Shalat jum'at III

Ti antara mang pirang pirang kudu
sab jamakna piraku nyingsal,

Ti antara loba loba kapaksa
sab bongana milih hirup nu terus butuh hurip,

Ti antara warna warna kurungan kabiasaan
sab nalimbeng teu bisa minge.

Ti antara kumpulan kabetah nu jadi kabubutuh
sab bongan masih keneh deudeuieun.

Gening...

Akur jeung batur bari rido migawena mah

Teu asa kapurbawisesa

Da murbawisesa ongkoh

Emh!...
kawijaksanaan Sang Mursalin
jalmi surti.

ULIKAN DIAJAR PAEH (II)

IV. KEUR NAON DIAJAR PAEH? MENDING DIAJAR HIRUP!

Keur naon jang diajar paeh?.... Mending ge diajar hirup! Paeh mah ceuk beja ceuk cenah tina qur’an ge bakal, pernah saurna Allah ngadugikeun ngalangkungan nabina baheula pisan, qullu nafsin daikatul maot’.

Mending ge diajar hirup!!!... diajar supaya hirup guna boh keur pribadi boh keur batur bari bisa amal kahadean…. bekel engke lamun paeh! Komo ayeuna jadi urang sunda nu ngan saukur kekesed batur di tempatna sorangan kuduna mah tihohat teh supaya hirup mulya paling saeutikna nyaruaan batur lain kalahka diajar paeh….

Eta panalek diluhur, heubeul kadenge, nu sigana memang bener pisan ... jang naon diajar paeh samemeh paeh ceuk batur (jamak), nu penting mah diajar hirup -nu paling-paling salah sahijina ngeusian hirup sing sahade hadena teh- keur bekel..... engke ... lamun paeh.

Tapi...tapi ...tapi… cenah ceuk basa kampung mah,…

Nu nyararios kitu teh boa hilapeun atanapi teu acan arapaleun kana cariosan tina qur’an anu sanesna....nyaeta, diajar paeh (keur hirup keneh teh) supados mampuh hirup leuwih mulya sareng kenging tuduh nu ENYA pakeun kamulyaan hirup dunya aherat...

waaaaah… naha enya?
Kieu geura.....dongengna sugan sugan jadi bahan pikiraneun kanu apal sundana.

KONGAS salian ti supaya jadi yakin henteu cangcaya atawa was was ngeunaan paeh jeung hirup deui siga cariosan Sang Khalilullah nuju naroskeun ka EL (Gustina ieu luluhur para Nabi anu mulya) supaya dipasihan terang carana maehan jeung ngahirupkeun deui teh (bag I), [nu tangtu mun nurut kana ku caritaan sayidina Ibrahim mungkul mah bakal aya nu ngajawab..’enya ari kitu tea mah tapi eta mah Nabi ..malah bapana para Nabi jeng ulul azmi deuih...urang mah jalma biasa...urang mah teu perlu... cukup percaya we kana caritaan cenah tina qur’an da cenah ti Allah...jeung deui dina ngulikna ge …naha enya bakal bisa kawas anjeuna?].... bisa jeung nyaho kana paeh (dina keur hirup keneh) teh diantarana ku salah sa-tilu sabab dihandap ieu:

KAHIJI,..

Bisa paeh teh.... supaya bisa nganyahokeun kayakinan/amal/ageman nu geus dipigawe ku pribadi salila hirup ieu kayaning bener henteuna/alus henteuna/mengpar henteuna. Lamun alus /bener diteruskeun dihadean lamun goreng/salah dieureunan ditobatan. Dina Mushaf Utsmani surat At Takwir Allah ngadawuh yen dawuhna Karek…sakali deui karek/lamun/saenggeus ngalaman kiyamat (cirina didugikeun ku Allah dugi keun ka aya kana 11-na) satiap nafs/jiwa bakal nyaho kana sagala rupa nu geus dipigawena ‘aliman nafsun maa ahdarat’.

Jadi... lamun hayang apal pasti kana sagala rupa hal nu geus dipigawe bener henteuna alus henteuna..boh kayakinan boh ageman boh amal urang kudu geus kiyamat heula geuning numutkeun Allah mah.

Ari paeh teh kaasup kiamat leutik….kiamat gede mah boa moal ngalaman.. Jadi... lamun paeh ngan dianggap engke wae (paeh jamak) urang moal nyaho, saperti nu didugikeun ku qur’an diluhur, naha enya kayakinan amal katut sakabeh nu geus dilakukeun ayeuna teh bener henteuna... misalna wae, naha enya nu geus dilakukeun teh bener keur kamajuan pribadi, kulawarga, kasundaan katut agama? Boa lain... boa enya. Saperti loba nu ngomong yakin kana nu salila ieu dicekelna..tapi karek ceuk cenah ceuk agama....

Kumaha lamun salila ieu si euceuk teh salah ?..Tangtu bakal aya nu nyarita ....Ah da ieu mah euceuk ge lain sambarangan euceuk...ieu mah euceuk qur’an nu cenah.... ceuk batur bener...he..he..tapi lamun diteruskeun deui .. pan eta nu dipercaya (Qur’an) teh dina surat At-Takwir nyebutkeun kudu kiamat heula(paeh- kiamat leutik) heula ari hayang ‘aliman nafsun maa ahdaraat’ mah. ….Cik rek kumaha?

...Lamun geus bisa paeh (heula) pan saur Allah bisa nganyahokeun kana naon nu geus dipigawe... urang bisa intropeksi sorangan ku sorangan di sorangan... keur kahareup nu leuwih alus salila Hirup engke...ti nimbang di intropeksi ku batur...lah... sok teu ngeunah ku batur mah .

...Lamun paeh ngan dianggap engke wae lamun waktuna paeh ceuk umum... hasilna kayakinan/kalakuan hirup/ itikad ngaitkeun udagan jrrd teh masih teuing bener henteuna alus henteuna -da pan karek pasti nyaho lamun geus paeh (kiamat) tea.

...Lamun urang mamawa kateuing di akhir meureun dimana mulyana/haqqul yaqin-na? Ayeuna ge di dunya nu sagala teuing mah tara kapake... sorangana ge sok bangbaungeun...rumahuh...engkena teh can asak kaburu beak. Can beak kaburu buruk.

KADUA,…

Bisa paeh ayeuna meungpeung hirup keneh teh (saemeh paeh jamak) sugan engke kabere Nur (Sunda) ti Allah eukeur bekel kumelendang leuwih mulya di dunya. Nohonan ayat qur’an dimana Gusti Allah cenah baheula kantos ngadawuh:

Naha sarua jalma nu geus paeh terus ku kami dihirupan deui (man kaana maytan fa ahyaynaahu) terus ku kami dibere Nur (sunda) (wazaalnaa lahuu nuuran)… nu ku kitu teh maranehna bisa kumelendang di dunya ...jeung [jalma] nu poek lolong bonconong nu teu bisa kaluar (tina eta poek ‘dulumaati’)? (QS, 6:122) –

ieu teh bari langsung dibandingkeun/aya hubunganna jeung para pamingpin jjrd dina ayat satuluyna.

Tah ieu maksudna kudu bisa paeh heula (bari keur hirup teh) teh,… ku cara diajar paeh samemeh paeh jamak, da hirup deui/keneh ..sabab lamun geus ngalaman paeh..kapasihan Nur (sunda) ti Allah.

...pan kongas Iman oge lain pamere guru/ulama/nabi/rasul atawa manehna ngaku geus iman hayang asup kaom mukminin tapi...Iman nu ku urang diteangan mah lain saukur percaya tapi hayang boga teh nu mangrupa Nur (sunda) ti Allah (ngan hak Allah mungkul dina masihan/henteuna)(Qs 42:52). Ari iman teh lain nikmat nu panggede gedena ?? jeung pan ku modal Sunda ieu teh jadi bekel urang nanjeur heubeul jaya di buana boga dangiang sunda (Nur) (tingali: kalam kasundaan no.1).

….Pan kongas dina musthaf utsmani disebutkeun... kitab ge mangrupa Nur (sunda) (42:52) lain mangrupa tulisan dina kertas...sabab lamun kitab teh mangrupa tulisan dina kertas bakal rea nu nganggap mangrupa sihir... (QS 6:7) kitab qur’an oge jadi soteh buku kertas ayeuna sanggeus meletus bijil ti biwir tuluy diingetkeun diapalkeun dituliskeun dikumpulkeun. jrrd..jrrd…jrrd KASUNDAAN bacaeun ahli waris ambiya.


KATILUNA,..

Lamun keur hirup geus apal kana paeh, prosesna, cara cara na nu jadi cecekelan nana....meureun engke dina waktuna ninggalkeun ieu alam teh lugina pisan...moal ngahesekeun batur jeung pribadina...da lain kakara....paeh na ge geus unggal usik kiamata sapapanjangna…Ayeuna keur usik malik hirup keneh ge naon lebarkeuneunana. Kumaha lamun dina waktuna arek paeh /sakarat/paeh euweuh sasaha nu mantuan/ngadu’akeun?... mangkaning lamun geus waktuna moal bisa minge deui moal bisa diundurkeun atawa digancangkeun.

Siga aya caritaan kampung lamun aya urang kota maot sok nyarita kieu... EULEUH EUY KARUNYA TEUING MANGKANING MAOTNA KAKARA !!! bantuan tuh pang do’akeun pang sampurnakeun. Untung teu kadarengeeun ku kulawargana...da lamun kadengeeun mah tangtu disebut kurang ajar...atawa (paling untung) saukur disebut heureuy ...

Padahal…

Ceuk nu surti mah enya karunya lamun kakara bari teu apal mah...saha nu ngeunah ngalaman sagala lupa nu kakara komo sakarat. Cacak ka tempat anyar ge ti kota ka kampung ngarumas…talag tolog… komo deui pindah ti dunya ka aherat.

V. Jadi kumaha maksud paeh didieu sabenerna? Kumaha cara diajarna? Lamun enya ieu hiji ulikan.

ULIKAN DIAJAR PAEH (I)

Umumna urang sok rea ngadenge loba jelema ngalengis…ih jang ari umur mah rasiah Gusti moal aya nu terang…iraha maot jeung dimana...teu terang… Nepikeun kabijil paribasa nu diajarkeun ka tiap budak… cenah...hirup katungkul ku pati paeh teu nyaho di mangsa…

Aeh..aeh..sugan teh enya we bener kabehna kudu kitu…Ari pek benerna teh keur samanehanana we meureun…da bongan bodo/teu nyaho/ bisa jadi teu jujur atawa mindingan maneh…keur nu apal mah meureun beda deui…dihandap ieu sabagian dongengna.

“Introduction” na dimimitian ku dongeng ceuk cenah.

I. DONGENG CEUK CENAH: TINA QUR'AN

Memang enya saur Allah dina qur’an tiap nafs moal bisa nganyahokeun naon nu bakal kajadian isuk kamanehna jeung dimana manehna bakal paeh (Luqman:34) ngan pasti tiap nafs bakal paeh sanajan embung ‘kullu nafsin daikatul maot’. Malah Allah moal nunda-nunda waktu paehna hiji nafs lamun memang geus ditangtukeun kudu paeh….sabalikna moal paeh lamun can waktuna numutkeun Allah. Allah nangtoskeun kitu ka satiap nafs mah. Jadi bener oge lamun aya nu ngomong saperti diluhur tea…”ah eta mah jang.. (maot)…urang teu terang…da bijilna omongan tina nafs (diri/jiwa)na sorangan

TAPI….tapi…tapi…tapi.. ke heula.....

Beda deui Allah nyarios ka nu takwa (muttaqin). Keur nu takwa mah Allah masihan tugas sapertos kieu (kaunggel dina surat sapi bikang :180):

DIWAJIBKEUN ka nu taqwa lamun GEUS DATANG TANDA-TANDA AREK PAEH, jeung maranehna ninggalkeun “khair” (=harta atawa kaalusan), supaya NYIEUN WASIAT kakolot-kolotna jeung sanak kadangna kalawan MA’RUF.

Diwajibkeun nyieun wasiat teh lamun geus nangenan ayana tanda tanda arek paeh. Malah upama urang gugon tuhon kana ayat diluhur meureun can aya tandana mah teu/can wajib nyieun wasiat. Lamun teu apal cirina/banderana arek maot ….rek kumaha nyieun wasiat ?

Nurutkeun ayat diluhur saenyana aya tanda-tanda atawa ciri-ciri arek paeh teh keur jalma anu takwa mah. Malah nunjukkeun yen jalma nu takwa mah geus dianggap ku Allah teh apal/nyaho kana ciri-ciri atawa tanda-tanda (disunda mah sok disebut bandera) nu dikanyahokeun ku manehna yen maranehna arek deukeut ka paeh.

Ayat tina surat sapi bikang diluhur teu nitah kudu nyaho kana tanda-tanda arek paeh tapi nunjukkeun yen pasti GEUS kanyahokeun lamun eta jalma takwa (lain nafs biasa). Ayat ieu mah malah leuwih ngajurung supaya nyieun wasiat nu ma’ruf keur batur memeh paeh nu ngarupakeun kawajiban jalma muttaqin.

Jadi ana kitu, bisa dijadiken cecekelan/indicator,….. karek urang kasebut muttaqin lamun urang (salah sahijina) apal tanda-tanda/ciri/bandera arek paeh !!!!!.

..… atuh kudu apal kana tanda-tandana ameh asup golongan muttaqin, cirri yen urang geus taqwa lamun geus nyaho tanda/cirri-cir arek paeh ??

II
NA KUMAHA CIRI-CIRI/BANDERA AREK PAEH??

Umumna ngajelaskeun teh tanda-tanda rek paeh teh:

(1) Umur geus kolot
(2) kasehatan geus euweuh – misalna ku panyakit (ku rupa-rupa sabab) nu geus euweuh ubarna nu sacara medis moal cageur deui.

NGAN….

Tanda-tanda kitu sanajan rea oge benerna/salahna… teu valid. Sabab rea nu ngora keneh malah budak/orok keneh geus paeh; nu geus gering parna cageur deui malah rea nu geus sacara medis paeh hirup deui (keneh). Nu sehat cilaka dipangperangan, aya oge nu balik perang beleger. Nu teu siga-siga/ budak keneh paeh… kolot aki-aki/nini-nini (nepikeun ka rea nu hayang paeh) tetep hirup keneh nepi ka pikunna.

Jadi ??
Lebah dieu urang kudu leuwih daek ngotektak nyaliksik diri lewih telik yen bandera eta lain ditangtukeun ku gering atawa umur; gering atawa umur mah umumna ngan salah sadua prosesna mungkul. Malah bandera ieu kanyahoan teh (kudu) keur jagjag waringkas ameh bener nyieun wasiatna/‘khair’na jadi ma’ruf. Geus gering ripuh atawa riweuh arek paeh mah kumaha rineh nyieun wasiat?...

Ari wasiat (lain harta mungkul)…
tangtu rupa-rupa pokona sarupaning kahadean…nu sugan/sakuduna dijieun nya gede guna nya manjang mangfaatna.

Kangjeng Rasulullah saw ku anjeun, ceuk dongeng batur, harita midamel ibadah Haji Wada (panungtungan) teras ngadugikeun wasiat wahyu (ngeunaan Agama nu tos sampurna) bari masihan ‘isarat’ yen can tangtos taun payun mah tiasa deui riung mungpulung sareng kaom muslimin. Dongeng lengkepna aya di toko buku gramedia – pidato terakhir Rasulullah - Kaayaan fisik Anjeunna tangtos masih keneh jagjag belejag da masih keneh tiasa midamel ibadah Haji nu nungtut kakiatan fisik. Nya leres pisan janten patepung pangahirna (dalam penampilan dihadapan umum) da teu lami ti harita, saparantos mulih ka madinah kacarioskeun pupus. Nyariosna ‘prognosticate’ nuju jagjag belejag sanaos kacarioskeun saurna teu damang heula memeh pupus teh.


III
ULIKAN NGEUNAAN DIAJAR PAEH SAMEMEH PAEH

Ulikan ngeunaan nganyahokeun tanda-tanda arek paeh jeung cara-cara paeh geus jadi ullikan nu masagi disunda mah, misalna, lamun kabeneran panggih jeung ahlina cenah dibere nyaho heula tingkat dasar bandera-bandera nu kakurung ku 40 poe, 20 poe, jst bari terus dibere ‘teknik’ neuleumanna. Nya lamun rajin nyaliksikna bisa nganyahokeun taun-taun saencanna.

Pernah manggihan kolot kampung nu khusnul khatimah legok tapak genteng kadek …lamun rek maot?
sok ngahaja ngariungkeun dulur-sanak baraya…papatah heula rineh…atawa ngahajakeun ngadatangan sasalaman ka tatangga ka anak incu ..atawa nitah ka barudakna beberes… “jang ke poe jumaah mah bakal rea tamu” jrrd jrrd…ngan sok loba nu tara betus nyaritakeun nu sajalantrahna..cukup ka nu geus sarua nganyahokeun.

Aya nu nyebut ulikan kitu mah ‘subyektif’ da teu neuleuman kalawan enya atawa saukur nyaho dongengna mungkul ti beja euceuk nu ngan resep ngawadul. Terus we nga nafi-keun ulikan turun manurun nu meunang hese cape luluhur bari mangaruhan batur supaya jadi balad manehna.. pohoeun yen dina agama ge nganyahokeun eta the mangrupakeun ‘kautamaan’ ciri jalmi taqwa.

Ciri lain elmu paeh di sunda bisa disebut disiplin ‘ulikan’, nyaeta EMPIRIS. maksudna hasil pengamatan saurang lamun dilakukeun ku nu lian bari make protokol nusarua hasilna bakal sarua. Tinggal bener neangan ulama ahli waris nabi nu enya nepi ka pangkat satmata…lain saukur ulama nu ngan apal euceuk/cenah.

Contona, cenah, nu dialajar sok ngahajakeun besuk ka nu gering bari nalingakeun bandera nu gering –naha picageureun atawa jalan paehna -hasilna masing-masing boga itungan nu sarua. Pernah hasil2 ‘studi’na mangrupa catetan nengetan tanda-tanda nu arek paeh ti mimiti sataun samemehna… geus loba dedengean nu araneh cirining …..; 6 bulan memeh maot cirina sok aya nu ngagulimeng bari geus suda....;…..jst..jst..jst.

Cenah,he…he, cenah deui bae….Hal eta teh ngan saukur ulikan tingkat barudak.

Sabab nu pentingmah keur…. manehna sorangan engke kumaha….supaya dina waktuna teu ngahesekeun batur tidieu engke caritaan bijil ngeunaan teknik paeh, omat…lain tujuan paeh (kayaning pupus biasa, mulih ka jati, ngahyang, tilem jrrd) jeung migawe hal hal nu utama (kayaning nyieun wasiat nu ma’ruf tea) nohonan kawajiban ti Allah keur muttaqin. (Tingal, sapi bikang:180)

Ulikan eta salah sahiji nu ngajadikeun di sunda disebut Parahyangan tempatna para Hyang… tempat ayana Hyang mungkul nu hese katuturkeunana ku lain SUNDA. Ulikan advanced eta sarua jiwa sumangetna sareng ulikan sayidina Ibrahim Sang Khalilullah anu hoyong tiasa maehkeun jeung ngahirupkeun (dina Qur’an) kumargi hoyong yakin lain ulikan ceuk cenah – ku Allah ahirna dikabul di simbolkeun ku dongeng manuk.

Saur Sang Rahmatan lil alamin Muhammad saw, ngeunaan kahoyong Sayidina Ibrahim, urang-urang (sahabat) kuduna leuwih pantes was-was ti batan Ibrahim, hartina urang urang kudu sarua hayang yakin bisana sabab lamun teu pasti leuwih was was… ari was was pantang dipiboga (tingal surat jelema (An nas)). Eta teh Nabi jeung jalmi pilihan…komo deui urang manusa biasa ..

Na teu was was (sanajan geus ngaku percaya oge) lamun can yakin ngeunaan paeh nu pasti bakal ka alaman???? Hirup beunghar, miskin, atawa panjang umur jadi aki/nini mah can tangtu kaalaman.

IV. Lamun enya bisa paeh (heula) kumaha bisa hirupna deui?

Sasaka kabantenan.



Ujung kulon...
Dimana ayana?

Ceuk jamak...
di tungtung kulon nusa jawa.


Prak datangan...

Gening lain didinya tungtungna.
da masih aya keneh laut..
laut di liwatan masih keneh aya nusa...
jst...jst....tuluy jeng tuluy

Sab dunya buleud ...
 

Lamun tuluy lumampah neangan ujung kulon...ujungna kulon
Anjlogna balik ka urut indit.


Ana kitu ujung kulon teh....
Dimana sia aya.

Watesna ujung kulon nya sia keneh.
Ujung kulon kumaha sia.
Satungtung deuleu ngeunaan kulon
Sia nu jadi ujungna. Sia nu ngaenya lainkeun.

Sia nu jadi wates sia nu ngawatesan.

Matak enya ajaran kabantenan
Kudu jadi kanyataan ujung kulon

Pun.

Rahyang Watu Gunung

Patilasan di gunung hejo.

heubeul ngahartikeun watu teh batu...

sihoreng...

sundana watu mah wijen.
Tangkal nu sikina loba pisan.

Watu nu hartina batu mah..
ceuk basa jawa

Ngan sab geus ngabaju
poho kana onde nu diwijenan.

Jadi...
Anjeuna teh gening..
Jalmi nu leubeut beuweungeun
Rambay alaeun hurmateun seuweu siwi.

Siki na...

Janten beuti kasundaan
Cepengan ahli waris...
Dugi ka ayeuna.

Situs Kawali I

Bati/wani peureu..
Tinggal nu atis dina rasa.

Pernah ningali/ngasaan cai peureu?
cai nu sanajan herang ulah/tara diinum.

Pangwawadi...
Yen tina ngahakan nginum milaku...
Nu sanajan SIGA halal beresih seger ngeunah

Tapi,...
Paharaman mah racun
Ngotoran ngaleungitkeun
Nu atis suci beresih dina rasa
Nu jadi awasna hate.

Temahna poek kadungsang dungsang.

Kade.. .

Sing ati-ati telik lumampah..
Cilaka mah maneh.

Tilem/Ngahyang di alam kami

Kalam kasundaan no 12

I
PANGANTEUR

Ngahyang atawa tilem lolobana dinisbahkeun ka cara ninggalkeun alam dunyana Siliwangi jalma baheula di jaman Pajajaran (lain jalma ayeuna). Harti jeung maksud jalma sunda ayeuna ngeunaan kecap/konsep ngahyang atawa tilem rupa-rupa, misalna, Dina ensikolpedi sunda (2000) entri ngeunaan tilem euweuh. Aya oge ngahyang – dina entri kecap hyang- nu dihartikeun leungit jeung jasadna ngajadi hyang. Ari Hyang di sunda mah luhureun dewa-dewa - ‘Allah’ di sunda mah disebut diantarana Sang Hyang keresa (nu maha pencipta) jeung Hyang Seda niskala ( Maha Gaib). Dina kamus LBSS (1992) kecap ngahyang euweuh aya oge tilem nu dihartikeun ngaleungit jadi siluman.

Aya oge nu dinisbahkeun tilem/ngahyangna Siliwangi teh dipercaya lain leungit jeung jasad tapi paeh biasa mun teu salah mah ieu teh salah sahiji pamendak ti, diantawisna, Pa Yoseph Iskandar. Aya oge,… nu saukur ngagolongkeun ngahyang teh mitos (tahayul) jadi lain mang rupa hiji hal nu jadi kareueus da bohong. Kaasup nu nyebutkeun sarua/beda antara tilem jeung ngahyang ditambah bumbu ayana maung kajajaden.

Ari ieu tulisan… hayang ngajelaskeun sabisana yen tilem/ngahyang teh lain mitos/tahayul tapi hiji ulikan nu masagi…lain ngaleungit jadi siluman tapi balik ka Allah swt nohonan innalillahi wa innailaihi rojiun…sanajan baheula mah carana lain nganggo sareat Islam-Muhammad saw…bari badan/jasad awak-awakana sampurna dina harti sirna mulang ka asalna sakedet netra sab wawuh jeung nu lembut runtut jeung nu alus dalit jeung nu leutik galo jeung nu nyaho…jeung bisa wae dilakukeun jalma ayeuna nu nuturkeun sareat Sang Rahmatan lil alamin (islam)- lain baheula wae…. Bisa henteuna nu nulis mere katerangan nu ENYA keur ngadukung argumenna dina ieu tulisan gumantung kana panilaian nu macana.

….. urang jujut ti ‘konsepsi’ jeung paradigmana heula….

II
INNALILLAHI WA INNAILAIHI RAJIUN….(KABIASAAN)

Kekecapan innalillahi wa innailaihi roji’un nu dihartikeun sacara awam mah asal ti Allah balik deui ka Allah… loba/ilahar diomongkeun lamun aya/meunang beja aya jelema maot [Sanajan dina qur’ana (surat sapi bikang) mah nyebut kecap diluhur teh ciri mu’min lamun meunang musibah].
Sigana pedah ditinggal maot teh kaasup musibah kanu ditinggalkeun…

Atawa..

hiji ‘etiket’ nu terkadang ‘klise’,… bijilna kecap kitu teh supaya kasebut alus wae ku nu ditinggal maot yen urang ngilu sedih/kaleungitan…bari saenyana mah bisa wae teu sedih teu sing.
Kekecapan eta teh kaciri kalolobaanana tina ‘intonasi’ nu teu siga siga ngadu’a (neneda/miharep) tapi intonasina geus mangrupa ‘statement’.

Ngan…nu jelas mah…

Nyawa na jadi arwah…sok dihadiahan illa arwahi.. badanna jadi mayit…. Dimandian, dikafanan, disolatan terus Dikubur.

Naha enya nu maotna mah harita manjing innalillahi wa innailaihi rojiun?….wallahu alam…

Sabab lamun nurutkeun katerangan tina qur’an. ..aya nu bakal keuna siksa sapanjang langit jeung bumi … aya nu dikubur heula…ngalaman padang masyar…aya nu meunang rahmat/nikmat heula …aya nu lila rek tepina ….jeung aya oge aya nu langsung (diistilahkeun ‘secepat kilat’) meunang rido Allah bisa balik ‘panggih’ jeung Rabbna… Enya..enyana mah kabeh mahluk bakal balik deui ka Allah…ngan can tangtu harita (pas maot) …teuing iraha!!!!???? Boa sanggeus bumi langit rusak….

Malah saenyana hayang bisa manjing innalillahi teh manusa kudu usaha satekah polah salila hirupna pikeun panggih jeung Rabbna ??!! Wa’bud rabbaka hatta ya’tiyakal yakin….atawa kudu daek kaingetan ayana caritaan qur’an yen “lamun lolong didunya lolong diaheratna”….lamun teu apal ka Allah didunyana …diaheratna ge tangtu lolong teu apal…jrrd argumen nu bosen/klise lamun dituliskeun deui….

...sanajan aya oge nu boga pamanggih: “ah rek percaya we bakal balik ka Allah”….he..he..heueuh gampang pisan teu kudu susah-susah …tapi pan sakabeh kayakinan teh kudu jeung elmuna bener henteuna kudu kasungsi –kaharti karasa tur bukti- sabab bakal dipenta pertanggungan jawabna.

III
INNALILLAHI WA INNAILAIHI RAJIUN (ULIKAN)

Asal ti Allah balik ka Allah disunda (tiasa diaos heula sunda nganggo tanda kutip) leuwih diteuleuman. Paling henteu di sunda loba kekecapan nu ngajelaskeun leuwih rinci ngeunaan maot. Salah sahijina dijentrekeun ku kecap mulih ka jati mulang ka asal…dilembur mah ditambah ku sampurna…sampurna ning beak lebur papan karo tulis…kasalinan cahya …jeung saterusna….

Naha ? sabab baheula insan (urang) teh Laa syaian madzkuuran = euweuh – lain nanaon nu bisa disebutkeun (Al insaan).

Nya terus dijieun jadi insan jelema make bahan nutfah bari dibere ruh pangdenge pangdeuleu pangangseu pangucap jeung hate. Ahirna dina basa sapopoe di sunda mah eta kabeh….digolongkeun kana dua hal…kuring jeung kurung.. jirim jeung jisim..jasmani jeung rohani… aya jiwa jeung raga…aya nyawa aya badan …

Tah dina waktuna balik ka nu maha suci…innalillahi wa innailaihi rajiun teh..

urang sunda nu ngulik..bisa nganyahokeun…wanoh…jeung mampuh ngabedakeun mana nu kudu mulih ka jati mana nu kudu mulang ka asal.

Lamun nyawa/jiwa/jisim/kuring/ruhani …sing mulih ka jati
lamun badan/raga/jirim/kurung/jasmani…sing mulang ka asal.

.....pada tarapti mulangkeun dadasar.

kumaha cara jeung kanyataanana?

IV

MULIH KA JATI

Ari mulih ka jati teh hartina asal euweuh balik ka euweuh. Nu euweuh teh –ulah salah - ka manusaan/ka insanan asal sirna balik deui jadi sirna. Asal laa syaean madzkuraan balik deui jadi laa syaean madzkuran (Al Insan). kainsanan ngan saukur dipake jeung aya salila di dunya, dina paeh mah euweuh/sirna. Siga kertas (jiwa) salila hirup ditulisan jadi jelema (tulis salaus alusna).

Tah dina ninggalkeun ieu alam dina jiwa/nyawa/jisim/kuring dihapus deui supaya kertas beresih deui euweuh tulisan kajelemaan nohonan statement qur’an manusa laa syaean madzkurran. Urang sunda nu ngulik teu Sieun leungit tulisan/kajelemaan ..da teu jadi sirna teu puguh. Sabab dina leungit tulisan teh aya keneh kertasna nya bodas nya nyacas… nu qadim balik jadi qadim.

Tulisanna urang sunda nu ngulik mah dihapusna teh make cara ‘cut’ atawa ctrl-x. Jadi dina kertas papan jiwana geus euweuh tapi lamun aya nu perlu ku tapak/kanyaho salila didunya bisa di paste/ctrl-v ku jelema nu hirup keneh. Siga kasus ngeunaan maung gaib nu bisa ngabelegedeg lamun dipenta dina hubungana jeung jalma nu tarilem baheula. Salila operating system dunya teu rusak/robah ieu ‘instruksi’/elmu di clipboard dunya moal leungit tinggal aya henteuna jelema ayeuna nu daek/wani/bisa/nyaho nga paste/nga downloadna. Jelema na mah geus balik ka jatina. Nu aya teh elmuna (lain jiwa/jisim/kuring/nyawana) di langit dunya sunda tara dibabawa paeh karidu ridu.

V
MULANG KA ASAL

Ari mulang ka asal. Asal tina Nur (sunda eusi) balik deui ka Nur (sunda eusi) nya eta nu jadi asal kurung/jasmani/raga/badan/jirim.

Naha ?

Mimitina asal awak ngagedean asalna tina hasil kadaharan..ari kadaharan asal tina sato/tutuwuhan…asal tina aci-acining CAI jeung TANEUH, nu diauban ku HAWA (baheula sok disebut angin) di usikeun ku berkah na panonpoe/energi ( baheula sok disebut unsur SEUNEU).

Bari diingetkeun ku qur’an yen sakabeh dunya jeung langit asalna tina Nur nu di jadikeun ku Nurusmawati wal ardhi (SUNDAna langit jeung bumi)…. matak kongas Allah teh nurrun ‘ala nurrin; - dina science mah geus teu bireuk deui bukti empiric ayana hubungan masa jeung cahaya e=mc2,. ...sedengkeun teu sakabeh frekuensi cahaya bisa katangen pangdeuleu/mata.

VI
KAJADIAN MULANG KAASAL

Nu maot biasa raga na jadi bangke, terus biasana dikubur nya lila-lila terurai deui jadi taneuh jst..jst tapi masih keneh mangrupa unsur dunya, da masih keneh aya dina siklus atawa rantai makanan di dunya. Aya oge nu diduruk, lebu na aya nu disimpen aya nu diawurkeun ka laut ameh larut jeung alam tapi eta kabeh masih dina unsur dunya …da masih keneh muter di siklus dunya sanajan ari di awurkeun di laut mah meureun ngilu kana siklus dunya nu leuwih gede. Mulang ka asalna jalma biasa mah ngan nepi ka taneuh deui nu eta ge prosesna dibikeun ka alam/batur.

Nu maot na ngulik mah raga na teu nepi ka jadi bangke, sirna na eta raga ge teu jadi unsur ‘partikel’ dunya deui tapi dibalikkeun deui ka Allahna. Dipulangkeun deui ka sunda (nur) jati –teu aya dina alamna dunya. Sabab boga rasa rumasa, mulang tarima, asih ka diri nyaah ka badan:

1. Nganuhunkeun ku nyaah jeung asih ka diri/raga/badan/jasmani/kurung nu ku inyana teh urang sunda ‘nu ngulik’ bisa ngarasakeun ni’matna (nambah/katambahan terus) dunya…nu ku eta bisa ibadah ka Allah swt…bisa silih asah silih asih silih asuh silih getreng silih reheng silih rebut jeung sasamana jeung ku raga eta ‘nu ngulik’ bisa ngahontal ni’mat Allah di aherat nu euweuh batesna nya gede nya langgeng.

2. Kusabab raga eta asalna tina roh-roh hewan/tutuwuhan/taneuh jeung unsur-unsur dunya lainna, nganuhunkeun ka raga ieu sarua jeung nganuhunkeun ka eta kabeh nu geus dipake ku urang sunda nu ngulik (nu teu ngulik mah can tangtu boga rasa nganuhunkeun). Sabab sato jeung tutuwuhan ge ummat/mahluk nu hiji waktu bakal ruksak jeung kabeh ge (kudu) balik ka Allah “ilaihi turja’un”. Sedengkeun nu bisa ma’rifat /ni’mat boga agama teh ngan jelema. Ari sato/tutuwuhan mah henteu tapi ku dihakan teh mantuan jelema supaya kuat/bisa ibadah/ma’rifat.

Mulang tarima na ku mawa maranehna innalillahi wa innailaih rojiun sanggeus maranehna ibadah ku mantuan jelema hirup/usik malik. Jadina runtut raut silih tulung..sok disebut di lembur mah ka cai jadi saleuwi ka darat jadi salebak.

(sabalikna lamun henteu bisa nyampurnakeuna..eta roh sasatoan/tutuwuhan the jadi hijab…pernah ningali nu rek paeh sesegrok?)

3. Tina nu dua eta nu utamana mah nganuhunkeun ka nu Maha Suci kana sadaya pamasihan Mantena, sadaya sab anugrah ti Mantena. Jadi dina baralikna teh, salah sahijina, diwangsulkeun deui pamasihanaNa ka asalna kalayan ikhlas putih beresih bari nganuhunkeun pisan… sadayana teu kirang teu langkung, teu aya nu diaku aku nu disumput sumput nu diantep dihilap hilap teu diwangsulkeun, ari dina tos waktosna kedah mulang.

Kumaha cara jeung kanyataan kajadianana ? ngahontalna?

VII
KAJADIANANA


Kajadianana mulih ka jati mulang kaasal…rupa rupa.. kumaha pamilih jeung kamampuhna Aya nu heula mulih ka jati…mulang kaasalna nuturkeun ku program/do’a/ itikad memeh maot. jadi katingali ku batur mah siga paeh biasa…kawas mayit biasa; tah engke geus dikubur tuluy sirna sorangan dina itungan poe.

Aya oge nu bareng sakaligus teu ngagoler heula… langsung lebur/awor jeung jatina. Nya nu iyeu nu di nu disebut Tilem/ngahyang warisan turun manurun seuweu sunda. Ngan kajadianna matak helok matak ta’ajub.

VIII CARA RINGKESNA

Ngeunaan carana, ‘Katerangan tina qur’an’ nu disebut diluhur,… urang gundukkeun deui:

1. Ayana badan raga jasmani nu asalna ceunah ceuk qur’an mah tina taneuh (caritaan ngeunaan adam), cai (sakabeh mahluk dijieun tina cai), diauban ku nafas hawa angin, jeung kasorotan berkah panonpoe- di lembur mah sok disebutkeun jasmani/raga/badan/kurung asal tina unsur taneuh, cai, angin (nafas) jeung seuneu (energi/panonpoe).

2. Ayana indra nu bisana nganyahokeun ngeunaan dunya. Bari jeung,..Pangdenge, pangdeuleu, pangangseu moal bisa (dipake) nganyahokeun Allah. Da cenah Allah mah moal katingali…moal kadenge moal… kahontal ku akal.

3. Ayana Ruh nu jadi urusan Allah – jelema mah cenah mun dibere nyaho ge saeutik…eta ge lamun dibere nyaho.

4. Ayana hate nu jadi panarima ngeunaan sagala hal ti dunya kaasup bisa nganyahokeun ayana Allah lamun mu’min caang beresih – didieu di sunda bijil istilah ngeunaan RASA nu dihartikeun awas na hate. Ngan kusabab pangaruh panca indera, akal, memori akal jst....rasa ieu kalimpudan ku warna warna rarasaan (rasa sajati),… hese madep hese aslamtu tumarima sab hatena gampang ‘bolak balik’ (qalb).


Jadi, ringkesna, Insan/jelema nu dibekelan 4 hal tea nu singgetna diwangun ku jasmani + indra+ hate + Ruh. ..

Lamun panca indera euweuh (teu dipake) … Nu aya dijelema tinggal raga + hate jeung ruh.

Tah dina ieu teknik…

lila..lila hatena beresih caang (nurani) teu kalimpudan kapangaruhan ku panca indera…da panca indera na di leungitkeun (heula) teu mere signal kadunyaan/mangruhan hate … nya si hate tinggal ngarasakeun (kamampuan hate jadi panarima-ku sikep aslamtu). Timbul rasa rumasa…. si hate ahirna bisa ‘nganyahokeun’ urusan-urusan ruhaniah (teu kacampuran kadunyaan) da nu katarima na tinggal raga+ruh.

(cat: jadi lamun aya nu ngomong nanya atuh ka hate nurani..eta mah moal bohong. Bener maksudna mah…ngan muguhkeun nu mana hate nurani rea nu ‘bodo’. Jadi rarasaan ka hate nurani padahal ka hate nu masih kalimpudan ku uteuk/panca inderana keneh….nu kitu nu disebut ngaenya enya nu lain nga lain lain nu enya….mun kitu terus cilaka era mah maneh.)

Ari raga/jasmani lamun indera na paeh (heula) katingal ku awasna hate/rasa teh bakal breh mangrupa cahaya (sunda) /e=mc2 (kantos mendakan ???)….matak loba nu dikir nepikeun ka ngageot rebu rebu,…menekung konsentrasi … ngarasakeun ketug jajantung,…ngilu kaluar kajerona nafas,… jrrd teknik keur ngurangan pangaruh dominasi panca indera museurkeun ameh bisa aslamtu hate (kade… di level alam ngawawuhan/introduksi ieu…aya nu murahan aya nu spekulan aya nu ukur ngajalanan aya nu enya pantes/bisa jadi cantelan).

Hate nu beresih caang nyunda nurani..penting pisan kahontal…pan kongas ningali Allah di dunya ku awasna hate/qalbu (rasa) lain ku mata denge sirah, Qalbu mu’minin baetullah…jrrd..jrrd…katasaufan nu klise/hambar lamun saukur nyaho bari teu karasa teu ka bukti.

(Ku waktu umur jelema ayeuna nu umumna mah ngan antara -60-80an (usia hidup)…geus kuduna nyiapkeun maneh milih teknik/metoda nu bisa kahontal ku kamampuhna bari jeung gancang nepi (nu penting hasilna lain prosesna) ameh leuwih gancang make jeung ngamalkeunana…meureun genah)

Saterusna,.. lamun tuluy diwanohan dijeroan dibersihan dicaangan,… eta rasa hate nu saencan kalimpudan ku panca indera teh,…rasana jadi wanoh kana jasad,…indicator utamana wanoh kana control saraf saraf para simpatik – nu teu dikontrol otak. Awas nyaksi kana ayana bahrul hayat …nepikeun ka asal asalna nutfah….ayana ruh …jst (tingali : pohaci sanghyang dewek)….lir ibarat murak tumpeng….tumpengan euy….bruh breh eusina nu saencan di purak mah sauukur kawas congcot…Tinggal upama pareng kabiruyungan kapasihan nugrahana nu Maha Suci awas kana trigger trigger qun dat-qun mutlak…nu sok diaranggo ku luluhur anu mulya dina proses tilem/ngahyang……Subhanallah wal hamdulillah wa laa ilaa ha illallahu allahu akbar.

Ieu nu disebut teknik empiric hiji ulikan sunda nu masagi..saha wae nu bisa migawe eta..bakal manggihan nu sarua saha wae bangsa naon wae iraha wae dimana wae –rek ngilu ngabuktikeun???. Teknik na aya nu ti Islam.. aya nu ti luluhur sunda…

lamun can engeuh …ceuk urang kampung mah tinggal nanya ka sorangan…nepi kamana ngulik agama + kasundaan ???

IX
KUMAHA NYALIKSIKNA AMEH KAHONTAL ?
Bagian salajengna urang kintunkeun kapayun upami pareng

Tangtungan Ajen diri: siliwangi paeh jadi maung? Kiihan

---

Lamun Siliwangi paeh jadi maung…para wargi pangmiwarangkeun eta maung sina ka sim abdi …..rek dikiihan! Sugan ku urine mah cageur.
---

I

Tatali Siliwangi jeung kecap ‘Maung’ geus ngarupakeun rasiah umum di urang sunda. Aya nu nyebut maung siliwangi mah bodas, belang jrrd. Aya oge –umumna nu caricing dilingkungan tertentu- nu teu wasa nyebutna nepikeun ka cukup nyebut na si belang, ucing gede, nu lempay jrrd. Kasawang salian ti ngahormat teh meureun oge sieun dina ayana. Da cenah loba kacaritakeun lamun di leuweung –kaasup leuweung batu (kota)- atawa tempat nu hara-haraeun lamun salah nyebut sok ngabelegedeg… meureun mun kajadian kitu teh …can muka calana kaburu kiih manten. Cobian we ka taman safari tingal ‘tiger’ sima sareng tongkronganana matak ‘leuleus’ nu sieunan. Atanapi angkat wae ka ‘direnten’ (kebon binatang bandung di jl.tamansari) tingal lamun urang sakandang jeung inyana - Komo deui lamun jenis maung teh kawas Lodaya moal teu sakali ditewek ge seep urang teh.

Ieu caritaan kampung teh malah geus di ‘formalized’ diantarana KODAM na ge nu dingaranan KODAM Siliwangi make bandera maung, aya patung maung, malah maskotna ge maung.

Kulantaran maung (sato) na di sunda mah beuki dieu beuki arang –da leuweung na ge beuki beak, nu ngalegaan teh leuweung batu, dongeng pangalaman pangalaman kalolobaan jalma nu panggih jeung maung sok wae/beuki disambungkeun jeung rekaan ati na yen eta teh maung gaib nu baheula na jalma… pangkongasna maung siliwangi.

Tapi,…Naha enya Siliwangi Paehna jadi maung ??

II

Ulikan maung/macan

Saenyana memang ulikan ngeunaan miboga kamampuh maung ngarupakeun salah sahiji skill di sunda nu aya hubunganna jeung lingkungana - nu rea leuweung. Di Arab mah Singa matak kongas sayidina Ali ‘singa Allah’. Di sunda ge kasebutna jago teh ‘maung pajajaran’.
Jalma baheula, kapaksa diajar nalukkeun macan/maung lantaran dua-duana (jelema jeung maung) masih aya dilingkungan nu sarua…ku sering na nengetan kalakuan/kabiasaan/kakuatan/lingkungan raja leuweung ieu mimitina aranjeuna jadi ‘ngaadaptasi’ boh dina gerak (silat) atawa sima. kongas kacaritakeun salah sahijina elmu Pamacan. Misalna wae gerakna lentur, teu loba gerak mubazir tapi bertenaga, cepet jrrd. Simana: ku ningal paromanna batur teh sok ngeluk, ‘segan’, ‘sieun’jrrd. Nu leuwih jero, nyatana bisa ngaprogram –salian supaya maung nurut- supaya, gerak usik, aura, the sumerep dina USIKna.

Kamampuh gerak katut sima/aurana diperyogikeun ku aranjeuna. Malah jaman ayeuna ge, loba nu palerlueun keneh (?)- (Tanya we ka nu diajar silat, satpam, polisi, tentara).

Kumaha cara ngulikna?

Umumna mah sok make puasa heula –nyaeta supaya nafsu manehna teu kaluar /katahan heula henteu dominan nulisan dirina/pasif (henteu bijil dina clipboard awakna) – tah bari kitu sok dibere bacaan nu maksudna supaya nulisan ka si awak si rasa sima/kamampuh macan. Jadi dina waktu nafs pribadina-na eureun/stand by nya dominasi bacaan kuat,…. nepikeun ka ‘program/bacaan ngeunaan ulikan ‘macan/maung’na jadi tulisan nu napak dina papanna (wadahna/dirina)…. Hal eta teh bari, aya oge nu, dibarengan ku olah awak (gerak) jeung nafas.

Lamun ngulik na bener apresiasi na enya diajar sifat maung teh bleg we maung (timimiti level sima/aura, gerak/ nepikeun ka robahna awak-awakan). Jadi sawaktu hirup nu memang kudu survive ku persaingan, ngan nu kuat nu meunang, survival for the fittest – kamampuh eta terus dialusan di kuatan jadi milik diri modal awak.

Ieu hasil ulikan diupayakeun diwariskeun ti generasi ka generasi sakawayana sakawayana.

III

Kumaha ari paeh?

Saencanna urang tuliskeun deui caritaan kampung ngeunaan paeh:

Di sunda mah nu maot (basa arab) disebutna PAEH – PUPUS, naha? Lain nu hiji basa kasar nu hiji basa lemes, tapi:

Ari PAEH maksudna paeh nafsuna (lawammah, salwiyah, ammarahna) nu tinggal mutmainnahna. Bangkarak nu kaciri ku jelema terus dikubur nyaeta wujudna nafsu lawammah, salwiyah jeung amarahna. Teu usik malik teu daya teu upaya lila lila jadi taneuh deui. Matak jelema nu arek jeung geus PAEH teh masih (SING-kuduna) aya nafsuan keneh nya eta nafsu mutma’innahna (diantarana dipake ngadenge/nurut diharewosan ku batur nu hirup laa ilaa ha ilaallah)..lain jadi pikun jadi rusak jadi poho. Tah nya nu kitu (mutmainnah) nu bakal meunang kani’matan surgana Allah.

Matak ari nafsu mutmainnah mah geus teu kudu boga wadag jasmani, dina jasmani na geus dikubur jadi tulang taleng deui ge bakal terus aya meunang ni’mat (nambah-katambahan terus).

Jadi –tah ieu patokanana- keur nu neangan “SI MUTMAINNAH”, lamun masih keneh ngarasa boga wujud,….. mutmainnahna karek meureun/kira kira/ dugaan/ sangka…… can ENYA. Asa mutmainnah padahal kapoekan, mutmainnah ASli tapi PaLsu,... mun kitu tuluy bari geus asa enya…..nu rugi mah maneh.

Ari PUPUS maksudna pupus tulisanana nu tinggal kari urutna. Hartina nu maot teh kudu hapus beresih sagala kalakuan tutulisan nu ngajadikeun papanna ka curat coret tapak dunya. Dina cariosan kangjeng Nabi saw mah (cenah) budak teh lir ibarat kertas bodas (disunda nu rea hubungan na jeung tangkal sok disebut papan (kai) jadi majusi nasrani atawa islamna kumaha (tutulisan) indung-bapana. Tah nu maot teh kudu bisa (sing bisa) ngahapus sagala tutulisan didunyana (sajati) supaya nu tinggal kari papanna (Jatina). Matak sok terus di sebut (sabenerna mah meureun didu’akeun sing ) mulih ka Jati mulang ka asal… Kawas baheula waktu manehna lahir (fitri) ka alam dunya, da asalna mah memeh lahir/pas lahir budak ge lir kertas nu can katulisan naon-naon.

JADI,… nu maot nu bisa PAEH jeung PUPUS teh pantes kasebut mulih ka rahmatullah. Ayeuna mah anak incu salaki pamajikanna tara aya nu narima disebut paeh (pupus mah masih) asa kahinakeun.


DINA WAKTU PAEH jeung PUPUS nyaeta tinggal nafsu mutaminnah jeung papanna nya sok terus bisa nyampurnakeun awak. Leungit teu kudu buruk heula. Hartina lebur papan kalawan tulis. Sampurna sampurna ning beak. Hartina sampurna nafsuna sampurna jatina nu tinggal kari Hyangna. Innalillahi wa innalillahiraji’un (nu saenyana, lain teori, cenah jeung sangkaan).

Aya nu ku dikubur heula ku batur kawas mayit biasa tah engke geus dikubur tuluy sirna sorangan dina itungan poe (matak, di kampung JATImah, nu marasih hirup salian ti tahlilan teh oge nengetan/kadang milu mantuan nyirnakeun awak manjing kasampurnaan dina poe ka tilu, ka tujuh, ka 40 jst);,…
Aya oge nu langsung lebur/awor jeung jatina nepikeun ka disebut tilem (tingali tilem/ngahyang di alamkami);..

Eta diluhur kabeh, ngarupakeun skill jalma mutmainnah nu apal kana papanna, mangrupakaeun kabinangkitan urang sunda turun manurun dina mulih ka Rahmatullah. Tah …urang sunda mah (dicontokeun yen) ngaji qur’an ngeunaan ayat ahir surat Al’Fajr teh geus jero lain saukur ngira-ngira make uteukna atawa bisa nyanyi mungkul.


Tulisanna pas ninggalkeun alam dunya –misalna tulisan maung nu salila hirup di install dina awak/nafs-….dina waktu arek mupus tulisan dina papana tulisan eta di CUT (ctrl-x) terus di upload ka clipboard dunya... henteu di delete sab nyaah ka turunan atawa mere aweuhan ka lingkungan.
Dina papanna mah tos teu aya beresih mulih ka jati da geus dipulangkeun nu kituna ka asal-asalna nyaeta di clipboard lingkungan sabudeuereuna (dunya). Tinggal lamun aya papan lain (biasana seuweu siwina…nu bisa ngulikna) –rek loba rek saeutik- nu hayangeun… jeung bisa tutulisan/mrogram maneh nya ka-maungan eta ka paste (ctrl-v)/ka download deui dina masing2 papanna. Persis henteuna siga tulisan nu mimiti gumantung kana kamampuh papan jalma ayeuna (jeung engke) na. ctr-x ieu dina clipboard dunya aya terus karek leungit lamun dunya geus rusak (restart) deui. …Ngan tangtu sanajan dunya aya keneh..eta program masih keneh aya di jabaning langit/alam maya/ clipboard dunya sabab geus di upload baheula….. moal bisa ka paste keun lamun euweuh papan lain nu ngulik jeung bisa ngadownloadna.

IV
Kumaha jadi aya maung nu sok kawenehan kaparanggih?

Biasana, ‘program up load/ctrl-x’ ieu oge sok diaranggo ku aranjeuna memeh ngantunkeun alam dunya the pakeun ngajaga kabuyutan-kabuyutan, tempat nyimpen ‘harta’ titinggal jaman baheula, makam raja/jalma suci/tokoh, ‘aplikasi’ hawa aura/sima ieu ngajadikeun tempat ‘tidak terganggu’ iwal ti ku ahli warisna-piancoeunana. Tempatna sok jadi pikakeueungeun, haraharaeun, jrrd. Dimana aya nu ngusik

karek bijil-ka trigger- lamun henteu mah biasa we.

Nu mawa program “maung”ka luar lingkungan asal biasana, nu ngarulik lain (penerusna). Jadi eta program ka disseminasi ka tempat/wadah/lingkungan lain nepi keun ka ayeuna.

(hayang bukti?...cobaan we datangan tempatna, sorangan mun enya wani mah, atawa bawa nu lain nu sarua wani….tong mawa nu sieunan…’ganggu’ we pasti ka trigger...)

Warna warna hasil download,…

Lamun nu nyahona/nu diajarna/nu ngulikna/ nu kabeneran panggihna ngan kalimpudan ku hawa hawa dunya… aya nu kasurupan aya nu muriding/muringkak aya nu hayang nyatu hayang nginum, aya nu garam gerem, aya nu jadi sieun jrrd …bonganna we bodo daek kadominasi tulisan.

Lamun nu nafsuna mutmainah mah (dimana nya ki/nyi mutmainnah?) wani ngadu moal daek nembongan-nembongan acan lamun si mutmainah eta embungeun, ngabelegedeg lamun dititah, bisa dipentaan tulung bari tara menta bayaran pakeun nulung ka nu butuh nalang kanu susah.

Komo lamun si mutmainnah ieu daek ngulik eta tulisan –nyieun tulisan sorangan jadi programmer (lain saukur ctrl-v) – nu aya lain maung batur tapi MAUNG AING. Hartina teu make maung luluhur (upload programme) tapi geus di modify –boga hak ngarobah/ngaadaptasi-jadi ‘brand’ manehna sorangan.
Nu jadi ugeran nyatana diajarkeun pisan teh sing bisa/tapis ngabedakeun mana papan mana tulis.

Supaya bisa ngamanage file-filena, teu corrupted dijalan, komo nepi keun ka teu bisa di uninstall/di ctrl-x; peupeuriheun kawas luluhur baheula nu nepikeun ka bisa nga upload. Lamun saumur umur ngulik nu kitu jeung naon bae sakakbeh ulikan di dunya teu bisa jadi Si mutmainnah nya moal bisa PAEH ENYA, tapi kasarad,...kasarad ku kanyaho sorangan. naha? sabab, dina paeh kudu sagala ditinggalkeun – tengetan harti kecap paeh pupus innalillahi wa innailaihi ra’jiun - iwal ti mutmainnahna:

“Kop tah maung na keur sia lamun perlu urut dipake baheula ku kamutmainnahan … kop tah kanyaah kabeh dibikeun ka sia moal aya nu disesakeun nu tinggal kari tapakna. Matak ditinggalkeun keur nu hirup ge tandaning nyaah (teu di Delete).. . geus beak sagala di aing mah tinggal keur sia kabeh di dunya pek bawa pek pake NGAN sing bisa mawana sing bener makena…eta ge lamun hayang make lamun henteu mah kumaha sia wae”.


V

Aeh aeh nu nulis teh mani kawas nu geus bisa we wani tulas tulis maung… puguh matak wani nuliskeun ge geus bisa nulis mah…komo beuki dieu mah… bisa kaciri ku batur…geura tingali… Tinggal muka komputer pencet ‘tuts’ keyboard ,,,, ketikeun..m..a..u..n..g Jadi MAUNG -----(kirim ka internet)..mun nu maca bisa akses internet bari matana awas keneh tangtu kabaca… he he he.

Naha lain siliwangina nu geus paeh jadi maung ? Wah mun enya ge kitu meureun waktu pajajaran dijajah deungeun meureun turun sorangan perang, pan siliwangi teh nyaah ka rayat?; Ayeuna urang sunda jadi kekesed meureun turun ngagaur, pan silihwangi teh ngawangikeun somah? Atawa meureun moal kacaritakeun deui luhungna siliwagi da era deung jadi pacaduan paeh jadi maung mah. Dina datangna ka seuweu siwi, disebutna ge maung gelo teu boga ka era.

Puguh ge nu aya di dunya (elmu maung jeung kasiliwangian nu lain) tinggal tulisan tapak programna – tanda kanyaah - ka seuweu siwi. Jadi deui soteh,… nyata deui…. ngabela somah lamun aya papan lain nu bisa, paling sautikna nga-paste (ctrl-v)-nga dowloadna. Tinggal,…. lamun enya mah nyaah ka luluhurna sing daek bisa make elmuna pakeun nyaangan sasama jadi seuweu siwi siliwangi. Lamun teu bisa bari teu daek ngulik lain salah nu ngauban.

Jalma mah bebas milih. NGAN nu teu bebas teh narima akibat tina hasil milihna. Hayang mandi meureun baseuh beresih. Teu hayang moal meakeun cai ngan meureun bayeungyang (lamun panas) bau kelek (lamun teu make deodoran), haneut lamun keur tiis. Teu hayang diajar kamaungan teu nananaon ngan meureun moal nyaho bengharna eusina leuweung hirup. Diajar maung –jeung loba-loba kadunyaan laina- kop meureun boga pangabisa ngan kudu bisa beberesihna lamun rek balik ka rahmatullah –ihram teu menang aya tulisan.

Ngaberesihan elmu mah gampang –da aya jeung ulikana geus lengkep masagi- nu hese mah ngaberesihan kangeungeunahan ka dunya ka melang ka anak pamajikan nu anyar papanggih nepikeun ka nu heubel marengan mah kapopohokeun (kaasup meresihan tapak elmu) nu ahirna poho, balangah, kabodokeun, lalawora…ari cilaka sababna lain ku nu kitu ??? .

Cag.

TAUHID GULUNG (II)

VI

kasus Gulung dina Patekadan Lemah Abang

===
Para wargi, tangtos sadaya tos pada terang yen ‘cariosan’ ngeunaan Syech Siti Jenar (SSJ) teh seueur versina (versi jawa timur, jawa tengah, jawa barat nu diwakilan ku cirebon, priangan jsst) –seuseueurna ‘serat’ siti jenar (Jatim-Jateng) nempat keun SSj langkung sae pamendakna ti wali sanga sedengkeun versi Cirebon, Wali sanga langkung leres ti SSJ.

Nu didugikeun ku sim abdi mah dina ieu dadaran sabagian alit ‘cariosan’ SSJ versi kampung sunda wae (da kenging wae sanes? komo jaman mahabu informasi kieu. Urang kedah seueur terang ‘berbagai versi’. Bawiraos nu sanes ge mung saukur ‘versi’ ….. leres henteuna mah kedah ngalaman langsung …..nyanggakeun).

....haturan ka sadayana.
====

PANGKUR-
PANGKURANG-KURANGNA RASA (HHM)

Barabat pada disada,
Hening jati tigin sirotol mustaqim,
Pada boga undak usuk,
Parangkat luhur handapan,
Pangluhurna mah tepi ka hakkan hakkun,
Patekadan Lemah Abang,
Dihukum ku alam biwir.
Jadi pamuntangan sara
Ulah muka rasiah rabul alamin
Meletik bijil ti sungut
tangtuna di hukuman
bongan salah jeung sungut batur batur
di nagara pakalaman
nungtik pakalaman deui

cat: Haji Hasan Mustapa (HHM) nu numutkeun Ajip Rosidi mah saurna HHM teh bujangga Sunda pangbadagna – ngan ‘for the sake of objectivity & fairness information’ keur sabagian mah “kontroversial’.

Lamun geus loma/dalit, euweuh gusti euweuh abdi babar sapisan jadi sobat (wali). Tapi, dina tohid bisa na qurbah (qarib=dalit) nunggal ngahiji gulung teh ku modal islam (aslamtu sumerah) nepikeun ka jiwa ragana teu ngaboga boga nepikeun ka teu ku manehna manehna acan (da teu daya teu upaya).

Ayeuna lamun ka-maneh-an geus aya deui, tuluy bareng jeung batur batur, tuluy nyarita meletus bijil ti sungut, make basa maneh (sedengkeun lain gusti mah nyaritana ge teu make sungut? ari ieu bijil ti sungut), ceuk batur nu ningali mah maneh teh keur fana (rusak). Ari nu rusak euweuh nu pantes nurutkeun alam tata alam semu.

Meureun batur salembur leueleutikanna pada heran pada teu ngarti,... gorengna pada nyalahkeun,.... ceuk batur teh naha ari aing henteu, boa si itu nurustunjung jelema gelo...nu kitu teu sarua jeung fiqh (asal kecap fiqh = pamahaman, tapi ahirna jadi hukum) batur-batur.

Ieu kajadian geus loba, di jawa mah kajantenan ka Syech Siti Jenar (SSJ)..

Aya cariosan SSJ nu kadugikeun kanu sejen (utusan) nu beda tingkat pamahamanna (beda alam) ngeunaan ageman - nyatana waktos para wali miwarangan ngulem SSJ, caritana nu katepikeun mah kieu:

hiji waktos kaleresan SSJ nuju dina ‘kafanaan’, SSJ nafi ALLAHna Isbat Utusan wali nepangan:

“Kangjeng Syech,.... dipundut sumping ku Kangjeng Sunan... sun”
SSj: “Euweuh sitijenar mah, aya ge Allah”.

Dasar ka jalmi nu dipercaya luhung sanajan ucapan na’aheng’, nu dipiwarang teu wantun mindo catur teras wangsul deui pupulih ka para wali teu tiasa ngangkir SSJ margi nuju suwung nu aya ge ngangkenna Allah.

Para wali mah maphum teras we mindo (kaduana), miwarang utusan supados nu diulemna teh Allah, ngan kaleresan pas tepang teh SSJ tos dina ‘biasa’ (Allah Nafi, SSJ isbat) deui.

”sun...dipiwarang ku Kangjeng Sunan supados ngulem Allah”.
..atuh waler SSJ teh: “tong ngangkir Allah ka kami da kami mah SSJ”.

ku margi kitu ki utusan mulih deui ka Para Wali wawartos yen teu tiasa ngulem Allah da nu kasampak mung SSJ.


Para wali, ahirna, mutus supados ngutus nu cekap ngilmina (sa alam) pakeun ngangkir SSJ. Sanggemna ieu utusan teh :

“Ieu kami... menta Siti jenar Kalawan Allahna supaya hadir ayeuna keneh”.
Sakedet netra SSJ nu tos ras jlig... tos dugi ka riungan wali.

Ngan,.... nyebut Allah ka nu sejen ieu nu engkena jadi label ‘hukuman’ ka SSJ..., ti ieu beja nu nepi ka utusan teh, tuluy nyebar ka bala rea SSJ teh jalma nu ngaku Allah.

Naha sesebatan lain SSJ teh Lemah Abang?

Ari lemah hartina taneuh ari abang hartina beureum. Di sunda mah lamun aya jelema nu anyar paeh sok disebutkeun cirina taneuhna ge beureum keneh. “puguh ki anu the maotna kamari tuh taneuh na ge beureum keneh”. Taneuh beureum dibasakeun kana pajaratan anyar: Padahal teu kabeh taneuh beureum, siga nu dikuburna di lembang mah kajeun anyar ge teu beureum da taneuh na hideung.
Ari pajaratan anyar mah salian ti paesan (nisan) teh taneuh na ge melendung keneh...cirining can kabeh sirna...matak sok ditahlilan sok direwahkeun... can jadi paesan jati pisan da katambahan keneh sesa bangkarak.

Ari nu ngulik kasampurnaan mah kudu bisa paeh heula samemeh paeh ceuk batur/jamak (tingali-eddy nugraha: paeh samemeh paeh) sabab kongas aya ayat qur’an: “Jeung jalma jalma nu geus paeh, tuluy dihirupkeun deui, terus dibere sunda, nu ku Sunda (nur) eta maranehna bisa lumampah hirup diantara manusa, naha sarua jeung nu aya dinu poek mongkleng anu manehna henteu bisa kaluar tidinya?? (6:122)’.

Kajadian SSJ meletus cariosan kasaksi ku batur ngangken Allah, sabab dina kaayaan masih keneh “anyar” /kafanaan keneh teu acan pulih lumampah saatos ‘paeh samemeh paeh’ -sanajan tos kapasihan sunda (nur) ti nu murbeng alam benten jeung jalmi biasa…paamprok jeung alam jelema. (tingali-eddy nugraha: panaekan warnaning tangtung).

VII

‘kasalahan’ dina gulung

Diulemna SSJ kana gempungan Wali Sanga mah, sabenerna, pakeun ngabahas kaayaan umat kusabab ayana pamahaman murid-murid SSJ (ngaku tina ajaran/pangwuruk SSJ) ngeunaan syariat agama – nu aya imbasna ka masarakat umum (malah nepi kana ranah politik –ki kebo kenanga, ki Ageng Pengging jrrd).

Tangtu geus pada nyaho yen pamanggih murid can tangtu bener ngawakilan (teu kabeh bisa ngawakilan) pamanggih guru sanajan loba oge murid nu leuwih pinter/jero/bener pamanggihna ti guru. Tapi lamun muridna salah –migawe salah- guruna sok dipenta bantuanana/pamanggihna/ ‘advisna’ pakeun ngomean muridna jeung ngomean ‘akibat’ tina kalakuan murid. Kasalahan murid lain kasalahan guru- iwal ti lamun memang kabukti guruna nitah murid supaya migawe salah. Ieu kabeh alesan diulemna SSJ kana riungan Wali.

SSJ pupus dina eta riungan (Pajemuhan Wali Sanga), atuh jadi katurug katutuh, ngajadi ‘bukti’ yen SSJ kenging ‘hukuman’ dugi ka pupusna. Aya nu nyebat ku para wali dihukum pati; Aya oge nu nyebatkeun yen SSJ milih pupus nyalira dina riungan wali – ‘Serat Siti Jenar” Bratasekawa);

Padahal (nurutkeun ieu dadaran mah) anjeuna pupus cilaka ku ‘polah’ nyalira. Matakna ieu dadaran, insya Allah, arek nepi kana kumaha supaya salamet gulung na abdi gusti teh jadi ngagalunggung.

Saacanna...
urang dongengkeun heula gambaran kajadian pupusna SSJ dina riungan wali:

Dina riungan ngeunaan pamadegan yen sakabeh wujud jeung nu maujud dialam dunya teh teu aya deui iwal ti Allah. Laa maujuda ilallah laa wujudika ilallah...kanggo ngabuktoskeunana SSJ dicobi ku keris duhung (keris “Kantanaga” kagungan Sunan gunung jati) ..ku kangjeng sunan kalijaga (SK).

Barang dicobi teh.... eta keris teu teurak...teu tiasa antel antel acan
(kawas ajian batara karang panta/level batu- tingal eddy nugraha: kaadaman + Batara karang).

--
Kabiasaan nguji kamampuh patekadan kasampurnaan dina tohid nepikeun ka ayeuna masih keneh aya.... jeung bakal terus dipake Sabab patekadan / kayakinan teh kudu kaharti karasa tur bukti.
Lolobana mah nu jauh keneh kana alam tohid sok sarieun mun diajak ngukur kasampurnaan sabab sieun kabawa paeh. Nu kapikirna teu bisa baralik deui. Lebareun keneh ku kahirupan dunya.
Padahal cenah ceuk nu geus paeh samemeh paeh...he...he..he.. lamun paeh (nyawana) nu aya (nyesa) hirup mungkul usik malik pan kongas dina qur’an Allah nyanggem “nu paeh dijalan Allah sabenerna hirup masih barang hakan barang pake ngan batur-batur teu apaleun” (tingali paeh samemeh paeh).
---

urang tuluykeun deui:

SK: “Enya...enyana mah tapi wujud (af’al) Allah (awak) nu ngajentul ieu mah lamun ditewek lumrahna kudu teurak....”

Nguping kitu..teras we eta keris teh nanceb...tapi teu bijil getih...biasa wae teu reg rog

(kawas ajian batara karang panta/level taneuh- tingal kaadaman + Batara karang)


SK:“... lumrahna wujud (af’al) Allah/awak nu ngajentul mah mun katewek bijil getih.”

Teras we tina salira SSJ bijil getih tapi bodas...

(kawas ajian batara karang panta/level taneuh/cai (Jannah) - tingal kaadaman + Batara karang)

SK: “.... lumrahna mun getih tina wujud (af’al) Allah/awak nu ngajentul mah... bijilna beureum”

Teras eta getih jadi beureum ngaberebey... bari salirana tetep seger tur teras sila.

(Tah ngawitan ti -level ALam rasa- ieu SSJ katideresa ku polah nyalira “nyebut Allah kanu sejen...”; hartosna rido nu maujudna jadi awak jelema biasa nu getihna beureum...sanes wujud ‘manusa’ af’alna
Allah.....; bari nuju ditakonan ku si “kantanaga” nu maunatna teh mun dipake moal bisa dibalikan deui)

SK: “Aeh...naha bet jadi kitu? ...lumrahna mah nu bijil getih terus moal hirup tapi tuluy paeh.”
....Tuluy eta awak-awakan...teh ngagoler.

SSJ nyarios...”sok hayang ditembongkeun naon deui?”
Ditempas “... teu lumrah aya mayit masih keneh nyarita...”

Elmu eleh ku kalumrahan sab beda alam, Saharita...SSj..nyarios kieu...”heug atuh kula moal deui cacarita... ninggalkeun ieu alam...ngan engke sing waspada

bakal daratang munding bule....
bakal aya....
bakal aya ...

(nu sabagaian seueur tos kabuktos ieu cariosan SSJ teh)

Saatos nyarios kitu badan SSJ sirna kagentos ku hiji tangkal nu seungit ngadalingding.

VIII

Kumaha gulung supaya ngagalunggung??

(Urang kintunkeun bagian salajengna upami pareng)

TAUHID GULUNG (I)

Kalam kasundaan no 13

I

WAHDAT AL WUJUD (MANUNGGALING/ GULUNGNA KAULA GUSTI)

Wahdatul Wujud di Indonesiakeun jadi kesatuan eksistensial (numutkeun Dr.Nurcholis Madjid). Di jawa mah dijelaskeun ku kecap manunggaling kawula gusti, tapi di sunda kampung mah istilahna teh (leuwih merenah jeung leuwih nunjukeun kana hasil) nyaeta: Gulung na abdi jeung gusti nepi ka ngagalunggung.

Sabenerna keur di sunda mah, ieu penjelasan wahdatul wujud ku kecap manunggaling kawula gusti -nu (ditambahan) sing nepi ka ngagalunggung- teh ‘mere arahan’ kana kumaha sabenerna ahlak jelema dina tohid (tauhid).

Manunggaling kaula (abdi) gusti –mimitina kudu aya dua (alam midua) nyatana aya abdi aya gusti.

Jadina teh...

Alus gusti sabab abdina alus, goreng gusti sabab abdina ge goreng. Alus abdi sabab gustina alus, goreng abdi sabab goreng gustina.

Pan cenah ge kalahutan bijil lamun kanasutan na enya. Lahut ngaridoan mere hidayah berkah jeung rohmat sabab nasutna aslamtu. Lahut kejem ngantep ngahukuman sabab nasutna nolak nambalang (kafir).

Pan cenah ge loba kapanggih abdi rujit sabab salah muhit nu jadi gustina. Loba nu ngajadikeun hawa nafsu jadi (ilah) gustina.

Matakna....

Kudu hurip gusti waras abdi. Ka cai jadi saleuwi ka darat jadi salebak sabobot sapihanean.
Kudu daek jadi abdi meh loba gusti keur maneh,... tong embung jadi gusti ngeunah jadi lawang kahadean lamun loba abdi nu butuheun..
Pek pambrih pek nuhun lamun perlu;
Pek bere pek cekel lamun boga
(tingal dongeng Sang Sulaeman dina qur’an)

Lain kitu gawena kahadean?

TAPI,

TONG NGAKU gusti bisi keur teu kaseundeuhan (kawas nu ngaku turunan menak (lain menak)...ari hirup walurat) ...nu cilaka diera-era mah maneh....

TONG NGAKU ngaku abdi agul boga gusti.... bisi keur teu diaku (pamenta keur teu dikabul)...nu era belehem mah maneh...dinaha-naha.

Sing boga...

tata titi duduga peryoga; migawe haphap ngendag-ngendag memeh luncat nuturkeun alam batur, tulaten nurutan sireum tarapti kawas titinggi meh seukeut duduga miyuni gagak dina nempatkeun kaabdian kagustian.

Ulah melengkung bekas nyalahan sarosopan teu pantes mernahna....nu era cilaka mah maneh keneh maneh keneh....da maneh nu nandangan.

II

Abdi lawan Gusti

Lamun urang ningal dina basa sapopoe....

Kecap abdi dipake dina alam tata alam semu, pihak “abdi” nempatkeun sahandapeun (jauh-anggang ti) pihak ka dua nu dianggap ‘gusti’ na. Gawe kitu sabab:

• Pihak ka hiji ku ngaku nempatkeun jadi ‘abdi’ teh ngarepkeun /boga pamrih ‘kagustian’ bijil ti pihak ka dua.

Ari kagustian nyatana gambaran /’manifestasi’/perwujudan Asmaul Husna nu rupa rupa-kayaning ngabulkeun pamenta, berehan, nganteur kahayang, tempat nyalindung, tempat kanyaho, adil ngahukuman.. jrrd.

Ari kaabdian kudu sabar, kudu daek menta, teu guminter, kudu tawakal (nyanggakeun kumaha gusti),..tungtungna ning sok ngaromong sadaya-daya. Shalatna (do’ana/pamenta na) ge sok disarebut sembahyang...nyembah ka hyang... da rumasa jadi abdi ( tingal –“shalat kami aya 4”). Migawe sabab geus kuduna kitu/ sabab sieun/sabab era/sabab asa katitah ku gusti nu salilana moncongok bae.

Ari ka abdian kudu handap asor, nyarita kudu lemes, jrrd..jrrd.
Ari ka gustian cenah kudu balabah, berehan, murah congcot hambur bacot, jrrd..jrrd.

Lamun manggih abdi teu boga adeuh sok tara dekeut jeung gusti.
Lamun gusti kored keked moal loba aya abdi nu deukeut jst..jst..jst.

(Undak usuk basa lemes kasar nu lengkep pakeun mernahkeun maneh dina ‘komunikasi’ ku, misalna, basa lemes heula ka nu anyar pinanggih/nyaluyukeun jeung alam nu diajak komunikasi di sunda sabenerna cara maju- ‘highly civilised’ hiji budaya)

Nu parerceka tarapis dina ngolah nempatkeun budi basa rasa rumasa... loba meunangna. ..
Lamun ka jelema urang handap asor (jadi abdi)...sok kaluar ti manehna (lawan komunikasi) teh kagustianana... Meureun resep meureun ngeunah meureun betah loba nu mere maweh disebut jelema bageur pikanyaaheun batur.... tah kagustian batur bijil keur maneh ari maneh bisa jadi abdi.

Kitu oge sabalikna....
Tong nolak mun aya abdi sumolondo... sabab karek mun aya abdi.... ka gustian bijil ti maneh...tungtungna pada ngamulya-mulya kunu ngarasa kahutangan kunu ngarasa meunang kahadean ti kagustian maneh.

Ka handap asoran... oge dipake ‘nguji’ kawas haphap...ieu jelema nu disangharepan jalma perceka nu kawaris sifat kagustian atawa henteu?...sabab di handap asoran teh aya ge nu jadi mancangah...cirining..jelema teu baleg teu kawaris kagustian.. ..beuki handap urang..lamun itu (batur) teu bisa ngahandapan...cirining rek robah laku.... itu eleh duduga urang jadi gustina itu nu ngaabdi-abdi..pek bae cobaan mun cacarita jeung menak...teu percaya mah.

(menak ayeuna mah leuwih dimaksudkeun kana diantarana ‘educated’ luhung elmuna ‘wise’ jembar panalar ‘leader’ lulugu/ kokolot /pananyaan panannggeuhan umat- nu boga gelar raden ayeuna mah saukur nu pastina turunan menak baheula - jadi henteuna menak mah wallahu alam)

Tapi, Mun teu bisa teu tapis .... loba menak (gusti) kaperdaya ku pamuji abdi (feodal) jadi mere tapi awuntah ...loba somah (abdi) heurin ku letah teu wasa sieun teu nyaho basa...saukur bisa kumaha anu dibendo (nu jadi gustina).

Dasar hirup di alam pamrihan....nu dipambrih kasalametan kahadean. Matak kudu tapis mernahkeun maneh.

III

Pek pecakan ka Rabb Gusti nu murbeng alam...Sarua.....

Ku nempatkeun ‘ka abdian’ teh ngarepkeun ka gustian ti nu dipenta, pan dipapatahan ku Qur’an:
Ari ngadu’a (menta neneda) keur abdi mah tarik teuing ulah laun teuing ulah..pan cenah ngadu’a teh kudu sineger tengah sorana ari ka Gusti (rabb) mah;

Kudu daek menta/ngadu’a ..ulah api lain..pan cenah Rabb teh teu resepeun ka (abdi) nu tara ngadu’a/menta;

Kudu narima dina kalaipan/dina katunaan/dina kakurangan/dina kasalahan (pek tengetan du’a du’a nu diawalan ku Rabb). ... eta teh ameh bijil gustina sabab nu datang abdina nu boga rasa rumasa.

Ari ka gusti kudu sabar bae jeung tetep kudu menta (do’a/shalat) bae pan cenah ceuk qur’an “menta tulung ka kami ku sabar jeung shalat” (kajeun can dibere kudu tetep menta) da wayahna jadi abdi nunggu-nunggu di kabul gusti.

Jeung ,....

Ceuk qur’an ge cenah kudu jejem yakin arek dikabul pamenta. ...Lamun henteu? he..he..he..kumaha deui? rek menta deui ka salian ti gusti?.... euweuh...euweuh deui nu bisa iwal ti gusti...pan maneh mah abdi.

Jst..jst...jst..

Tah..hirup di alam pamrihan... nu dipambrih kasalametan kahadean. Matak kudu tapis mernahkeun maneh.

IV

KUMAHA SUPAYA GULUNG ?

Naha kudu gulung?

Alam abdi-gusti mah alam anggang...sadeukeutna ge ka gusti...para abdi mah teu bisa deukeut sabab beda pangkat beda kabiasaanana. Tara gusti satata jeung abdi..sabab lamun satata leungit kagustianana.

Hayang deukeut mah nya gusti jeung gusti deui....abdi jeung abdi deui. Ngan lamun abdi jeung abdi, gusti jeung gusti. Leungit kagustian leungit ka abdian...pan basana ge jeung sasama mah pa dewek-dewek pa aing aing. Ngan kade mun keur aya abdi ulah gusti padewek dewek pa aing aing meureun abdi bisa ngunghak? Sabalikna mun keur aya gusti abdi tong sambewara...bisi tideuha.. naha bet aya abdi cumantaka?

Alam abdi-gusti mah alam tata alam semu....tara dicaritakeun sajalantrahna... Strategy jeung kaayaan presiden (“gusti”) tara dijelaskeun kabeh ka sakabeh rakyat (“abdi”).... cenah ge kapaksa kudu ‘white lie’ sabab mun dicaritakeun sajalantrahna mah bisi kuciwa...bisi putus asa...bisi CAN BISA NARIMA..bisi mancangah ..jrrd.

Pan kongas dina agama oge...loba nu disumputkeun ..saur Gusti teh dina qur’an...”nu nyaho eta mah ngan saukur kami jeung nu dikersakeun ku kami..maraneh mah para abdi moal..moal kabeh nyaho (nu saenyana) aya ge ngan saukur nyangka”....ari nyangka tara pas ka enya...malah, saur gusti dina qur’an, nyangka ngeunaan gusti mah pagawean setan (abdi nu ditundung)”.

Hayang nyaho nu saenyana mah kudu pindah ka alam gusti jeung alam nu daralit (qarib/qurbah) sabab kapeto kapilih dikersakeun ku gusti.

V

Kumaha carana?

Kudu daek saalam sakabeuki jeung gusti. Engke nyaho kumaha ari gusti sapopoena usik malikna.salah sahijina didieu para ulama nu satmata mere tuduh, dumasar beja ti gusti dina qur’an, yen gusti Allah teh boga sifat 20 siki.

Aya (wujud), mimiti (qidam), langgeng (baqa), nangtung sorangan (qiyamuhu binafsihi - tingali eddy nugraha “lingga kabuyutan jeung sirotol mustaqim/nangtung sorangan”), beda jeung nu anyar (mukhlafah lil hawadis), wahdaniat (hiji).

Sok atuh... lalanyah diajar kawas kitu.... Pan saur Sang Sri Uswatun Hasanah tedak quraysh ge... “akhlak maneh sing kawas akhlak Allah”

Bisa wanoh kanu 6 diluhur teh kudu bisa wani daek nyaho jeung hirup (keneh). Jeung engke Maneh nu nandangan: nu daekna nu wanina nu bisana nu nyahona nu hirupna.

Hirup (hayat) jeung (hayan) nu hirupna, Bisa (qudrat) jeung (qadiran) nu bisana, Daek (iradat) jeung (muridan) nu daekna, nyaho (ilmu) jeung (aliman) nu nyahona....atuh diajar tandang kudu sagala ku sorangan di sorangan… lain euceuk lain cenah.

Ngucap (kalam) jeung (mutakaliman) nu ngucapna tapi teu make sungut.... atuh diajar nyarita teu ku sungut.

Ningal (basar) jeung (basiran) nu ningalina tapi teu make mata.... atuh diajar ningali teu kumata.

Denge (sama) jeung (samian) nu ngadenge tapi teu make ceuli... atuh diajar ngadenge teu ku ceuli.

Teori na mah loba tinggal leukeun daraek PRAKna...diantarana aya nu boga pamanggih:

cenah, kudu asup tareqat..tong sareat wae.... (kade loba nu ‘kabodokeun’ ku guruna, kasiksa/kapager ku ‘labelling’ brotherhood tarekat/ sareat jeung golongan/aliran, komo kana tareqat nu sok ninggalkeun sareat),...

cenah, kudu ngaliwatan tobat, zuhud, wara, faqir, sabar, tawakal rido ikhlas (kade ulah lieur ku metoda)... jrrd cenah pamanggih jelema...klise lamun dituluy keun.

Ari gampangna mah:

Prak teangan Ajarna ulama ahli waris nabi nu pangkatna satmata nu bisa ngajarkeun nyarita teu ku sungut, ningali teu ku mata, ngadenge teu kuceuli, hirup teu bari ngarenghap. Nungtun kawani kabisa kadaek jeung kanyaho nu aya di sorangan.

Tah engkena... tara kaeuweuhan da aya wujud maujud tara neangan nu euweuh, langgeng baqa da mapay nu jadi mimiti maneh (qiyam) memeh awang-awang uwung-uwung, nangtung sorangan bi nafsih, beda jeung batur-batur nu anyar nu pandeuri (mukhalafah lil hawadis).

Gulung gumulung...sagulung sagalang...meureun teu kudu kararagok..da jeung sobat dalit. Sab geus sakabeuki sakanyaho sakadaek sakabisa sakawani.

Tah engkena ...ieu nu disebutkeun ku teori-teori katasawufan.... JADI.

VII

kasus Gulung dina Patekadan Lemah Abang

Di imah sorangan

henang hening di imah sorangan,
lugina tiis ceuli herang mata,
madep bait sorangan.

paingan
nu mulya baheula
nu madep ka bait batur
sanajan kongas
tempat madep windu-windu

dipiwarang na teh
malik ka bait sorangan
tempat kiblatna...

da saalusna ge
nu aya di batur
moal sangeunah nu sorangan

Balik

heubeul jauh ti lembur..
ari balik geus euweuh nu wawuh.

batur nu baheula
geus areuweuh
aya ge babaturan anyar.

lembur jamak baheula urut ulin
geus sirna karobah jaman.

paingan...

Ari balik

lain ka tanah ukur
da geus jadi bandung

lain ka galuh
da geus jadi ciamis

Tapi..
ka bali geusan ngajadi...
nyatana lembur dewek mah ...

bali nu tuluy kababawa
jadi dangdanan nyawa raga
nu mekelan nu maturan.

Alhamdulillah.

Shalat Jum'at

sugan teh..
shalat juma'at ukur sareat pijalaneun....

sihoreng...
tanggara euy...

daek keneh gening akur jeung batur
ninggalkeun dudunya saheulaaneun...

neangan rido nu ngamurbeng.

shahadatullah,
shalawatullah,
hakekatullah,
kalimatullah...

kapurba bari murbawisesa ongkoh.

rebu rebu nuhun sun...

salamualaikum.

Hanjuang di kutamaya.



Hanjuang di kutamaya
Tilas pamuk sumedang larang.

Cenah ge:
Kunaon raja bet cidra
kalahka nilar nagara.
Kunaon raja teu pangger
sakitu hanjuang seger.

Nya tidinya,....
pacaduan ulah ulun ka menak.

Ayeuna?,....
Jaman sunda tandang
ulah ngaula ka menak bisi jadi kekesed.
Jaradi menak euy
tapi nu teu cidra jeung pangger.

Lamun pareng ulun
ulah ka saurang geusana
tapi kudu somah
lemah cai
Jeung bebeneran.


Bray sunda Bray caang

Iman...

Iman teh ayeuna mah hartosna percaya,
kawas kecap bule
faith & belief,

janten ...
lamun soal ageman,
saurna..

kudu percaya..
... kudu percaya,
teu ngartos ge percaya we (heula).

Padahal..
saur khatib pangmahal-mahalna ni’mat
nyatana Iman,

Maenya nun barang awis dikudu kudu?

Pangwawadi sepuh mah:

sing caraang hate,
caraang pikir
caraang lampah;

Tapi naha ari ayeuna?
Mangga geura taroskeun rebuan taun kapengker,

iman teh naon nun?

shalawat

Seueur nun..
Nu nuju susundaan alim shalawat;

Saurna, Naa ari luluhur batur didua’keun,
luluhur sorangan diluli luli..

iih jungjunan..
maenya jalmi Mulya
karooh hoyong didu’akeun teras ku nu lagedu.

Tingali sun tina rebuan ayat Mushaff
Muhammad teh ngan aya 4x,

eta gambaran hakekat urang.

Jadi keresa shalawat teh ngundak...
keun darajat awak nyalira.

Urang kumaha nun?
Boa sami, susundaan
tapi teu kahontal sundana.

Laailaahaillallaah.

Laailaahaillallaah.

Sab kabiasaan teu kabeh ditarjamahkeun.

Nafi... Hyang Tuhan Gusti,
Isbat.... Allah.

Loba euy…
sunda nu sok jadi aaraban.

Padahal..
Ibrahim ge El,
Jacob Elohim,
Musa Jahweh.

Malah...

Allahna ge ngengingkeun disebat sanes, asal alus.


No god but God,
Euweuh gusti ngan Gusti,
Teu aya nu disembah iwal ti nu enya pantes disembah.
Sirna hyang nyata Hyang.

Tapi ayeuna mah kami... Allah we pipokkeun teh, saurna.

Naha?
lengkep jeung geus ngeunah

Bandung milangkala

Urang Bandung teh kongas hade ka semah.


Supaya ieu budaya teh terus nanjeur
pakeun ngawangikeun Bandung.

Kudu jelas di Bandung teh
mana semah mana pribumi;

ulah...
semah asup ka DaPuR,
komo...
sina ngatur
DaPuR,
pakarangan,
pabetekan
jeung enggon;

Semah mah cukup..
di kamar tamu jeung ruang tamu.

Mun geus saru....
mana semah mana nu boga imah…

rek kumaha bisa miara eta kahadean?

JODO

Aya 3 hal nu kedah diperhatoskeun
dina nangtoskeun pijodoeun.

Kahji, Bebet (penampilan);
Kadua, Bibit (turunan);
Katilu, Bobot (‘value’, agama, pendidikan jsst).

Namung,...
upami hoyong enggal,

tips& trikna…

Gentos urutanana.

Bobot we tipayun…
pasti nu sanes tos teu kedah diemutan…
Bibit tos kasimpen
bebet da resep;

Ngan kedah sering moyan dugi ka beureum…
bilih dina kaisinan moal katingal…

gampil kan?…

CILAKA....



Sab 4 hal.

BODO, BALANGAH, LALAWORA, POHO.

BODO

Matak ge tong hayang 
‘abdi mah rumaos BODO’,
Heueuh siga nu rerendahan,
eta mah ukur alus na sungut
sabab ari nu enya bodo 

mah sok dibobodo dicilakakeun.
 

Matak ulah hayang jadi jalma bodo
tapi kudu geus teu bodo2 acan 

sok sumawoning pinter;


BALANGAH,..
Tumbal ku tong sering belenyah belenyeh.
Sacukupna we;


LALAWORA,
Paliasna turutan haphap.
Ngendag2 memeh luncat
tetepan aya di nafas;


POHO,
Singlar ku ulah loba ngabeungbeurat maneh
ubarna ku tumarima.

wayahnaan

Wayah kieu masih keneh nanaroskeun wayah?
wayah urang iraha?
naha teu can keneh dugi ka wayahna?

Emh..,
sigana tos wayahna urang nengetan deui lengkah,
boa tibabaradug..
sab lumampah sanes dina wayahna;

komo urang teh tos sanes kedah apal
tapi tos wayahna wayahnaan;

Muji sukur nampi nuhun unggal wayah,

da...

sadaya ge teu sagawayah

tapi

sawayahna sawayahna;

sok sanaos moal saban wayah anu urang.

Allahu Akbar 3x
walillah ilhamd.

Jaya Ngarungkaengan?

Sakitu hujan teu eureun,
kahayang budak teh teu pareum
terus hurung murbawisesa.

Ari aing,..
geus diajam tianggalna ge ku hujan teh pugag;

Huleeng..

Aeh…naa babarian?
naa ieu teh cirining geus kurang bahan pakeun ngajadi?
Seuneu kahayang mareuman?

padahal Angin nafas henteu eureun,
Cai getih henteu saat,
Jagat badan henteu surud;

BOA.. jaya rek ngarungkaengan?

sanajan dina biwir mah ngangles
..nanaonan jang ka tiris tiris.