I. Pangemut Ngemut
17 Desember 2011 nu kalangkung, pun uwa, Uwa Ina (R. Hermina seuweuna R.O. Hardjawiria), ngantunkeun saparantos jumeneng di ieu pawenangan salami kirang langkung 70 warsih. Sababaraha waktos sateuacana rame kawartoskeun dikadang wargi, seueur saksina, anjeuna sasauran ‘kajeun gering sakumaha ripuhna omat ulah dibawa ka dokter (rumah sakit)’ pas ditaroskeun, pareng iasa ngalayad ngobrol paduduaan, walerna teh ‘uwa geus euweuh bandera, ulah ngariweuhkeun barudak’. Leres we sasihan saatos ngadugikeun tos nyaksian ical eta bandera (ningal tawis) anjeuna dipundut ku nu rahayu tilar ngantunkeun uwa pameget miwah putra putu.
Jasadna dikurebkeun tebih ti bumina, di Cibarunay-Bandung, saurna kahoyongna ku anjeun ‘ameh engke lamun barudak jararah bisa ngariung jeung dulur’. Ari bumina di Ancol, ku kasaean pribumina, kapungkurna rame wae kaseundeuhan janten pamijahan nu haroyong katibanan tiasa menceger hirup hurip dina kapribadian, ku para tuturus pananggeuhan sok dijantenkeun tempat kanggo ngariung pakeun nu paleryogieun tuduh jalana. Waktos nyarioskeun putra-mantuna (Teh Kenny & A Herman), nu nuju ngadamel deui bumi di Bogor, pun uwa nyarios ‘uwa ge pesen ka barudak teh: supaya aya deui imah imah nu dijadikeun tempat ngarariung,.. karunya barudak ayeuna bisi paroekeun, sab geus jarang meunang caritaan agama nu jeung eusina’.
Gening abong sepuh, tangtos tiap sepuh mah kitu, dugikeun ka bade pupusna alim ngarepotkeun turunan, nu diemutkeun teh kanggo kasaean seuweu siwina wae. Mugi mugi anjeuna, sareng sadayana nu parantos ngantunkeun tipayun, dihapunten sadaya kalelepatan kaluluputanana, dosa ageung dosa alitna, nu karaos boh nu teu karaosna sok sumawona nu dihaja boh nu teu kahajana, pamugi oge ditampi iman islamna ditampi amal shalehna dilanggengkeun di alam kani’matanana miwah sadaya anu dikarantun mugia kawaris kasaean-kasaeanana bari tariasa nyeungitan nerasngageungkeunana. Amin.
Upami wae pareng, caket caket nincak kana 40 dinten anjeuna ngantunkeun, lamun orok ngumpulna nyawa saatos 40 dinten dina jasad kitu deui sabalikna nu sirna katinggal ku nyawa –symmetry dina cakra waktu, hoyong pisan lugina tiasa jarah, bari sateuacana nyareatan ku nyundakeun surat yaasiin digurit dina dangdanggula –teras diupload etang etang ‘tahklillan’ online kanggo nu ngaraosna nyalira- ngeunteung kana nasehatna Prof. Albus Dumbledore ti dunya Harry Potter “do not pity the dead, Harry. Pity the living”. Da leres pisan, pun uwa mah tos puguh sumare, tos puguh putra putu nu tangtos keresa ngadu’akeuna malih kanggo nu dialamna dunya puguh tapak paesan jatina, urang mah ayeuna nu masih kumelendang… biheung, malah malah biheung tiasa maot enya- nu leres maot nyawana tangtos nu aya kantun hirupna- boa urang salamina kakubur alam ‘laa yaamuutu fiiha wa laa yahya‘, tong tebih tebih engke, ayeuna ge kumaha humandeuarna urang mun aya di alam nu teu menyat hirup teu neut paeh teu hos.
Di bagian tilu sareng saterasna ieu dangdanggula dipasihan catetan hal hal ngeunaan ‘eusi’ surat yaasiin nu kapendak dilembur tangtung nu janten ulikan tuturunan kanggo ‘man kaana hayyan’, diantawisna ngeunaan naon nu janten margi surat yaasiin janten qalbuna/ese-esena qur’an, oge naha mung diancokeun janten cecepengan Rasul sareng ahli warisna/ ‘ngarasulkeun’, sanes kanggo jalmi biasa.
Haturan wilujeng ngaos
II
YAA SIIN
Surat no.36 turun di Mekah 83 ayat
(Kinanti)
Nyalindung ka maha agung, maha mulya maha suci, allah nu maha uninga, tina poek sasar diri, alatan gogoda setan, nu nyiruruk nyiriwuri.
Kalawan asma hyang agung, marengan lampah sayakti, nu janten marga lantaran, sadaya usik ngajadi, nyaah asih taya kendat, nganteur mahluk nu kumelip.
(Dangdanggula)
1. Yaa Siin 2. Wal qur-aanil hakiim 3. In-naka laminal mursaliin 4. Alaa shirathim mustaqiim 5. Tanziilal ‘aziizir rahiim 6. Litundzira qaumam maa unzdzira aabaa-uhum fahum ghaafiluun.
Yaa siin jeung demi qur’aanil hakim
Bacaeun nu enya wijaksana
Sanyata nyatana anjeun teh
Salah saurang rasul
Nu napak di jalan mustaqim
Metu ti nu prakosa
Tur asih langkung langkung
Keur ngingetan jalma jalma
Nu ti kolot kolotna euweuh pepeling
Nya jadi baralangah
7. Laqad haq-qal qaulu ‘alaa aktsarihim fahum laa yu’minuun 8. In-naa ja’alnaa fii anaaqihim aghlaalan fahiya ilal adzqaani fahum muqmahuun 9. Wa ja’alnaa min baini aidiihim sad-daw wa min khalfihim sad-dan fa aghsyainaahum fahum laa yubshiruun
Yen saenyana geus pasti murti
Keur kalolobaan maranehna
Alatan heunteu iman teh
Kami masang panalikung
Nu ti beuheung ka gado nali
Nepikeun ka narenggak
Tur lalangse timbul
Hareup jeung tukangeunana
Kami ge meungpeunan matana deuih
Meh lalolong tenjona
10. Wa sawaa-un ‘alaihim a-andzartahum am lam tundzirhum laa yu’minuun 11. In-namaa tundziru manit taba’adzikra wa khasyiyar rahmaana bil ghaib fabasy-syirhu bimaghfiratiw wa ajrin kariim
Sarua we pikeun nu taradi
Diingetan atawa henteuna
Tetep moal iman keneh
Ingetan mah ngan mungkul
Nu dek nurut kana pepeling
Jeung nu teu wani tanggah
Ka nu nyaah agung
Najan gaib keur manehna
Bubungah ku ayana ampunan jati
Tur ganjaran nu mulya
12. In-naa nahnu nuhyil mautaa wa naktubu maa qad-damuu wa aatsaarahum wa kul-la syai-in ahsyainaahu fii imaamim mubiin
Saenya enyana pisan kami
Ngahirupkeun nu geus teu nyawaan
Turta kami oge nyatet
Sagala lampah laku
Nu dijieun ku tiap diri
Tur nuliskeun tapakna
Natrat mo kaliru
Jeung nyatana sakabeh hal
Ku kami dijadikeun murti tinulis
Na imam nu tetela
13. Wadhrib lahum matsalan ashaabal qaryah idz jaa-ahal mursalun 14. Idz arsalna ilaihimutsnaini fakadzabuuhumaa fa-az-zaznaa bitsalitsin faqaaluu in-naa ilaikum mursaluun 15. Qaaluu maa antum ii-laa basyarum mitslunaa wa maa anzalar rahmaanu min syai-in in antum il-laa takdzibuun.
Keur maranehna sok jieun misil
Nagri nu kadatangan utusan
Sab ka nu dua teu malire
Nya anu katilu nyaur
Yeuh kabeh pangeusi ieu nagri
Kula rasul keur andika
Ari pok: ah wadul
Dia ukur basariyah
Ar-rahman mo ngutus nu kitu keur diri
Dia ngan ngabohongan
16. Qaaluu rab-bunaa ya’lamu in-naa ilaikum lamursaluun 17. Wa ma ‘alainaa il-lal balaaghul mubiin 18. Qaaluu in-naa tathay-yarnaa bikum la-il lam tantahuu lanarjuman-nakum wa layamas-san-nakum min-naa ‘adzaabun aliim
Ceuk rasul: gusti nu terang pasti
Yen kula utusan keur andika
Tugas kula mah ngan wae
Netelakeun pituduh
Pokna teh: kami apes diri
Sab ku ayana dia
Mun keukeuh rek kitu
Nya dia arek dirajam
Jeung dia kabeh rek meunang siksa peurih
Ti kami sarerea
19. Qaaluu thaairukum ma’akum a-indzuk-kirtum bal antum qaumum musrifuun
Dijawab: nu tumiba ka diri
Warna kaapesan kahinaan
Sab lampah sorangan wae
Lain sab aya rasul
Piraku sab sinelir pepeling
Awak apes teu mulya
Malah anu geus tangtu
Nu enya enya tetela
Lampah andika kabeh nu geus ngajadi
Kaleuleuwihi pisan
20. Wa jaa-a min aqshal madiinah rajuluy yas’aa qaala yaa qaummit tabi’ul mursaliin 21. It-tabi’uu mal laa yas-alukum ajraw wa hum mutaduun 22. Wa maa liya laa ‘abudul ladzii fatharanii wa ilaihi turjauun
Jol hiji jalma ti tepis wiring
Datang rurusuhan tur nyarita
He batur batur sakabeh
Prak turut eta rasul
Nu ngingetan bari teu pamrih
Nya nu kitu nyatana
Nu meunang pituduh
Piraku kula teu nyembah
Kanu geus nyiptakeun jeung nu ngan ka gusti
Urang dipulangkeuna
23. A-at-takhidzu min duunihii aalihatan iy-yuridnir rahmaanu bidhur-ril laa tughnii ‘an-nii syafa’atuhum syai-aw wa laa yunqidzuun 24. In-nii idzal lafii dhalaalim mubiin 25. In-nii aamantu birab-bikum fasma’uun
Jeung piraku we kula migusti
Nyembah salian ti ka Mantenna
Da mun kersa Ar-rahman teh
Ngamudaratkeun tangtung
Safaat lian mo matih
Mo bisa nulung nyinglar
Mun ser ka nu kitu
Tangtu kula sasar sasab
Kula mah geus enya imanna ka gusti
Matak regepkeun geura
26. Qiladkhulil jan-nah qaala yaa laita qaumii ya’lamuun 27. Bimaa ghafara lii rab-bii wa ja’alanii minal mukamiin
Nya dileler inyana ku gusti
Tarima asup manjing sawarga
Ceuk inyana: duh mun bae
Kaom kula wareruh
Naon sababna gusti diri
Tos ngahapunten kula
Tur nu maha agung
Mere kula kamulyaan
Saperti jalmi jalmi nu tos kawaris
Kamulyaan mantenna
28. Wa maa anzalna ‘alaa qaumihii mim ba’dihii mi jundim minas-samaa-I wa maa kun-naa munzilin 29. In kaanat il-laa shaihataw waahidatan fa idzaa hum khaamiduun
Jeung kami teu nurunkeun ti langit
Naon naon deui ka kaumna
Saenggeus inyana waleh
Jeung nya teu pantes turun
Naon naon deui ti kami
Pangasih keur maranehna
Iwal murti metu
Siksaan pangeranana
Nu ngan lir sora tiupan nu ngajerit
Saharita binasa
30. Yaa hasratan ‘alal ibaad maa ya’tiihim mir rasuulin il-laa kaanuu bihii yastahzi-uun 31. Alam yarau kam ahlaknaa qablahum minal quruuni an-nahum ilaihim laa yarji’uun 32. Wa in kul-lul lam-ma jami’uul ladainaa muhdharuun
Rugi pisan eta para abdi
Nu teu datang rasul ka manehna
Lian di wah wah dienye
Naha henteu wareruh
Loba loba umat bihari
Nu geus rusak binasa
Maranehna luput
Teu balik deui ka dunya
Jeung mo henteu nu bakal mah ngan ka kami
Dijagrakeun kabehna
33. Wa aayatul lahumul ardhul maitah ahyainaahaa wa akhrajna minhaa hab-ban fa minhu ya’kuluun 34. Wa ja’alnaa fiihaa jan-naatim min nakhiiliw wa ‘anaabiw wa fa-jarnaa fiihaa minal ‘uyuun
Ayat keur maranehna ti kami
Taneuh nu angar cengkar di dunya
Kami huripkeun sakabeh
Tuluy tidinnya rentul
Sisikian pada jaradi
Pakeun kadaharana
Tur pareng tumuwuh
Kebon anggur kebon korma
jeung tidinya ge malancer bararijil
Cai patingburial
35. Liyakuluu min tsmarihii wa maa ‘amilat-hu aidihim afalaa yasykuruun 36. Subhaanal ladzii khlaqal azwaaja kullaha mim-maa tun-bitul ardhu wa min anfusihim wa mim-maa laa ya’lamuun
Ku kitu teh meh mareunang hasil
Tur meunang naon bae ti dinya
Loba rupa hasil gawe
Bet na teu muji sukur
Suci ning suci maha suci
nyipta hal papasangan
Di sakabeh tangtung
Boh nu medal ti buana
Boh ti manehna sorangan boh nu lain
Nu manehna teu apal
37. Wa aayatul lahumul lail naslakhu minhun nahaara fa-idzaa hum mudzhlimuun 38. Wasy-syamsyu tajrii limustaqa-ril lahaa dzaalika taqdirul ‘azizil ‘alim
Jeung ayat laina nyata peuting
Kami udar cahyana beurang
Keur ngagantikeun poe
Dina reup surya surup
Nya poekna peuting kasaksi
Jeung oge sang aditya
Angger muter kukuh
Dina jalan sakuduna
Kitu kersana nu prakosa linewih
Miwah maha uninga
39. Wal qamara qad-darnaahu manaazila hat-taa ‘aada kal’urjuunil qadiim 40. Lasy syamsyu yan baghii lahaa an tudrikal qamara wa lal lailu saabiqun nahaar wa kul-lun fii falakiy yasbahuun
Jeung bulan geus ditangtukeun kami
Sapasi sapasi tembongna
Mun geus tembong buleud bunder
Tembong deui melengkung
Kawas dahan korma rek garing
Moal nya kawenehan
Panon poe nyusul
Nepungan ngaganti bulan
Mo peuting liwat ti beurang da geus pasti
Boga lampah sorangan
41. Wa aayatul lahum an-naa hamalnaa dzur-riyatuhun fil fulkil masyhuun 42. Wa khalaqna lahum mim mitslihii maa yarkabuun 43. Wa in-nasya nughriqhum falaa shariikha lahum wa laa hum yunqadzuun 44. Il-laa rahmatan min-naa wa mataa’an ilaa hiin
Jeung ayat nu laina ti kami
Kami naekeun turunannana
Na parahu nu pajejel
Tur nu sarupaning kitu
Loba dijadikeun ku kami
Mun rek dilelepkeun mah
Mo aya nu nulung
Tur mo salamet waluya
Mun lain rahmat jeung kasenang ti kami
Nepi tutug mangsana
45. Wa idzaa qiila lahumut taquu maa baina aidiikum wa maa khalfakum la’allakum turhamuun
46. Wa maa ta’tiihim min aayatim min aayaati rab-bihim il-laa kaanuu anhaa mu’ridhiin
Jeung mun maranehna dipiwarti
Mangkade kanu keur dipilampah
Tur nu rek dipaju engke
Meh ka rahmat nu agung
Eta kabeh teu dipaduli
Jeung henteu pernah datang
Rupa rupa tuduh
Tanda ti pangeranana
Iwalti maranehanana geus pasti
Ngalieus ngajauhan
47. Wa idzaa qiila lahum anfiqu mim-maa razaqakumul laahu qaalal ladzina kafaruu lil-ladzna aamanuu anuth’imu mal lau yasyaa-ullaahu ath’amahuu in antum il-laa fii dhalaalim mubiin
Jeung oge upama dipiwarti
Darmakeun rupaning kahadean
Nu ti Allah ka maraneh
Kafir ka mu’min metu
Naha kula kudu ngabagi
Ka jalma nu mun kersana
Dipasihan tulung
Nya Allah nu maparina
Saestuna eta tangtungan nu kafir
Sasar tetela pisan
48. Wa yaquuluuna mataa haadzal wa’du in kuntum shaadiqiin 49. Maa yanzhuruuna il-laa shailataw waahidatan ta’khudzuhum wa hum yukash-shimuun 50. Falaa yatarthi’uuna taushiyatawa wa laa ilaa ahlihim yarji’uun
Jeung nyarita nu kalafir tadi
Subaya teh iraha laksana
Mun arandika balener
Nya euweuh nu ditunggu
Lian sora lir ngajerit
Sabot maranehanana
Parasea padu
Mo sempet ngawasiatan tur mo panggih
Jeung kulawarga heula
51. Wa nufikha fish-shuuri fa idzaa hum minal ajdaatsi ilaa rab-bihim yansiluun 52. Qaaluu yaa wailanaa man ba’atsanaa mim marqadinaa haadzaa maa wa’adar rahmaanu wa shadaqal mursaluun
Heug sangkakala ditiup murti
Nya barijil ti kuburana
Ngadeuheus gusti sakabeh
Nu kalafir mah nyebut
Duh gening cilaka teuing
Na saha nu ka kula
Mere deui hirup
Padahal lin geus sumare
Tah nya ieu cawisan nu maha asih
Rasul teh bener pisan
53. In kaanat il-la shaihataw waahidatan fa-idzaa hum jamii’ul ladainaa mhdharuun 54. Fal yauma laa tzhlamu nafsun syai-aw wa laa tujzauna il-laa maa kuntum ta’maluun
Mo lian ti lir sora nu ngajerit
Sapada harita maranehna
Kami kumpulkeun kabeh
Tah dina ieu waktu
Euweuh jiwa nu dirurugi
Jeung moal moal pisan
Sakabehna tangtung
Narima pangbalesan
Lian saniskara nu ku tiap diri
Enggeus dipilampahna
55. In-na ashhaabal jan-natil yauma fii syughulin faakihuun 56. Hum wa azwaajuhum fii zhilaali ‘alal ‘araaiki mut-taki-uun 57. Lahum fiihaa faakihatuw wa lahum maa yad-da’uun 58. Saalamun qaulan mir rab-bir rahiim 59. Wamtaazul yauma ay-yuhal mujrinuun
Lamun pangeusi sawarga mah yakti
Harita jongjon saruka bungah
Lenggah jeung bojona kabeh
Di bale nu ariuh
Nyarampak buah nu dipamrih
Tur kabeh nu diseja
Salam nya pihatur
Ti gusti nu asih pisan
Ngan kanu doraka harita dipiwarti
Nyapih kudu marisah
60. Alam ahad ilaikum yaa banii aadama al-laa ta’budusy-syaithaan in-nahuu lakum aduw-wum mubiin 61. Wa ani’ buduunii haadzaashiraathum mustaqiim 62. Wa laqad adhal-la minkum jibil-lan katsiiraa afalam takuunuu ta’qiluun
Naha lain kami geus ngawarti
He sakabeh anak incu Adam
Mangkade nya maraneh
Ka setan tong mituhu
Itu teh musuhnu geus pasti
Ngan ka kami ngabdi mah
Eta jalan tangtung
Nu mustaqim lempeng lampah
Estu setan geus nyasarkeun loba diri
Na bet teu daek sadar
63. Haadzhihii jahan-namul latii kuntum tuu’aduun 64. Ishlauhal yauma bimaa kuntum takfuruun
65. Alyauma nakhtimu ‘alaa afwaahihim wa tukal-limunaa aidiihim wa tasyhadu arjuluhum bimaa kaanuu yaksibuun
Tah ayeuna jahannam pinasti
Nu geus dicawiskeun keur nu ingkar
Poe nu geus ku maraneh
Di wah wah mo tepung
Danget ieu kersana kami
Sungut mo bisa engab
Tapi lengeun nyatur
Pada pada cumarita
Jeung suku ge papada jaradi saksi
Kanu geus dipilampah
66. Wa lau nasyaa-u lathamasnaa ‘alaa a’yunihim fastabaqush shiraatha fa-annaa yubshiruun
Jeung lamun kami ngersakeun leuwih
Kami tumibakeun ka manehna
Leungiteun awasna tenjo
Pangdeuleuna luput
Tuluy paheula heula nyungsi
Neang jalan nu lega
Keur diri lumaku
Ngan najan kitu petana
Cik kumaha bisana manggih ningali
Jalan nu diajamna
67. Wa lau nasyaa-u lamasakhnaahum ‘alaa makaanatihim famas tatha’uu’mudhiy-yaw wa laa yarji’uun 68. Wa man nu’am-mirhu nunak-kis-hu fil khalqi afalaa ya’qiluun
Mun kami ngersakeun leuwih deui
Kami robah kaayanana
Ditempat manehna keneh
Nya mo barisa lumaku
Sok komo rek baralik deui
Mo pisan bisa mulang
Tur sakabeh tangtung
Nu dipanjangkeun umurna
Kami balikeun deui ka wiwit jadi
Na teu daek mikiran
69. Wa maa ‘al-lamnaahusy-syi’ra wa maa yan baghil lahu in huwa il-laa dzikruw wa qur aanum mubiin 70. Liyundzira man kaana hay-yaw wa yahiq-qal qaulu ‘alal kaafiruun
Jeung kami mah teu ngajarkeun syair
Syair mah teu pantes keur utusan
Taya lain ieu kabeh
Nu bijil betus metu
Pepeling jeung quraanun mubiin
Bacaan nu tetela
Nu ngingetan mungkul
Keur nu hirup saenyana
Jeung mastikeun papasten nu pasti murti
Keur jalma nu alingkar
71. Awalam yarau an-naa khalqnaa lahum mim-maa ‘amilat aidina an’aaman fahum lahaa maalikuun 72. Wa dzal-lalnaahaa lahum faminhaa rakuubuhum wa minha ya’kuluun
Naha maranehna teu tingali
Yen kami geus nyiptakeun eukeurna
Sato sato ingon ingon
Nu eta kabeh matuh
Sab kakawasaana kami
Nya pada dipibanda
Tur jaradi nurut
Kanu ngabogaanana
Nu guna keur maranehna balawiri
Oge keur dahareuna
73. Wa lahum fiihaa manaafi’u wa masyaaribu afalaa yasykuruun
Jeung ti eta kakawasaan kami
Nyaeta ingon ingon eukeurna
Nya maranehna sakabeh
Meunang nu dipibutuh
Rupa guna mangfaat tadi
Tur maranehna meunang
Jang eukeurna nginum
Ngan ku eta kajadian
Naha maranehna bet ingkar ka kami
Teu daek tumarima
74. Wat takhadzuu min duunillaahi aalihatal la’allahum yunsharuun 75. Laa yastathi’una nasrahuum wa hum lahum jundum muhdharuun 76. Falaa yahzunka qauluhum in-naa na’lamu maa yusir-ruuna wa maa yu’linuun
Jeung maranehna muhit gusti
Salian ti Allah keur tulungna
Ngan eta sembahan kabeh
Mo bisa mere tulung
Malah eta nu dipigusti
Gumantung ka manehna
Seug anjeun tong ngangluh
Ku ucap caritaana
Sab kami teh weruh nu disidem diri
Jeung nu ditembrakeuna
77. Awalam yaral insaanu an-naa khalaqnaahu mi nuthfatin fa idzaa huwa khasiimum mubiin 78. Wa dharaba lanaa matsalaw wa nasiya khalqah qaala may yuhyil ‘izhaama wa hiya ramiim.
Jeung naha manusa teu tingali
Kami nyiptakeunna tina nuftah
Geus hirup bet ngabengbeleng
Mondah nambalang nya laku
Tur malah ngamisilkeun kami
Lat poho kana asalna
Ucapna nu metu
Wah na saha anu bisa
Ngahirupkeun tulang taleng geus permati
Jeung rusak teu mangrupa
79. Qul yuhyii hal-ladzii an sya-ahaa aw-wala mar-rah wa huwa bikulli khalqin ‘aliim 80. Nil-ladzii ja’ala lakum minasy-syajaril akhdari naaran fa-idzaa minhu tuuqiduun
Pok: nu bakal ngahirupkeun deui
Nu enggeus permati euweuh lian
Nya nu samemehna keneh
Mantenna estu weruh
Tiap ciciptan nu kumelip
Jeung nya ngan ku kersaNa
Seuneu bisa hurung
Tina tangkal hejo rupa
Saharita maraneh meunangkeun geni
Mirun seuneu tidinya
81. Awa laisal ladzii khalaqas samaawaati wal ardha biqaadirin ‘alaa ayyakhluqa mitslahum balaa wa huwal kha-laaqul ‘aliim
Tur nya lain Mantenna sawiji
Nu tos nyiptakkeun langit akasa
Katut buana sakabeh
Nu bakal enya mampuh
Nyiptakeun deui anu lain
Nu sarupa jeung eta
Enya pisan kitu
Sab nu estu mung Mantenna
Nu kawasa nyiptakeun sawiji wiji
Miwah maha uninga
82. In-nama amruhuu idzaa araada syaian ay-yaquula lahuu kun fayakuun 83. Fasubhaanal ladzii biyadihii malakuutu kulli syaiiw wa ilaihi turja’uun.
Estu timbalana anu murti
Mun Mantenna nya ngersakeun seja
Ngeunaan naon wae ge
Ngan qun dawuhna metu
Nya jadi kabehna teh jadi
Maha suci Mantenna
Na hastana mungkul
Wisesana saniskara
Tur ngan ka Mantenna nya satiap diri
Bakal dipulangkeuna