Tangtungan Ajen diri: siliwangi paeh jadi maung? Kiihan

---

Lamun Siliwangi paeh jadi maung…para wargi pangmiwarangkeun eta maung sina ka sim abdi …..rek dikiihan! Sugan ku urine mah cageur.
---

I

Tatali Siliwangi jeung kecap ‘Maung’ geus ngarupakeun rasiah umum di urang sunda. Aya nu nyebut maung siliwangi mah bodas, belang jrrd. Aya oge –umumna nu caricing dilingkungan tertentu- nu teu wasa nyebutna nepikeun ka cukup nyebut na si belang, ucing gede, nu lempay jrrd. Kasawang salian ti ngahormat teh meureun oge sieun dina ayana. Da cenah loba kacaritakeun lamun di leuweung –kaasup leuweung batu (kota)- atawa tempat nu hara-haraeun lamun salah nyebut sok ngabelegedeg… meureun mun kajadian kitu teh …can muka calana kaburu kiih manten. Cobian we ka taman safari tingal ‘tiger’ sima sareng tongkronganana matak ‘leuleus’ nu sieunan. Atanapi angkat wae ka ‘direnten’ (kebon binatang bandung di jl.tamansari) tingal lamun urang sakandang jeung inyana - Komo deui lamun jenis maung teh kawas Lodaya moal teu sakali ditewek ge seep urang teh.

Ieu caritaan kampung teh malah geus di ‘formalized’ diantarana KODAM na ge nu dingaranan KODAM Siliwangi make bandera maung, aya patung maung, malah maskotna ge maung.

Kulantaran maung (sato) na di sunda mah beuki dieu beuki arang –da leuweung na ge beuki beak, nu ngalegaan teh leuweung batu, dongeng pangalaman pangalaman kalolobaan jalma nu panggih jeung maung sok wae/beuki disambungkeun jeung rekaan ati na yen eta teh maung gaib nu baheula na jalma… pangkongasna maung siliwangi.

Tapi,…Naha enya Siliwangi Paehna jadi maung ??

II

Ulikan maung/macan

Saenyana memang ulikan ngeunaan miboga kamampuh maung ngarupakeun salah sahiji skill di sunda nu aya hubunganna jeung lingkungana - nu rea leuweung. Di Arab mah Singa matak kongas sayidina Ali ‘singa Allah’. Di sunda ge kasebutna jago teh ‘maung pajajaran’.
Jalma baheula, kapaksa diajar nalukkeun macan/maung lantaran dua-duana (jelema jeung maung) masih aya dilingkungan nu sarua…ku sering na nengetan kalakuan/kabiasaan/kakuatan/lingkungan raja leuweung ieu mimitina aranjeuna jadi ‘ngaadaptasi’ boh dina gerak (silat) atawa sima. kongas kacaritakeun salah sahijina elmu Pamacan. Misalna wae gerakna lentur, teu loba gerak mubazir tapi bertenaga, cepet jrrd. Simana: ku ningal paromanna batur teh sok ngeluk, ‘segan’, ‘sieun’jrrd. Nu leuwih jero, nyatana bisa ngaprogram –salian supaya maung nurut- supaya, gerak usik, aura, the sumerep dina USIKna.

Kamampuh gerak katut sima/aurana diperyogikeun ku aranjeuna. Malah jaman ayeuna ge, loba nu palerlueun keneh (?)- (Tanya we ka nu diajar silat, satpam, polisi, tentara).

Kumaha cara ngulikna?

Umumna mah sok make puasa heula –nyaeta supaya nafsu manehna teu kaluar /katahan heula henteu dominan nulisan dirina/pasif (henteu bijil dina clipboard awakna) – tah bari kitu sok dibere bacaan nu maksudna supaya nulisan ka si awak si rasa sima/kamampuh macan. Jadi dina waktu nafs pribadina-na eureun/stand by nya dominasi bacaan kuat,…. nepikeun ka ‘program/bacaan ngeunaan ulikan ‘macan/maung’na jadi tulisan nu napak dina papanna (wadahna/dirina)…. Hal eta teh bari, aya oge nu, dibarengan ku olah awak (gerak) jeung nafas.

Lamun ngulik na bener apresiasi na enya diajar sifat maung teh bleg we maung (timimiti level sima/aura, gerak/ nepikeun ka robahna awak-awakan). Jadi sawaktu hirup nu memang kudu survive ku persaingan, ngan nu kuat nu meunang, survival for the fittest – kamampuh eta terus dialusan di kuatan jadi milik diri modal awak.

Ieu hasil ulikan diupayakeun diwariskeun ti generasi ka generasi sakawayana sakawayana.

III

Kumaha ari paeh?

Saencanna urang tuliskeun deui caritaan kampung ngeunaan paeh:

Di sunda mah nu maot (basa arab) disebutna PAEH – PUPUS, naha? Lain nu hiji basa kasar nu hiji basa lemes, tapi:

Ari PAEH maksudna paeh nafsuna (lawammah, salwiyah, ammarahna) nu tinggal mutmainnahna. Bangkarak nu kaciri ku jelema terus dikubur nyaeta wujudna nafsu lawammah, salwiyah jeung amarahna. Teu usik malik teu daya teu upaya lila lila jadi taneuh deui. Matak jelema nu arek jeung geus PAEH teh masih (SING-kuduna) aya nafsuan keneh nya eta nafsu mutma’innahna (diantarana dipake ngadenge/nurut diharewosan ku batur nu hirup laa ilaa ha ilaallah)..lain jadi pikun jadi rusak jadi poho. Tah nya nu kitu (mutmainnah) nu bakal meunang kani’matan surgana Allah.

Matak ari nafsu mutmainnah mah geus teu kudu boga wadag jasmani, dina jasmani na geus dikubur jadi tulang taleng deui ge bakal terus aya meunang ni’mat (nambah-katambahan terus).

Jadi –tah ieu patokanana- keur nu neangan “SI MUTMAINNAH”, lamun masih keneh ngarasa boga wujud,….. mutmainnahna karek meureun/kira kira/ dugaan/ sangka…… can ENYA. Asa mutmainnah padahal kapoekan, mutmainnah ASli tapi PaLsu,... mun kitu tuluy bari geus asa enya…..nu rugi mah maneh.

Ari PUPUS maksudna pupus tulisanana nu tinggal kari urutna. Hartina nu maot teh kudu hapus beresih sagala kalakuan tutulisan nu ngajadikeun papanna ka curat coret tapak dunya. Dina cariosan kangjeng Nabi saw mah (cenah) budak teh lir ibarat kertas bodas (disunda nu rea hubungan na jeung tangkal sok disebut papan (kai) jadi majusi nasrani atawa islamna kumaha (tutulisan) indung-bapana. Tah nu maot teh kudu bisa (sing bisa) ngahapus sagala tutulisan didunyana (sajati) supaya nu tinggal kari papanna (Jatina). Matak sok terus di sebut (sabenerna mah meureun didu’akeun sing ) mulih ka Jati mulang ka asal… Kawas baheula waktu manehna lahir (fitri) ka alam dunya, da asalna mah memeh lahir/pas lahir budak ge lir kertas nu can katulisan naon-naon.

JADI,… nu maot nu bisa PAEH jeung PUPUS teh pantes kasebut mulih ka rahmatullah. Ayeuna mah anak incu salaki pamajikanna tara aya nu narima disebut paeh (pupus mah masih) asa kahinakeun.


DINA WAKTU PAEH jeung PUPUS nyaeta tinggal nafsu mutaminnah jeung papanna nya sok terus bisa nyampurnakeun awak. Leungit teu kudu buruk heula. Hartina lebur papan kalawan tulis. Sampurna sampurna ning beak. Hartina sampurna nafsuna sampurna jatina nu tinggal kari Hyangna. Innalillahi wa innalillahiraji’un (nu saenyana, lain teori, cenah jeung sangkaan).

Aya nu ku dikubur heula ku batur kawas mayit biasa tah engke geus dikubur tuluy sirna sorangan dina itungan poe (matak, di kampung JATImah, nu marasih hirup salian ti tahlilan teh oge nengetan/kadang milu mantuan nyirnakeun awak manjing kasampurnaan dina poe ka tilu, ka tujuh, ka 40 jst);,…
Aya oge nu langsung lebur/awor jeung jatina nepikeun ka disebut tilem (tingali tilem/ngahyang di alamkami);..

Eta diluhur kabeh, ngarupakeun skill jalma mutmainnah nu apal kana papanna, mangrupakaeun kabinangkitan urang sunda turun manurun dina mulih ka Rahmatullah. Tah …urang sunda mah (dicontokeun yen) ngaji qur’an ngeunaan ayat ahir surat Al’Fajr teh geus jero lain saukur ngira-ngira make uteukna atawa bisa nyanyi mungkul.


Tulisanna pas ninggalkeun alam dunya –misalna tulisan maung nu salila hirup di install dina awak/nafs-….dina waktu arek mupus tulisan dina papana tulisan eta di CUT (ctrl-x) terus di upload ka clipboard dunya... henteu di delete sab nyaah ka turunan atawa mere aweuhan ka lingkungan.
Dina papanna mah tos teu aya beresih mulih ka jati da geus dipulangkeun nu kituna ka asal-asalna nyaeta di clipboard lingkungan sabudeuereuna (dunya). Tinggal lamun aya papan lain (biasana seuweu siwina…nu bisa ngulikna) –rek loba rek saeutik- nu hayangeun… jeung bisa tutulisan/mrogram maneh nya ka-maungan eta ka paste (ctrl-v)/ka download deui dina masing2 papanna. Persis henteuna siga tulisan nu mimiti gumantung kana kamampuh papan jalma ayeuna (jeung engke) na. ctr-x ieu dina clipboard dunya aya terus karek leungit lamun dunya geus rusak (restart) deui. …Ngan tangtu sanajan dunya aya keneh..eta program masih keneh aya di jabaning langit/alam maya/ clipboard dunya sabab geus di upload baheula….. moal bisa ka paste keun lamun euweuh papan lain nu ngulik jeung bisa ngadownloadna.

IV
Kumaha jadi aya maung nu sok kawenehan kaparanggih?

Biasana, ‘program up load/ctrl-x’ ieu oge sok diaranggo ku aranjeuna memeh ngantunkeun alam dunya the pakeun ngajaga kabuyutan-kabuyutan, tempat nyimpen ‘harta’ titinggal jaman baheula, makam raja/jalma suci/tokoh, ‘aplikasi’ hawa aura/sima ieu ngajadikeun tempat ‘tidak terganggu’ iwal ti ku ahli warisna-piancoeunana. Tempatna sok jadi pikakeueungeun, haraharaeun, jrrd. Dimana aya nu ngusik

karek bijil-ka trigger- lamun henteu mah biasa we.

Nu mawa program “maung”ka luar lingkungan asal biasana, nu ngarulik lain (penerusna). Jadi eta program ka disseminasi ka tempat/wadah/lingkungan lain nepi keun ka ayeuna.

(hayang bukti?...cobaan we datangan tempatna, sorangan mun enya wani mah, atawa bawa nu lain nu sarua wani….tong mawa nu sieunan…’ganggu’ we pasti ka trigger...)

Warna warna hasil download,…

Lamun nu nyahona/nu diajarna/nu ngulikna/ nu kabeneran panggihna ngan kalimpudan ku hawa hawa dunya… aya nu kasurupan aya nu muriding/muringkak aya nu hayang nyatu hayang nginum, aya nu garam gerem, aya nu jadi sieun jrrd …bonganna we bodo daek kadominasi tulisan.

Lamun nu nafsuna mutmainah mah (dimana nya ki/nyi mutmainnah?) wani ngadu moal daek nembongan-nembongan acan lamun si mutmainah eta embungeun, ngabelegedeg lamun dititah, bisa dipentaan tulung bari tara menta bayaran pakeun nulung ka nu butuh nalang kanu susah.

Komo lamun si mutmainnah ieu daek ngulik eta tulisan –nyieun tulisan sorangan jadi programmer (lain saukur ctrl-v) – nu aya lain maung batur tapi MAUNG AING. Hartina teu make maung luluhur (upload programme) tapi geus di modify –boga hak ngarobah/ngaadaptasi-jadi ‘brand’ manehna sorangan.
Nu jadi ugeran nyatana diajarkeun pisan teh sing bisa/tapis ngabedakeun mana papan mana tulis.

Supaya bisa ngamanage file-filena, teu corrupted dijalan, komo nepi keun ka teu bisa di uninstall/di ctrl-x; peupeuriheun kawas luluhur baheula nu nepikeun ka bisa nga upload. Lamun saumur umur ngulik nu kitu jeung naon bae sakakbeh ulikan di dunya teu bisa jadi Si mutmainnah nya moal bisa PAEH ENYA, tapi kasarad,...kasarad ku kanyaho sorangan. naha? sabab, dina paeh kudu sagala ditinggalkeun – tengetan harti kecap paeh pupus innalillahi wa innailaihi ra’jiun - iwal ti mutmainnahna:

“Kop tah maung na keur sia lamun perlu urut dipake baheula ku kamutmainnahan … kop tah kanyaah kabeh dibikeun ka sia moal aya nu disesakeun nu tinggal kari tapakna. Matak ditinggalkeun keur nu hirup ge tandaning nyaah (teu di Delete).. . geus beak sagala di aing mah tinggal keur sia kabeh di dunya pek bawa pek pake NGAN sing bisa mawana sing bener makena…eta ge lamun hayang make lamun henteu mah kumaha sia wae”.


V

Aeh aeh nu nulis teh mani kawas nu geus bisa we wani tulas tulis maung… puguh matak wani nuliskeun ge geus bisa nulis mah…komo beuki dieu mah… bisa kaciri ku batur…geura tingali… Tinggal muka komputer pencet ‘tuts’ keyboard ,,,, ketikeun..m..a..u..n..g Jadi MAUNG -----(kirim ka internet)..mun nu maca bisa akses internet bari matana awas keneh tangtu kabaca… he he he.

Naha lain siliwangina nu geus paeh jadi maung ? Wah mun enya ge kitu meureun waktu pajajaran dijajah deungeun meureun turun sorangan perang, pan siliwangi teh nyaah ka rayat?; Ayeuna urang sunda jadi kekesed meureun turun ngagaur, pan silihwangi teh ngawangikeun somah? Atawa meureun moal kacaritakeun deui luhungna siliwagi da era deung jadi pacaduan paeh jadi maung mah. Dina datangna ka seuweu siwi, disebutna ge maung gelo teu boga ka era.

Puguh ge nu aya di dunya (elmu maung jeung kasiliwangian nu lain) tinggal tulisan tapak programna – tanda kanyaah - ka seuweu siwi. Jadi deui soteh,… nyata deui…. ngabela somah lamun aya papan lain nu bisa, paling sautikna nga-paste (ctrl-v)-nga dowloadna. Tinggal,…. lamun enya mah nyaah ka luluhurna sing daek bisa make elmuna pakeun nyaangan sasama jadi seuweu siwi siliwangi. Lamun teu bisa bari teu daek ngulik lain salah nu ngauban.

Jalma mah bebas milih. NGAN nu teu bebas teh narima akibat tina hasil milihna. Hayang mandi meureun baseuh beresih. Teu hayang moal meakeun cai ngan meureun bayeungyang (lamun panas) bau kelek (lamun teu make deodoran), haneut lamun keur tiis. Teu hayang diajar kamaungan teu nananaon ngan meureun moal nyaho bengharna eusina leuweung hirup. Diajar maung –jeung loba-loba kadunyaan laina- kop meureun boga pangabisa ngan kudu bisa beberesihna lamun rek balik ka rahmatullah –ihram teu menang aya tulisan.

Ngaberesihan elmu mah gampang –da aya jeung ulikana geus lengkep masagi- nu hese mah ngaberesihan kangeungeunahan ka dunya ka melang ka anak pamajikan nu anyar papanggih nepikeun ka nu heubel marengan mah kapopohokeun (kaasup meresihan tapak elmu) nu ahirna poho, balangah, kabodokeun, lalawora…ari cilaka sababna lain ku nu kitu ??? .

Cag.