehna pas kaluar ti quburna? meh teu jadi nyiksa jadi panyakit komo mun jadi ngubur nu boga/beuteungna. Can pernah ningali nu hirup tapi geus kakubur/kakurung ku eusi beuteungna? Kabeh jelema mah kumaha eusi beuteungna. Beda deui jeung nu aslamtuna bener ditampi ku Allahna iman kanu ngajaga/mariksa eusi kubur alus wae ceuk Munkar goreng ceuk Nakirna. (tingali: Eddy Nugraha : ulikan diajar paeh) 

2. Israfel 

Izraf-El –niup sangkakala ciri manjing kiamat. Waktu qiamat sughra sirna/napi/euweuh/rusak dunyana, jadi nu nyesa aheratna. Ari aherat teh nyatana nu jadi awalna sakabeh sab asal ti Allah balik deui ka Allah. Matakna qiamat disebut alam wiwitan wekasan. Nu qiamat nyatana Qiam narangtung arajeg di wiwitan wekasan, matak euweuh bedana wiwitan jeung wekasan keur nu aslamtu (muslim) terus kaleler iman cahaya/kakuatan/kamatihan izraf-el mah da eta eta keneh kaayaan poean ‘waktu’ balitungan dimana sakabeh usik lampah ngan tumut turut (din) ka Allah. Matak jadi babasan lembur Qiamat sapapanjangna lantaran izrafilna niup tuluy sangkakala di manehna kalayan widi Allahna sab kaislamanana. 

Ari Jelemana aya keneh kawas jelema tapi aranjeuna kaleler rahasia alam malakut sabab aslamtu 5 rukuna katampi ku Allah. Nu qiamat qiam nagtung ajeg di wiwitan wekasan nepikeun ka euweuh (bedana) wiwitan wekasan di manehna sab langgeng bari mapay didinyana nyahoeun kana sagala nu dipigawena/amalna ‘aliman nafsun maa ahdarat’ moal nungtung di duka teuing enyana di manehna da kaharti karasa kabukti ku sorangan (at-taqwir:14). lain eta teh hiji ni’mat nu gede? 

Jadi qiamat, kitu oge qiamat sapapanjangna (lengkepna tingali: Eddy Nugraha: kiamat sapapanjangna, geus bisa encan??) , lain pamohalan, lain lalamunan lain kumaha kayakinan oge lain kumaha engke tapi kaharti karasa kabukti jelas indikatorna ayeuna/harita ku nu enya enya aslamtu (5 rukuna ditampi ku Allah) - moal pisan kadongkang ku jalma biasa nu usik malik ku kajelemaanana. Karek aslamtuna ditampi lamun enya kaleler iman caang ka izraf-el nu lamun ‘ditiup’ rusak dunya nu ngalamana-ngadeg qiamahna. Ieu teh hal wajib piraku embung ngan sakali deui jelema biasa mah moal nande iwalti muslim nu aslamtu mungguh Allah. 

3. Micha-El 

Micha-El (kawas Allah)- nu ngatur rijki/qadar sakumna –nu nyambung jadi ciri kaleler iman kana qadar/ukuran hiji jalma, Raqib-Atid pakeun qadhana senangna Ridwan susahna Malik. (rukun iman ka 6). Bagja pisan jalma nu iman caang acknowledge kana qadha jeung qadar sorangan (qadha=nu bakal kajadian/kaalaman sab kajadian/amal samemehna, qadar = ukuran satiap hal) –matak iman teh ni’mat nu pangedegedena. Moal ngatog utag atog, tara riweuh kanu katarima ku batur sab dirina langgeng dirijkian ku Allahna, rijki teu pahili hili bagja teu pa ala ala dimanehna, tumarima teu ngilu ngilu ngatur kanu keur diatur ku Allahna, ciri karek enya tarima dirijkian diusik malikeun ku Allah mun caang iman ka kawas Allah/micha-El nya kawas Allah nu nyaangan tur caang ti manehna (muslimin muslimat) kalayan widi Allahna. (tingali: Eddy Nugraha, Metuna Pituduh/Papasten Metana Kamatihan/Kamampuhan).

Komo deui nu kaleler iman kana qadha/qadar sawiji wiji nu sok tembong di para karamat Nabi wali luluhur luluhur nu agung agung ku aslamtuna, weruh ka piqadhaeun saha waea naon wae sab kaleler iman raqib atid apalkana ukuran/qadar sawiji wiji katut ngomeanana sab kaleler micha-El kawas Allah. Matak enya tara bijil ti jalma biasa tapi ukur ti nu aslamtu/muslimna tos katampi ku Allah. 

4. Gabri-El 

Kumaha ari iman ka Gabri-El /jabrail/jibril utusan El/rasulullah keur jelema nu mangrupa cahaya ?? cahaya kakawasaan pakeun allah cumarios/kalamullah ka jelema nu jadi hal kamulyaan dina ageman (tingali eddy nugraha: Cacarita Jeung Allah Nanya Ka Allah). Naon hubungana jeung kitab nu teu dikekelek: sanggeus maca nengetan Al Qur’an Mushaff utsmani urang urang tangtu manggih katerangan yen kitab teh mangrupa Nur (matak oge kaasup rukun iman) ari ayat ayatna/revelation wahyuna ngan aya di hate nu dibere elmuNa. Matak kongas aya babasan kanu geus iman ka Jibriil yen nu karitu mah weruhna tanpa guru bisana teu diajar heula –kenging leleberan Sang khataman Nabiyyin nu kongas teu aya guruna iwalti Gabri-El kalayan widi Allahna. Kumaha enyana? 


Bagian saterasna urang kintunkeun upami pareng