TUJUH OLEH OLEH RAMADHAN (I):


BEKEL KEUR NU GEUS DADAEKANAN BOBOR SHIAMNA NGABOCORKEUN DEUI NAFSUNA LEBARAN NGALELEBAR MANEH TURUN META NGENCAR DEUI DIKANAFSUAN KAJELEMAAN.


Puasa Saumur Umur Lebaran Unggal Usik, Cacarita Jeung Allah Nanya Ka Allah, Metuna Pituduh/Papasten Metana Kamatihan/Kamampuhan, Moro Malaikat, Kembang Wijaya Kusumah, Kitab Nu Teu Dikekelek, Ulikan Karahayuan/salam.


1. PUASA (SHAUM) SAUMUR UMUR


AL-Qur’an nyebutkeun yen nu kaasup mareunang ampunan ‘forgiveness’ jeung pahala ganjaran nu gede ‘great recompense’ ‘magfiratan wa ajran adhim’ teh nyaeta ‘shaiman wa shaimat’ nu puasa boh lalaki boh awewe teu dibeda beda (surat Al Ahzab 33:35).


Ana kitu, ngeunaan puasa, yen nu meunang ampunan jeung kaalusan/ganjaran nu gede harita dina tangtung teh lain ka anu geus pernah puasa, pernah puasa baheula, pernah bulan kamari puasa, pernah puasa keur cageur/kuat. Oge lain, karek tadi, karek bieu puasa eureun nahan napsu. Jeung deui, tangtu ampunan jeung ganjaran nu gede harita teh lain kanu karek arek puasa, hayang puasa. Komo nu tara puasa, teu bisa puasa teu daek puasa. Singgetna ganjaran jeung ampunan teh lain keur nu teu puasa geus bocor dikanafsuan bobor shaumna tapi keur saha bae boh lalaki boh awewe nu puasa keur puasa ‘shaiman wa shaimat’. (Bocor=miis, bijil, tembus, teu kawadahan/kahalangan/kajaga; Bobor= gagal/eleh/eureun).

Jadi tangtu lamun hayang terus meunang ‘magfiratan wa ajran adhim’ ampunan jeung ganjaran nu gede teh kudu tuluy puasa, tutuluyan aya di alam shaum, manjing puasa satutuluyna saendeng endeng. Matak aya waja nu semp(l)ak babasan di lembur lembur caritaan kolot kolot kahot:


“Euy, sing bisa puasa saumur umur ……ameh bisa lebaran unggal usik…resep jeung ngeunah geura “


Waaah maenya?




Kieu geura, salian ti lamun hayang tutuluyan meunang ampunan jeung pahala nu gede, puasa saumur umur tutuluyan teu pegat pegat di nasehatkeun kudu barisa teh lantaran:


Saperti geus pada pada apal yen shaum, nu saharti jeung kecap puasa di sunda, asal tina akar kecap sha-wa-ma nu hartina/maksudna nyaeta: ‘nahan’, ‘teu usik’, ‘eureun’. Jadi, Cicing/teu usik/nahan/eureun tina hiji pagawean/aktifitas –tina hal naon wae/ nu kumaha wae, saha/naon wae- disebut shaim atawa keur puasa. Ari puasa na urang urang salila ramadhan nyatana eureun tina kabiasaan kajelemaan nu ilahar salaku jelema kayaning dahar nginum sahwat jeung sagala rupa hal nu teu diridoan/teu dimeunangkeun ku Allah swt - kaasup iraha meunang buka/lilana puasa, kumaha ngajakatan fitrahna,
jeung iraha meunang boboran, iraha aya dina fitri alam fitrahna kajelemaan eta kabeh numutkeun Allah swt bae.


I

Jadi tangtu bisa kaharti, yen puasa dipigawe sangkan Taqwa. Da teu jauh jauh ngukurna ku rasa nu puasa –lain nu teu keur puasa- nyatana, nu puasa teh keur nahan/cicing/eureun kajelemaana sasat nyingkah nyumput ngajauhkeun nyinglarkeun dirina ti Allah nu qarib ka manehna di manehna sab kamanehanana euweuh nyumput di tahan/dieureunan/cicing shaum teu bijil di/teu bocor kana tangtungna nu aya tinggal ka-Allahanana. Sagala usik malikna pengkuh taqwa nurut kana piwarangNA mantang kana cegahaNa da kamanehanana teu metu tara ngilu ngilu ngatur cicing sab keur shaum nu aya nu ngatur nu meta ka Allahanana Allah manehna.


Lamun teu keur puasa nya teu taqwa pengkuh deu sab jadi taqwa teh mun puasa ‘kutiba alaikum shiam…laallakum tattaqun’. Sok we tanya ka jelema, naha enya maneh taqwa/ geus manjing taqwa/ muttaqin? Mun waras pasti moal nepak dada, ngajawabna ngan tepi ka duka atuh, hoyongna mah muhun, namung ‘wAllahu alam’ mung Allah nu uninga abdi mah ukur nuturkeun piwarangaNA sakahartosna satiasana. Mun nu puasa ngaku taqwa ngajawab ku sungut oge jadi sirr atina kaciri bocor batalna teu bener puasa/shaumna.

Matak kudu tuluy puasa/shaumna tutuluyansalila boga umur meh tuluy taqwana mungguh Allah lain ceuk kajelemaan nafs jelema.
--
Taqwa maksudna ‘ngajaga’, ‘nyinglar’ ‘ngajauhan’, jadi ittaqullah taqwa ka Allah teh maksudna ngajauhan nyinglar ngajaga diri ti Allah nu qarib kamahlukna - Sab loba jalma ayeuna nu nganggap teu mungkin, bisa jadi sab can puasa kalawan enya/kajelemaanana loba bocor ngencar di manehna teu bisa disinglar ku manehna, nya gampangna taqwa ka Allah teh ditambahan ku kecap ‘siksa ‘ nyaeta taqwa teh ngajauhan/nyinglar tina siksana Allah. Matak sok loba nu beukina nyingsieunan batur ku naraka jeung siksa sab manehna digedekeuna kitu.
---


III


Puasa teh oge disebutkeun pagawean/amal/ngabdi/ibadah/ngaula keur Allah lain keur jelema ceuk Allahna (Hadis qudsi). Ieu ge tangtu bisa kaharti maksudna, nyaeta didiri nu puasa kajelemaana diangingkeun diulahkeun rido ikhlas ngan keur ka-Allahan mungkul nu aya di manehna nu ditumut diturut-tuturkeun kaasup oge sagala piwarang/kahoyong tur cegahan/ka alim Allahna wae di manehna lain ti salian ti eta da manehna keur shaum/cicing/eureun.


Sebut wae, misalna, nu asalna dahar nginum sahwat sab puasa kaganti ku ka-Allahan nu teu tuang teu leueut teu sahwat; Peuting sare dikurangan –malah dina lilikuran aya nu tepi ka henteu sarena, sedengkeun Ka-Allahan tara keuna ku poho/sare; denge/deuleu tara sadenge dengena sadeuleu deuleuna jeung loba eureun/teu dipakesab nyamuni/menekung/itikaf museurkeun awasna ati/pikir ngan ka Allah wae kongas Allah mah awasna ka sakabeh mahluk teh teu make ceuli teu make mata; ngucap ge teu saucap ucapna tapi ukur nu diridoan/dimeunangkeun ku Allahna. Salah sahiji carana jadi kailaharan yen nu puasa di bulan ramadhan ngupayakeun ngucap kalamullah mungkul –paling saeutikna ngalobakeun- tuturut ngucapkeun deui (maca/tilawah) urut ucap Allah baheula nu betus ku Nabina rebuan taun katukang, mushaff utsmani, nepikeun ka hatam ge bulak balik harayang beunang jeung rasana kumaha Ucap Allah baheula nu dicaritakeun ku Nabina dina basa arab. Matak aya pangbibita agama karek macana mungkul najan teu ngarti sundana, meunang pahala, enya da sasat nutur nutur ucapna Allah;

Malah Hate teu meunang ‘kedal’ ‘usik’ ‘ulah alih’ kanu salian ti nu dimeunangkeun ku Allahna atawa iradat Allahna, sasat usik hate sab usik qudratiradatNa. Kongas make basa arab ‘usikum wa nafsin ibadAllah’. Matak di nu puasa kalayan bener, sok mubyar ka Allahanana, kajelemaanna nyumput teu bijil teu katingali kasinglarkeun ti Allahna di manehna, sagala usik malik mung kanggo ka Allahan Allah sab sakali deui kamanehanana keur puasa nyatana eukeur dicicingkeun ditahan dieureunan disinglarkeun.


Jadi, nu puasa lain keur metumetakeun keun ka jelemaan tapi ka Allahan. Puasa teh keur ka-Allahan Allah di nu puasana, sabab kajelemaana ngurangan ka-Allahana nguatan ‘dominan’ metu mancur di dirina. Malah lamun enya enya kuat pengkuh husu teu bocor teu bobor puasana tarik mampuh eureun/nahan/cicing/shaumna, Kajelemaana Nafi (euweuh/suwung) ka Allahana isbat (aya) jadi eusi inyana. Kajelemaanaa dinafikeun nu isbat ka Allahanana. Nya suwung kajelemaanana eusina ka Allahana. Suwung ku eusi, Eusi ku suwungna. Kanyataan suwung tapi eusi eusi tapi suwung kaahadiyatan martabat tujuh, nu nyindiran ka nu can munggah ka rasana alam puasa sugan sugan meunang perbuka.


Ari laku lampah di ka-Allahan ‘berketuhanan’ atawa ‘rabbaniyyah’, numutkeun Allah dina Qur’an, ngarupakeun target nu dipiharep tina sakabeh ajaran/inti ajaran sadaya Nabi ka ummat ummatna (Al imran, 3:79).
----
Aya caritaan, aslamtu (jadi muslim) lain jadi Arab rupa onta tapi jadi Arab nu geus euweuh ‘ain-na (Rabb) nyatana laku lampah di ka Allahan alamna ‘Rabbaniyyin’. Nya jaradi cecekelan urang kampung, Sunda mah nya sunda oge ngan sunda tedak ka-Hyang-an kasebut nagara paraHyangan sab kongas (baheulana) Ra-Hyang mungkul (Hyang=El=Allah=gusti=tuhan) tetengger para rakean. Ari urang ayeuna? nya urang we kumaha urang (teu kudu jadi batur si itu si eta) ngan kudu jadi urang nu sumerah aslamtu di ka-Allahan ‘rabbaniyyah’ sab shaumna sinelir jadi dangdanan awak.
---
Sedengkeun, saperti nu ditepikeun di luhur, alamna rabbanyyin di ka-Allahan karek kahontal lamun Islam jelemana sumerah aslamtu nu tihang rukuna puasa nyatana nafsu kajelemaanana katahan/kasinglar/teu dominan/ kaatur/ teu sakama kama da manjing shaum–najan teu katungkulkeun ku ramadhan mungkul. Sareat Nabi Nabi saencana teu kacaritakeun puasa campleng dina bulan ramadhan.

Jadi lamun hayang saperti nu dijarkeun ku Para Nabi –tangtos kalebet ajaran poko sang khataman Nabiyyin- nyaeta Rabbaniyyah jadi kaum Rabbaniyyin tuluy nya kudu puasa satutuluyna saumur umur teu robah robah.


IV

Sawarna jeung eta, di ka-Allahan rabbaniyyah ieu kudu mangrupakeun/jadi Ahlak sapopoe tutuluyan saperti nu dicontohkeun ku Sang Uswatun Hasanah nu disumpingkeun ku Allah kanggo nyampurnakeun akhlak , kongas saurna, “Akhlak teh kudu kawas Allah”. Ari Allahna qarib ka manehna atuh hayang kawas Allah/Micha-El euweuh deui kudu puasa/shaum/eureun cicing disinglar kajelemaanana. Lamun hayang tuluy angger tetep di ka-Alllahan- akhlak kawas Allah- kudu tuluy puasa/shaum puasa saumur umur dina usik malik sapopoe.


Contona wae: salah sahiji ahlak utama teh tawakkal kongas aya kecap agung ‘laa haola wa laa quwwata illa billahi aliyyil adhim’. Dina kahirupan sapopoe jelema jeung pada jelema, sok loba nu nyarita ‘urang mah laa haola we euy’. Eta kecap loba hasilna kaciri soleh tawaddu ku batur pada jelema. Tapi bisa jadi kasorangana mah manehna keur ngabohongkeun ayat ku sorangana. Naha? Enya ongkoh ngucap teu daya teu upaya tapi manehna keur daya upaya usik malik nganteur kahayang moro kabutuh neang kabetah di kajelemaan salaku jelema Allahna teu ngilu ngilu. Matak, sok we dedengekeun, loba nu tara kebat nyarita nepikeun ka billah jst -iwalti lamun keur ngado’a.


Sedengkeun nu puasa mah (muslim) dina tiap usik malikna mah pan enya/manjing, kajelamaana teu daya teu upaya da keur cicing/shaum/ ditahan teu bjil teu metu teu meta disorangana matak turun kecap mahal –billah- ka manehna sab usik malik kumaha/jadi iradat qudrat Allahna wae, matak ku manehna karasaeun ‘aliyil adhimna’. Dina ngucapkeun kecap diluhur nu paruasa mah eusian caharaan seukeut anteb sab rasa kecapna bawaning lampah eusina.


V

Komo pepeling Allah dina Qur’an nu sok unggal jumahan disemplakeun wajana, salian ittaqullah/taqwa ka Allah, ku nu khutbah/khatib: Omat ulah paraeh mun lain dina kaayaan islam ‘wa laa tammutuna illa wa antum muslimun’. Ari cirina/rukuna islam kudu puasa hartina pan kudu keur cicing eureun dina kajelemaanana - Matak lamun muslim teu puasa teu jadi kamuslimanana /teu keur jadi muslim, sab puasa teh rukun/tihang/pilarna. Jadi muslim-aslamatu teh lain asal sumerah total submission tapi sumerah ngaliwatan rukuna- puguh jelas nyata kalampahkeun sarat/cirri/rukuna (5 rukun islam).


Kumaha prakna keur dicabut nyawa ameh kaasup muslim? Piraku kudu paeh dina bulan ramadhan wae ameh keur puasa keur manjing muslim? Nyaeta dina rek paeh nyawa teh kudu geus teu jadi dangdanan manehna sab kasinglar/eureun/shaum geus teu dipake deui dikamanehanana da keur aslamtu (puasa) jadi ana dicabut/dipenta nafsna moal dikeukeuweuk hese/embung dileupaskeun jeung sanggeus dicokot teh nyawa/nafsna tara ditutur tutur. Ajaran geura ku sorangan bisi engke dina waktuna tumamu: Dina nyawa dicabut, rek nunutur nyawa atawa balik ka Allah? Sedengkeun nu puasa mah teu dicabut ku batur ge geus aya di ka-Allah-an Allah geus teu kagugulung ku nyawa, matak nu kararitu ridlo lillah iraha wae disuhunkeuna deui asal piwarangan/tos waktuna numutkeun Allahna sorangan lain salian ti eta merad di kamutlakan kabeh.

--
Dongeng kampung ngeunaan sampurnana paeh dina kaayaan muslim aya dina/milampah/minuhan unsur nu 5 rukun Islam kaasup balik ka Allah kumaha enyana? da paeh teh lain lalamunan tapi enya, naha ngapalkeun siga baheula keur Haji ka imah Allah di mekah waktu di dunya? Kumaha shalatna/do’ana/programna keur kitu? Naon nu kudu dizakatkeun keur sakarat? Sahadatna? Piraku sahadat ukur ngandelkeun batur nu mangdzikirkeun dll Lengkepna Tingali Eddy Nugraha: Islam Iman Di Sorangan atanapi ulkan diajar paeh bag 8)
--

Kumaha bisana kitu, iraha lebarana?


Luhungna sareat Jungjunan alam salAllahu alaihi wassalam, anjeuna nyanggem: ‘saha saha nu puasa 6 poe dina bulan syawal sarua jeung puasa sataun campleng/jangkep (HR Muslim no 1164).


Tangtu teu kudu jalma sakola luhur geus bisa ngitung kumaha kaluhungana metoda/syareat mantena nu tiasa mendakan yen lamun puasa syawal najan sababaraha poe sarua jeung puasa sataun jadi tinggal tiap syawal puasa sababaraha poe manjing puasa saumur umur sesana tinggal ngahekak timbel meakeun opor jrrd lampah kawas jelema migawe kajelemaan lebaran tuluy meh unggal usik. Matakna tina ieu kekecapan mungkul geus katingali onjoy ngeunahna nu manjing kana puasa saumur umur sab sok teu siga siga, mo ka torah ku papada batur jelema, da kawas batur batur nu dikajelemaan ngalampahkeun ka ilaharan jelema salaku jelema najan kanyataana tuluy manjing ninggang haqna puasa.

Nu tara ngasaan puasa syawal kalayan enya tangtu mikir kumaha bisana kitu? Kusabab eta mimitina pigawe heula asaan heula puasa syawalna sing nepi ka beuki sugan sugan sagancangna meunang perbuka kalungsuran hikmah agungna ageman kapanggih kahontal maksud piwejangna Sang Al Amin nu kongas tara bohong janten Nabina ge gaduh sifat sidiq amanah tablighna teuing ku pinter wijaksanana nu mo aya bandinganana panutup Nabi sakabeh.



-------


2. CACARITA JEUNG ALLAH NANYA KA ALLAH

Jalma –nu dikajalmaan- mah teu bisa cacarita jeung Allah langsung ‘real time’ kajeun hayang jeung dititah ge nyatana teu meunang nanya lain ka salian Allah iwalti ngaliwatan tilu jalan/metoda nu teu kabeh jelema tapis didinya salila kajelemaana teu dieureunan (shaum).


Ari tilu jalan hayang ‘real time’ keur jelema dina cacarita jeung Allah –meunang katurunan kalungsuran leleberan kalamullah- teh nyatana numutkeun mushaff utsmani teh kayaning:


Ka-Hiji, ngaliwatan Wahyu/ilham nu sok disebut ilapat/kereteg nu hese diteangan benerna salaku jalma kapindingan ku warna warna hate nu rajeun caang poek belang bayah sab pikirna gindi jeung teu angger ku bulak balikna alamiah qalbu, kumaha ngabedakeun mana nu jadi kalam Allahna mana gerentes kahayang setanna? Real time ge teu puguh lain ti Allahna mah komo tipu tipu nu garaib mungkul cadu;


Ka-Dua, tabir sok disaruakeun jeung impian nu kadang, atawa seseringna, teu puguh juntrungna nepikeun ka loba nu mareuli buku tabir ngimpi/nanya ka batur sasat narohkeun pituduh Allah ka pamanggih jelema deui nu can tangtu kabejaan ti Allahna, iraha meunang carita ti Allah nu enya ceuk Allahna? lain nanya teh kudu ka Allah langsung? Kumaha ‘real timena’ da kadang kabutuh mah nyengkek;


Ka-Tilu, ngalangkungan Rasul/utusan nu lamun ukur ngeunteung ka Rasulullah tedak Arab kasebat nu agung Sayidina Muhammad saw tos teu aya dikieuna-aya oge tilas tapakna nu ditepikeun/dihartikeun ku jelema biasa/lain Rasul. Jadi sarua wae ati atina sasat lain nurut ka Rasul tapi nurut ka jelema jelema nu cenah/dianggap nganepikeun beja ti Rasul kalayan enya (shahih). Bari oge masih kudu dipikiran deuih kumaha maksud enyana sab kapindingan ku rupa rupa versi aliran sekte jeung pamanggih - lelet arek ‘real time’ jeung Allahna komo ku nu taram taram kana migawe agama. Kadang lieur ku pamanggih batur jelema keneh nu lain Rasul nu jaradi ustad/kiai/ajar/guru/ajengan tuduh apungan. Kawas can nanaon –teu nyaho nyaho dilembur- geus hayoh ajaran Rasulna jadi dua aliran gede (syiah jeung sunni), tuluy tidinya warna2. Urang ayeuna nyatana ngilu ka Rasul atawa urang ngilu pamanggih/beja batur/mazhab batur jaman baheula ngeunaan (ajaran) Rasul? Ayeuna urang teh tumut turut ka Rasul atawa tumut turut ka urut/tapakna Rasul? Sedengkeun sanggeus dibaca urutna, ceuk eusi eta urut Rasul (tina qur’an) eta urang teh kudu tumut turut ka Rasul -lain kana urut/tapakna.


Tungtungna, (aos: sering), rarasaan pangrasa yakin nurut ka Allah ka Rasul padahal ukur nurut ka beja pamanggih euceuk jelema keneh ti Allahna langsung mah duka teuing ‘Wallahu Alam’ bener henteuna sab dibejaan ceuk qur’an keneh yen karek nyaho ‘aliman nafsun maa ahdarat’ lamun geus kiamat (At taqwir: 14). Komo Ari Allah tara sasauran ku biwir jadi kumaha kunyemna kalamullah? teu ngadangu kucepil jadi kumaha nanyana kalamullah? Tapi saur Qur’an deui Muhammad teh Rasulullah, na lamun geus euweuh dikieuna maraneh rek sasar deui? Nu langgeng mah ngan Allah mungkul. Matak Alah mah aya keneh ngupingkeun ngabulkeun sadaya do’a.


Kitu malang mingkuk bulak balik sisindiran waja agung nu tos semplak keur nu motah dikajelemaan teu bisa nincak/manjing alam puasa/shaum enya. Ongkoh kudu nanya ka Allah tapi tilu jalan cara Allah cumarios ka jelema kawas nu teu puguh juntrungna nu tungtungna jawabana balik deui ka jelema deui ka jelema deui, komo hayang bisa ‘real time’ unggal usik.


Na kumaha puasa/shaum Ramadhan bisana kitu, nepikeun ka agung agungna nu kalungsurkeun ka jungjunan alam mah metu kalamullah Qur’an 30 juz? Ari ayeuna keur diluar ramadhan kumaha? Ari keur urang naon leleberanana?


Terasna urang kintunkeun salajengna upami pareng……