SAS(T)RAJENDRAHAYUNINGRAT DI SUNDA (II)


Dijaman Islam: Sasra Jadi Sastra, Asalna Ulah Malah Eukeur-Pakeun Buta/Dhiyu Sasat jadi Sastrajendrahayuningrat Pangruwating dhiyu.

III

Sanggeus Islam asup ka tanah jawa kaasup disunda jeung wayang dipake media nyebarkeun Islam, maksud Sasrajendrahayuningrat ngalaman robahan harti/maksud nu gede pisan. nu palerceka dina nyebarkeun ajaran, dingawitan ku para wali/wali sanga nu puseurna di Cirebon, ningali/nyaho ayana value/konsep heubeul/Hindu nu ditepikeun dina carita Arjuna Sasrabahu. Nya masieup deui ieu kapercekaan nurutkeun versi Islam.

Sasrajendra dipilih lain sasra bahu sabab Sasrajendra mangrupakeun ulikan nu jadi usaha jelema pakeun naek unggah undak ka level maqam nu pinunjul- ti handap ka luhur. Jadi bisa aya gunana keur da’wah sab dipikabutuh dipikaresep jeung bisa diconto ku rea rea jalma biasa –ummat. Lain kawas Sasrabahu nu dipimilik ukur ku raja/menak atawa saurang dua urang nu pareng jadi titisan katiban pulung.

Kumaha ari dongeng dina wayangna? palerceka na jalma baheula teh, dongeng na teu robah angger ngeunaan/disimpen dina kasus ngawuruk elmu antara Resi Wisrawa jeung dewi Sukesih nu ahirna jadi sagebrug. Tapi eusi elmuna atawa nu dimaksud sasrajendra jadi kawas dihandap ieu:


Ajen ulikan/ajian Sasrajendra ditingkatkeun lain saukur ajaran kamampuh indrawi tapi nepikeun ka kamampuh nu leuwih luhur malah disebut pangsampurna sampurnana elmu apal sangkan paraning dumadi manunggaling kawula gusti. Tangtu ieu nu jadi pikabitaeun jalma rea. Malah, nu asalna elmu nu ulah dipimillik ku dhiyu buta raseksa justru sabalikna jadi elmu ngaruwat dhiyu. Ajian/ulikan keur ngaruwat buta (pangruwating dhiyu) nyalametkeun buta atawa nyalametkeun tina sifat buta nu dianggap goreng.

Harti/maskduna ge jadi lain Sasra (sarebu/leuwih sakti) tapi Sastra (kitab/tulisan) –sastrajendrahayuningrat ‘bacaan/tulisan’ nu lamun bisa kahontal/kacangkem mawa karahayuan kasalametan kamulyaan buta ge manjing dewa/batara - disaluyukeun jeung Islam nu ngagedekeun interaksi jeung bacaan/boga tulisan/kitab boh huruf atawa non huruf. Maksud sastra ieu asalna ngaliwatan mere harti simbolis/perlambang cacarakan jawa keur diterapkeun kana awak, kana alam kajelemaan/kamanusaan, bari nyigeug nyigeug perlambang lingkungan/alam ameh kahartieun nu dimaksud sangkan paran jeung kumaha cara ngahijikeunana/manunggalna (Tingali: serat centini). Tuluy kadieunakeun, aya oge nu jadi nyebut simbolis/perlambang/maksud tina rupa naon wae ‘tulisan’/ayat nu aya di alam ameh leuwih boga sifat universal (kawas qur’anul majid/ayat ayat qur’an nu aya di alam) bari, sab ukur dibobok maksud kecapna mungkul, ‘jaka sembung mawa golok’ jeung runtuyan context carita wayang/kitab Arjuna Sasrabahuna, kayaning naha bet kajadian ngajarkeun Sastrajendra bet jadi sare sagebrug, abong kapercekaan dumasar kana rekaan hate/pikir nurutkeun kapercayaana keur mapantes papaes Sastrajendrana sorangan.

---

Teu saeutik nu jadi boga pamanggih dina upaya ngagungkeun Sastrajendra nyebut ulah daek mikitab kanu ditulis dina kertas/bisa soek/bisa difotocopy kayaning Mushaff Utsmani– padahal titahan ulah mikitab kanu ditulis dina kertas teh estuning tina katerangan ayat tina Mushaff Utsmani. Nu karieu teu nyahoeun/pohoeun yen kitab/ayat nu ditepikeun ku Rasulullah nyata nyata teu ditulis dina kertas ku Allahna, estu nepina ka nu lain teh meletus bijil ti biwir mudal ti rasa Ahmad nu dina pangkat Muhammad (Ahmad nu leungit mim-na, Muhammad = ‘ana ahmad billa mim’ ) sab malak Gabri-EL (gabri=rasul, El=pangeran, Rasulullah nu mangrupa cahya/malak/nur) sinelir. Sok jadi basa cawokah tukang heureuy: Jadi alam nabi di biwir rasul ku rasana sorangan, nyaeta biwir jadi nabina rasa jadi rasulna nganepikeun ayat ayat nu aya dina hate nu geus dibere elmu- lain alam jalma rupek pikir poek ati.

Ieu kabeh, dicaritakeun dina Mushaff Utsmani. Dicatetkeun dina kertas soteh kadieunakeun. Lamun ulah mikitab kadinya/ulah dijadikeun eunteung rek timana nyahona, kumaha nyaksina, aya kitab nu lain tina kertas - mangrupa cahya (nur) jeung aya di alam (qur’anum- majid) nu bijilna di kaqadiman bari boga sifat karim jeung bisa jadi hakim saperti nu dituduhkeun kalayan rinci ku Mushaff Utsmani puguh lauh mahfudzna?

----

Elmu sastrajendra jadi mangrupa istilah ngeunaan ‘elmu pangsampurna sampurnana’(MA Salmun, 1954). Nu diturunkeunana pribadi pisan sab elmu rasiah/elmu mahal – teu bisa ditepikeun sambarangan ka saban jalma bari jeung asal asalan kawas baheulana Sayidina Muhammad kasumpingan Gabri-El waktu numpi di guha hira dipiwarang iqra kitab/satra/tulisan nu lain mangrupa kertas nu dijinjing dikelek malikat (tingal harti sastra di bagian saencana) nu prosesna, diantarana, dicaritakeun deui ku Serat Centini kalawan make perlambang obrolan Hyang guru sareng dewa dewa nu liana di alam cahya (dewa/deva/malak/cahaya) nepikeun ka jadi ceta/polah/usik.

Jadina sare sagebrug guru jeung murid oge pimitohaeun jeung pimantuaeun sabab kasalahan ngajarkeun ngeunaan sangkan paraning dumadi manunggaling kawula gusti: ditibankeun paduduaan awewe jeung lalaki nu lain muhrim -pantangan/kapamalian nibankeun kasampurnaan. Najan kudu ‘privacy’ tapi kudu aya saksina nu lain nu saalam, nepikeun ka tungtungna/lamun paduduan euweuh nu nyaksian kausap nafsu sorangan -sok nyalahkeun we ka setan- jadi timbul sir. Kajadian ieu nyambung jeung carita asal najan beda tafsir yen bisa kajadian sagebrug waktu ngajarkeun sastrajendra –lain digoda dewa- tapi sabab nu ngajarna resi atah keneh ngan wawanianan sab nyaah ka anak, maenya aya nu ngajarkeun elmu pangsampurna sampurnana henteu lantip pancuh bari masih keneh eleh ku bujur awewe.

Pakeun ngajawab pananya barudak naha awewe ngora geus buta tulang buta daging hayang kawin diajar heula ulikan pangsampurna sampurnana? Nyaeta kitu lampah teh nurut kana pamendak Al Ghazali Sang Hujjatul Islam nu nyebatkeun Awaludinni Marifatullah, awal awalna lampah agama -kaasup kawin sab kudu jadi ibadah – kudu marifat heula ka pangerana. Dikampung kampung tangtung mah nya ieu pisan modelna didikan keur barudak teh nu tibalik jeung di pasantren: Awaludinni marifatullah, diajar kamarifatan memeh leupas ti tanggungan indung bapa (kawin) sab geus kawin mah jadi sasama. Matak tugas kolot/guru ngajarkeun samemeh leupas bisi kabawa ku sakaba kaba. Matak sok aya barudak nu tara hayang kawin saencan kawaris Sastrajendra sab hayang tapis heula memeh indung bapa jadi bangsa pageuh bela ka duriat.

Anakna nu bijil tina kanafsuan disebutna RaHwa(r)na –Rahwana lain deui Rawana- tina warna warna roh nu tuluy dina wayang golek disunda diwarnaaan beureum, adina kumbakarna hideung, adina deui nu awewe Sarpakanaka koneng, panungtungna Wibisana bodas. Beureum hideung koneng bodas sang catur warna. Ngan hanjakalna, jadi saolah olah warna beureum teh goreng warna bodas alus kitu oge hideung koneng padahal sarua wae rarangken asma hirup, nu jadi pangdenge pangdeuleu pangucap pangangseu lamun tapis ngeunaan tajalliat cahya-sukma -rasa kawas nu didongengkeun ku Hyang Guru dina serat centini. Dina pra islamna mah leuwih lantip asal kasalahan jadi Rawana, tuluy nu kadua mah make system Sang Surya ngahamilan Dewi Kunti supaya tetep ‘gadis’ ngaliwatan ceuli/karna– Kumba Karna (ceuli), tuluy jadi Sarpa (oray) Kanaka (kuku) salah sahiji sato nu suci dina Hindu Siwa - panungtungna kamampuh Sasrajendra jadi jelema sampurna nyaeta Wibisana.

Cara meruhkeun RaHwana di wayang Islam ayeuna mah teu dipaehan kawas ku guawijaya/agatsya dina Ramayana tapi sawarna jeung dirangket ku rante wijayana Arjuna Sasrabahu nyaeta make panah nu ngarana ‘jawa banget’ nyaeta Kiai Dangu –bari dibumbuan ku carita Dewa Wisnu taak heula sab Rahwana teu paeh paeh ku guawijaya tuluy ninggalkeun raga Rama kakalayangan panggih jeung Nabi Khidir. Nya tina obrolan sareng Nabi Khidir, Dewa Wisnu kaideuan yen Rahwana ‘ora kena pati tapi kena lara’. Ari ieu kiai dangu mampuh angger/jaya nunutur kamana wae Rahwana kabur- tuluy ditojosan nepikeun ka nyumput di guha Sundara-Sundari. Ieu caritaan cukup nyingsieunan ku nu matak enya kasaha saha nu lalajo wayang supaya ulah ngalajur nafsu ngumbar amarah sabab sanajan diwenangkeun ku pangeran ge angger ‘kena lara’ bari jeung susah teu paeh paeh – ‘ora kena pati’ nu saenyana marakhyangan paeh henteu hirup henteu ‘laa yamuutu fiiha wa laa yahya’, sedengkeun elmu kasampurnaan mah sab paeh nafsu nyawana tungtungna hirup mungkul hirup tuluy, bari teu keuna lara da geus salamet –rahayu dikahanana, manjing kecap ‘ora kena pati ora kena lara' najan geus enya enya ‘tega pati tega lara’ kanyataan Sang Keleter Putih di dunya.

Sanggeus nyumput tuluy digencet ku dua gunung ahirna Rawana jadi katelah –leuwih disebut ra(h)wa(r)na jeung dasamuka. Barang digencet awak awakan timbul roh warna warna tuluy nyukma dasa sapuluh muka/wajah jiwa dina rupa rupa 10 kawalian rasa dunya: wali sanga (9) - 7 na sirah 2 paragi kiih ngising sahwat- ka 10 wali tunggal nyatana liang bujal bukaeun lamun engke hayang mulang tarima ka nu mere nyawa bisa usik malik ngarasan dunya ku cara malikeun deui nyawana, dileupaskeun, kasebut ngaleupaskeun nyawa mulangkeun panyiraman - nu weleh moal bisa kabuka lamun teu apal rajah nini paraji sab ti gubrag kadunya geus dipengpetan ditalian.

Naha dipilih ngarana kiai Dangu?

Ieu teh sawarna jeung pakarang samemehna nu disebut (gua) wiJAYA. Ari dangu hartina denge, kamampuh/awasna ceuli. Kamampuh denge/ceuli ieu teh unsur JAYA dina awak, sab denge awasna ceuli mah tara keuna ku apes/eureun. Mata mah aya ngiceupna, irung ambekan aya mepetna, sungut ucap aya balem ngabisuna. Ari denge mah angger awas, ceuli muka wae liangna –karek nutup lamun dipencet /ditutupan ku leungeun jeung artificial laina bari angger tuluy ngahiung – jaya wae bisa ngadenge. Tong jauh jauh ayeuna mah pencet we ku ‘earphone/headset’ pan angger/ jaya ngadenge rupa rupa sora najan dipengpetan. Cirina manggihan Sastrajendra mimitina lamun bisa mencet jayana denge kasebut Kiai Dangu.

IV

Beda jeung Sasrajendra, Sastrajendra versi Islam kecap-istilahna loba/aya dipake disunda, Sab eusina/barangna nyumber kana ajaran kasampurnaan ti Islam nu diaragem ku urang sunda jeung saperti nu kasebut dibagian bubuka pangaruh budaya jawa-mataram Islam baheula nu sumerep di sunda nepikeun ka teu saeutik nu nyahona yen hancaraka teh, misalna, tulisan sunda, padahal diimport ti jawa nepikeun ka samareun ngabedakeunana. Gedena pangaruh sastrajendra ieu, hampir di tiap tukang kabatinan di sunda priangan pasti aya tulisan/catetan ngeunaan hanacaraka-aiueo-alfabet arab nu disambung sambungkeun jeung sifat sifat jeung nu aya dina badan sakujur, angin cai seuenu taneuh cahya, malah alfatihah, sahadat, maksud kujang, keris, pulo jawa jrrd, oge diwancah nurutan model Sastrajendra dibumbuan ku karesep/panyakit kikirataan.

Najan kitu, di lembur lembur tangtung mah sastrajendra teh lain mangrupa caritaan poko/hiji hijina pakeun nepikeun ajaran/ulikan sab bogaeun caritaan caritaan kapercekaan laina/lain ukur make wayang nyaeta diantarana make carita pantun ngeunaan LAYANG SASAKA DOMAS (layang=sastra/tulisan/kitab, sasaka=tihang, domas = emas/sinangling/ngagebur/cahya, oge hartina angka 800) bacaan/tulisan/sastra nu jadi tihang nur/sunda/cahaya nu malah leuwih detail panta/warna kahanana nepikeun ka aya 800na (domas) (panganteurna kana eta tingali, eddy nugraha: kalam kasundaan) bari percekana carita teh bisa ngajelaskeun kumaha cara manggihanana – kucara paeh heula- nu sarua/sawarna jeung nu ditepikeun ku Mushaff Utsmani meh barudak nyahoeun koncina/barang/kanyataana dina awak jeung alam buana ngeunaan wiwitan wekasan jeung kasampurnaanana; kayaning keur ngahirup paehkeun kudu apal ka wirumananggay dina awak, maehan heula si jonggrang kalapeteng jiwa, 7 guriang na hulu kudu ditunggalkeun, jrrd jrrd kajembaran tara ieuh riweuh ku wawancahan kikirataan. Jadi, dongengan Sastrajendra ukur bekel keur masamoan susuguh keur nu beukieun sakabeukina sakabeukina kasarna resep wayang bere wayang, resep pantun bere pantun, resep dongeng arab nyampak rengkol dalil goler hadisna da nu karitu mah geus JADI barang kanyataanana mo heseeun ngacak ngacak nyieun bancakanana.

PANUTUP

Tinu dicaritakeun diluhur katingal pisan palercekana jalma jalma baheula pakeun nganepikeun ajaran. Oge katingali yen hiji carita bisa wae dipasieup/dirobah gumantung ajaran/value nu rek ditepikeuna. Lain Sasrajendra wae, Sakakala Sangkuriang ge gening bisa jadi loba tafsiran gumantung kumaha/kamana muhithna.

Tina loba loba versi pamanggih, nu pentingna mah manggihan barang/kanyataanana nu dituduhkeun ku caritaan boh sasrajendra atawa sastrajendra (oge nu lain laina) ameh minuhan unsur kaharti karasa kabukti da moal seubeuh ukur ku nyaho dina kapribadian/kasampurnaan mah sab butuhna JADI - matak ulah daek ukur nutur nutur caritaan nu geus puguh perlambang ari ditanyakeun mana barang/kanyataana lumpatna kana perlambang deui, ari ukur perlambang/simbol/siloka deui mah nyieun we sorangan kateuteuari mikiran perlambang batur komo lumpatna ukur kana kikirataan wawancahan.

Sanggeus barangna kapimilik nyaeta sas(t)rajendra tea, elmu pangaweruh mah timana wae datangna pantes diulik, arek dikawisnuan Sasrajendra arek di kamanunggalan/kasampurnaan Sastrajendra tinggal maca neuleumana sorangan di sorangan da geus jadi banda waris sorangan ngadalangan sorangan. najan teu ngadenge caritaan batur/nongton wayangna ge bakal weruh sorangan komo bari maca manual/caritana leuwih gampang ngaenya henteukeunana. Sabalikna, lamun ukur apal ngabudahna/caritana teu kapanggih surasa katut kanyataan/barangna ukur jadi lieur hulu mangmang ati, riweuh ku reka perdaya cenah.

cag