JARAH : NYUSUD TAPAK BATUR JEUNG NYUSUD TAPAK SORANGAN… (BAG II)

II. Jarah ka sorangan nyusud tapak sorangan


Kabiasaan jarah ka sorangan oge geus jadi kabiasaan malah kabutuh sabagian urang sunda. Dina ieu guaran urang dadarkeun saparengna sugan ngudag ucapan kampung yen ulikan teh kudu minuhan tritangtu “kahartos” (uteuk), “karaos” (rasa) tur “buktos” (bukti /kanyataan).

Ari jarah ka sorangan, sorangan nu dijarahan nu dideuheusan, ngadeheusan ka sorangan. …Eta ge loba warnana loba loba makamna, aya gunungna, aya lengkobna aya batuna aya caina, tiap tempat boga ‘koordinatna’ boga peletna masing masing boga rajah masing masing ‘menyan’ na ge beda beda.

E

Jarah ka alam papasangan di tangtung…alam midua


Lamun ….hayang jarah ka kurung pake alam (rasa) kakuringan -tetep kuring mun masih boga/ngarasa boga kurung. Ngalemesan na make jisim da itu ngajirim…pan sok sering kapanggih nu nyarita ge… ngabasakeun kuring ditambahan jisim jadi “sim kuring mah….”;

JARAH : NYUSUD TAPAK BATUR JEUNG NYUSUD TAPAK SORANGAN… (BAG I)

Kecap jarah umumna dipake nerangkeun pagawean ngadatangan makam-makam / kuburan kuburan boh makam kolotna, dulur / anakna, batur / luluhur / karamat nepikeun ka jarah ka tanah suci - disunda mah ibadah haji sok disebutna jarah, “Nyuhunkeun du’ana ti sadayana”, misalna, ‘bade jarah ka tanah suci” meureun salah sahijina pedah di deukeut imah pasagi di mekah aya makam,…makamna Sang Khalilullah Sayidina Ibrahim.

Maksud ieu tulisan mah seja ngaguar jarah dina harti nyusud tina dua hal:

kahiji, nu umum, nyatana jarah ka batur nyusud tapak batur alam batur makam batur jaman baheula nu jadi susudeun urang. Nu kaduana, nu utamana, nu teu lumbrah, nyatana jarah ka sorangan nyusud tapak sorangan kaasup haji di sorangan nu bakal jadi makam sorangan di ayeuna tur pijagaaeun.

SITUS KAWALI: UKUR RURUNTUK ARTEFAK JEUNG PRASASTINA ‘MANDUL TIDAK BERTUAH’ !???



Kabeneran sanggeus walilat mulud, isukna pareng deui ka astana gede di kawali  seja napak tilas tapak luluhur nu (h)astana… nya gede nya agung kawartikeun turun manurun.

---
 Asta=hasta=leungeun, (h)astana=leungeuna - kuburan ge disebut (h)astana sabab ukuran ‘lebar’na ngan salega hastana/leungeuna nu disidakepkeun. Kecap (h)astana  oge nunjukeun yen pangkat/makam, kubur/kurung nu jadi paesan jati tiap jelema mangrupa/ukur saukuran/gumantung amal/pagawean ‘leungeuna’ -hastana- sawaktu hirup.
----


I.

Tapak luluhur di ieu situs teh mangrupa ‘laboratorium alam’ nu dieusi ku rupa rupa ‘gadget’ nu ngahaja di disain keur kaperluan seuweu siwi saenggeusna:

Lamun arapal tarapis kana rajah pakeun ‘ngoperasikeun’ eta teknologi/nerapna elmu, misalna wae paling henteuna –nu tangtu aya wae cara lain/beda beda cara ciri sabumi cara sadesa - ‘gadget-gadget’  nu aya di eta situs,  bisa dioperasikeun ngaliwatan tahapan:

Ringkesna/pokona mimitina ngadeuheusan batu pangcalikan jeung/bari maca ku sorangan prasasti sugan sugan ku maca teh, nu maca boga kaera -na teu bisa/teu hayang sacoel-coel acan nurutan tina tapak lacak nuluykeun milampah kahadean kautamaan, bari ngoperasikeun rajah pangbuka nu jadi trigger pamanah permanana rasa/itikad –boh nu dibawa/pamaksudan memeh indit,  boh kahadean nu nyeredet metu didinya.

Pakeun saterusna,... dinayogekeun dina batu kolenjer nu aya katulis anggana (sorangan/pribadi/diri), matak tiap diri kudu daek/bisa migawe sorangan (conto anggana sekar=nembang sorangan) –kabutuh kahayang itikad sorangan nu sorangan mah kudu ku sorangan da bawa sorangan nu engkena mawa sorangan sageuy teu enya enya – aya 45 matrik ‘kahanan’  nu kasaliksik ku/bari  ngajalankeun  program rajahna meh kasungsi dilebah lebah manana  hasil nu metu/nyeredet/permana/kapanah dina pangcalikan teh ‘ngolenjerna’.

Tuluy, dipetakeun/dipateakeun/dijalankeun di gadget sanghyang lingga hyang geusan panyandunganana engke di lingkungan/batur rea/dina prakna, sanggeus nyanda dina lingga bimba/ beres ngeunteung dina pangeunteungan –tipsna dina ieu nu tilu ulah salah /tibalik/teu merenah metakeun rajah nujadi softwarena. Keur nutupna/nyampurnakeunana –kadang mimitina- ka si jalatunda panungtungan sumerepna rasa cipta.