SITUS KAWALI: UKUR RURUNTUK ARTEFAK JEUNG PRASASTINA ‘MANDUL TIDAK BERTUAH’ !???



Kabeneran sanggeus walilat mulud, isukna pareng deui ka astana gede di kawali  seja napak tilas tapak luluhur nu (h)astana… nya gede nya agung kawartikeun turun manurun.

---
 Asta=hasta=leungeun, (h)astana=leungeuna - kuburan ge disebut (h)astana sabab ukuran ‘lebar’na ngan salega hastana/leungeuna nu disidakepkeun. Kecap (h)astana  oge nunjukeun yen pangkat/makam, kubur/kurung nu jadi paesan jati tiap jelema mangrupa/ukur saukuran/gumantung amal/pagawean ‘leungeuna’ -hastana- sawaktu hirup.
----


I.

Tapak luluhur di ieu situs teh mangrupa ‘laboratorium alam’ nu dieusi ku rupa rupa ‘gadget’ nu ngahaja di disain keur kaperluan seuweu siwi saenggeusna:

Lamun arapal tarapis kana rajah pakeun ‘ngoperasikeun’ eta teknologi/nerapna elmu, misalna wae paling henteuna –nu tangtu aya wae cara lain/beda beda cara ciri sabumi cara sadesa - ‘gadget-gadget’  nu aya di eta situs,  bisa dioperasikeun ngaliwatan tahapan:

Ringkesna/pokona mimitina ngadeuheusan batu pangcalikan jeung/bari maca ku sorangan prasasti sugan sugan ku maca teh, nu maca boga kaera -na teu bisa/teu hayang sacoel-coel acan nurutan tina tapak lacak nuluykeun milampah kahadean kautamaan, bari ngoperasikeun rajah pangbuka nu jadi trigger pamanah permanana rasa/itikad –boh nu dibawa/pamaksudan memeh indit,  boh kahadean nu nyeredet metu didinya.

Pakeun saterusna,... dinayogekeun dina batu kolenjer nu aya katulis anggana (sorangan/pribadi/diri), matak tiap diri kudu daek/bisa migawe sorangan (conto anggana sekar=nembang sorangan) –kabutuh kahayang itikad sorangan nu sorangan mah kudu ku sorangan da bawa sorangan nu engkena mawa sorangan sageuy teu enya enya – aya 45 matrik ‘kahanan’  nu kasaliksik ku/bari  ngajalankeun  program rajahna meh kasungsi dilebah lebah manana  hasil nu metu/nyeredet/permana/kapanah dina pangcalikan teh ‘ngolenjerna’.

Tuluy, dipetakeun/dipateakeun/dijalankeun di gadget sanghyang lingga hyang geusan panyandunganana engke di lingkungan/batur rea/dina prakna, sanggeus nyanda dina lingga bimba/ beres ngeunteung dina pangeunteungan –tipsna dina ieu nu tilu ulah salah /tibalik/teu merenah metakeun rajah nujadi softwarena. Keur nutupna/nyampurnakeunana –kadang mimitina- ka si jalatunda panungtungan sumerepna rasa cipta.


----
Batu panyandungan: ulah saukur kapakena dina ngawin awewe mungkul etamah ulah sok midua hate. Tapi sabenerna sapopoe urang ‘nyandung dua mamaruan’ jeung baturna teu meunang tepung/  kudu beda beda ‘treatment na’ lahir jeung batin, kenca katuhu, ka pribadi jeung ka batur, ka gusti jeung ka abdi, cicing usik..kaluar ka jero hasil bolai kangewa karesep pinter bodo lahir batin dunya aherat jrrd jrrd matak kudu bisa dipateakeun dipetakeun dijalankeun diprakeuna make ‘lingga hyang’  kongas nepi ka kasebut  engkena aya babasan kacandung ku nu agung, kahontal nu disejana, kapanggih ese esena sanggeus ngalaman kahese hese.
----

Matak lamun baralik ti tapak nu gede hastana ieu-bari bisa make ‘gadget-gadget’na- batur batur sok rarebo mawa oleh–oleh bekel keur lalumampah.

Jadi, jauh tina “ritual ritualan” “simbolis simbolisan”. Da ulah asal ula ilu riritualan bisi ngiruhan payakinan patohidan komo migawe nu asal/ukur simbol/perlambang/siloka mungkul mah kacape cape mikiran nyieun sorangan we jaman ayeuna mah, loba ieuh conto nyarieun logo symbol perlambang sorangan. Aya mah nu utama bisa nerus make/ngamangfaatkeun ‘teknologi’ hasil kapercekaan baheula da enya gening gunana nu moal kagok ngamumulena.

Ari ka nu ngadamelna tapak mah, lain hayang ngahiji (lain ngahiji jeung luluhur) da moal bisa jeung ulah sabab itu mah itu urang mah urang, didunya ge sahirupna sahirupna sakalangkang nyawa, komo engke mun nu ngalangkangana sirna - teuing lamun maruhitna hayang hirup gumantung paeh nyesa mah - sedeng ari cariosanana mah pan

“Aing sia sia aing, ngan aing mah aing sia mah sia”.

Paling ge nu dipamrih nya lalangkungan kamampuhanana leleberan katiasana aubanana sing dalit nepikeun ka leuleutikna wawuh nepika lelembutna galo dina kanyahona runtut dina kaalusanana meh teu salah pok teu salah prak meh enya nganuhunkeunana bisa mulang tarimana sab teu kapindingan pipinding kahalangan hahalang dienya enya ku nu lain ngalain lain nu enya.

Rada hanjakalna ayeuna mah:

 (1) tempat pangcalikan nu ditulisan tempat penobatan raja raja dipager heureut/ teu bisa laluasa jeung teu dibere lolongkrang tempat keur nu nyaksianana keur salila dihareupeuna bari tempat nu deuheus kapotong ku jajalaneun – malah leuwih gede/onjoy keneh kuburan anyar nu ukur pangkat adipati-pangaruh asal niron/teu disaring heula  tina budaya ‘islam’ tiap kabuyutan kudu wae aya ‘kuburan jelema’ nu jadi  pokona bae leungit/kasilep cahara dangiang aslina. Astana gede teh makam adipati Singacala?;

(2) gadget Sanghyang lingga bimba jadi kuburan cenah ‘abuna dyah pitaloka dipendem didinya’ atuh saha nu rek ngadiukan kuburan? Padahal kuncen sepuh mah baheula bijaksana pisan “kanggo naon ieu teh? eta supados upami ngalahirkeun salamet lancar; naon nu dilahirkeun atuh upami ku pameget? Seueur pisan, pan nyarios ge disebatna ngalahir, bade naon atuh pilahir teh ?;

(3a) si jalatunda: ka dinya loba nu ngadon madep susuci bari teu kaharti bet ditambahan didinya tempat ngising/kiih- pareng kawenehan mah, mun urang datang ti luhur nu pangheulana kaciri teh bujur awewe nu kiih nonggengan. nu jararah ngalungkeun duit/pakakas teu kapake jrrd ka si jalatunda –kawas jaman cai zamzam di arab baheula memeh dibersihan- caina jadi bau tai hiang/bau beusi, rek kumaha mandi susuci cai  karahaan?

(3b) Batu garis garis nu asalna ti tengah sijalatunda, meh mun diuk sila teu leueur, dipindahkeun jauh ka darat sisi deukeut ‘makam’ adipati, bari ngajeblag formalitas teu diwaro tulisan ti polisi saha2 nu ngarobah bentuk/warna jeung mindahkeun keuna pidana; (3c) Disebut we ieu si jalatunda tempat mandi keluarga raja bari deukeut ka/memehna ngaliwatan alun alun (aya plangna alun2 surawisesa cenah), na keluarga raja Galuh mandi hayang katempo ku jalma rea di alun2? bari cai keur mandina ukur sacangkewok (4) Tuluy Jalan jalan leumpang keur nu datang dijieun alurna  misah misahkeun/ngotak ngotakeun gadget gadget nu aya jadi saukur ‘sesa-sesa’ artefak nu pasolengkrah ‘tidak berkonsep’ salaku system kabuyutan. Jrrd jrrd jrrd.

II

Sacoel ‘oleh-oleh’ bekel nu kapanggih harita, diantarana pas nunjukeun ka barudak ngeunaan eusi prasasti. caritaan barudak  sanggeus maraca teh kieu:

Kana prasasti 2:

-----
Semoga ada yang menghuni dayeuh kawali ini yang melaksanakan kemakmuran dan keadilan agar unggul dalam perang.
Aya ma nu nosi I gya kawali ini pakena kreta bener pakon nanjor na juritan
 (disbudpar Ciamis)
-------


“kasihan yakh Prabu Wastu berharap udah ratusan tahun gak pernah terkabul katanya orang sakti orang mulya kok do’anya mandul tidak dikabul tuhan”.


Malah komentar ngeunaan prasasti 1 mah

----
‘Inilah (tanda peringatan) pertama Kawali, ialah yang mendapat kebahagiaan dari bertapa, Prebu Raja Wastu yang berkuasa di Kota Kawali, yang memperindah keraton Surawisesa, yang memperkokoh pertahanan sekeliling ibu kota dengan parit, yang memakmurkan segenap daerah, semoga yang (berkuasa) kemudian mengikuti kebajikan, supaya lama berdaulat di dunia’.

Nihan tapa kali nu siya mulia tapa bha-gya parebu raja was-tu mangadeg di kuta kawa-li nu mahayu na kadatuan surawisésa nu marigi sa-kulili(ng) dayeuh nu najur sagaladésa aya ma nu pa(n)deuri pakénagawé rahayu pakeun heubeul jaya di na buana
---

barudak teh nyarita : ‘ wah tidak bertuah banget’ 

---

Naha bisa kitu nyaritana???

Barudak ayeuna geus pageuh papanggihan yen paneda jalma shaleh hade mulya suci agung luhung gede amal hastana mah dikabul ku nu maha ngabulkeun paneda hartina panedana harepanana tinekanan.. Ari ieu kawali na ge teu dayeuh dayeuh acan (prasasti 2), ngakukeun nusiya mulya ngarepkeun nu pandeuri pakena gawe rahayu jst bari nu pandeuri teh- generasi saatos anjeuna- (prasasti 1) ku sajarah kabuktikeun teu kabeh bisa kitu di kawali –oge ditempat lain- malah beuki kadieu beuki surem (sacara karajaan) jeung turunanan ge nya warna warna we nu lampah goreng aya nu amal alus nyampak.

Barudak ayeuna ge  geus maca dina buku carita parahyangan kecap (se)moga moga (mugya muga muga mudah mudahan) ngandung maksud harepan kahayang do’a, nu lamun bijil ti jalma mulya luhung suci sakaliber Rahyang Wastu kancana - pamentana harepanana do’ana kuduna dikabul ku nu maha kawasa kawas ‘context pamakean kecap’ matihna paneda/harepan/do’a rahyangtakidul dina carita parahyangan:

---- bag VIII
……Carék Rahiyangtang Kedul,…. "Putu aing mumul kapangkukan ku siya, sugan siya kanyahoan ku ti Galuh. Leumpang siya husir Sang Wulan, Sang Tumanggal, Sang Pandawa ring Kuningan, deung anak saha tu siya?" Carék Rakéyan Jambri, "Aing anak Rahiyang Sang Séna. Dijungkat, diintarkeun ku Rahiyang Purbasora." [tuluy, Carék Rahiyangtang Kedul ka Rakeyan Jambri/Sanjaya] "Lamun kitu, mawa boga kami ngasuhan. Ngan mulah mo sambut samaya aing. Moga ulah meunang prangan; lamun siya ngalaga prang ka kami.   [Aing=rahyangtang kidul, kami=Galuh)
-----

Bener we, context kecap moga –semoga- ieu:
Carita parahyangan nuduhkeun yen Rakeayan Jambri/Sanjaya karek jaya meunang perang  sanggeus ‘mangkat ti galuh’ nyerang daerah salian ti Galuh

---
…..!" Carékna patih kalih ka Rahiyang Sanjaya, "Lamun dék jaya prangrang, mangkat ti Galuh!" Prangrang ka Mananggul, éléh sang ratu Mananggul,….. éléh Kahuripan, … Wulukapeu nungkul. …Rahiyang Supena, nungkul. … éléh sang ratu Bima. …nyabrang ka Malayu… éléh Rahiyangtang Gana…éléh Sang Sriwijaya….ka Barus, éléh Ratu Jayadana. …Diprang ka Cina, éléh Patih Sarikaladarma. Pulang Rahiyang Sanjaya ka Galuh ti sabrang. Ndéh humeneng.
----

Nyerang Galuh mah teu meunang –ukur bisa ngelehkeun Rahyang purbasora tuluy eleh ku sang wulan sang tumanggal  tumut ka rahyang sempak waja jst- tapi nyerang salian ti galuh mah kajadian jaya/meunang.  (bahasan ieu lain nyebutkeun bener henteuna eusi carita parahayangan tapi sakadar nunjukeun ‘pemakaian’ kecap/rasa kecap ‘(se)moga’ nu dipake dina tarjamah nu ngajeblag di prasasti kawali).

Jadi konsekuensina kana ‘kelas’ prasasti 1 jeung 2 lamun ‘semoga’ bijil ti jalma luhung kudu kajadian. Lamun henteu kajadian nu nyieuna pasti lain jalma luhung sedengkeun rahyang Wastu kancana teh kumaha kacaritakeun turun manurun kaluhunganana -Carita parahyangan ge nyebutkeun Rahyang wastu Kancana teh ‘ kena rampés na agama’. Naha ieu bet ‘tojaiyah‘ euweuh nyatana?

Piraku prasastina ukur prasasti mandul tidak bertuah??? Tapi naha enya salah nu nulis prasasti??

Singhoreng tulisan Indonesia prasasti eta bijil ti nu salah ngahartikeun/ngaindonesiakeun jeung oge katalobehan nu nyalin nyadur na sab ngan saukur tuturut bari teu mariksa ‘critical’ deui bener henteuna/merenah henteuna saluyu henteuna jeung contextna:

Nu dituliskeun dina prasatsti mah lain moga/(se) moga tapi kecap ‘aya ma’, Sanajan teu pira tapi boga harti/rasa kecap nu beda sacara significant keur caritaan ‘resmi’ sakelas prasasti dina ‘nilai kebenarana’.
Naon maksudna eta kecap ‘aya ma’ urang tengetan dina obrolan sunda sapopoe nu masih kapanggih di pilemburan:

Misalna wae:
----
Aki bade ngaleueut naon? Aya ma(h)  cikopi we.
Aceuk atos atuh ulah saum wae!-…. Iih,…. moga we meunang berkah ridona nu maha kawasa.
---

Teu kudu ahli basa sunda, asal nu sok make basa sunda tangtu bisa ngabedakeun maksudna  yen ‘aya mah’ beda jeung ‘semoga/moga’. ‘Aya mah’  nunjukeun maksud yen nu nyarita teu ngaharepkeun atawa teu menta neneda cikopi tapi lamun nu rek mere boga/bisaeun nyieuna nya milih cikopi dina henteuna teu nanaon. Jadi kumaha kamampuh/kaboga nu rek nyuguhan wae, mun cikopi syukur hanteu syukur. Ari kecap moga mah nu puasana miharep neneda supaya puasana teh matak dipigawe ge ameh meunang barokah karidoan ti nu bakal mikeuna. jadi mun hirupna teu barokah teu rido ceuk batur teh boa teu bener puasana, ceuk sorangana ‘alah ieung naha bet kieu?’.

Ngeunaan maksud ‘Aya ma’ Sang hyang Siksakanda ing karesian - Transkripsi dan Terjemahan saurna kenging Saleh Danasasmita, Ayatrohaedi, Tien Wartini, Undang Ahmad Darsa-  loba mere  ‘penjelasan’ dina  ‘context’  nu leuwih lengkep ngeunaan harti/maksudna:

----Bag x
Deung maka ilik-ilik dina turutaneun: mantri gusti kaasa-asa, …., pangurang dasa calagara, rare angon, pacelengan, pakotokan, palika, preteuleum, sing sawatek guna, Aya ma satya di guna di kahulunan. Eta kehna turutaneun kena eta ngawakan tapa di nagara.
Aya ma na urang nu kaseuseul ku tohaan, eta keh ulah dituru(t) twah bisi urang kaseuseul deui. Ini babandingna, upama janma leu(m)pang ngala-
----
Dan perihatikanlah mereka yang dapat ditiru: mantri, gusti yang terkemuka, ………. petugas dasa dan penangkap ikan, juru selam dan segala macam pekerjaan. (Kalau saja) semua (dilakukan itulah yang disebut) setia kepada tugas untuk raja, itu semua patut ditiru sebab mereka melakukan tapa dalam Negara. Cat: kecap dijero kurung tambahan ti nu nulis.
Jika ada di antara kita yang dimarahi oleh raja, itu semua jangan ditiru perbuatannya, nanti kitapun mendapat marah pula……

Bag XX
-----
Aya ma nu urang dek ceta, ulah salah geusan nanya. Lamun dek nyaho di carek para nusa ma: carek Cina, Keling, Parasi, Mesir ….jst
Bila kita hendak bertindak, jangan salah mencari tempat bertanya. Bila ingin tahu bahasa negara-negara lain, sepertj: bahasa Cina, Keling, Parsi, Mesir,…..jst
-----
Eta kehna kanyahokeuneun di tuhuna di yogyana. Aya ma nu majar mo nya(h)o, eta nu mo satya di guna di maneh, mo teuing di carek dewata urang.
Itu semua patut diketahui tepatnya dan perlunya. Bila ada yang mengatakan tidak perlu tahu; itulah yang tidak akan setia kepada keahlian dirinya, mengabaikan ajaran leluhur kita.
-------

Jadi lamun kecap “aya ma” dina prasasti kawali 1 jeung 2 dihartikeun semoga nya kajadian “jaka sembung mawa golok” alias teu nyambung malah jadi ngarusak ‘kualitas’ kalimah nubijil ti jalma mulya.

Carita parahyangan ge sanajan muji pisan ka Rahyang Wastu Kancana teu ieuh make kecap (se) moga ngaharep harep neneda ngeunaan ‘penerus’ nu nuluykeuna tapi cukup ku “….Sakitu, sugan aya nu dék nurutan inya twah nu surup ka Nusalarang’.

Ari urang??? naha pustaka/referensi nu kapanggih –mun tu kasebut kabeh-   kaasup nu ngajeblag di astana gede narjamahkeun/ngahartikeun/make kecap ‘aya ma’ dina prasasti kawali jadi (se)moga???? Teu taliti? teu apal? atawa make alesan klise ‘ah maksudnya sih sama aja tergantung yang bacanya’?.

Ngan,….
 “Aya ma nu palerceka daek ngomean pakeun teu disalah hartikeun ku nu pandeuri”

Cag.