TAUHID GULUNG (I)

Kalam kasundaan no 13

I

WAHDAT AL WUJUD (MANUNGGALING/ GULUNGNA KAULA GUSTI)

Wahdatul Wujud di Indonesiakeun jadi kesatuan eksistensial (numutkeun Dr.Nurcholis Madjid). Di jawa mah dijelaskeun ku kecap manunggaling kawula gusti, tapi di sunda kampung mah istilahna teh (leuwih merenah jeung leuwih nunjukeun kana hasil) nyaeta: Gulung na abdi jeung gusti nepi ka ngagalunggung.

Sabenerna keur di sunda mah, ieu penjelasan wahdatul wujud ku kecap manunggaling kawula gusti -nu (ditambahan) sing nepi ka ngagalunggung- teh ‘mere arahan’ kana kumaha sabenerna ahlak jelema dina tohid (tauhid).

Manunggaling kaula (abdi) gusti –mimitina kudu aya dua (alam midua) nyatana aya abdi aya gusti.

Jadina teh...

Alus gusti sabab abdina alus, goreng gusti sabab abdina ge goreng. Alus abdi sabab gustina alus, goreng abdi sabab goreng gustina.

Pan cenah ge kalahutan bijil lamun kanasutan na enya. Lahut ngaridoan mere hidayah berkah jeung rohmat sabab nasutna aslamtu. Lahut kejem ngantep ngahukuman sabab nasutna nolak nambalang (kafir).

Pan cenah ge loba kapanggih abdi rujit sabab salah muhit nu jadi gustina. Loba nu ngajadikeun hawa nafsu jadi (ilah) gustina.

Matakna....

Kudu hurip gusti waras abdi. Ka cai jadi saleuwi ka darat jadi salebak sabobot sapihanean.
Kudu daek jadi abdi meh loba gusti keur maneh,... tong embung jadi gusti ngeunah jadi lawang kahadean lamun loba abdi nu butuheun..
Pek pambrih pek nuhun lamun perlu;
Pek bere pek cekel lamun boga
(tingal dongeng Sang Sulaeman dina qur’an)

Lain kitu gawena kahadean?

TAPI,

TONG NGAKU gusti bisi keur teu kaseundeuhan (kawas nu ngaku turunan menak (lain menak)...ari hirup walurat) ...nu cilaka diera-era mah maneh....

TONG NGAKU ngaku abdi agul boga gusti.... bisi keur teu diaku (pamenta keur teu dikabul)...nu era belehem mah maneh...dinaha-naha.

Sing boga...

tata titi duduga peryoga; migawe haphap ngendag-ngendag memeh luncat nuturkeun alam batur, tulaten nurutan sireum tarapti kawas titinggi meh seukeut duduga miyuni gagak dina nempatkeun kaabdian kagustian.

Ulah melengkung bekas nyalahan sarosopan teu pantes mernahna....nu era cilaka mah maneh keneh maneh keneh....da maneh nu nandangan.

II

Abdi lawan Gusti

Lamun urang ningal dina basa sapopoe....

Kecap abdi dipake dina alam tata alam semu, pihak “abdi” nempatkeun sahandapeun (jauh-anggang ti) pihak ka dua nu dianggap ‘gusti’ na. Gawe kitu sabab:

• Pihak ka hiji ku ngaku nempatkeun jadi ‘abdi’ teh ngarepkeun /boga pamrih ‘kagustian’ bijil ti pihak ka dua.

Ari kagustian nyatana gambaran /’manifestasi’/perwujudan Asmaul Husna nu rupa rupa-kayaning ngabulkeun pamenta, berehan, nganteur kahayang, tempat nyalindung, tempat kanyaho, adil ngahukuman.. jrrd.

Ari kaabdian kudu sabar, kudu daek menta, teu guminter, kudu tawakal (nyanggakeun kumaha gusti),..tungtungna ning sok ngaromong sadaya-daya. Shalatna (do’ana/pamenta na) ge sok disarebut sembahyang...nyembah ka hyang... da rumasa jadi abdi ( tingal –“shalat kami aya 4”). Migawe sabab geus kuduna kitu/ sabab sieun/sabab era/sabab asa katitah ku gusti nu salilana moncongok bae.

Ari ka abdian kudu handap asor, nyarita kudu lemes, jrrd..jrrd.
Ari ka gustian cenah kudu balabah, berehan, murah congcot hambur bacot, jrrd..jrrd.

Lamun manggih abdi teu boga adeuh sok tara dekeut jeung gusti.
Lamun gusti kored keked moal loba aya abdi nu deukeut jst..jst..jst.

(Undak usuk basa lemes kasar nu lengkep pakeun mernahkeun maneh dina ‘komunikasi’ ku, misalna, basa lemes heula ka nu anyar pinanggih/nyaluyukeun jeung alam nu diajak komunikasi di sunda sabenerna cara maju- ‘highly civilised’ hiji budaya)

Nu parerceka tarapis dina ngolah nempatkeun budi basa rasa rumasa... loba meunangna. ..
Lamun ka jelema urang handap asor (jadi abdi)...sok kaluar ti manehna (lawan komunikasi) teh kagustianana... Meureun resep meureun ngeunah meureun betah loba nu mere maweh disebut jelema bageur pikanyaaheun batur.... tah kagustian batur bijil keur maneh ari maneh bisa jadi abdi.

Kitu oge sabalikna....
Tong nolak mun aya abdi sumolondo... sabab karek mun aya abdi.... ka gustian bijil ti maneh...tungtungna pada ngamulya-mulya kunu ngarasa kahutangan kunu ngarasa meunang kahadean ti kagustian maneh.

Ka handap asoran... oge dipake ‘nguji’ kawas haphap...ieu jelema nu disangharepan jalma perceka nu kawaris sifat kagustian atawa henteu?...sabab di handap asoran teh aya ge nu jadi mancangah...cirining..jelema teu baleg teu kawaris kagustian.. ..beuki handap urang..lamun itu (batur) teu bisa ngahandapan...cirining rek robah laku.... itu eleh duduga urang jadi gustina itu nu ngaabdi-abdi..pek bae cobaan mun cacarita jeung menak...teu percaya mah.

(menak ayeuna mah leuwih dimaksudkeun kana diantarana ‘educated’ luhung elmuna ‘wise’ jembar panalar ‘leader’ lulugu/ kokolot /pananyaan panannggeuhan umat- nu boga gelar raden ayeuna mah saukur nu pastina turunan menak baheula - jadi henteuna menak mah wallahu alam)

Tapi, Mun teu bisa teu tapis .... loba menak (gusti) kaperdaya ku pamuji abdi (feodal) jadi mere tapi awuntah ...loba somah (abdi) heurin ku letah teu wasa sieun teu nyaho basa...saukur bisa kumaha anu dibendo (nu jadi gustina).

Dasar hirup di alam pamrihan....nu dipambrih kasalametan kahadean. Matak kudu tapis mernahkeun maneh.

III

Pek pecakan ka Rabb Gusti nu murbeng alam...Sarua.....

Ku nempatkeun ‘ka abdian’ teh ngarepkeun ka gustian ti nu dipenta, pan dipapatahan ku Qur’an:
Ari ngadu’a (menta neneda) keur abdi mah tarik teuing ulah laun teuing ulah..pan cenah ngadu’a teh kudu sineger tengah sorana ari ka Gusti (rabb) mah;

Kudu daek menta/ngadu’a ..ulah api lain..pan cenah Rabb teh teu resepeun ka (abdi) nu tara ngadu’a/menta;

Kudu narima dina kalaipan/dina katunaan/dina kakurangan/dina kasalahan (pek tengetan du’a du’a nu diawalan ku Rabb). ... eta teh ameh bijil gustina sabab nu datang abdina nu boga rasa rumasa.

Ari ka gusti kudu sabar bae jeung tetep kudu menta (do’a/shalat) bae pan cenah ceuk qur’an “menta tulung ka kami ku sabar jeung shalat” (kajeun can dibere kudu tetep menta) da wayahna jadi abdi nunggu-nunggu di kabul gusti.

Jeung ,....

Ceuk qur’an ge cenah kudu jejem yakin arek dikabul pamenta. ...Lamun henteu? he..he..he..kumaha deui? rek menta deui ka salian ti gusti?.... euweuh...euweuh deui nu bisa iwal ti gusti...pan maneh mah abdi.

Jst..jst...jst..

Tah..hirup di alam pamrihan... nu dipambrih kasalametan kahadean. Matak kudu tapis mernahkeun maneh.

IV

KUMAHA SUPAYA GULUNG ?

Naha kudu gulung?

Alam abdi-gusti mah alam anggang...sadeukeutna ge ka gusti...para abdi mah teu bisa deukeut sabab beda pangkat beda kabiasaanana. Tara gusti satata jeung abdi..sabab lamun satata leungit kagustianana.

Hayang deukeut mah nya gusti jeung gusti deui....abdi jeung abdi deui. Ngan lamun abdi jeung abdi, gusti jeung gusti. Leungit kagustian leungit ka abdian...pan basana ge jeung sasama mah pa dewek-dewek pa aing aing. Ngan kade mun keur aya abdi ulah gusti padewek dewek pa aing aing meureun abdi bisa ngunghak? Sabalikna mun keur aya gusti abdi tong sambewara...bisi tideuha.. naha bet aya abdi cumantaka?

Alam abdi-gusti mah alam tata alam semu....tara dicaritakeun sajalantrahna... Strategy jeung kaayaan presiden (“gusti”) tara dijelaskeun kabeh ka sakabeh rakyat (“abdi”).... cenah ge kapaksa kudu ‘white lie’ sabab mun dicaritakeun sajalantrahna mah bisi kuciwa...bisi putus asa...bisi CAN BISA NARIMA..bisi mancangah ..jrrd.

Pan kongas dina agama oge...loba nu disumputkeun ..saur Gusti teh dina qur’an...”nu nyaho eta mah ngan saukur kami jeung nu dikersakeun ku kami..maraneh mah para abdi moal..moal kabeh nyaho (nu saenyana) aya ge ngan saukur nyangka”....ari nyangka tara pas ka enya...malah, saur gusti dina qur’an, nyangka ngeunaan gusti mah pagawean setan (abdi nu ditundung)”.

Hayang nyaho nu saenyana mah kudu pindah ka alam gusti jeung alam nu daralit (qarib/qurbah) sabab kapeto kapilih dikersakeun ku gusti.

V

Kumaha carana?

Kudu daek saalam sakabeuki jeung gusti. Engke nyaho kumaha ari gusti sapopoena usik malikna.salah sahijina didieu para ulama nu satmata mere tuduh, dumasar beja ti gusti dina qur’an, yen gusti Allah teh boga sifat 20 siki.

Aya (wujud), mimiti (qidam), langgeng (baqa), nangtung sorangan (qiyamuhu binafsihi - tingali eddy nugraha “lingga kabuyutan jeung sirotol mustaqim/nangtung sorangan”), beda jeung nu anyar (mukhlafah lil hawadis), wahdaniat (hiji).

Sok atuh... lalanyah diajar kawas kitu.... Pan saur Sang Sri Uswatun Hasanah tedak quraysh ge... “akhlak maneh sing kawas akhlak Allah”

Bisa wanoh kanu 6 diluhur teh kudu bisa wani daek nyaho jeung hirup (keneh). Jeung engke Maneh nu nandangan: nu daekna nu wanina nu bisana nu nyahona nu hirupna.

Hirup (hayat) jeung (hayan) nu hirupna, Bisa (qudrat) jeung (qadiran) nu bisana, Daek (iradat) jeung (muridan) nu daekna, nyaho (ilmu) jeung (aliman) nu nyahona....atuh diajar tandang kudu sagala ku sorangan di sorangan… lain euceuk lain cenah.

Ngucap (kalam) jeung (mutakaliman) nu ngucapna tapi teu make sungut.... atuh diajar nyarita teu ku sungut.

Ningal (basar) jeung (basiran) nu ningalina tapi teu make mata.... atuh diajar ningali teu kumata.

Denge (sama) jeung (samian) nu ngadenge tapi teu make ceuli... atuh diajar ngadenge teu ku ceuli.

Teori na mah loba tinggal leukeun daraek PRAKna...diantarana aya nu boga pamanggih:

cenah, kudu asup tareqat..tong sareat wae.... (kade loba nu ‘kabodokeun’ ku guruna, kasiksa/kapager ku ‘labelling’ brotherhood tarekat/ sareat jeung golongan/aliran, komo kana tareqat nu sok ninggalkeun sareat),...

cenah, kudu ngaliwatan tobat, zuhud, wara, faqir, sabar, tawakal rido ikhlas (kade ulah lieur ku metoda)... jrrd cenah pamanggih jelema...klise lamun dituluy keun.

Ari gampangna mah:

Prak teangan Ajarna ulama ahli waris nabi nu pangkatna satmata nu bisa ngajarkeun nyarita teu ku sungut, ningali teu ku mata, ngadenge teu kuceuli, hirup teu bari ngarenghap. Nungtun kawani kabisa kadaek jeung kanyaho nu aya di sorangan.

Tah engkena... tara kaeuweuhan da aya wujud maujud tara neangan nu euweuh, langgeng baqa da mapay nu jadi mimiti maneh (qiyam) memeh awang-awang uwung-uwung, nangtung sorangan bi nafsih, beda jeung batur-batur nu anyar nu pandeuri (mukhalafah lil hawadis).

Gulung gumulung...sagulung sagalang...meureun teu kudu kararagok..da jeung sobat dalit. Sab geus sakabeuki sakanyaho sakadaek sakabisa sakawani.

Tah engkena ...ieu nu disebutkeun ku teori-teori katasawufan.... JADI.

VII

kasus Gulung dina Patekadan Lemah Abang