TAUHID GULUNG (II)

VI

kasus Gulung dina Patekadan Lemah Abang

===
Para wargi, tangtos sadaya tos pada terang yen ‘cariosan’ ngeunaan Syech Siti Jenar (SSJ) teh seueur versina (versi jawa timur, jawa tengah, jawa barat nu diwakilan ku cirebon, priangan jsst) –seuseueurna ‘serat’ siti jenar (Jatim-Jateng) nempat keun SSj langkung sae pamendakna ti wali sanga sedengkeun versi Cirebon, Wali sanga langkung leres ti SSJ.

Nu didugikeun ku sim abdi mah dina ieu dadaran sabagian alit ‘cariosan’ SSJ versi kampung sunda wae (da kenging wae sanes? komo jaman mahabu informasi kieu. Urang kedah seueur terang ‘berbagai versi’. Bawiraos nu sanes ge mung saukur ‘versi’ ….. leres henteuna mah kedah ngalaman langsung …..nyanggakeun).

....haturan ka sadayana.
====

PANGKUR-
PANGKURANG-KURANGNA RASA (HHM)

Barabat pada disada,
Hening jati tigin sirotol mustaqim,
Pada boga undak usuk,
Parangkat luhur handapan,
Pangluhurna mah tepi ka hakkan hakkun,
Patekadan Lemah Abang,
Dihukum ku alam biwir.
Jadi pamuntangan sara
Ulah muka rasiah rabul alamin
Meletik bijil ti sungut
tangtuna di hukuman
bongan salah jeung sungut batur batur
di nagara pakalaman
nungtik pakalaman deui

cat: Haji Hasan Mustapa (HHM) nu numutkeun Ajip Rosidi mah saurna HHM teh bujangga Sunda pangbadagna – ngan ‘for the sake of objectivity & fairness information’ keur sabagian mah “kontroversial’.

Lamun geus loma/dalit, euweuh gusti euweuh abdi babar sapisan jadi sobat (wali). Tapi, dina tohid bisa na qurbah (qarib=dalit) nunggal ngahiji gulung teh ku modal islam (aslamtu sumerah) nepikeun ka jiwa ragana teu ngaboga boga nepikeun ka teu ku manehna manehna acan (da teu daya teu upaya).

Ayeuna lamun ka-maneh-an geus aya deui, tuluy bareng jeung batur batur, tuluy nyarita meletus bijil ti sungut, make basa maneh (sedengkeun lain gusti mah nyaritana ge teu make sungut? ari ieu bijil ti sungut), ceuk batur nu ningali mah maneh teh keur fana (rusak). Ari nu rusak euweuh nu pantes nurutkeun alam tata alam semu.

Meureun batur salembur leueleutikanna pada heran pada teu ngarti,... gorengna pada nyalahkeun,.... ceuk batur teh naha ari aing henteu, boa si itu nurustunjung jelema gelo...nu kitu teu sarua jeung fiqh (asal kecap fiqh = pamahaman, tapi ahirna jadi hukum) batur-batur.

Ieu kajadian geus loba, di jawa mah kajantenan ka Syech Siti Jenar (SSJ)..

Aya cariosan SSJ nu kadugikeun kanu sejen (utusan) nu beda tingkat pamahamanna (beda alam) ngeunaan ageman - nyatana waktos para wali miwarangan ngulem SSJ, caritana nu katepikeun mah kieu:

hiji waktos kaleresan SSJ nuju dina ‘kafanaan’, SSJ nafi ALLAHna Isbat Utusan wali nepangan:

“Kangjeng Syech,.... dipundut sumping ku Kangjeng Sunan... sun”
SSj: “Euweuh sitijenar mah, aya ge Allah”.

Dasar ka jalmi nu dipercaya luhung sanajan ucapan na’aheng’, nu dipiwarang teu wantun mindo catur teras wangsul deui pupulih ka para wali teu tiasa ngangkir SSJ margi nuju suwung nu aya ge ngangkenna Allah.

Para wali mah maphum teras we mindo (kaduana), miwarang utusan supados nu diulemna teh Allah, ngan kaleresan pas tepang teh SSJ tos dina ‘biasa’ (Allah Nafi, SSJ isbat) deui.

”sun...dipiwarang ku Kangjeng Sunan supados ngulem Allah”.
..atuh waler SSJ teh: “tong ngangkir Allah ka kami da kami mah SSJ”.

ku margi kitu ki utusan mulih deui ka Para Wali wawartos yen teu tiasa ngulem Allah da nu kasampak mung SSJ.


Para wali, ahirna, mutus supados ngutus nu cekap ngilmina (sa alam) pakeun ngangkir SSJ. Sanggemna ieu utusan teh :

“Ieu kami... menta Siti jenar Kalawan Allahna supaya hadir ayeuna keneh”.
Sakedet netra SSJ nu tos ras jlig... tos dugi ka riungan wali.

Ngan,.... nyebut Allah ka nu sejen ieu nu engkena jadi label ‘hukuman’ ka SSJ..., ti ieu beja nu nepi ka utusan teh, tuluy nyebar ka bala rea SSJ teh jalma nu ngaku Allah.

Naha sesebatan lain SSJ teh Lemah Abang?

Ari lemah hartina taneuh ari abang hartina beureum. Di sunda mah lamun aya jelema nu anyar paeh sok disebutkeun cirina taneuhna ge beureum keneh. “puguh ki anu the maotna kamari tuh taneuh na ge beureum keneh”. Taneuh beureum dibasakeun kana pajaratan anyar: Padahal teu kabeh taneuh beureum, siga nu dikuburna di lembang mah kajeun anyar ge teu beureum da taneuh na hideung.
Ari pajaratan anyar mah salian ti paesan (nisan) teh taneuh na ge melendung keneh...cirining can kabeh sirna...matak sok ditahlilan sok direwahkeun... can jadi paesan jati pisan da katambahan keneh sesa bangkarak.

Ari nu ngulik kasampurnaan mah kudu bisa paeh heula samemeh paeh ceuk batur/jamak (tingali-eddy nugraha: paeh samemeh paeh) sabab kongas aya ayat qur’an: “Jeung jalma jalma nu geus paeh, tuluy dihirupkeun deui, terus dibere sunda, nu ku Sunda (nur) eta maranehna bisa lumampah hirup diantara manusa, naha sarua jeung nu aya dinu poek mongkleng anu manehna henteu bisa kaluar tidinya?? (6:122)’.

Kajadian SSJ meletus cariosan kasaksi ku batur ngangken Allah, sabab dina kaayaan masih keneh “anyar” /kafanaan keneh teu acan pulih lumampah saatos ‘paeh samemeh paeh’ -sanajan tos kapasihan sunda (nur) ti nu murbeng alam benten jeung jalmi biasa…paamprok jeung alam jelema. (tingali-eddy nugraha: panaekan warnaning tangtung).

VII

‘kasalahan’ dina gulung

Diulemna SSJ kana gempungan Wali Sanga mah, sabenerna, pakeun ngabahas kaayaan umat kusabab ayana pamahaman murid-murid SSJ (ngaku tina ajaran/pangwuruk SSJ) ngeunaan syariat agama – nu aya imbasna ka masarakat umum (malah nepi kana ranah politik –ki kebo kenanga, ki Ageng Pengging jrrd).

Tangtu geus pada nyaho yen pamanggih murid can tangtu bener ngawakilan (teu kabeh bisa ngawakilan) pamanggih guru sanajan loba oge murid nu leuwih pinter/jero/bener pamanggihna ti guru. Tapi lamun muridna salah –migawe salah- guruna sok dipenta bantuanana/pamanggihna/ ‘advisna’ pakeun ngomean muridna jeung ngomean ‘akibat’ tina kalakuan murid. Kasalahan murid lain kasalahan guru- iwal ti lamun memang kabukti guruna nitah murid supaya migawe salah. Ieu kabeh alesan diulemna SSJ kana riungan Wali.

SSJ pupus dina eta riungan (Pajemuhan Wali Sanga), atuh jadi katurug katutuh, ngajadi ‘bukti’ yen SSJ kenging ‘hukuman’ dugi ka pupusna. Aya nu nyebat ku para wali dihukum pati; Aya oge nu nyebatkeun yen SSJ milih pupus nyalira dina riungan wali – ‘Serat Siti Jenar” Bratasekawa);

Padahal (nurutkeun ieu dadaran mah) anjeuna pupus cilaka ku ‘polah’ nyalira. Matakna ieu dadaran, insya Allah, arek nepi kana kumaha supaya salamet gulung na abdi gusti teh jadi ngagalunggung.

Saacanna...
urang dongengkeun heula gambaran kajadian pupusna SSJ dina riungan wali:

Dina riungan ngeunaan pamadegan yen sakabeh wujud jeung nu maujud dialam dunya teh teu aya deui iwal ti Allah. Laa maujuda ilallah laa wujudika ilallah...kanggo ngabuktoskeunana SSJ dicobi ku keris duhung (keris “Kantanaga” kagungan Sunan gunung jati) ..ku kangjeng sunan kalijaga (SK).

Barang dicobi teh.... eta keris teu teurak...teu tiasa antel antel acan
(kawas ajian batara karang panta/level batu- tingal eddy nugraha: kaadaman + Batara karang).

--
Kabiasaan nguji kamampuh patekadan kasampurnaan dina tohid nepikeun ka ayeuna masih keneh aya.... jeung bakal terus dipake Sabab patekadan / kayakinan teh kudu kaharti karasa tur bukti.
Lolobana mah nu jauh keneh kana alam tohid sok sarieun mun diajak ngukur kasampurnaan sabab sieun kabawa paeh. Nu kapikirna teu bisa baralik deui. Lebareun keneh ku kahirupan dunya.
Padahal cenah ceuk nu geus paeh samemeh paeh...he...he..he.. lamun paeh (nyawana) nu aya (nyesa) hirup mungkul usik malik pan kongas dina qur’an Allah nyanggem “nu paeh dijalan Allah sabenerna hirup masih barang hakan barang pake ngan batur-batur teu apaleun” (tingali paeh samemeh paeh).
---

urang tuluykeun deui:

SK: “Enya...enyana mah tapi wujud (af’al) Allah (awak) nu ngajentul ieu mah lamun ditewek lumrahna kudu teurak....”

Nguping kitu..teras we eta keris teh nanceb...tapi teu bijil getih...biasa wae teu reg rog

(kawas ajian batara karang panta/level taneuh- tingal kaadaman + Batara karang)


SK:“... lumrahna wujud (af’al) Allah/awak nu ngajentul mah mun katewek bijil getih.”

Teras we tina salira SSJ bijil getih tapi bodas...

(kawas ajian batara karang panta/level taneuh/cai (Jannah) - tingal kaadaman + Batara karang)

SK: “.... lumrahna mun getih tina wujud (af’al) Allah/awak nu ngajentul mah... bijilna beureum”

Teras eta getih jadi beureum ngaberebey... bari salirana tetep seger tur teras sila.

(Tah ngawitan ti -level ALam rasa- ieu SSJ katideresa ku polah nyalira “nyebut Allah kanu sejen...”; hartosna rido nu maujudna jadi awak jelema biasa nu getihna beureum...sanes wujud ‘manusa’ af’alna
Allah.....; bari nuju ditakonan ku si “kantanaga” nu maunatna teh mun dipake moal bisa dibalikan deui)

SK: “Aeh...naha bet jadi kitu? ...lumrahna mah nu bijil getih terus moal hirup tapi tuluy paeh.”
....Tuluy eta awak-awakan...teh ngagoler.

SSJ nyarios...”sok hayang ditembongkeun naon deui?”
Ditempas “... teu lumrah aya mayit masih keneh nyarita...”

Elmu eleh ku kalumrahan sab beda alam, Saharita...SSj..nyarios kieu...”heug atuh kula moal deui cacarita... ninggalkeun ieu alam...ngan engke sing waspada

bakal daratang munding bule....
bakal aya....
bakal aya ...

(nu sabagaian seueur tos kabuktos ieu cariosan SSJ teh)

Saatos nyarios kitu badan SSJ sirna kagentos ku hiji tangkal nu seungit ngadalingding.

VIII

Kumaha gulung supaya ngagalunggung??

(Urang kintunkeun bagian salajengna upami pareng)