Kanyaho maqam kubur sorangan


Kanyaho teh...

Maqam panta kelas harkat jalma,
beuki loba beuki alus kanyaho
beuki lega beuki luhur maqam darajatna.
Kongas kanyahona jalma nyaho
pada pada geus dikanyahokeun jalma nu nyaho.

TAPI,....

Kanyaho ge...
Qubur kurung wates jalmana.
kongas loba nu kakubur ku kanyahona sorangan
geus teu bisa kaongget-ongget deui,
kabeulit kapoekan ku kanyahona,
teu bisa nganyahokeun kanyaho nu lain ti kanyahona
najan kuduna dikanyahokeun salaku jalma nu nyaho.

Jalma nu bisa ngajadikeun qur'an tuduhna....


Qur'an karek kapake jadi tuduh
ukur ku jalma jalma nu:

Caang kanu
teu katingal kumata teu kadenge ku ceuli (gaib),

Pamenta/kahayang (do'a shalat) hirupna
geus ajeg nangtung,

Resep beberesih nyampurnakeun awak,

Caang kanu naon nu geus tumiba/kapasihkeun/kajadian ka luluhur/nu saencana,

jeung...

Kana poe wiwtan/wekasan geus yakin lain euceuk.

Nu henteu mah  euy ....kahataman
Qur'an teh mo kadenge mo kaciri komo make

(sapi bikang 1-7).

mulyana nu bodo jeung nu ngelmu

Lamun bodo hayang mulya....
kudu daek nanya
ulah bol bol nabeuh kabodoan sorangan
ulah guminter bari ukur ditungtungan  ku wallahu alam -teu nyaho teuing pastina.

Lamun nu nyaho hayang mulya....
kudu balabah nyukangan batur
nya mo beurat mamawa elmu da dibikeunan.

Sab bodo jeung nyaho teu tangtu dina hiji hal
matakna kudu wae...
alewoh daek nanya
bari balabah mikeun kanyaho.

Nya...
menta bari mere.
mikeun bari ngala.
kadatangan bari barijil.
kitu jeung kitu nepikeun ka
teu khuldi rasaning bodo dimanehna rasaning nunyaho di manehna
da tara betah didinyana.
Kongas gede rumasa teu bodo bodo acan sok sumawoning pinter

kaAdaman


Ceuk Allah dina qur'an,
sanggeus Adamna khuldi disina turun ka dunya
tuluy sakabeh turunana ditetepkeun yen

hirup paeh jeung dihirupkeun deuina di dunya/ardhi/bumi.
Meunang kasenangan hirup salila waktu nu ditangtukeun.

Ngan kade dina paehna moal bisa leupas ti dunya.
dihirupkeun deuina ge engke di dunya.
kitu jeung kitu moal robah robah.

Ana kitu,...
meungpeung didunya urang pake
ngan lamun rek ninggalkeun dunya
kudu dileungitkeun
tong hayang ngeunah betah tineung di ka-adaman.

Sing Bisa Meureut Maneh

Kudu wae,...
sakeudeung atawa lila
sakali atawa leuwih,
jalma mah ngalaman kakurangan hakaneun
harta banda
kaleungitan jiwa nu dipikaasih
kaasup jiwa sorangan

memeh undak darajat
meunang kasinugrahan ti nu maha asih.

Matakna...
samemeh meunang eta tur komo mun keur aya dina kasenang ....
kudu bisa meureut maneh...
ameh lamun pareng ngalaman
moal asa diteungteuinganan

da geus tuman jeung apal yen
susah senang ukur jajantung diri
nu jadi marga lantaran kamulyaan
nu diancokeun ukur keur jalma sabar (kuat).

Nyawa dicokot deui, maneh rek kamana?


Cenah ge,...
umur gagaduhan nyawa sasampayan
atawa
nyawa bobogaan banda sasampeuran,

Jadi...
lamun pareng dipundut ku nu kagungan
moal bisa di ulah ulah
jeung ulah we ditahan tahan deuih
cenah da lain boga sorangan.

Ngan nyaeta,..
lamun nyawa sasampayan bobogaan
nu mun pareng dipenta nyawa kudu dibikeun,
maneh rek kamana?

Dina ngaleupaskeun nyawa,
nyawa leupas ti kurungan
cenah dicandak ku malaikat nu nyabut nyawa,
Ari maneh rek kamana?

Rek ngilu ka nyawa?
apan geus dileupaskeun dibalikeun deui kanu bogana?
Jadi ana kitu maneh naonana nyawa?

Al Jumu'ah dina Sinom

ku
Eddy Nugraha

(Kinanti)

Nyalindung ka maha agung, maha mulya maha suci, Allah nu maha uninga, tina poek sasar diri, alatan gogoda setan, nu nyiruruk nyiriwuri.

Kalawan asma Hyang Agung, marengan lampah sayakti, nu janten marga lantaran, sadaya usik ngajadi, nyaah asih taya kendat, nganteur mahluk nu kumelip.

(SINOM)

1. Yusabbiĥu lillāhi mā fī as-samāwāti wa mā fī al-'arđi al-maliki al-quddūsi al-`azīzi al-ĥakīmi

Ngamahasucikeun Allah
saniskara nu dilangit
tur sakumna di buana
Allah sanyatana gusti
Nu murba sawiji wiji
Maha suci ning agus
nu taya papadana
Prakosa nu taya tanding
Maha mulya wijaksana enya enya

2. Huwa al-ladhī ba`atha fī al-'ummīyīna rasūlāan minhum yatlū `alayhim 'āyātihi wa yuzakkīhim wa yu`allimuhumu al-kitāba wa al-ĥikmata wa 'in kānū min qablu lafī đalālin mubīnin

Mantenna anu ngungkara
utusan ti pangkat ummi
ti antara maranehna
rasul nu mere pangwarti
ngeunaan kalimah gusti
nu mersihkeun tiap tangtung
jeung nu ngajarkeun kitab
tur kaluhungan sajati
memehna mah maranehna sasab enya

3. Wa 'ākharīna minhum lammā yalĥaqū bihim wa huwa al-`azīzu al-ĥakīmu 4. Dhālika fađlu allāhi yu'utīhi man yashā'u wa allāhu dhū al-fađli al-`ažīmi.

Jeung nu lainna oge aya
nu acan pareng ngahiji
mantena nyata prakosa
wijaksana uninga surti
nya nu kabeh kasaksi
pasihan nu maha agung
ka nu dikersakeunana
Allah kagungan nu pasti
samudaya kasaean kaagungan

5. Mathalu al-ladhīna ĥummilū at-tawrāata thumma lam yaĥmilūhā kamathali al-ĥimāri yaĥmilu 'asfārāan bi'sa mathalu al-qawmi al-ladhīna kadhdhabū bi'āyāti allāhi wa allāhu lā yahdī al-qawma až-žālimīna

Misil jalma nu dipercaya
taurat kalamna gusti
ngan tuluy teu nyubadanan
lir kalde nu wara wiri
mamanggul kitab suci
misil hina ti nu agung
keur nu marungkir nolak
cawisan ti maha suci
Allah mo maparin tuduh ka nu sasar

6. Qul yā 'ayyuhā al-ladhīna hādū 'in za`amtum 'annakum 'awliyā 'u lillāhi min dūni an-nāsi fatamannaw al-mawta 'in kuntum şādiqīna 7. Wa lā yatamannawnahu 'abadāan bimā qaddamat 'aydīhim wa allāhu `alīmun biž-žālimīna

Pok: he yahudi sakumna
mun enya ngan maneh pasti
nu jadi kakasih Allah
prak penta maot ka gusti
mun enya bener wacis
Ngan maneh maroal kitu
moal wani palastra
sabab tapak lampah diri
jeung Allah uninga ka nu sasar lampah

8. Qul 'inna al-mawta al-ladhī tafirrūna minhu fa'innahu mulāqīkum thumma turaddūna 'ilá `ālimi al-ghaybi wa ash-shahādati fayunabbi'ukum bimā kuntum ta`malūna.

Sebutkeun yen saenyana
maot nu disinglar diri
supaya ulah tumiba
nyatana bakal pasini
tuluy dibalikeun pasti
ka nu uninga lan weruh
nu gaib jeung nu nembrak
Nya seug bakal dipiwarti
Sagala rupa hal nu geus dipilampah


9. Yā 'ayyuhā al-ladhīna 'āmanū 'idhā nūdī lilşşalāati min yawmi al-jumu`ati fās`aw 'ilá dhikri allāhi wa dharū al-bay`a dhālikum khayrun lakum 'in kuntum ta`lamūna


He sakumna nu ariman
Mun tanggara shalat muni
Dina poean jumaah
prak gancang geura areling
ka gusti maha suci
tinggalkeun nu keur dipaju
eta kabeh saenyana
leuwih alus eukeur diri
lamun maraneh sakabeh nyaraho mah

10. Fa'idhā quđiyati aş-şalāatu fāntashirū fī al-'arđi wa abtaghū min fađli allāhi wa adhkurū allāha kathīrāan la`allakum tufliĥūna

Tuluy mun geus rengse shalat
prak deui satiap diri
sumebar di ieu jagat
teangan masing tarigin
rahmat pasihan gusti
kurnia nu maha agung
jeung bari omat pisan
tong kendat eling kagusti
supaya kabeh pinanggih kamulyaan

11. Wa 'idhā ra'aw tijāratan 'aw lahwan anfađđū 'ilayhā wa tarakūka qā'imāan qul mā `inda allāhi khayrun mina al-lahwi wa mina at-tijārati wa allāhu khayru ar-rāziqīna

Jeung mun dina hiji wayah
Sab nenjo nu jual beuli
atawa karesmenan
kabeh naringgalkeun diri
nu keur nangtung madep gusti
pok naon nu di nu agung
leuwih alus tibatan
karesmenan jual beli
tur leuwih alus keur nyukupan saniskara