III. YAA SIIN JAJANTUNG QUR’AN: Surat yaasiin?..Wah?...Na kumaha kitu euy?

PANGANTEUR

Surat Yaa Siin atawa Qulb Qur’an loba disebutkeun mangrupa surat jajantungna atawa ese esena tina Qur’an. Nepikeun ka cenah aya hadis nu nyebutkeun ‘sagala rupa aya hakekatna, hakekatna Qur’an nyatana surat yaasiin’. Kahartieun henteuna mah eusina ku nu maca naha disebut ese esena Qur’an  wallahu alam  iwal Allah jeung nu macana nu nyaho pastina. Ngan nu gampang kaciri di jalma rea mah, ieu surat kaasup surat nu pangseringna dibaca muslimin-muslimat dimana mana,  kawas nu geus lila dicatetkeun ku Pickthall  dina The Meaning of the Glorious Koran, yen surat yaa siin ‘Regarded with special reverence and recited in times of adversity, illness, fasting,  and on the aprproach of death’. Nya kitu tea atuh, nu keur susah (adversity) hayang senang deui, menyat deui, loba rijki deui, nanjung deui, jrrd jrrd; nu gering (illness) hayang cageur deui sabihara sabihari; nu puasa (fasting) hayang hasil maksud, hayang ngelmu, hayang pengkuh mulya dina ageman  jrrd jrrd; nu rek maot hayang didu’akeun dilancarkeun dihampura disampurnakeun jrrd jrrd jrrd nepikeun ka ieu surat kapanggih loba dibukukeun misah ti gemblengan mushaff utsmani.


Malah di urang-urang mah maraca surat yaa siin teh nepikeun ka lamun jarah, sababaraha waktu sanggeus  aya nu maot/tahlilan -7 poe,  40na, ngatus, 1 taun, jst-, ngarewahkeun, jrrd jrrd jrrd. Mun ditanya naon sababna laku kitu, ‘yaasiinan’, loba nu ukur ngajawab pondok ‘ngalap berkah (barokah/kahadean) boh keur nu maot boh keur nu maca/nu ngadengena’ atuh gampang pisan kahartina ku barudak da loba conto deetna, misalna wae dina tahlilan, paling copelna dina tujuhna balik tahlil bakal meunang/ngelek ‘berekat’ kahadean berkah ti nu boga imah. Najan biasa wae ari lumbrahna di jalma rea, nu teu beukieun ‘yaasiinan’ moyok ngaulah ulah ari nu beukieun ongkoh ongkoh bari rempeg pada baroga hadis golerna nurutkeun pamuhitan pahamna sewang sewangan.

Maksud ieu tulisan mah rek nyaritakeun nu kapanggih di lembur tangtung karang adeg  lebah lengkob gunung batu(r)rea nu aya hubunganana jeung maksud surat yaa siin salaku qulb/ese esena Qur’an, nu sok ditepikeun bari paruasa (fasting) nyatana kaayaan kahanan jiwa nu keur cileuhna kuru peujitna kentel kalesu nafsuna sok kasebutkeun oge dilembur mah caritaan dina kaayaan beuteung kureseun –kawas patuangan seuweu quraysh Sang Khataman Nabiyyin nu resep saum ngirangan kulem sasat panglesu nafsu -sab salian nyaritakeun ese esena Qur’an oge pakeun  ‘ngarasulkeun’ nyaeta nyaritakeun pangkat makamna karasulan nu engke dipiharep jadi cecekelan para ahli waris metakeun mujizatna Qur’an. Ari ieu dituliskeun, sabagaiana di upload diuar uar sab katimbang keur usumna, kawas ayeuna mah adzan, ngaji, takbiran, khutbah jrrd ge ukur nyetel mp3, jadi lamun geus aya mah bangkarak tulisna tinggal daek henteuna engke barudak maca muasananana ari kolot kolot tinggal bukana.


ADEG-ADEG

1. Yaa Siin 2. Wal qur-aanil hakiim 3. In-naka laminal mursaliin  4. Alaa shirathim mustaqiim 5. Tanziilal ‘aziizir rahiim 6. Litundzira qaumam maa unzdzira aabaa-uhum fahum ghaafiluun.

(Dangdanggula)
Yaa siin jeung demi qur’aanil hakim
Bacaeun nu enya wijaksana
Sanyata nyatana anjeun teh
Salah saurang rasul
Nu napak di jalan mustaqim
Metu ti nu prakosa
Tur asih langkung langkung
Keur ngingetan jalma jalma
Nu ti kolot kolotna euweuh pepeling
Nya jadi baralangah

Surat yaa siin nu harti sundana saperti digurit dina bagian II -Yaa Siin dina dangdanggula katut maksud eusina- dimimitian ku kecap ‘mistic words’, ayat mutasyabihat nu mangrupa potongan kecap (Muqatta’ah) –nu jadi ngaran surat- jeung dimimitian pangwuwuh kalayan, sumpah, demi Qur’an nu (boga sifat/kamampuh/ciri) Hakim (ahkam, hukm, hikmah), bari waktu metuna harita, masih keur di Mekah keneh lain/can/teu mangrupa mushaff nu dijingjing dikelek komo didigitalised, eusi mushaffna ge can lengkep lengkep acan.  Eusi suratna, dialamatkeun ka Rasulullah (pihak II) – innaka jst-  ngeunaan: karasulan, saha saha wae nu kudu diingetan/diantep ku rasul, rasul supaya nyieun misil/umpama/similitude/perlambang keur bahan panerangan ka umatna  (kasabit sabit jadi pihak ka tilu) bari dipasieup ku ayat-ayat/bukti/tanda2 nu laina boh nu geus kanyahokeun boh nu encan.

Jeung eusi surat muguhkeun hal keur cecekelan rasul yen eta kabeh nu metu –nu diajarkeun ku nu prakosa jeung kawasa teh- lain sy’air tapi mangrupa Qur’annun mubiin, teu pantes rasul mah boh ka ummatna boh ka pribadina nyarita teu jeung enyana/euweuh enyana bari teu migawe/ngalaman/kahontal/kataekan ku sorangana (sya’ir). Wa maa ‘al-lamnaahusy-syi’ra wa maa yan baghil lahu in huwa il-laa dzikruw wa qur aanum mubiin’ (yaasiin,69). Tukang sya’ir teh, numutkeun Allah mah (As-syu’ara, 226), diantarana nyaeta ‘wa annahum yaquuluuna maa laa yaf’aluun’ nu resep nyaritakeun naon wae –utamana dina hal ieu - ngeunaan ageman (boh jadi bacaan, bacaeun, dengekeuneun, tingalikeuneun) nu ukur euceuk jeung cenah bari manehna teu migawe/teu ngalaman/teu kahontal ku /lain beubeunangan/alamna sorangan. Cacakan kitu, bari jadi tukang sya’ir nu iman jeung amal shaleh ge rasul mah teu meunang –da teu pantes-  tapi kudu wae  Qur’anil hakim na teh mangrupa Qur’anun mubiin.

Jadi, cecepengan/ciri Rasul nu mustaqim teh nyatana kahanan ‘yaa siin’ jeung Qur’anil hakim nu mangrupa Qur’anun mubiin –lain saukur Qur’anil adhim, Qur’anil karim, Qur’anil madjid.

Ari ahli waris rasul,  dumasar ku ngeunteung kana eusi surat yaa siin dina ieu Mushaff utsmani cecekelan muslim sadunya, kudu wae baroga bekel /sing barisa/marampuh aya/maranjing dina /kaselir leleberana kahanan  “yaa siin” heula. Ieu teh nu jadi modal, bibit, cecekelan, pakeun medalna tanda tanda bukti bukti katerangan katerangan caritaan caritaan keur dirina memeh meta metukeun/jadi/mangrupa bacaan/tulisan/caritaan nu jadi bacaeun, caritakeuneun, dengekeuneun, tingalikeuneun, uarkeuneun ka batur.

Ari sifatna/kamampuhna/eusi eusina eta nu murti metu bijil usik ti manehna kudu jadi/mangrupa kawijaksanaan -wicaksana, kudu bisa jadi ajaran/pangajaran/putusan/aturan/ nasehat/panggeuing/pepeling ka batur. Sakabeh ‘caritaan’ ‘tulisan’ ‘bacaan’ nu jadi bacaeun dengekeuneun tingalikeuneun batur teh kudu jadi panyinglar ngahalangan naon wae supaya menang atawa jadi kahadean kaalusan kasalametan kasampurnaan jeung rupa rupa kahadean liana keur dirina jeng batur.

--Kecap Hakim ahkam asal tina kecap hikmah nu hartina bijaksana, oge asal tina kecap hukm nu boga harti putusan.  kecap kecap eta teh ngandung harti asal nyaeta, ngahalangan naon bae supaya meunang/jadi kahadean. kendali’/Kadali oge dingaranan hikmah sab gunana ngahalangan nu dikadalina hal supaya teu tikusruk kana bahaya/picilakaeun-

Urang lembur mah mere nasehatna teh pan  ‘euy,… saciduhna nu metu saucapna nu nyata katut pangdenge pangdeuleu pangangseu jeung usik malik maneh teh sing asak asak ameh jadi tungguling rahayu tangkaling mokaha meh katuliskeun jadi bacaan bacaeun kahadaean kasampurnaan keur maneh jaga…. Sok komo deui ka batur..da engke teh malik ka maneh keneh…’iqra kitabaka kafa binafsika’… jst jst.


Saha ahli waris rasul teh? Eta jalma jalma nu, diantarana, temen ngingetan, mepelingan, nu nulung,  nu nalang,  nu nuduhkeun, nu nungtun, nu nyaangan, nu jadi tungguling rahayu tangkaling mokaha tuturus pananggeuhan batur rea. Nu sok aya di rupa guru ajengan ajar, kiai, ustad, panarosan  santri, lulugu, jalma biasa, luhur handap saha wae dimana wae malah sok loba sinelir dinu teu siga siga acan.

Pakeun Ahli waris rasul mah, sagala ‘tulisan’ ‘caritaan’ ‘bacaan’ teh sing mangrupa hal nu enya ulah euweuh enyana, nu tetela bari suwung mangmang suda sugan sab geus kaalaman katungtik kapigawe kaamalkeun jadi pakean sorangan ku lain dumeh euceuk kitab sabab cenah saur guru nyaritakeun pamanggih/nu kaalaman ku batur.  Sageuy ari kawijaksanaan nu bijil metu nu geus katungtik kaalaman jadi pakean sorangan mah tangtu moal kagok pok kagok tret mangmang prak da geus jadi tumpah darahna jadi bali (kadaharan-‘pakean’ di jero rahim bekel) geusan  (manehna metu) ngajadi jeung jadi banjar karang –pananggeuhan- tempat manehna midang kadenge/kabacana ge ku batur meureun puguh eusina. Komo deui bijil tina hal nu bener nu enya .

Tapi kumaha supaya eta nu enya nu bener teh enya enya benr bijil ti/ mungguh kersa pangerana nu maha nyaah tur kawasa kana saniskara, lain tina berhala kanyahona sorangan lain tina kubur angkeuhna sorangan? nu ka rasul mah disebutkeun ‘tanziizil azziir rakhim’.

Nya didieu maksud engke caritaan harti/maksud/guna kecap ‘yaa siin’ teh pernahna, kieu geura bejer beasna:

IV. Yaa Siin - Qur’anil hakim

Kecap Yaa siin  nu mangrupa potongan kecap (Muqatta’ah) teh  ‘euweuh’ hartina tapi kudu wae dibaca. kawas kecap kecap Muqatta’ah lainna nu aya dina mushaff utsmani kayaning  Alif lam mim,  alif lam ra, kaf ha ya ‘ain shad, ha mim ‘ain sin qaf, tha ha, ha mim, yaa siin, qaf, jeung nun. Departemen Agama RI (Alqur’an dan terjemahanya) nyebutkeun yen ieu kecap kecap teh kaasup ayat ayat mutasyabihat nu hartina, nurutkeun Mushaff utsmani (al imran  ayat 3) mah,  ngan Allah jeung ulil albab  (nu ngelmu, man of knowing) mungkul nu nganyahokeunana.  Jadi sanajan euweuh hartina sab can/teu kahartieun ku/ keur  basariyyah mah tapi keur sabagian nu dibere elmu ku Allah mah bisa nganyahokeunana.

(Bagian saterasna urang kintunkeun upami pareng)