SUNDANA SURAT SUNDA (I)



SUNDANA SURAT SUNDA
24:35
dina Dangdanggula
Eddy Nugraha

---
Allahu nurusamaawaati wal ardhi,
 matsalu nuurihii kamiskaatin fiiha misbah,
 almisbahu fii jujaazah,
al jujazatun kaannaha kaukabun durriyyun,
 yuukadu min sajaratin mubaaraakatin zaituunnatin
 laa tsarkiyah wa laa garbiyah,
---

Gusti teh sunda langit jeung bumi
Misal cahya sundana Pangeran
Lir lolongkrang anu tembong
Dijerona aya lampu
Lampu nu dikacaan yakti
Kacana mungkul mubyar
Lir bentang nu mancur
Dihurungkeun tina tangkal
Zaitun nu dihibaran berkah jati
Teu ti kulon ti wetan.

---
yuukadu zaituha yudiiu wa lau lam tamsashu naarun, 
nuurun alaa nuurin,
 yahdillahu li nuurihii manyasaaau
 wa yadribullahu amtsaala linnas,
wallahu bi kulli syaiin aliim.
---

Minyakna eta tangkal sayakti
Geus mancur caang nyaangan pisan
Najan seuneu henteu antel
Nya Nur sajati ning Nur
Gusti nungtun kana nurGusti
Nu dikersakeunana
Ka jalma nya estu
Gusti ngadamel perlambang
Tur nya pangeran kana sagala rupi
Nyata Uninga pisan.

*) Sunda =1) basa sunda, 2) cahaya/cahya/nur

Naon maksud sundana ieu ayat ngeunaan Sunda teh? Jeung kumaha nyatana da cumah ukur ngaheueuhan mungkul mah?

I.PANGANTEUR

Saperti biasa lamun urang nutur nutur pamanggih batur bakal barieukeun ku loba loba beda beda faham warna warna pamanggih.


Sebut wae misalna kaum eksoteris, mutazila jeung sabangsana……nu ngahartikeun maksudna cariosan Allah rebuan taun katukang “Allahu nurusamaawaati wal aldri” teh nyatana lain maksudna sunda (cahaya-nur-dev-light) sacara sacerewelena-literal-harfiah tapi saukur perlambang-metaphore-idiom.  

Nur didieu, saperti didugikeun al-Tabari, dihartikeun hadi ‘guide’ nu nuduhkeun jelema di langit jeung bumi, oge dihartkeun yudabbiru nu ngatur sagala urusan lagit jeung bumi.  Tuluy dianggap  maksudna munawwir -nu nyaangan, muzayyin- nu ngahias ngalusan ‘ornamentor’ langit jeung bumi. Ibnu sina  nyebutkeun-najan nganggap nur boga 2 harti (sacerewelena & perlambang)- kecap nur/sunda dina ayat surat diluhur dainggap perlambang nu hartina ‘agung jeung nu nyababkeun sagala rupa kaagungan’.

Nu lain, kayaning Al-Zamakhshari, nambahan make kecap ‘nu ngagaduhan’ cahaya langit jeung bumi. Kitu oge Al Razi, nambahan harti ayat make kecap nu ngagaduhan jeung nu nyiptakeun nur (sunda) sabab cenah euweuh nu sarupa jeung gusti, bari jeung nyalindung deui kana ayat nu lain nu nyebutkeun pangeran ngadamel cahaya (nur jeung kalangkangna). Jadi teu mungkin cenah Allah teh sunda/nur/light literal/sacerewelena. Matakna “Allahu nurusamaawaati wal aldri” teh hatina Allah nu ngagaduhan/nu nyiptakeun cahaya (haqq) sunda langit jeung bumi- Nur dihartikeun oge ‘the truth’- bener/enya (al haqq).

Ibnu Taymiyya lain deui, inyana nyebatkeun Allah teh sunda (nur) sacara literal tapi teu nyalahkeun nu ngangap Allah mangrupa sunda sacara perlambang. Da cenah bagian tina cahaya teh mangrupakeun nu nyaangan nu lain. Kitu oge, nya pangeran nu  ngabogaan/nu ngamilik sunda (cahya nur).

Najan kitu, ibnu taimiyya teu ngajelaskeun naon naon turus lakuna nu dimaksud yen Allah teh sunda (nur) sacara harfiyah atawa sacerewelena tapi ukur nyutat hiji hadis - nu nyebutkeun Allah mangrupa nur literal sacerewelena- nyaeta:
“Ya Allah sagala puji kagungan anjeun sunda (nur) langit sareng bumi sareng naon naon nu aya diantawisna”.
Oge, …
nyutat waleran Sang khataman Nabiyyin dina hiji hadis waktos di taros kumaha anjeuna ningal pangeran, nu ngawalerna  teh ‘….Kami ningal [pangeran teh ningal] sunda (nur)’.

Sedengkeun numutkeun Sang Hujjatul Islam Al Ghazalli,  kecap Nur (sunda) dihartikeun 3 tilu rupa.

Kahiji, di jalma biasa nu hartina nyaeta ‘nu bisa kaciri ku pangdeuleu/mata’ (zuhur-visual perception) kayaning cahyana panonpoe.
Kadua, dina harti pamahaman kasadaran pangrasa, akal (the eye of intellect). Oge, Nur dipake salaku kecap ‘ganti’ keur para Nabi jeung para ulama ‘religious scholars’. Kecap nur dina harti kadua ieu diparake ku jalma jalma di kelas ‘khawass’ ‘the elect’/pinilih.
Katilu, kecap nur dipake ku kaum pinilih nu agung agung  ‘khawass al khawass’ ‘elect of the elect’ nu geus manggihan yen sunda/light teh mangrupa al-nur al-awwal johar awal cahaya mimiti jeung al nur al-haqq/cahaya hakeki. Keur golongan katilu ieu mah malah cahaya salian ti cahaya hakeki ieu nu mangrupa metaphora perlambang (majaz).
Jadi nurutkeun kaum gol katilu nu disebut diluhur, Pangeran teh sunda. Euweuh deui sunda/nur iwal ti pangeran. Pangeran teh sunda/nurna sakabeh. Pangeran teu nembrak ka urang sab sundana kanyataan jati jatina sunda, jati jatina cahya ‘al mawjud al haqq al nur al haqq’. Sunda/nur urang (mahluk) mah ukur injeuman mungkul nyoko kana kajadian nu dijelaskeun dina Mushaff utsmani nu nyebutkeun yen  ‘Kullun syai’in haalikun illaa wajhahu –sagala hal bakal sirna iwalti  ‘wajah’ Mantena (28:88)

--

Kitu deui ngeunaan perlambang ‘similitude’ ngeunaan sunda/cahyana Allah rupa rupa warna warna beda beda………,

Sebut wae miskat (liang/wadah/niche/kaca cekung), saur Ibnu sina maksudna ‘aql hayuliya’ (material intellect), Al-Ghazalli mah ngahartoskeuna ieu miskat teh mangrupa ‘ruh hassas’ (sensory spirit) sedengkeun nurutkeun Al-Khasani ‘jasad’ (awak), ari Al-Nisaburi ‘ajsam’ (jisim-world of bodies).

Tuluy ngeunaan misbah (lampu), cenah ge, ‘aql bil-fi’l’ (ibn sina), ‘ruh aqli’ (al-Ghazali),  ‘sirr’ (al-Nisaburi)
Jst… jst…jst
--

Ari nanya ka urang lembur tangtung karang adeg, cenah ge,….

Allah teh sundana langit jeung bumi. Miskat-na nyatana lolongkrang tina warna warna rarasaan pangrasa sukma nu wisesa dina awasna hate nu keur/aya dina kaayaan caang tur beresih (lampu nu dikacaan). Tangkalna nya rasa sajatina nu minyakna  mustikaning rasa tekad tangtung jati nu mancur lain tina/teu kudu midaun hurip (teu kudu kahurungkeun ku seuneu) warnaning rupa rupa kasajatian hirup.

Beu, kumaha enyana-enyana kumaha?....

Tina pamanggih pamanggih diluhur, Ari urang rek ngillu ka saha? rek make pamanggih saha/pamanggih nu mana wae? naon cecekelan dina milihna? Bari jeung, Piraku euceuk deui-euceuk tuluy? piraku saumur umur ukur nutur nutur pamanggih batur iraha boga pangarti dumasar nu kapanggih kusorangan jeung diheueuhan ku nu dihartikeun nyatana numutkeun Allahna kuanjeun? Iraha kumaha bisana nohonan ‘fii buyutin adinnallahu anthur fa’a wayudkara fiihaasmuhuu yusabbihu lahuu fiihaa bilguduwwi wal aashal (24:36)?

Pakeun ngajawab kapanasaran ieu, mimitina urang kotretkeun heula pamanggih urang lembur tangtung karang adeg  diluhur leuwih teleb –bari ngaca kana pamanggih batur nu dicutat samemehna- dina bagian II & III dihareup, memeh asup kana bagian IV ngeunaan hal teknik2 ‘methods’ nu nyampak dilembur keur ngabuktikeun  naha ukur ngahuntu atawa  geus mangrupakeun waja nu semplak tur ngagalunggung enyana?

II. RASA SUNDANA  SUNDA

(Bagian salajengna urang kintunkeun saenggalna upami pareng)