Dina  nyieun kujang, nempa  ngabentuk rupa/wujud jeung  mere software ‘default’ katut  mere lologkrang supaya bisa  ‘personalised’ saluyu jeung pamake katut lingkunganana, pakeun neangan  kadaharan jeung iinumeun saperti nu geus dicaritakeun di bagian  samemehna (Bag I)  kujang boh dina rupa/hardware/wujudna, boh kagunaan  specifikna, boh kelas pamor oge nu make/nu nyekelna jadi warna warna  rupa rupa tingkat tingkat.
Keur somah /jalma biasa mah,  lain lulugu/kapala kelompok/kokolot atawa nanggananna, lolobana ukur  mangrupa pakarang nu jadi ‘short-cut’ atawa ‘linked’ ka pakarang lain nu  jadi sumberna nu biasana dicekel ku kelas strata nu leuwih luhur.  Nepikeun ka kujang kujang nu dicekel/ ganggamana somah mah ukur biasa  wae kumaha jentul hardwarena. Karek bijil pamor teh lamun di trigger ku  software mangrupa jangjawokan atawa rajah nu dipakena memeh gawe atawa  keur gawe.  Ciri kecap kecap Rajah/jangjawokana make ‘referens’  heula/teu langsung ‘direct command’ kayaning  ‘ka hyang /embah anu….. nu  ngawasa detya anu… muga muga anu teh sing anu’- atawa  ukur  dibarengkeun/di linked ku kujang  luluguna.
Sedengkeun  Kujang lulugu dina nyieun, nyimpen, make jeung ngaropeana leuwih  ‘sophisticated’. Tara sagawayah dibijilkeun komo diabar abar mah, ukur  dipake dina: Mitembeyan/ngamimitian atawa dina  ngontrol lamun aya hal  hal teu saluyu jeung nu diharepkeun, misalna  aya hama, bagong ka kebon  atawa aya kacilakaan dina keur migawe-, atawa dina  nganggeuskeun/panen/nganuhunkeun /syukuran hasil tani  jeung tahap  evaluasi keur aktivitas satuluyna. Kekecapan/ basa programming dina  AJI-na sifatna direct ‘si anu teh kudu jadi dat anu, atawa ieu/eta teh  “anu” matakna kudu anu’  teu rea sanduk sanduk nga’link’ kana/ tara loba  macakeun mariksakeun “reference”  kayaning nyebut nyebut luluhur ti  ditu luluhur tidieu nu jadi ‘source code’na, tara sab beda kelas.
Cara  nyieun pamor/software siga nu ‘nyiksa sato’, dumeh salah sahijina diala  getihna keur kapentingan jelema. Tapi justru kaluhunganana teh sab dina  hiji daerah teu kudu tiap nu tani boga kujang nu dibere pamor, teu kudu  hii kujang hiji sato tiap wong tani. Hiji atawa dua kujang -kujang  lulugu/pimpinan  - bisa dipake keur wilayah nu lega/kaperluan bala  rea-kelompokna. Matak ahirna teu kabeh kujang nu kapanggih aya  pamor/maunat/program/softwarena.
Tuluy lamun kujang  somah dijieun sacara ‘pabrikan’ dina jumlah nu rea nu oge leuwih  ngagedekeun kualitas hardware keur ngadekna, kujang kujang lulugu mah  dijieun dumasar ‘pesenan’ leuwih ‘personalised’ hardwarena dihade hade  nepikeun ka siga leuwih kaciri nilai ‘art’ jeun gpamor aweuhana  katimbang guna keur ngadekna – komo beuki lila mah ukur kaciri ‘pernah’  seukeut mungkul. Kujang lulugu kadieunakeun jadi kujang pusaka sab  saeutik bari hese nyieuna, bisa disebut teu bisa ditiron ukur dijieun  replica, tapi masih keneh aya gunana keur nu bisa metakeunana,  tungtungna dipupusti dirawat enya enya.
III. GUNA RUPA RUPA KUJANG
Di  taun 1862 keur sunda diajah walanda, Jonathan Rigg  bule inggris nu  ngaku  nyieun dictionary “meunang guguru ti gunung meunang diajar ti  guriang”,  
 
