INOVASI MULUDAN DI SUNDA: Hasil Kapercekaan Kana Bid’ah Nu Geus Aya (I)

Muludan  -Arabna: ‘mawlid/ milad an-nabi’’ - nyaeta pangeling ngeling dibabarkeunana  Sang Rahmatan lil alamin tanggal 12 rabiul awal/bulan ka-3 tahun hijrah. Kusabab muludan karek diramekeun ratusan taun saatos anjeuna ngantunkeun, jadi tangtuna ieu teh mangrupakeun bid’ah / tambahan / inovasi hasil kapercekaan muslimin dina numuwuhkeun/ngeuyeuban  si’ar agama.

Di Arabna baheula mah mimitina ‘mawlid an nabi’ teh dieusi ku shalawat jeung pujian2 ngagungkeun. Tuluy kadieunakeun, di loba loba nagri nu aya umat muslimna -saperti nu diantarana bisa katingali di urang langsung- ditambahan ku poe pere nasional ‘official public holiday’, pawai/karnaval/arak arakan, pupujian (bari nyeungeut lilin, obor, petasan, buroqan), nyaritakeun/macakeun dongeng nabi, pangajian, dikir, hajatan (di urang numpeng), ngabagi bagi dahareun -kongas aya babasan kokoro manggih mulud-,  jrrd. Malah beuki kaayeunakeun mah, tumuwuh oge bisnis parasaben keur ngadodoho nu nyaahan & nu hayang derma.

Tulisan ieu, rek nyaritakeun sabagian inovasi di sunda dina ngeusian/ngeuyeuban muludan hususna nu geus rada arang dikanyahokeun komo dipigawe ku loba-loba urang sunda ayeuna nu kabeukina ukur manco ka beja jeung kabiasaan bid’ah ‘mawlid an-nabi’ ti  Arab/ti batur mungkul. Inovasi  di sunda nu dimaksud diantarana urang kumpulkeun kana 3 bagian :

1)      Nyipuh, ngabungbang, pajang jimat, jarah ka kabuyutan,….

2)      Ngawaris/ngajarkeun & tolab  elmu ulikan kasampurnaan: mulih ka jati mulang ka asal, ngahyang/ tilem langsung  & paeh biasa heula tuluy tilem, beda/saruana jeung jeung jelema jelema nu nganggap cangkang kana awakna/lain awak kanyataan hirupna jrrd.

3)      Ngurut nembrakeun sababaraha rasiah waktu/alam –khususna bulan ka 3 tanggal 12 (nu mere pertelaan ngeunaan robahan alam/pangaruh rotasi (bulan) jeung revolusi bumi ka manusa khususna make ulikan luluhur sunda-islam nu aya hubungana jeung kaidah innalillahi wa inna ilaihi rajiun. Kecap rabiul awal sorangan hartina waktu balik  rabi (menetap) al-awal (mimiti) – usum dimana  jalma2  lalaki balik ka imah/sarakan sanggeus ngumbara/nyaba- nu gening lain saukur kabeneran/dilelebah ninggangna wayah Sang Uswatun Hasanah melebet ka bumi suci mulih ka jati sampurna,  wewedalan & pangsurupan keur tepung pangjuruan, Kaasup naha teu maleman tanggal 14 pas bulan buleud pisan/purnama, sarua / bedana jeung Putra Gangga Bisma Dewabrata dina mahabarata nu keukeuh milih maot upami srangenge geus rada ngaler -wios ngantosan bari nongton turunan galungan (bharatayudha)- najan salirana tos rungseb ku panah.