MURBAWISESA di sorangan


Cenah ge, 
Hayang nyaho kaalusan hiji jalma 
Tanyakeun ka balad ka baturna, 
Hayang nyaho kagorenganana 
Tanyakeun ka musuhna. 

Kitu oge ngeunaan maneh ku batur batur 
Alus goreng teh kumaha karesep kangewa nu ngukurna. 
Matak ingkeun bae, Ngewaeun ngadagleg di manehna 
Resepeun ngeunah di manehna; 

Ngeunah luginana keur samaneheun 
Kudu bisa murbawisesa sorangan 
Merad di kamutlakan 
Samutlakna samutlakna 
Kongas kasebut manjing ratu agung raja wisesa di sorangan. 

Poma ulah hayang di batur, 
Cumah, .......
Ukur kacape cape 
Sab Moal beunang pisan Moal ucul pisan.

TUMARIMA dina langit leungit euweuh

Taun  taun ngajalujur langit udageun 
Ku kahayang kadaek kaembung, 
Windu windu  ngajarumat jagat nu kasorang 
Ku panarima suka jeung henteu. 

Dina langit leungit euweuh 
Suwung pakeun jadi harepan, 
Dina jagat panas poek tiis eungap 
Taya kamarasan pakeun ngaub. 

Ku perbawa perbuka 
Gening kapanggih, 

Bentang bulan cangra ti peuting 
Surya mubyar ti beurang teh,
Bawana kahayang panarima. 
Nyatana, ...
kahayang nu tumarima. 

BRAY!

Surat Wanci Haneut Moyan dina Dangdanggula

Sagala puji kagungan gusti, Nu ngaraksa ngariksa saniskara, Nu nyaah asihna temen, Murba balitung tangtung,
Nya mung ka gusti abdi ngabdi, Miwah neda tulungna, Tuduhkeun kulanun, Jalan lempeng kenging ni’mat, Sanes jalan anu sasab sasar diri, Tur danget kabenduan.

1. PANGANTEUR

Cenah ge, Ieu surat  ngajantenkeun Sang Al Amin takbir,  sabab tos lami teu murti wahyu dugikeun ka dienye batur batur “ tah ayeuna mah euy….. gening geus ditinggalkeun gustina’. padahal ukur can parengna sab gening tara kendat diauban dituduhkeun dicekapan ti samemeh memeh ( 6-8).

Keur urang mah ayeuna kudu tibalik: kudu heula atawa sing daek heula lampah nu 3 ameh meunang ngalaman nu 3 deui. Naha? bisi urang mah pareng yatim (kabeh ge bakal yatim) ngarasa euweuh nu ngauban, pareng poek asa euweuh nu nuduhkeun, pareng butuh asa euweuh nu nyukupan. Batur ukur nepi ka moyok ukur nepi ka karunya. Nya lampah nu 3 diahir surat keur jadi tumbalna keur jadi palakiahna.

Nu 3 ieu teh dilembur mah enya enya jadi target atikan /itikad/angen angen/du’a kolot kolot keur barudakna harayang pisan bisa ningal barudakna teu sakama kama sakawenang wenang ka jalma susah (yatim); tara sengit keras lampah laku kanu butuh tulung-menta tulung ka manehna. Jeung bisa nembrakeun ni’mat nu aya dimanehna sorangan ka batur batur jeung ka dirina sorangan. Ari ni’mat teh pan ‘nambah’ nya nambahna kudu nepikeun ka nembrak meh puguh sykuranana da enya sykuraneun. Hartina harayangeun/ngarestokeun pisan supaya barudakna barisa daraek nulung kanu butuh nalang kanu susah nuduhkeun ka saluhureun nungtun kasahandapeun nyaangan kanu poekeun babarengan jeung sasama bakti diri ka nu maha suci. Nu dipamrih supaya engke karasaeun ku/dimana maranehna geus yatim, boga kapoek boga kabutuh teh bakal aya tulungna ti gustina sorangan nu teu weleh ngabaturan najan henteu ti baturna.

Matak nyareatanana kolot kolot wijaksana di lembur mah: ngolo budak sing daraek shalat dhuha ti leuleutik kolot mah tinggal memener shalat isyana. Naha? cenah ge geus kagok ongkoh kolot can wareg ku ngeunahna dhuha wanci gumebyarna langit kumaha merenahkeun maneh sanggeus isya dina wanci sepi jempling henang hening. Pikiraneun keur nu enya enya dina ngudag hakekat yatim meh wanoh ka kamuhammadan dina amprok jeung nu ngadangdanggula sanggeus wareg napakan asmarandana.

2. SURAT DHUHA (dina Dangdanggula)

Nyalindung ka maha agung, maha mulya maha suci, Allah nu maha uninga, tina poek sasar diri, alatan gogoda setan, nu nyiruruk nyiriwuri.
Kalawan asma Hyang Agung, marengan lampah sayakti, nu janten marga lantaran, sadaya usik ngajadi, nyaah asih taya kendat, nganteur mahluk nu kumelip.

1.Wad dhuhaa  2. Wal laili idzaa sajjaa  3. Maa wadda aka rabbuka wa maa qalaa  4. Wa lal aakhiratu khairul laka minal uulaa  5. Wa la saufa yu’tiika rabbuka fa tardhaa

Demi mangsa gumebyarna langit
Wanci haneut moyan saniskara
Jeung peuting nalika simpe
Teu pisan ngantep nundung
Pangeran anjeun teh ka diri
Sok sumawona ngewa
Sab diahir timu
Leuwih alus batan mula
Tur pangeran bakal masihan ka diri
Tug awak teh sugema

6. Alam yazidka yatiiman fa aawaa  7. Wa wazadaka dhaallan fa hadaa 8. Wa wazadaka aailan fa agnaa

Lain kapareng anjeun teh yatim
Nya mantena nu nangtayungana
Ngauban awak sakabeh
Tur dina pareng  bingung
Samar lampah geusan ngajadi
Mantena nu nyaangan
Nuduhkeun tangtung
Jeung  keur pareng kakurangan
Nya mantena sasaka tanggeuhan diri
Nu nedunan nyukupan

9. Fa ammal yatiima falaa taqhar 10. Wa amma saaila falaa tanhar 11. Wa ammaa bi ni’mati rabbika fa haddits.

Kusabab eta  ka jalma yatim
Poma tong lampah sakama kama
Sakawenang wenang  dewek
Tur kanu butuh tulung
Mementa ti awak pangasih
Tong  mere keras
Sengit lampah laku
Jeung kana ni’mat pangeran
Nu dipasihkeun geusan diri murti ngajadi
Tembrakeun tong pegat

Marebutkeun bener

Tangtu biasana jeung lumrahna malah geus kuduna kitu
Salila benerna ngan saukur keur sorangan sorangana.

Jadi ulah aneh ulah embung
Da engke lamun benerna geus keur sakabehna mah,
Tangtu cicing cicing moal sieun direbut
Moal kudu diparebutkeun moal marebutkeun
Da naon lebarkeuneunana kabeh pada boga pada sarua.

Tingali we nu geus pada pada ngarasa sa-bener
Jongjon marake babarengan.
Mun henteu mah moal eureun eureun moal repeh repeh.

Matak hayu euy sing tapis urang bebener benerna teh
Meh kaharti karasa kabukti ku urang urang yen enya gening
Eta teh bener!

BRAY.

SABAR

Cenah ge .....
Mun meunang kasenangan lumrahna nganggap geus dimulyakeun diganjar dirahmat jrrd jrrd,
Mun meunang kasusahan ganggap keur dicoba dihukuman asa teu diasih diteungteuinganan jrrd jrrd,

Komo mun senang/susahna tutuluyan.

Ngan nyaeta, nu dipamrih saenyana lain obah obah ning pangrasa nganggap kitu nganggap kieu asa dikitu asa dikieu pedah susah pedah senang. Tapi kudu sabar (kuat/wekel). Boh keur senang boh keur susah. Sabar ku susah sabar ku senang.

Jeung deui ari ku susah kudu sabar mah geus puguh,
Ngan utama pisan upama bisa sabar wekel ku senang.

BRAY

AJENGAN, HAYU URANG MUNJUNG ! JEUNG HUCUHKEUN KA SUNDA KABEH SUPAYA MARUNJUNG ENYA-ENYA!


Tina Sunda Nu Jaya Keur Jaya Na Sunda:


Panganteur Ulikan

I

Ku lajuna jaman, urang loba pisan ngalaman robahna pajamanan tur robah-robahana kayakinan jeung payakinan nu ngeusianana. Pangarti jelema-jelema khususna nu sok disarebut nyakola atawa parinter oge robah-robah.

Salah sahijina geus pernah ditepikeun di ieu rohangan nyaeta ngeunaan harti Sunda. Kamus-kamus tur buku-buku robah-robah ngahartikeun entri kecap sunda. Malah, misalna wae, Ensiklopedi sunda wae nu ngaku jadi “ensiklopedi” teu urung ngan nyebutkeun sunda teh saukur dina ‘level’ suku, basa katut nagara mungkul teu noel saeutik oge kana falsafahna, jrrd…jrrd.

Kitu deui oge ngeunaan Munjung (Muja atawa Muhit).
Dijalma rea, Kecap :

Munjung pasti boga rasa’ kecap nu goreng,……arang jelema nyambungkeun jeung kecap munjungan….naha eta mah (munjungan) dihartikeun na teh alus???

Muja,…. ieu kecap jadi boga ‘rasa’ kecap goreng malah tempat muja (pamujaan) oge jadi boga warna rasa
goreng…padahal pupujaan hate mah alus lin?

Muhit umumna goreng…. “Wah jang kumaha muhithna jelema mah muhithna ka maung jadi maung, muhitna ka dunya meunang dunya” padahal dina qur’an aya kecap Allahu ‘ala qulli syaiin muhit….kumaha lamun muhit ka Allah? He..he.. teu adil na tara disebut muhith (da muhith geus boga nilai rasa nu goreng).

Padahal nu sok muhit teh Allah, lin?? wallahu 'ala kulli syaiin muhith.

Tah pamanggih nu disarebut palinter ge sarua beda-beda:

Nurutkeun kamus R. Sacadibrata munjung sarua jeung muja, Ari dina Kamus LBSS Muja hartina ngagungkeun, Munjung muja lantaran hayang beunghar jste ku jalan kotor.

Ensiklopedi Sunda, ieu tim redaksi milih nyandak harti kecap munjung “menjunjung tinggi orang tua karena rasa hormat” (nilai rasa kecap hade). Dina entri hiji deui maksud kecap munjung nu lain, diteumbleuhkeun kana buku yasana Moh Ambri –jadi lain ceuk nunyusun ensiklopedi- nu nyarioskeun munjung hiji pagawean
goreng nu aya di masarakat sunda nu aya hubungana jeung hayang beunghar menta bantuan siluman-sileman.

Naha bet kitu? Naha nu parinter the beda-beda? Ah eta mah urang bikeun ka ahli basa we… kumaha sabenerna. Ieu bahasan mah ngeunaan kayakinan, payakinan jeung kamampuh. Kumaha eta muhit ka maung munjung ka bagong muja ka buaya jeung ka sato-sato lianna teh enyana jeung naha bet wani ngajak ka ajengan sagala???

Malah pan aya wejangan jalma bijaksana nu kieu saurna “jang ulah munjung ka gunung ulah muja ka sagara, tapi munjung kudu ka indung muja kudu ka bapa…(malah mah keur jalma nu ngulik ditambahan ku )...”jang kudu (munjung) tepi ka indung nu teu muguran (muja tepi ka) bapa nu teu ngarangrangan [pernah manggihan nu kitu kitu? Cik dimana Ayana?]”.



II. Munjung ka sato


Ku deukeutna kahirupan urang sunda baheula jeung
kahirupan sabudeureuna kayaning jeung sato margasatwa
nepikeun ka :

(1) loba ajaran tur sesebutan ngeunaan hiji hal/ngaran
nu di tepikeun loba nu make lambang sato supaya bisa
gampang kahartieun kunu narima, misalna bae:

Dina kadugalan:
sima maung, sima welang, Gerakan Pamonyet, pamacan,
belut putih, jrrd.

Dina cara neangan/ngumpulkeun rajakaya:
Kawas bagong, kawas ula (oray), kawas monyet jrrd

Dina kalakuan:

kawas jogjog mondok, kawas bueukmeunang mabuk, Leumpang lir maung teunangan, Ngahudangkeun
macan turu, (jawara nu siap nyanghareupan) maung  ngamuk gajah meta.. jrrd

Dina sopan santun jeung tarapti diri;
Kudu Tata (tatanan), titi (titinggi), duduga (uncal
jalu), prayoga (hap-hap)

Dina gelar:
Sweta Liman Sakti, Tajimalela, Badak pamalang, Kidang
pananjung, Gagak lumayung, Singaperbangsa jrrd

(2) Aya oge nu sabab nyilibkeun hiji kajadian ‘satire’ penting nu kaalaman ku luluhur supaya bisa kaharti ku
jalma-jalma budiman wungkul, ari ka jalma-jalma ‘bodo’ mah ‘dipiharep’ bakal dianggap sakadar dongeng ubar tunduh jadi moal aya nu ngarasa ‘dinyerikeun tur diuar-uar’, urang caritakeun salah sahiji conto nu kadua
dina carita sangkuriang:


Sangkuriang: hiji jalma nu bapana Anjing indungna Bagong.

Jalma umum mah geus teu bireuk deui kana Sangkuriang nu jadi carita. Malah pernah rame nyebutkeun yen
urang sunda cenah turunan anjing jeung bagong.

Ari maksud nu saenyana mah, nu kapanggih, kieu:

Baheula aya raja sunda nu hiji waktu ‘safari’ ka kampung-kampung. Hiji waktos anjeuna kaleresan
mendakan wanoja donto matak pantes dikias keun bagong (bagong oge sato leuweung nu dagingna ngeunah pisan –kalandepan jaman harita – ayeuna ge loba keneh nu moro bagong keur jadi daharan mahal pikeun nu beuki umumna urang tionghoa). Nya dasar raja sagala kenging. Teras weh ‘kiih’na di inum ‘bagong’ (saresmi). Gaduh putra istri geulis kasebat Dayang Sumbi.

Sanaos ahirna dicandak ka karaton diangkat janten putra, ieu putri teh ngaraos prihatin margi sanes putra ti menak - putra selir ti kalangan cacah- dugikeun ka dilingkungan karaton ge ‘kaasingkeun’seueur ‘kapoyok’. Ku papada putra sa Bapa ti istri-istri raja sareng kalangan karaton sok dibentenkeun, da umumna mah sanaos ti selir tapi paling henteu istri raja mah kedah ti putri raja daerah atanapi raja bawahan/patalukan.

Nya sadidinten gaduh ‘realm’ (pagawean umumna jaman harita keur awewe ninun) nyalira tara seueur ngumpul jeung kalangan karaton. Dibaturan ku para pangawal sareng emban wungkul. Diantara pangawal teh aya nu satia (silibna anjing sato nu satia kadunungana). Nya diantawis eta dua jalmi papada ‘akrab’ tur lungsur
asih, sanaos teu tiasa nembrak sabab benten pangkat.

Dugikeun ka dina hiji waktos gaduh kasesah nu nulungan teh teu aya deui iwal ti eta pangawal. Ahirna saparantos ngaraos linggih di karaton ge di’bentenkeun’ ku papada, nu karaos asih haat nulung sadidinten mung eta pangawalna nya terasnamah mutuskeun anjeun nikah sareng pangawal ngantunkeun karaton.

Sok sanaos kaputusan anjeuna ‘mahiwal’ nikah sareng pangawal, bari asalna oge putra raja mahiwal margi ti
‘cacah’, ku raja tetep dina ngantunkeun karaton teh dititipkeun di hiji mandala (patapaan) da gaduh
pangkat putri raja….di eta mandala mah Dayang Sumbi

kenging panghormat somah nu nyugemakeun….terasna mah hiji waktos putrana ge kakoncara gaduh gelar Sang Guriang lain sangkuriang (Guriang hartosna patapa lalaki, lamun awewe ngarana Indang = kongas istrina
Wong Agung Cirebon Pangeran Cakrabuana ti gunung marapi jenengan nu kawarti Nyi Indang geulis = patapa istri nu geulis) nu matih mampuh nepi ka ngawasa karaton…

.. jeung satuluyna (dina bab ulikan mepeg Sanghyang

Tikoro).

Catetan didieumah nyatana, anjing silib jalma satia,
bagong silib jalma cacah kampung tapi dipikabogoh
menak da ngeunah.
Urang balik deui ka no 1. nu jadi poko dina ieu carita:


Dina ulikan sunda nu penting kumaha carana supaya JADI
jalma satia, supaya JADI jalma alus sanajan lingkungan
goreng. Kumaha JADI bisa nyakar kawas macan bari
leungeun angger kawas ramo jelema. Kumaha beungeut
angger beungeut jelema tapi JADI boga ‘aura’ kawas
sorot na macan (lamun peru) jrrd. Aya oge nu
nepikeun ka kumaha supaya awak-awakan bisa robah JADI
macan. Kumaha supaya bisa JADI mampuh neangan rijki
nu jadi parijkian. Kumaha supaya JADI kawas tata kawas
titi kawas duduga siga peryoga. Lain kaasup jeung
ulah nepi ka kawas jalma nu nyaritakeun ajaran bari
teu bisa migawena.

Dina neuleuman supaya bisa kawas diluhur ‘apresiasi’
diperlukeun. Apresiasi kana hiji hal bisa dipigawe
lamun aya sikep munjung (ngahargaan)…museurkeun ku
puja (muja) ..…supaya bijil sari..katelah puja sari….

Kumaha carana? Jeung naha kadieunakeun jadi aya elmu
ambatan?…malah nyampur jeung urusan nyembah dedemit?


bagian saterasna urang kintunkeun upami pareng