JARAH : NYUSUD TAPAK BATUR JEUNG NYUSUD TAPAK SORANGAN… (BAG I)

Kecap jarah umumna dipake nerangkeun pagawean ngadatangan makam-makam / kuburan kuburan boh makam kolotna, dulur / anakna, batur / luluhur / karamat nepikeun ka jarah ka tanah suci - disunda mah ibadah haji sok disebutna jarah, “Nyuhunkeun du’ana ti sadayana”, misalna, ‘bade jarah ka tanah suci” meureun salah sahijina pedah di deukeut imah pasagi di mekah aya makam,…makamna Sang Khalilullah Sayidina Ibrahim.

Maksud ieu tulisan mah seja ngaguar jarah dina harti nyusud tina dua hal:

kahiji, nu umum, nyatana jarah ka batur nyusud tapak batur alam batur makam batur jaman baheula nu jadi susudeun urang. Nu kaduana, nu utamana, nu teu lumbrah, nyatana jarah ka sorangan nyusud tapak sorangan kaasup haji di sorangan nu bakal jadi makam sorangan di ayeuna tur pijagaaeun.



I. JARAH KA BATUR NYUSUD TAPAK BATUR ALAM BATUR



A

Kabiasaan jarah ka tapak jalma jalma baheula geus jadi kabiasaan sabagian urang sunda. Tapak/makam baheula pisan di sunda mah biasana ngarupakeun hiji kabuyutan/mandala tempat suci, atawa tapak panungtunganna luluhur, malah aya tapak keur tapana atawa keur metakeun kamampuhna baheula nu masih keneh aya di clipboard dunya tug tepi ka ayeuna. Tempatna loba pisan, biasana ngarupakeun hiji lingkungan tatangkalan nu dicirian ku batu (guha, lingga, tumpukan batu) jeung aya cai. Iwalti aya sababaraha tempat nu disamarkeun nu muka lamun aya nu bisaeun nga triggerna wungkul.

Cara ngabukana tapak baheula di hiji makam biasana, lamun aya, sok meleum menyan jeung babawaan sarupaning nu bisa nga trigger tapak baheula. Menyan teh aya unsur seuneu jeung seungit (hawa) jadi bisa nga trace awasna hate bareng jeung robahna saat di eta lingkungan. (Kadieunakeun aya oge hasil panalungtikan Prof. Kusnaka A, Phd, yen haseup menyan teh bisa maehan virus disabudeureunana). Baheula mah bari ngawaskeun seuneu jeung haseup menyan ku rasa teh dikuatan ku rajah pangbuka ayeuna mah ku alfatihah pedah artina alfatihah teh pembukaan qur’an sarua jeung rajah nu mukakeun sabagian kitab dunya - lain kitab kertas.

Kajadianana…. Lir situ nu ditepak, mimiti leutik lila lila lamun fasena sarua resonansi jadi gede riakna. Matak nu apal mah sok nunggu nunggu wayah dina jarahna (tiap tempat beda karakteristik ‘kordinat’na), ameh unsure unsur alam keur pareng silih kuatkeun dina mukakeun tapak baheula di jaman ayeuna.

Kajadianna….Lir informasi nu sakilat/ilham tea. Tapi lamun aya wadah nu bisa nahan faktor acakna resonansina jadi leuwih lila. Nya bisa jadi “corong”. Lewih loba nu kabukakeun leuwih undak nu ngarasakeun…sok jadi babasan tos aya pituduhna…tos aya ilapatna…dadasar ngahening di alam yakin.

Kajadianana …
Lain kasurupan tapi kaselir. Kasurupan mah kudu jadi pacaduan sabab jadi teu eling, ari teu eling pantangan jalma waras. Ari kaselir jalmana tetep sadar ngan naek makam ka pangkat nu nyelirna sanajan budak ngora kaselir ku ‘wali anu” harita, nya harita pisan keuna “pangkat kawaliyan” geus lepas mah biasa deui…kawas…Mashudi, solihin Gp, Aang kunaefi, Yogi SM, Nuryana, Dani Setiawan, Ahmad Heryawan kabeh kaselir jadi gubernur lain kasurupan gubernur.

Lamun kaselir jalmana sadar jeung beda beda tapi pangkat/makam na gubernur jabar saharitaeun (saperiode/dua periode)..geus teu kaselir mah nya biasa deui jalma biasa. Ku kaselir eta kakarek bisa dipake keur nohonan kabutuh. Kawas keur kaselir gubernur pan titahan teh diturut tah keur kaselir karamat denge ucap deuleu angseuna matih sakumaha pangkat makam sinelir.

Ku kaselir eta nu jadi hiji udagan keur nu nyusud tapak, sabab ku kitu teh jiwana jadi bisa ngahontal rasa rasa jalma luhung baheula…lain ihdinasirotol mustaqim nu terus dibaca teh, hartina hayang siga jalma luhung baheula para shalihin, shidiqen jeung nabiyyin (tukang nganepikeun beja ti langit), katut syuhada (An-nisa:69)? Lain jalma jaga.

Eta nu diluhur…

bisa kahontal kunu ngulik kunu henteu mah bororaah, nya kumaha alamna bae. Alamna nu jarah alam dunya..nya panggihna teh jeung nu kasarad ku dunya deui…sok loba nunyarita euleuh mani muriding, mani muringkak, panggih jeung jurig anu jin anu maung anu onom anu. Aya nu ngabelegedeg aya nu ngabeletrak jeung loba loba deui. Lamun ditempat karamat mah nu kitu teh tapak karamat baheula keur mageuhan lingkungan memeh ninggalkeun buana panca tengah ku teknis ctrlx-xtrlv. Nu jarah alamna alam sunda (Nur) panggihna jeung nu di alam sunda deui karamat para wali para solihin para nabi jeung loba loba deui. Kajajadianana ge tara pupuringkakan gegerebegan tapi estuning caang padang meta di sagara hurip.

Kadieunakeun teuing kuncenna geus boga skill marketing, pedah jarah nu umum mah jarah ka kuburan nu dimeunangkeun ku agama sabab supaya inget ka paeh tea, jadi we eta kabuyutan/mandala teh disulap kawas kuburan atawa teuing pedah teu ngarti nu ahirna jadi ngarusak otentisitas situs, loba kabuyutan/mandala nu tutunggul batuna hayoh di tembok dipadungan siga kuburan, tata carana ge kawas tahlilan kanu maot, ongkoh ngahadiahan ongkoh menta berekah. Padahal makam sayidina Ibrahim ge di baitullah ngan saukur tapak dua dampal suku kawas di kawali atawa kakantuna Sang Purnawarman titisan Wisnu.

B

Kabeh ge, jarah aprak–aprakan ka makam batur, ngarupakeun salah sahiji metoda keur ngundakeun tangtung lamun niatna nyusud tangtung mah, jadi mangfaat keur pilih pilih rabi pindah pindah rasa undak luhur pamangkatan di kamanusaan. Sabab batur batur tingkat tingkat karamahna/makamna, nya sok jadi karesep jeung dongeng ka barudak ngeunaan jarah yen: “euy… ti anu mah meunang anu, naha nya ari ari ti anu bet asa anu,… mun hayang anu kudu ka anu geura hasil maksud ” jrrd warnaning papanggihan tangtung.

Ku tingkat tingkat teh nya nu kaselirna jadi undak, mun bener tahapanana. Pan kongas nabi ge mi’rajna undak undak ka tiap langit nu beda beda eusina…siloka bawaning jati..ka prawirasasmitaan bujangga nu medal ti qun fa yakun.

Matak enya ....
loba nu ngaprak jarah ka kuburan batur baheula aya wali anu syech aya nabi anu;
anu batara anu, hyang anu, karamat anu, luluhur anu karuhun anu;

Aya nu mulan malen di hiji makam nepikeun ka puluhan poe mawa bekel sacukupna.
Aya nu sapoe terus balik; Aya wae nu karek balik sanggeus meunang ilapat.
Aya nu indit tiap kaliwon, Terus pindah deui ka makam nu lain;
Aya nu dititah guruna aya nu cenah meunang pituduh;
Aya nu datang ngarepkeun impian…cara panggampangna tapi pang teu puguhna.
Aya nu wirid bae aya nu yasinan wae aya nu puasa wae rupa rupa polahna….;

Aya oge nu ah duka..ngan pokonamah nyuhunkeun berkahna wae.

Kabeh ge nyubadanan kana kahayangna jeung alamna sorangan.

C

Husus kanu arek nyusud tapak batur pang muhungna pang ahirna pang puncakna jarah ka makam batur teh ka baetullah nu saampar makam sayidina Ibrahim. Naha? Sabab cenah tepi ka imah Allah nu murbeng alam nyatana ka’bah baetullah, nu siloka didunyana ngan saukur pasagi jeung hideung. Jadi sanggeus kaditu kadieu jarah teh ahirna ka baetullah tea …lantaran eta nu geus nepi kadinya sok disebut elmuna geus masagi sabab kabah teh hartina pasagi.

Sanajan kudu jadi catetan yen dina sareatna mah, indit jauh jauh ka mekah ge papanggihan na warna warna weeee….kumaha alamna memeh indit jeung keur aya diditu.

Alam nu jarahna alam dunya panggihna ge jeung ‘kadunyaan’ deui alamna alam yakin panggihna jeung yakin deui alamna alam sunda benangna sunda deui. Enya di dunya mah kabeh nambahan ngaran aya Haji aya Hajjah, eusina mah wallahu ‘alam. Kawas boga uwa –isteri- (tos dikantun ku uwa pameget) jarah ka tanah suci,.. pas mulih nu kerep didongengkeun teh sieun diculik terus diperkosa ku urang arab cenah da carios namah nyaksian pisan, atuh rerencanganana nu bade jarah ge (sami tos nyorangan) jadi murengked da sieun kawas jeng uwa, ahirna rerencangannana waleh ‘engke we upami tos langkung siap”. Ari ditaros teh ka anjeuna “naha bet nyarios kitu kanu bade jarah”, walerna teh bari imut “ih enya kitu salah sahiji pangalaman aheng teh…jeung hayang mecak we sa alam teu jeung kami manehna teh”.

D

Naha hayang ngundakeun tangtung sorangan teh ku cara aprak aprak kan nyobaan ngarasaan nyusud makam makam batur mungkul?

Enya bisa…. bari resep kaditu kadieu tapi enya bari cape kaditu kadieu. Enya bisa jeung resep…. dongeng anu dongeng anu, enya cape sabab sok barieukeun bari dongeng sorangan teuing kumaha.
Ngan…kade loba nu agul ku payung butut. Loba nu jarah ka baetullah ari balik jadi arab padahal manehna teh cicing balikna ka sunda deui.

Kade loba nu teu pindah pindah sabab kaburu betah ningali pangkat makam batur nu loba loba jeung geus biasa lamun sagala nu aya dibatur sok siga alus ngan alusna saukur dugaan… cik kumaha mun jadi batur? Can tangtu resep komo ari leungit urangna!!… Ahirna alam makam Allah teu kasusud komo makam sorangan.

Matak jarah ka makam batur tong kajongjonan saukur bekel keur di sorangan bae. Pan Sayidina Ahmad ge keur anom madep ka makam batur-baitul makdis- kasepuhnakeun ngalih madep ka makam di nyalira –ka’bah- nu jadi bali geusan ngajadina. Tah eta nu diteangan nyusud ka urut indit.

SALIAN ti nu diluhur…….

Aya deui caritaan sejen pikeun nu hayang nyusud tapak …kongas lamun hayang ka mekah (baetullah) tinggal asup ka sunyaragi kamarna leutik teu bisa nangtung nangtung acan; oge geus pada terang Syech abdul Muhyi ka mekahna asup ka guha nu sarua pendek sempit (keur lawang ka mekah mah)…. Malah-malah Teureuh Qurais Sayidina Ahmad bin Abdullah bin abdul muthalib mah jarahna teh ngan dihiji tempat nya gua hira tea –nu pendek tur sempit- teu aprak aprakan tapi gening kongas tiasa janten khataman Nabiyyin nepikeun ka pasir keusik tempatna khalwat ge katelahna gunung sunda (jabal Nur) .

…Eta kabeh siloka jarah ka sorangan…dileutikan dileutikan di bulu manukeun ahirna jembar buana.
Nu Mulya Kean Santang ge nyungsang nyungsang nyakra buana tangtung sabab hayang terang di getih sorangan jarah ka sorangan –lain getih batur makam batur- hartina nganyahokeun jati sorangan. Kongas jadi muslim saukur ku ‘case’ ngangkat iteuk. Angkatna ka mekah saukur numpi di masjid luar batang… enya ajian luar babatang lain hartikeueneun budak. Tapakna nepi ka ayeuna araya keneh…

Tapi..tapi….

Keukeuh keur urang ayeuna eta tapak luluhur teh tapak ‘batur’… da kudu kaalaman sorangan kawas aranjeuna garaduh tapak nyalira…karek jadi milik diri bagja awak.

Ngan pedah ieu jarah luluhur nu kasebut diluhur mah…teknik na lain ngaprak ka luar tapi nyusud kajero.
Singketna:

Nu hiji asruk asrukan nu hiji sasaliksikan, …nu hiji ngajajah lampah nu hiji ngarucat awak. ….


Kumaha cara jarah ka sorangan nyusud tapak asal sorangan nyatana ???