MAUNG SILIWANGI: KAMATIHAN KAMAMPUHAN TINA HIJI KAPERCEKAAN NU DIMITOSKEUN KU BEO

PANGANTEUR

I

Maung Siliwangi dina ieu tulisan dimaksudkeun kana, saperti enya enyana caritaan sakakala, para pamuk senapati Prabu Siliwangi nu dareuheus jeung jaradug katut wadya baladna nu diahir karir mantena ngiring sirna ti jalma rea bari satuluyna lamun kabeneran pareng paamprok jeung ngadatangan/didatangkeun ka jelema ayeuna tariasa mangrupakeun maung.

Sedengkeun maung didieu lain ngeunaan maung ceuk tukang kirata nu ngahartikeun kecap maung sakadaekna jadi kecap wancahan, misalna, maung-manusa unggul, maung- jelema burung atawa maung - nu (datang/rek dikawinkeun) ngan carekna mamawa irung mungkul, tapi maung didieu mah dinu harti nu saenyana nyaeta sato harimau/macan di sunda. Ensiklopedi Sunda nyebutkeun basa latina nyaeta Panthera Tigris Sundaica.

Sab sato maungna sorangan geus jarang kapanggih, malah geus dianggap punah, caritaan urang urang lembur mah ngeunaan maung teh leuwih nyoko kana hal elmu/ulikan jalma baheula nu pokona museur ka wewesena Sang Siliwangi sareng wadya baladna nu masih keneh natrat aya djaman ayeuna malah dipake jeung diterus ajarkeun, diatarana, ngeunaan nu aya hubungan jeung maung – karawas/jaradi maung.


Maung-maung siliwangi mangrupa maung panggede gedena nu aya di sunda - Lodaya. Lodaya warnana coreleng. Ngan aya oge nu bodas, hideung/kumbang, koneng-kawas kulit singa, tutul, belang jrrd kumaha pareng kawenehanana. Lodaya oge sok dinisbahkeun ka maung sancang. Istilah maung Sancang umum kasebut dikalangan nu sok resep ka leuweung sab di sancang ieu, salah sahiji tempat ngadu jago jawara jawara pajajaran baheula. Kongas aya keneh tempatna disisi basisir kidul leuweung sancang ayeuna ngarana pangaduan hayam nyaeta tempat jadug jadug ngarumpul ngadukeun kanuragan nu diantarana pametaan elmu maung, jararagona nu jadi hayam adu ieu kawartikeun kamana mana nepikeun ka aya basa keur nu sok ngajago asa aing uyah kidul -ngan tangtu lamun didinya tempat adu jagona, paguron-pagurona mah sumebar disakuliah sunda/lain didinya mungkul.

Maung/lodaya Sancang jadi leuwih ngetrend ngawakilan rupa maung-maung siliwangi sab ayana caritaan sakakala yen nya ditempat nu biasa dipake ngadu jago/Sancang ieu pernah aya acara ‘farewell party’ Sang Siliwagi sareng wadya baladna nu dareuheus jeung jararadug. Tapakna ti dinya teh aya keneh, copelna caritaanana mungkul, natrat kaditu kadieu tug nepi ka ayeuna.

II

Keur urang urang lembur mah ngeunaan maung siliwangi nu warna warna pangkat/kelasna ti pangkat pamuk nepikeun ka kanayagan tur wadya balad laina ieu aya ditempat nu hade, sab loba kapanggih kabuktikeun ku maranehanana najan teu kabeh bisa nganyahokeun elmuna.

Bakating ku geus ngabuktikeun ayana atawa bejana, jarang -mun teu kasebut tara- aya nu wani mun keur ngawangkong di imah atawa keur aya di leuweung/kebon/sirah cai atawa keur dijalan nyebutkeun kecap maung sab cenah ngahurmat pisan jeung utamana sieun ku ngajanggelek nagoganana. Arinyana cukup nyebut: “urang leuweung, si belang, nu lempay, luluhur,.. jrrd” pokona tara disebutkeun nu matak pikagigiseunana - tiap daerah di sunda sok boga istilah local masing masing.

Kitu oge arinyana tara wani suaban saomong omongna sab ku geus loba ngabuktikeun percayaeun yen kecap/omongan teh mangrupa do’a jadi sieun keur dina ireug katalingeuhan nyaritakeun, kaasup nyebutkeun, maung pareng ‘dikabul’ manggih/ningali sato nu matak pikagigiseun pikasieuneun sab ka ‘trigger’ ku ucapan/itikadna. Jadi tidieu oge bisa katingali yen pantangan /kapamalian kana nyebut kecap maung dilembur lembur teh didasaran ku kapercekaan ngarapih rapih tekad/itikad jeung lampah nu aya hubungana jeung teknologi ulikan baheula, lain saukur katakhayulan/rekaan ati mungkul.

III

NAHA BISA KITU jeung ENYA KITUNA TEH?

Saheulaanan nu jadi theoretical proposition-na, memeh dibuktikeun enya henteuna, urang cutat kasauran Sang Uswatun Hasanah Khataman Nabiyyin tedak Quraysh yen:

“Sakabeh jelema/insan lamun maot putus amal-na iwalti tilu perkara: elmu nu diamalkeun - عِلْمٍ يُنْتَفَعُ بِهِ أَوْ -, titinggalanana nu dishadaqahkeun, oge turunan anu shaleh nu ngadu’akeun ka arinyana”. (HR Muslim 3084)


--

Amal hartina gawe/pagawean/peta/usik, ngamalkeun hartina ngalaksanakeun, ngalarapkeun, ‘menerapkan’, make, migawe, milampah, nohonan kawajiban/tugas, nganepikeun cita cita/gagasan/angen angen.

Du’a hartina pamenta, paneneda. Ngadu’akeun hartina ngamentakeun, ngaprogramkeun, supaya pagawean/usik/lampah/gagasan/cita cita/angen angen jadi atawa teu jadi.

--

Jadi hubungan jeung amal/peta/usik/gawe jalma baheula saha wae najan parantos tilar dunya lamun elmuna masih keneh aya nu ngamalkeun mrogramkeun ku generasi saenggeusna nu aya di dunya –dina harti elmuna ka/diamalkeun - tangtu moal eureun eureun natrat amal/peta/usik/gawena.

Kusabab eta lamun elmu jadug jadug pajajaran, hususna didieu mah nu ngawasa elmu maung, ieu diarulik dipimilik diamalkeun keneh tangtu amal/gawe/usik/cara/gagasan/citacita/elmu jrrd ti aranjeuna nu geus euweuh dikieuna mulih ka rahmatullah/maot teh mo putus, nyambung, natrat, manjang keneh keur/ka maranehna nu harirup araya keneh di dunya, hususna, di nu ngulik nu ngamalkeun elmu elmuna, saha wae jalmana mah. Sabalikna dinu henteu mah boro boro.

Gening Sayidina Muhammad ge, najan tos lami ngantunkeun, ka ummatna nu enya enya neraskeun elmu/amal mantena mah nyatana para ulama enya, nepikeun ka aya nu bisa pendak jeung mantena sagala. Karaoseun safaatna, mujijatna, rahmat, kasaean tur aubanana. Ngadugikeun shalawatna ge enya enya asa anjeuna jumeneng keneh. Ka nu henteu mah loba nu malikirna nanahaon tuluy ngadu’akeun nu geus puguh aya dina tempat mulya pangmulya mulyana ku do’a/shalawat jalma biasa mening nyalawatan nu masih keneh teu puguh makamna puguh puguh guna. Komo keur non-muslim, boro boro teu noel noel acan kajeun kasebat rahmatan lil alamin oge. Kitu oge jalma jalma teu baleg jurig nu nyiliwuri ari elmuna diparake mah nya tuluy arusik teu putus amalna keur nu maruhithna.

Matak ngeunaan maung siliwangi ge sab, teu kabeh jalma ayeuna bisa ngadongkang elmuna, tapi loba nu ukur nuturkeun tahayul rekaan hatena nyangka nyangka tuluy sologoto mercayakeun yen hiji hal dianggap elmu siliwangi padahal lain, nya nu nyambung jeung manehna teh ukur nu gaib gaib nu ngaraku siliwangi, bari euweuh hubungana sama sakali jeung siliwangi tur diantepkeun sabab pan mantena mah tos tamat lalakon didunyana. Ngauban soteh/teu putus amalna, implikasi hadis diluhur, iwalti aya (jeung ka) nu ngamalkeun elmuna.

Sajalan jeung hadis diluhur, urang urang lembur mah tara riweuh ngaku ngaku menak turunan siliwangi ameh kaauban teh tapi temen nutur neruskeun amal elmuna, da asa pamohalan kabeh urang sunda turunan Sang Siliwangi, jeung euweuh guna/ moal aya aubanana ari lain jama shaleh jeung teu make elmuna mah kajeun enya turunana ge. Urang urang lembur mah wani nyebut seuweu siwi Siliwangi teh sab kareueus ku sadaya tapak lacak ieu luluhur agung.

IV
AYANA MAUNG SILIWANGI & DISIPLIN ULIKANANA NU KAPANGGIH DILEMBUR

Tina katerangan diluhur tangtu urang-urang masih keneh kudu ‘meragukan’, bener ieu teori teh aya nyatana atawa saukur versi penafsiran nu dipaksakeun/dikira kira ameh nyambung bari euweuh kanyataanana. Kusabab eta urang tingali kanyataan bukti bukti (facts) laina, salian ti kabiasaan lisan nu dicaritakeun diluhur, diantarana:

Dokumen dokumen turun manurun para ahli waris & kabiasaan make nerapkeun jeung terus ajarkeun nu kapanggih /observed di lembur lembur –kaasup lembur batu mungkul (kota)- nu kudu wae aya ngeunaan maung Siliwangi jeung nunjukeun yen ngeunaan maung siliwangi teh enya enya aya jeung mangrupa hiji kapercekaan/elmu/ulikan:

Hal hal umum /’standard’-na dikumpulkeun/dikatagorikeun saperti:
· Cara nyambat maung Siliwangi keur barudak. Mangrupa rajah jeung protocol tatacarana/metoda/teknikna, keur maturan barudak lamun lelempangan/nyaba ka tempat hara haraeun.

Protocolna lengkep kaasup mere implik implikan tips & tricks ngajalankeuna yen lamun menta dibaturan, misalna, ulah ningali ka tukang.

Sab nurut jadi we cenah, ceuk sabagian, pamali tara/ulah daek ningali katukang. Padahal dina seuhseuhana ‘diulahkeun’ teh bisi sieuneun ningali nu nganteurkeun/maturan hayoh leumpang jadi tipaparetot. Ari nu walanter mah puguh resep we leumpang bari luak lieuk sagala kadeuleu.

Kecap kecap rajah nu dipake ngagero nunjukeun kecap kecap dalit/deukeut kayaning make kecap bapa ….., indung …., ema …, mamang….. kami arek nyaba pang….jst. asal bener maca rajah jeung temen migawe sakumaha nu dituduhkeun/protocol-na, kabisa kieu teh ieu mangrupa kapercekaan nu empiric hartina saha wae nu metakeunana bakal manggihan/meunangkeun nu maturan/nganteurkeun. Bari kacatetkeun kumaha cirri-cirina lamun enya dibarengan. Catetan jeung prak prakanana teh ‘proven’ terus bener/hasilna –reliable- najan nu migawena jalma-jalma nu beda beda.

· Cara menta dijagaan pakaya, gedong, sawah, kebon, tatanen, dileuweung meh ulah diganggu ku program maung. Nepikeun ka lamun balener make rajah katut protocol metoda/teknikna salian ti pakayana aman, maungna ge nandaan tempatna.

Kembang kembangna, loba barudak lamun baralik kapeutingan boh geus ngaji di tajug boh balik nyaba sok ribut manggihan aya kaleci dua mencrong ti kajauhan, aya lampu batere dua nyorot atawa nu diimah nyahoeun bakal aya tamu kapeutingan sab aya nu ngagerem atawa kekepluk ditukangeun imah jrrd jrrd dongeng pangalaman/papanggihan barudak. Ayeuna oge dileuweung batu kawas kota gede ge kapanggih, saperti loba kacaritakeun ku jalma jalma nu gawena jadi security, pikeun ngajaga gedong agreng tempat gawena teh sok tara sabrongbrong aya nu make elmuna sok kasarebut ‘sahadat sancang’. Jadi inyana, salah sahiji kasus, ngajagaan laluasa bisa sare atawa nongton tv bari BBM-an da aya nu mantuan jaga ngan tara geruh ka dunungana.

Basa rajahna metu leuwih formal bari puguh lengkep naon cirina kumaha metakeuna jrrd nu lamun diajarkeun ka nu lain/dipraktekeun ku nu lain nu geus ditrainning heula bakal manggihan hal nu sarua – empiric aya lodaya maturan.

· Cara ngancak lamun arek hajatan kariaan ameh salamet euweuh gangguan. Aya maksud laina nu dianggap perlu pisan kaasup: cara ngajagaan kabuyutan, tempat tempat pusaka, wilayah rasiah, leuweung larangan, ameh euweuh nu ngagunasika. Ngahaja dijaga ameh ulah kabuka ku lain ahli waris jrrd.

Didieu mah gelar gelar luluhur baheula disebut diprogramkeun/didu’akeun dina wangun rajah anu formal jeung teu sagawayah nu bisa metakeunana. Catetan documents na disimpen dihade hade ukur bukaeun ahli waris dina wayah nu pantes mungkul. Ieu ge sarua puguh lengkep naon cirina kumaha metakeuna jrrd nu lamun diajarkeun ka nu lain bakal manggihan hal nu sarua-empiric. Proven terus bener/hasilna –reliable- najan nu migawena jalma-jalma nu beda beda.

Ti nu disebut diluhur tangtu bisa katingali yen eta kabeh euweuh hubungana jeung pamusrikan sab sakadar make nerapkeun teknologi kapercekaan nu geus aya jeung karasaeun gunana. Oge, tara dibumbuan ku mitos katahayulan supertisi nu nyebutkeun jadi henteuna gumantung kapercayaan saperti sangkaan jelema nu tilelep dina kabodoan jeung rekaan lamunan sorangan.

· Cara neuleuman/ngulik nerus ajarkeun elmu maung siliwangi………

Lamun geus mimiti garede memeh leupas ti lembur, diajarkeun –aya pangajaran- masieup usik keur ngajaga awak ku sorangan kayaning ulikan pamacan, timimiti ullin/gerak fisik mungkul, ditambahan usik nafas, dikamudi ku itikad bari dibumbuan mimitina make program program keur ngabantuan nu can tarapis kayaning nu disimpen dina barang sarupa ali, keris, kuku, kulit jrrd.

Tuluy…

Kana ku teknik-teknik ambatan nyaeta kamampuh anyar anyar/mimiti/introduction/nu karek diajar dina pamacan nu sok ukur bisana teh ngandelkeun kakuatan batur batur ti jaman baheula/samemehna. Kelasna/tingkatan ambatan aya sabaraha panta timimiti nu nyurup, nu akrab/dalit atawa –punjulna- nu tepi kana pangkat kaauban –ngauban mungkul tapi nu diaubana jadi.

Ditambah…Diajar sima, pangaruh cahara dangiang aura jrrd, bari teu kudu jeung usik/robah awakna nyaeta awakna angger kawas jelema ukur rindat reret kiceup dehem ngucap jrrd siga/nyeples aweuhan maung. Kabe hpuguh protkolerna cara traningna nu empiric hartina saha wae nu neuleumana dumasar kana eta protokol bakal manggihan hal nu sarua.

Tuluy…

Nepi kana cara neangan rejeki –boh tatanen boh dagang boh gawe laina- ngagunakeun style/gaya maung kongas kasebut tajalli maung jrrd… jrrd… jrrd.

Nu dicatetkeun didieu ukur mangrupakeun sababaraha/sabagian ulikan dasar/panganteur mungkul memeh tepi kana ulikan nu enya enya ngeunaan maung, tapi sakaligus jadi tuduh yen ulikan ngeunaan maung siliwangi teh enya enya hiji kapercekaan nu geus established dikalangan ahli warisna turun manurun saha wae ti mana wae kumaha wae tur lain monopoli hiji jalma/paguron.

Pupunclutna….

Ngulik elmu maungna sorangan –maung siliwangi,….aya dinar ‘realm’ husus, kacida ati ati- taraptina dina diterus ajarkeunana, malah loba diulah ulah dicaram disingsieunan ku kecap kecap:

“Kade euy ulikan ngeunaan eta mah lain hampang hampang…mening ulah we ari can cukup/ manjing Tohid mah…. bisi kasarad’.

Cenah ge Puguh puguh ulikan maung Siliwangi teh sangkan jadi pakean – kawas Tony Stark dina Iron Man 3. Hayoh robah awak awakan kawas mutan para X-men nu minculak ti batur ragag rigig teu boga patut jelema mulya, bari teu bisa nga un-install deui ukur pajurawet pinuh copy-an hese/teu bisa paeh/hirup enya. Komo cilakana lamun ukur nepi/betah jadi cangkang batur nu gaib gaib nu surup sinurupan make awak. Itu nu bisana ari dirina sorangan ukur nu dipakena teu nyaho nyaho, rek kumaha manjing wenang-na hyang? Mending maen game puguh puguh menceger sakahayang sorangan”.

Jadi, elmu jadi maung na - komo jadi rajana maung mah keur nu kapercaya elmu jadi seliran tiap increment jaman- ngan ukur pakeun di jalma jalma nu geus manjing tohid di alam sasaka galuh agung muqarabin nu dalit galo nyaho wawuh jeung pangerana sorangan sangkan usik/amal/gawena mapay dina kalanggengan nu geus sirna wiwitan wekasan moal betah dina kaulinan rarangken dunya. NU AYA ukur mun hayang/perlu/butuh mun henteu moal aya dina tapak jiwa, beresih sapapanjangna TARIMA meta metu dina ‘fatsabih bihamdi rabbika wastagfir..innahu kaana tawaaba’ keur nu apaleun kanyataan sundana.

V
DIMITOSKEUN KU PARA BEO

Nu dicaritakeun diluhur teh nu sering kaparanggih dilembur dina waktu katukang tukang, ayeuna mah teuing kumaha boa. Boa marasih keneh aya nu nareruskeun boa tambah mekar boa melempem sab ukur boa jeung nu tarapis didinyana teu gampang katangen ku nu beda alam/maqam, komo kunu awam mah. Ngan sanggeus loba loba jalma nu cicing di leuweung batu/cadas (kota) bari campuh pangaruh budaya bule jeung arab mimiti aya istilah maung siliwangi teh diembel embelan ku kecap tuduhan nu siga ngeunah nyaeta maung siliwangi teh mitos - maung siliwangi teh euweuh kanyataana saukur tahayul hayalan jeung supertisi.

Bijilna ieu caritaan loba ti jalma jalma nu ngaku nyakola/educated/akademis. Tapi maranehna saeutik oge teu nunjukeun hasil diajarna salaku nu ‘educated’ dina katapisna ngalakukeun ‘inquiry’. Saukur ngabeo. Nyatana ukur nyutat, dunga-denge, tina caritaan/pamanggih nu pungsat bahan, bari teu boga otoritas dina eta realm, nu nyebutkeun yen teu manggih ayana maung siliwangi katut disiplin ulikanana terus we langsung ngabeo jeung dibeokeun deui bari teu ngalakukeun panalungtikan jeung sikep ‘critical’ nu sakuduna salaku jalma akademis.

Aya oge sabagian kaum tradisional nu teu pati nyaho ngeunaan maung siliwangi tapi saukur percaya ayana ku misalna ngadenge/nyutat ti key informants nu nganepikeun/nunjukeun ayana maung siliwangi. Arinyana, sab teu nyaho/tapis dina disiplin ulikan/elmuna teh, ngajak ngajak ka batur sangkan ulah make kaidah inquiry dina nyaritakeun/nafsirkeun ngeunaan maung siliwangi, make andelan nu mengkolkeun yen eta mah bidang kapercayaan kayakinan/lain kapercekaan. Arinyana saukur ngabeo tina nu kadenge/kapanggihna bari ngajak batur sangkan jadi beo & ngusrukeun kapercekaan luluhur – maung siliwangi katut disiplin ulikanana- kana ranah mitos/tahayul/supertisi nu teu kahontal ku akal. 


Padahal geus terus dibejakeun turun manurun yen ngeunaan ulikan luluhur teh kudu minuhan unsur kaharti, karasa, kabukti (karaos kahartos buktos). Ari harti jeung bukti nyatana kudu minuhan unsur/kaidah inquiry nu ajeg nu geus lengkep diajarkeun di dunya akademis.

Urang jieun conto ‘pilot projectna’ lamun ayeuna masih cangcaya –kudu wae aya dina ‘ sikap ragu yang sehat’ tibatan bol bol percaya - yen maung siliwangi teh enya ayana najan realmna can kadongkang. 


Jieun hiji observasi ‘participant observer’ nu tujuana hayang manggihan bungkeuleukanana, undak saeutik tibatan cara barudak nu hayang dibarengan leumpang siga nu ditepikeun di bagian samemehna. Teu kudu heula cape cape diajar elmu maung Siliwangi tapi cukup jadi ‘kaum Abu Thalib’ –pengamat nu saukur hayang nyaho ‘thalab’ enya henteuna bari teu hayang jadi/ mumul migawena. Ceuk dongeng Abu Thalib teh ukur diajar/terang/menyetujui/mengamati ngeunaan Islam tapi teu jadi muslim.

Kumaha ‘design’ inquiryna?? 


Jieun kumpulan pengamat nu representative teu pada pada wawuh ti sabaraha disiplin elmu/background, variable kontrolna misalna, bedakeun antara pengamat nu percaya jeung nu henteu meh kabuktikeun yen ieu teh urusan kanyataan ulikan (facts) atawa urusan percaya teu percaya. 

Tuluy tanya key informants nu tapis dina meta metukeun rajahna katut nyaho protocoler bari tapis makekeun metodana -Neangan/manggihan key informants teh hal nu ‘challenging’ dina hiji inquiry. Jieun tempat-tempat observasi kayaning di sirah cai, ditengah leuweung, dikabuyutan, di sisi walungan, Luhur suhunan di leuweung batu (kota), jrrd tempat manggihanana. Waktu pengamatana kudu ajeg kitu oge durasina, Jieun worksheet pengamatan sakumaha nu dideskripsikeun dina metoda cara panggihna kayaning teu meunang ubrang abring kawas rek ka ondangan estuning nagogan sorangan-sorangan di rupa rupa tempat waktu bari rupa rupa teknik/rajah nu dipakena. Supaya heueuh minuhan unsur validity jeung reability dina engke nyimpulkeunana. Buktikeun naha bener empiric atawa ngabudah mungkul ayana teh.

Sugan sugan meunang hikmah salian ti ngabuktikeun enya henteuna caritaan ulikan oge meunang kamatihan kamampuhan nu langka langka nyaeta bisa ngarempeyek ngiihan maneh pedah ditagogan ku lodaya… hiji ‘memorable time’ sab…ngahaja haja mah jalma sehat jeung dewasa hese ngiihan maneh teh.

Cag.