III. YAA SIIN JAJANTUNG QUR’AN: Surat yaasiin?..Wah?...Na kumaha kitu euy?

PANGANTEUR

Surat Yaa Siin atawa Qulb Qur’an loba disebutkeun mangrupa surat jajantungna atawa ese esena tina Qur’an. Nepikeun ka cenah aya hadis nu nyebutkeun ‘sagala rupa aya hakekatna, hakekatna Qur’an nyatana surat yaasiin’. Kahartieun henteuna mah eusina ku nu maca naha disebut ese esena Qur’an  wallahu alam  iwal Allah jeung nu macana nu nyaho pastina. Ngan nu gampang kaciri di jalma rea mah, ieu surat kaasup surat nu pangseringna dibaca muslimin-muslimat dimana mana,  kawas nu geus lila dicatetkeun ku Pickthall  dina The Meaning of the Glorious Koran, yen surat yaa siin ‘Regarded with special reverence and recited in times of adversity, illness, fasting,  and on the aprproach of death’. Nya kitu tea atuh, nu keur susah (adversity) hayang senang deui, menyat deui, loba rijki deui, nanjung deui, jrrd jrrd; nu gering (illness) hayang cageur deui sabihara sabihari; nu puasa (fasting) hayang hasil maksud, hayang ngelmu, hayang pengkuh mulya dina ageman  jrrd jrrd; nu rek maot hayang didu’akeun dilancarkeun dihampura disampurnakeun jrrd jrrd jrrd nepikeun ka ieu surat kapanggih loba dibukukeun misah ti gemblengan mushaff utsmani.

YAA SIIN DINA DANDANGGULA KATUT MAKSUD SUNDANA (I)


I.  Pangemut Ngemut


17 Desember 2011 nu kalangkung, pun uwa, Uwa Ina (R. Hermina seuweuna R.O. Hardjawiria), ngantunkeun saparantos jumeneng di ieu pawenangan salami kirang langkung 70 warsih. Sababaraha waktos sateuacana rame kawartoskeun dikadang wargi, seueur saksina, anjeuna sasauran ‘kajeun gering sakumaha ripuhna omat ulah dibawa ka dokter (rumah sakit)’ pas ditaroskeun, pareng iasa ngalayad ngobrol paduduaan, walerna teh ‘uwa geus euweuh bandera, ulah ngariweuhkeun barudak’. Leres we sasihan saatos ngadugikeun tos nyaksian ical eta bandera (ningal tawis) anjeuna dipundut ku nu rahayu tilar ngantunkeun uwa pameget miwah putra putu.

Jasadna dikurebkeun tebih ti bumina, di Cibarunay-Bandung, saurna  kahoyongna ku anjeun  ‘ameh engke lamun barudak jararah bisa ngariung jeung dulur’. Ari bumina di Ancol, ku kasaean pribumina,  kapungkurna rame wae kaseundeuhan janten pamijahan nu haroyong katibanan tiasa menceger hirup hurip dina kapribadian,  ku para tuturus pananggeuhan sok dijantenkeun tempat kanggo ngariung pakeun nu paleryogieun tuduh jalana.  Waktos nyarioskeun putra-mantuna (Teh Kenny & A Herman), nu nuju ngadamel deui bumi di Bogor, pun uwa nyarios ‘uwa ge pesen ka barudak teh: supaya aya deui imah imah nu dijadikeun tempat ngarariung,.. karunya barudak ayeuna bisi paroekeun, sab geus jarang meunang caritaan agama nu jeung  eusina’.

Gening abong sepuh, tangtos tiap sepuh mah kitu, dugikeun ka bade pupusna alim ngarepotkeun turunan, nu diemutkeun teh kanggo kasaean seuweu siwina wae. Mugi mugi anjeuna, sareng sadayana nu parantos ngantunkeun tipayun, dihapunten sadaya kalelepatan kaluluputanana, dosa ageung dosa alitna, nu karaos boh nu teu karaosna sok sumawona nu dihaja boh nu teu kahajana, pamugi oge ditampi iman islamna ditampi amal shalehna dilanggengkeun di alam kani’matanana miwah sadaya anu dikarantun mugia kawaris kasaean-kasaeanana bari tariasa  nyeungitan nerasngageungkeunana. Amin.


Upami wae pareng,  caket caket nincak kana 40 dinten anjeuna ngantunkeun, lamun orok ngumpulna nyawa saatos 40 dinten dina jasad kitu deui sabalikna nu sirna katinggal ku nyawa –symmetry dina cakra waktu, hoyong pisan lugina tiasa jarah, bari sateuacana nyareatan ku nyundakeun surat yaasiin digurit dina dangdanggula –teras diupload etang etang ‘tahklillan’ online kanggo nu ngaraosna nyalira- ngeunteung kana nasehatna Prof. Albus Dumbledore ti dunya Harry Potter “do not  pity the dead, Harry.  Pity the living”. Da leres pisan, pun uwa mah tos puguh sumare, tos puguh putra putu nu tangtos  keresa ngadu’akeuna malih kanggo nu dialamna dunya puguh tapak paesan jatina, urang mah ayeuna nu masih kumelendang… biheung, malah malah biheung tiasa maot enya- nu leres maot nyawana tangtos nu aya kantun  hirupna-  boa urang salamina  kakubur  alam ‘laa yaamuutu fiiha wa laa yahya‘, tong tebih tebih engke, ayeuna ge kumaha humandeuarna  urang mun aya di alam nu teu menyat hirup teu neut paeh teu hos.

Di bagian tilu sareng saterasna ieu dangdanggula dipasihan catetan hal hal ngeunaan ‘eusi’ surat yaasiin nu kapendak dilembur tangtung nu janten ulikan tuturunan kanggo  ‘man kaana hayyan’, diantawisna ngeunaan naon nu janten margi surat yaasiin janten qalbuna/ese-esena qur’an, oge naha mung diancokeun janten cecepengan Rasul sareng ahli warisna/ ‘ngarasulkeun’, sanes kanggo jalmi biasa.

Haturan wilujeng ngaos