BANDERA AREK PAEH DINA KITAB SUNDA (I)




Bangkong dikongkorong kujang
Ka cai kundang cameti
Kole mah buah hanggasa
Wenang  ngomong bari leumpang
Da hirup katungkul ku pati
Paeh nyaho di mangsa
Hirup katungkul ku pati
Paeh nyaho di mangsa


Harti kecap: sunda: cahaya/nur, kitab sunda: kitab mangrupa cahya, bandera: tanda, ciri, ilat-ilat. 

I. PAEH NYAHO DI MANGSA ATAWA PAEH TEU NYAHO DI MANGSA?


Keur jaman sakola keneh, dihiji imah dilembur tangtung tulisan diluhur kungsi kapanggih,  malah kapanggihna teh ditempelkeun dina tembok rohangan tengah tempat ngumpul sanak kadang. keur nu daratang ti kota, ieu tulisan kacida pisan narik ‘perhatian’. Sabab kawas kekecapan dangah bari  salah nulis tapi wani ditempel mangrupa kai ukiran ditengah imah-bari nu boga imah katingalina jalma ngarti. Tapi cenah yakin henteu salah nulis: ‘Ngahaja ditempelkeun sugan sugan anak incu sanak kadang jeung nu daratang laina aya nu panasaran hayangeun nyaho maksudna’. Maksud nu boga imah enya pisan hasilna, najan teu tiap nu datang, loba nu nanya nu hayang nyaho maksudna utamana mah bagian ahirna nyaeta:

Hirup katungkul ku pati - Paeh nyaho di mangsa. Naha bet kitu?


Nu loba kapanggih di kota mah tina ujungna tulisan diluhur teh – gampang ayeuna mah kapanggih dina media on line- nyaeta:

‘Hirup katungkul ku pati, Paeh teu nyaho di mangsa’.

Anu maksudna nyaeta sakabeh nu hirup bakal ngemasing pati-paeh ‘kullu nafsin daaiqatul maut’ (3:185, 21:35, 29:57), tapi  iraha irahana –dimana dimanana jalma moal nyaho. Eta mah, cenah, rasiah pangeran. Jadi, tambahan kecap ‘teu’ ieu jauh leuwih kaharti enyana keur jalma rea lantaran loba buktina nu kaparanggih yen mo pisan nyaraho jelema mah dimana jeung iraha malah kumaha jalan paehna. Bari jeung nyalindung kana/ diheueuhan ku katerangan salah sahiji ayat dina mushhaff utsmani, nu kasebutkeun kasauran pangeran, yen: ‘jelema ‘nafs’ mah moal aya hiji oge nu nyaho (iraha jeung) dimana bakal paehna (Luqman: 34)”.

Najan kitu – matak nu boga tulisan diluhur yakin teu salah nyalin teh…

Paeh nyaho di mangsa ieu bener enyana.

Nu Kahiji, jalma jalma nu kaleler-geus manjing taqwa.  Cecekelanana,… pangeran dina ayat nu lain dina alqur’an nyebatkeun yen satiap jalma nu taqwa nyahoeun tanda tandana (di lembur tangtung mah disebut bandera, tina dijadikeun tanda hiji hal) geus deukeut atawa henteuna pipaeheun.

“diwajibkeun ka nu taqwa lamun geus datang tanda-tanda arek paeh,….. supaya nyieun wasiat ….kalawan ma’ruf” (sapi bikang,2 :180)

Kitu oge, kaduana, jalma mu’min. Nu ariman bisa/mampuh nyaksian-nganyahokeun aya jalma nu rek paeh-deukeut ka paeh.
 
“Yeuh nu ariman nyaksi wasiat nu dijieun dimana salah saurang diantara maraneh arek-ngadeukeutan paeh teh kudu……witnessing a will when death is approaching to one of you shall be done…jst..jst  (idangan, 5:106)


Urang urang…..

Aya, mun teu kaasup loba, nu kawas urang arab –cenah mah arab baduy, najan dina qur’ana mah ukur disebut sawatara ‘minal a’rab’ urang arab- nu gampang gampang ngaku geus iman –katurunan iman – padahal mah karek migawe kaislaman bari henteu (acan wae) kalungsuran iman kawasnu geus rebuan taun diingetkeun dina Alqur’an sangkan ulah diturutan. Sab iman teh hakna pangeran mungkul mikeun jeung teu mikeuna, pangeran ukur masihkeun ka  sing saha nu dipikahoyongna. Parandene kitu, sacara kajalmaan, keur ngukur-indikatorna lamun enya geus kalungsuran iman –saluyu jeung ayat nu dicutat diluhur- kuduna bisa nganyahokeun pideukeuteuna atawa jauh keneh henteuna  paehna hiji jalma  - Paeh nyaho dimangsa, lain teu dikanyahokeun mangsa iraha-irahana.

Kitu oge ngeunaan taqwa, kajeun ngaran muttaqin oge tangtu jalma bijaksana mah moal aya nu wani wani ngaku geus taqwa, najan tiap jumaahan, paling henteu sok disilih ingetankeun, sangkan jadi jalma taqwa-sab barang mahal tapi teu gampang ngahontalna. Ngan ceuk mushaff utsmani, seperti ditepikeun diluhur, ciri geus manjing taqwa salila nyunyuhun hulu the, salah sahiji indikatorna, nyaho -dibere nyaho ku pangeran- tanda tanda bandera  arek paeh, matakna paehna nyahoeun mangsa iraha irahana – paeh nyaho dimangsa, piraku henteu.


Jadi, Saluyu jeung ayat ayat diluhur, keur dina kaayaan taqwa tiap jelema nyaho rek pidekeuteun atawa jauh keneh mangsa pipaeheunana. Kitu oge lamun dina keur kaayaan iman tiap jelema bisa nganyahokeun pidekeuteun henteuna batur kana paehna waktu harita.

Lamun henteu…..nya tinggal nanya kasorangan, da kuduna kitu-kabatur mah moal ngeunah, geus nepi kamana lalampahan dina ageman.


II. BANDERA AREK PAEH & KITAB SUNDA


Umumna ngajelaskeun teh tanda-tanda rek paeh the, (1) Umur geus kolot, (2) kasehatan geus euweuh – misalna ku panyakit (ku rupa-rupa sabab) nu geus euweuh ubarna nu sacara medis moal cageur deui. NGAN….Tanda-tanda kitu sanajan rea oge benerna/salahna… teu valid. Sabab rea nu ngora keneh malah budak/orok keneh geus paeh; nu geus gering parna cageur deui malah rea nu geus sacara medis paeh hirup deui (keneh). Nu sehat cilaka dipangperangan, aya oge nu balik perang beleger. Nu teu siga-siga/ budak keneh paeh… kolot aki-aki/nini-nini (nepikeun ka rea nu hayang paeh) tetep hirup keneh nepi ka pikunna.

Jadi tangtu lain eta. sab ari tanda-bandera-indikator ti pangeran mah piraku teu pasti.


Kusabab eta dimana? kumaha pangeran masihan tawis-indikatorna? Saurna saperti dicaritakeun dina Alqur’an mangrupakeun kitab nu disebut ‘kitaaban muwajjala’ (3:145), ‘predetermined/appointed book’, sundana tulisan diri, qadar papasten diri…kawas kumaha rupana? Bener mangrupa kitab sunda-kitab mangrupa cahya? kumaha macana?  

Urang dongengkeun dihandap ieu sakumaha nu kapanggih dilembur lembur tangtung: