JARAH : NYUSUD TAPAK BATUR JEUNG NYUSUD TAPAK SORANGAN… (BAG II)

II. Jarah ka sorangan nyusud tapak sorangan


Kabiasaan jarah ka sorangan oge geus jadi kabiasaan malah kabutuh sabagian urang sunda. Dina ieu guaran urang dadarkeun saparengna sugan ngudag ucapan kampung yen ulikan teh kudu minuhan tritangtu “kahartos” (uteuk), “karaos” (rasa) tur “buktos” (bukti /kanyataan).

Ari jarah ka sorangan, sorangan nu dijarahan nu dideuheusan, ngadeheusan ka sorangan. …Eta ge loba warnana loba loba makamna, aya gunungna, aya lengkobna aya batuna aya caina, tiap tempat boga ‘koordinatna’ boga peletna masing masing boga rajah masing masing ‘menyan’ na ge beda beda.

E

Jarah ka alam papasangan di tangtung…alam midua


Lamun ….hayang jarah ka kurung pake alam (rasa) kakuringan -tetep kuring mun masih boga/ngarasa boga kurung. Ngalemesan na make jisim da itu ngajirim…pan sok sering kapanggih nu nyarita ge… ngabasakeun kuring ditambahan jisim jadi “sim kuring mah….”;

Hayang jarah ka alam sasama batur batur di makamna tangtung pake ka kamian, euweuh luhur handapan.

Hayang jarah deuheus ka makam Gusti/Pangeran prak pake kaabdian,
Hayang jarah ka loba loba makam saluhureun kayaning makam wali nabi karamat di sorangan, prak pake ka kaulaan (dina rasa) nu boga sembah boga puji… pan pangbuka kitab dunya ge alhamdulillah. Hayang jarah ka pribadi pake ka ingsunan. Kabeh ge aing keneh aing keneh ngan beda beda makamna nya asma sifat af’alna ge beda beda.

Luhur handapan kumaha nu rek dideheusan dijarahan.

Urang balikkeun…

Hayang deuheus abdi kudu jadi gusti nyatana moal aya nu daek ‘ngabdi’ ka urang mun urang teu boga sifat kagustian,
hayang deuheus kurung kudu jadi kuring,
hayang deuheus dia kudu jadi kami,
hayang deuheus kaula kudu jadi puji,
hayang deuheus hurip kudu jadi ingsun,
hayang deuheus sia kudu ku aing.

Eta kabeh jampe alam midua…bakal manggihan rame rame makam batur di tangtung.

F

Wah maenya kudu kitu?

Iih…tingali… sapopoe ge moal aya nu daek ngabdi (nu nurut/bawahan/sahandapeun) mun urang teu boga sifat gusti (asmaul husna) kayaning nyaah, kawasa, ilmu, jrrd sakabutuh abdina. Sabalikna, moal bijil kagustian mun euweuh abdina, ayat qur’an ge moal medal lamun euweuh nu butuh abdi nu jadi sababna. Matak lamun hayang meunang kagustian ti batur dagangkeun/deuheuskeun ka abdian..pasti meunang kagustianana batur. Loba nu ngaku basa basi abdi mah dhaif gudangna kakirangan ari nyarita wawanianan nagnepikeun pamanggih elmu nujadi lawang kagustian;….loba nu matangankeun ka fanaan…pohoeun yen itu mah baqa…tah buktina alam midua…nu cilaka teh nu templang sabeulah.

Abdi jeung abdi mah parebut leungit kaabdianana da ngabasakeunna mun teu uing (kuring) nya dewek…gusti jeung gusti mawa karep sorangan temahna sok tara akur leungit kagustianana paribasa ‘teh kami mah deuleu’..jst. Matakna sing bias sakapeung jadi gusti sakapeung jadi abdi meh layeut jeung pada batur…kitu oge alam-alam tangtung nu lain nu masih keneh midua…panjang teuing conto mun didongengkeun kabeh. Matak dilembur mah diajar tatakrama kahalusan budi teh lain pikeun jadi ‘teu Pede’ atawa ‘feodalisme’ atawa ciri jalma marginal urut kajajah deungeun tapi diajar mernahkeun rasa sorangan nyanghareupan rupa rupa warna rasa batur supaya layeut jeung jadi untung keur manehna
mirasa..pada mirasa.

Ari di alam rasa….Lamun rasa geus awas kana, misalna, kanyataan puji dikakaulaan. Bray awas ka saluhureun kayaning karamat para wali nabi jeung nu sanesna. Sabab mukana ku puji lain muji…awas ulah kawas aki-aki zikir muji gustina bari ngelay bakating tunduh….pan kongas kanu sok muji mah kudu diawuran lebu saur Sang khataman Nabiyyin oge. Tapi lamun jadi puji tah eta pangbuka kitab jagat al majid rajahna ku alfatihah.

Lamun rasa geus awas ka kagustian ..sok jul jol…nu daratang kayaning bangsa lelembut nu hayang ngaub…omat ulah ngageser. Nyoba-nyoba ngandelkeun lelembut nungabdi sabab engke turun deui leungit kagustianana pan gusti mah tara ngandelkeun abdi tapi ngayuga abdi. Sabalikna lamun rasa can merenah rus ras keneh ngagedekeun rarasaan nyoba nyoba nganjang kalelembutan ahirna sok ngagerebeg….loba kadatangan batur nu gelo lantaran dzikir. Dzikirna.... Allah…Allahan... rasana teu nepi..jadina alah alahan ditambahan ku ‘aduh alah’…sabab sukuna singsireumeun kadempet….sirah bencenur lantaran tidagor waktu ngalenggut…

G
Ngan…ngan…ngan…

Lamun hayang jarah deuheus ka makam Allah, bisana ngan ku ka Allahan ….nyaeta mun geus teu maneh maneh acan. Pan kongas ceuk beja aya dongeng kieu timana nguningakeun Allah ya Ali? “nya ti Allah”. Kumaha cara terang ka Allah ya Abu bakar?…”nya ku Allah”. Euleuh euleuh kumaha awaluddinni marifatullahna euy??? Nu nyaho ka Allah ngan Allah..salian ti Allah mah pamohalan nyaho Allah.

Kade ulah salah terapna, moal kasusud lamun beda alamna.

Atuh abdi moal tiasa jarah deueheus ka makam Allah…moal, panggih ge ngan jeung gusti/pangeran/ilah;
Atuh kuring moal panggih jeung makam Allah…moal da eta kurung maneh ngabengbreng;
Atuh kami moal panggih jeung Allah…moal da eta dia mah…nyasama bae;
Atuh kaula moal jadi Allah…moal ngan beunghar ku sembah nu jadi puji;
Atuh ingsun moal jadi Allah…moal ngan boga rasa rumasa di usik malikeun ku Allah;
Atuh aing moal jadi Allah…moal ngan nu aya kari sia jeung aing…alamna muqorrobin.

Cik Allah kumaha enyana lamun lain ku Allahna ? Enya enyana mah…lamun maneh geus teu maneh maneh acan. Sirna leungit nu ngarasana nya kari rasa rasa jati rasaning sampurna...asal narima jadi tarima asal ningali jadi tingali (teu make mata) asal ngadenge jadi kadenge (teu usaha heula) asal nyarita jadi terusing rasa….

..pantangana NGAKU jampena JADI.

Matak dina jarah ka imah Allah di bakkah…loba disindiran….kayaning maehan nafsu setan (sorangan) di aqabah…marake pakean ihram bodas beresih jeung geus euweuh bedana jeung batur (ego/identitas euweuh) nu aya tinggal thawafna ari nu dikurilingan imah hideung…karasulanna milatul ibrahim…kabukana ku kamuhammadan…jrrd..jrrd.

Eta kabeh jampe alam yakin…jarah deuheus ka yakin…
ngudag iman tanpa itikad, marifat tanpa ningali, tauhid tanpa tunggal…

.....islamna tanpa wangenan.

H

Tah…kusabab kitu….sabab loba pasir loba lengkob loba batu loba caina…beda beda madepna..beda beda alamna. Nya loba loba bujangga mere papagon. Rupa rupa nu pondok nu panjang nu nguriling kumaha alamna kumaha basana kumaha lemburna. Bacaeun memeh nyaba, akurkeuneun mun lumampah…supaya nu disalindiran nyaliksik telik ngarucat natrat.

....Ngan nu penting mah prak jarahna lain maca na.

Rupa rupa teorina, rupa rupa rarambuna, nyirian di tiap pamangkatan jarah deuheus ka sorangan ngundakkeun sorangan ku cara nyusud ka sorangan, rupa rupa tatana
kawas tiap kubur beda kuncenna beda nu dibawana sanajan maksudna mah sarua wae hayang hasil samaksudna samaksudna saalamna saalamna…:

Nurutan tata urang lembur jati aya darigama, tuhugama, satmata nepikeun ka nirawerah,..; Nurutan martabat tujuh der dina tangtung teh manggihan….aya ahadiat, aya wahdat, wahidiat, mitsal…nepi ka kamil, Aya nu ditambahan mukamil;  Nurutan nu ngawincik nafsu der dina tangtung mangggihan ..aya nafsu amarah lawwamah, salwiyah, mutmainnah….nepikeun ka rodiah..mardiyah, aya nu oge ditambah kamilah;

Nurutan nu panta agama der bijil tingkatan tangtung…aya islam iya iman aya sholeh, aya ikhsan aya sahadah aya sidikiyyah aya qurbah; Nurutan Sang Patanjala…aya cikajayaan, aya cikahuripan, aya ciasihan, aya cikawedukan, aya cimenceger (mandiri-qiyamuhu binafsihi), aya ciderma, panungtungan ci paingan kabeh boga aweuhan;

Nurutan nu ngulik pibatin…aya roh hewani roh nabati…roh idhofli ruhul qudus ruhulamin nepikeun ka rohkhullahna; Nurutan urang tarekat der…aya hambalan sareat tarekat hakekat ma’rifat, dikepetan ku sifat 20; Nurutan tukang dzikir…der rupa rupa timimiti dzkir dhahhir, dhikir nafas… nepikeun ka dzikir latif sasat metakeun latifah;


Aya nu nataan di kawalian wali der para baga wali ..nepikeun ka wali qutb; der... nu nyindiranku kitab.. aya karim aya qadim aya majid aya hakim…..; Aya aji galunggung metakeun karatuan galuh dikepetan kasumedangan jadina kasiliwangian bekel meunang watugunung;…; Aya nu ku diajar nyaksi der aya sahadat bogor sahadat banten sahadat cirebon sahadat galuh sahadat sunda tungtungna sahadat sakawayana…
.Jeung loba loba deui …loba loba deui…

kayaning kawisnuan kasiwaan kabeh aya di sunda….rupa rupa puasana meulina ngalarapkeunana...
ngan nu kudu kapanggih mah nya SUNDA JATI na ….tiap Guru tiap Ajar gaduh karesep nyalira nyalira dina metakeun tapakna…luhur handap kumaha kawacisanana….papinter pinter ngadadarkeunana…ameh ngalarti nu disindiran tarapti nyieun dadasar.


I

Enya…aya anu, aya anu, ditangtung teh diwincik nepi ka jati lamun daek ngajarahanana da enya. Kanyataan nu dipasieup ku kabinangkitan bujangga terusing rasa.
Resep loba dongengna tinggal tigin dina keur sasaliksikannana rurucatanana tangtung… lebah mana lebah mana lebah mendi lebah mendi. Lamun panggih jeung sasama nu keur sasaliksikan gampang ngujina mimiti..tengetan caritaanana..rengkakna…polahna..caharana nu nyaritakeun nu karasa nyata mah beda jeung nu nyarita saukur nu nyaritakeun euceuk atawa rarasaan manehna sorangan.

Mun kudu bae metakeun/nyaritakeun/nunjukkeun tara rea omong …der numpakan rasa…beuki henang beuki hening beuki henung..tah nu handap keneh..moal bisa ngilu hiber/teuleum…nu can sampurna tara wani sabab sieun paeh kasampurnakeun ….da nukaritu mah nyahona nu sampurna teh engke geus paeh..aherat the engke geus paeh…..jadi karek kabeh kahontal engke mun paeh….nya paeh weh atuh? Katambiasna johar awal baheula keur euweuh keneh awang awang uwung uwung… ari manehna ayeuna, ahadiyat teh alam hiji… anu misah ti dua nu manehna ayeuna ..jrrd jrrd nurut nurut tahayul rekaan hatena sorangan nu karasana asa jiga…

Kongas carita Wisnu jeung Brahma hayang silih ukur saha nu leuwih tepi/luhur elmuna..teu rea omong cukup ‘yu langsung we urang hiber nepi kamana tepina. Yu urang nubrus bumi tepi kamana tepina’. Brahma hiber manggihan merak tapi jadi naga, Wisnu nubrus manggihan pertiwi jadi bagong…ari Sayidina Mursalin malah nyamuni di guha hirana…wah panjang teuing dodongeng…kacape cape malibir.


J

Wah …kumaha enyana...jaba pamanggih batur nu loba-loba, mana nu benerna, kudu nurut kamana? Aing keur aya dimana?. loba nu huleng jentul mikiran teu undak undak da eta hijabna, loba nu teu manggih manggih da resep neangan…pan panggihna ge lamun teu panggih. Barieukeun panyakit tina rea kanyaho uteuk…rupa rupa ceuk anu/ceuk cenah/buku/qur’an/ ceuk guru bari saukur dikira kira;

Geura pek keur di alam tuhugama…dibejaan carita alam satmata…puguh teu kasusud teu kaalaman…jadina ngira ngira euh meureun satmata teh kitu…kitu…kitu. Ari kira kira tara ninggang di enya.

Aya ci derma aya cikahuripan nepi ka cipaingan ….rek kumaha patanjalana unggal poe ngan ciledeng (PAM). Ahirna euh meureun ci paingan teh kitu…kitu…kitu ari kira kira tara ninggang di enya pas mandi teh saukur kabulusan.

Aya ahadiyat…alam awang awang uwung uwung can kasebut naon naon, suwung tapi eusi…johar mimiti…aing di mitsal keneh tukang ngalamun…, oh ahadiyat teh meureun kitu..kitu…da ceuk itu kitu jadi we sigana kitu, anggeus ku kira kira…rek kumaha kamil na?...komo mukamil…teu nyaho ngarujak ngarujakna acan.

Aya qurbah teh kitu cirina….iman ge teu panta panta acan….euh meureun qurbah teh disisi Allah da raket…euh meureun uing teh Allah da tohid...beu!...gelo!... Pantesan nu ngira ngira ngeunaan Allah disebutna ge baturna setan (srt. Sapi bikang).

Nu Mulya Kean Santang teu tiasa nyabut iteuk alif pancerna hirup dugi ka boborot getih..enya lamun alifna euweuh moal aya deui nu hirup…alif nu sakabeh hurip bijil tidinya…euh maenya ongkoh gagah sakti teu bisa ngangkat iteuk…sabaraha beuratna? der dikira-kira... Panggih jeung baturna (nu tukang ngira-ngira) matak parasea …tukang ngira ngira panggih jeung tukang ngira ngira…kabeneran beda guruna beda nu dibacana beda makam nu geus dijarahanana…jadina pasegag segag..ceuk itu kitu ceuk ieu kieu…tulangna…karek ceuk cenah/ceuk buku/guru/qur’an/tahayul rekaan atina/berhala nafsuna…seubeuh mah acan, bari moal, piraku dahar tulang lalamunan ….bari ongkoh diparebutkeun.


K
Tina eta sakabeh nu didadarkeun ngeunaan cara deuheus ka sorangan nu loba loba…Jampena lamun hayang nganyahokeun kalawan yakin pangjarahan sorangan katut makam makamna nu diaing nu dibatur katut rupa rupa ajaran teori rarambuna dina nyusud sorangan kudu bisa tepikeun ka qiamat heula …

Pan kongas dina at-taqwir..disebutkeun karek kabeh nganyahokeun kana naon naon - kayaning bener henteuna jrrd- nu geus dipigawena lamun geus kiamat heula….aliman nafsun ma ahdaraat…pan
kongas sumpahna ge fa laa uqsimu bilkhunnas…al jawaril kunnas walalili idza as as wa subhi idza tanaffas. Lamun can kiamat heula saur Allah dina At-takwir moal haqqul yakin nyahona…dina At-takatsur moal ainul yakin ka kubur batur kubur sorangan mun teu dikubur heula … nu can kiamat moal bisa nyaritakeun ilmal yakinna…cik ari yaomil qiyamahna tangtung teh nu kumaha nyatana??? (bag III)

Ceuk nu sahinasna mah “nu encan mah euy…ngira-ngira wungkul ceuk cenah mungkul…kayakinan nu naruhkeun ka susuganan…’gambling’ da can kaasaan bener henteuna…nyarita we soal aherat ngalaman sorangan acan”

…Matak ge sing tariasa nedunan ucapan kampung paeh samemeh paeh…kuburan jadi [gambaran](h)asta [leungeun]na…qiamat sapapanjangna.

L

BABANDINGAN


Jarah ka batur jeung jarah ka sorangan dua metoda nu lamun dua-duana dipigawe alus temen.
Jarah ka batur bari ngajarahan sorangan, deuheus ka batur eunteung sabab deuheus ka sorangan, jarah ka rasulullah sabab deuheus ka rasul rasana pribadi.
Jarah ka nabi (tukang nganepikeun beja ti Allah) menta berkah diantarana keur ‘biwir mata irung ceuli’ na sorangan nu dipake nganepiken beja ti rasana pribadi.

Nadran ka luluhur nu jadi asal urang (indung bapa) tiap lebaran…sabab urang geus lulus puasa balik ka fitrah asal sorangan…ngadu asal jeung asal wiwitan jeung wiwitan…deuheus ka asal urang nu
geus sirna (indung bapa) bari geus sirna di asal sorangan…wekasanana lebaran...lubar sagalana. Euweuh deui kalebar..matak beunghar ku maaf/ampunan.

Jarah ka kubur batur ngadoa’keun nelekinkeun pangeusina da mampu ngubur tapak sorangan, pan beuteung urang ge kuburan rupa rupa eroh (nu dihakan). Ulah tepi kakubur ku roh sato/tutuwuhan nu dihakan dibeuteung… tapi kudu ngubur eta kabeh nu geus bakti ibadah kasorangan.

Kongas loba pajaratan (tina pajarahan) kawas di Bandung nu gede teh sirna raga…nyatana mah urang ge pajaratan…tempat dareuheusna roh nu dikubur dina beuteung pribadi ragana sirna rohna dipendem di beuteung nyaliara dina jiwa sorangan…kade sing bisa nelekinkeunana bisi ti pajaratan urang rea ririwana. Rarasaan jelema padahal jurig mungkul eusina.

Jarah ka makam wali…ngakurkeun kawalian pribadi.

Jarahka imah Allah jauh jauh di puser bumi…supaya mabrur jadi haji disorangan haji di pakuan sorangan…dibawa kababawa kamana mendi…piraku rek cicing terus di mekah… hasilna jadi sakti bisa ka mekah unggal usik da ka’bah na qalbu mu’minin…baetullah di sorangan nu sorangan marengan bari kababawa teu kudu terus mayar ONH tinggal numpi di kasunyaanana raga (sunya ragi) di guha hirana sorangan.

Jarah ka (h)Astana batur sabab urang boga leungeun (hasta) nu mampuh gawe nyieun amal…kongas tilas nu mulya Wastukancana di Kawali jadi astana gede meureun tina ageung amal (h)astana..sumurna si jalatunda…tapakna ge seueur didamel dina batu nu teuas tur awet…ari (h)asta urang nepi ka mana amalna nepi kamana deuheusna? Kawas ngado’a dicontokeun bari ngangkat dua dampal leungeun…Ngado’a menta..menta…hayang dibere ku nu Maha Gaib ngecewis amin…amin…poho ka leungeun sorangan nu nyata pasihan Rabbul alamin nu biasa ngadatangkeun nu dipenta…henteu dipake gawe kalah dipelong bae.


Rek kumaha nanjeurna???

(Bagian III)

III. NANJEURNA TATAPAKAN PANYUSUDAN….