TAPA: SUMANGET KAUM AHNAF KEUR JAYANA SUNDA (2)

III

Naha perlu kitu tapa di nu singkur di jaman ayeuna ??


Nyingkurkeun maneh sawatara waktu saperti nu dipigawe
ku kaum Ahnaf jeung sajumlah jalma-jalma utama didunya
saperti nu katulis diluhur (tapa di mandala) dipigawe
dina upaya mitembeyan keur neangan
‘caang/tuduh/enlighting/hidayah’ bekel aranjeuna
pikeun babakti di masarakatna (tapa dinagara).

Kajadian nu kaalaman harita ku jalma-jalma rea tiap
jaman dimana eta jalma-jalma utama jumeneng
mangrupakeun kaayaan ‘problematik’, jaman poek, jaman
jahilliyah, jaman barodo (dina harti sok pinter tapi
kabalinger – sok ngaenya-enya nu lain ngalain-lain nu
enya), jaman bangsana loba jadi kekesed dina sagala
widang, jaman teu adil, jaman durgala, jaman kedeseh.
(ari nagri sunda jeung pangeusina keur jaman naon
ayeuna?)

Contona bae:
(1) Jaman Sri Krishna, nagara dikawasa deungeun/kangsa
dewa bari dulur-dulur/kolot Narayana aya dina berokan
agresor. Nya lolos ka leuweung nyingkurkeun maneh
kumereb ka Wisnu rabbul alamin. hiji waktu balik deui
ngelehkeun Kangsa bari boga lopian, kongas wijaksana
jadi panasehat pandawa dina perang wangsa Bharata
jeung gaduh dangiang kesawa.
(2) Jaman pangeran Sidharta, di jero istana subur
makmur, ari diluar masrakat loba nu susah, kareuna
panyakit, perang jeung rupa-rupa ka teungeunahan jeung
kateuadilan padahal pandita balatak, pangeran loba,
nagara jeneng. Lami nyingkurkeun maneh ujlah jeung
sajatining jati nu billa haefin billa makanin, matakna
kenging Ar-Rasyid kawijaksanaan Budhi. Tos kitu mah
bekel kawijaksanan eta dianggo ngomean nagara tur
masarakat sadunya.
(3) Jaman Musa, kumereb di nagara janten pangeran anom
suka senang suka betah, lami-lami apal bangsana di
kawasa bapa angkat, selerna di paraehan lalakina
diarantep awewena, oge kantos dhalim maehan
batur/kalepatan. Teras kabur numpi di dedengkot kan’an
Syuaeb as. Teras nyingkur ka lengkob Thuwa, ditambih
nyingkur ka Thursina ujlah sareng yahweh. Nya hasilna
dianggo ngabebaskeun bangsana kasinugrahan janten
Kalamna Yahweh.

Di sunda, diantarana:
(4) Kongas Sang Hyang dharmasiksa, memeh janten Raja
Sunda. anjeuna nyingkur ujlah sareng nu Galuhna Agung
ngagalunggung di kabuyutan Galunggung. Hasilna tiasa
ngadamel patikrama Siksakandang ing karesian, teras
weh nembe ka peto jadi Raja Sunda (mugi-mugi nyambung
sareng seratan Tapana Kang Oman, Asalamualaika..sun!).
Kongas diantarana nya anjeuna nu mutus supata turun
manurun empu Gandring keur raja jawa dina kerisna,
sabab ditelasan Ken Arok, nya ngadeg Majapahit.
Wewejangna kaanggo ku sakabeh raja-raja di tatar sunda
malah jadi cikal bakal ngahijina nagara sanusantara
nu ditaratas ku putuna kuanjeun Rakyan Wijaya.
(5) Pangeran Walangsungsang, nyingkur ka Marapi sabab
benten kayakinan ngeunaan ageman. Lami-lami ieu Sri
Cakrabuana wong agung cirebon teh kenging tuduh kangge
naratas ngabedah jati purwa cukup ku golok cabang nu
aya tulisan sahadat, nya jadi cikal bakal nagara islam
di tatar sunda.
(6) Oge tengetan kumaha wedalan Galuh Tajimalela
ngabedah sumedang; tingali Wiratanu ngabedah Cianjur;
kumaha ketak Sutawijaya ti mataram, akina Sultan Agung
nu ngajadikeun sunda patalukan, di basisir laut kidul;
jeung loba-loba deui loba-loba deui nu teu alus
didongengkeun kabeh sabab kitu keneh-kitu keneh
polana, kacape-cape ngabudah.
----
Eta kabeh conto di luhur ngarupakeun pagawean
‘inovator’, pelopor’, ‘inventor’, ‘pembebas’, tuturus,
gunung pananggeuhan jalma rea nu harita barutuh
tulung.


IV

Naha bet karitu heula?

Sakali deui eta para inovator, pelopor, inventor,
pembebas, tuturus, gunung pananggeuhan jalma rea
diluhur, saencan migawe tapa di nagara/di jalma loba
teh nyingkur heula. Saenggeus hasil karek turun deui
/asup deui/balik deui bari make eta hasil keur ngomean
jalma bangsana.

Nyatana nyingkurkeun maneh teh, bisa jadi,

Hiji upaya pikeun ngaleupaskeun maneh (heula) tina
pangaruh nu geus aya di lingkungan alam masarakat
jeung saniskara nu biasa aya. Lamun geus aya di luar
sistem biasana leuwih gampang, eces, ningali naon-naon
alus/gorengna kajadian di jero sistem, leuwih gampang
mikiran sabab teu kagugulung ku sistem/pola pikir nu
aya sapopoe.

Atawa,….
Kujalan ninggalkeun (heula) tina pangaruh nu sapopoe
aya, bisa leuwih khusu mikiran hiji hal sabab nyingkur
teu rea kaganggu.

Atawa,…

Kujalan ngaleupaskeun maneh (heula) tinu pangaruh nu
geus aya/diluar sistem paling henteu jadi boga tilikan
nu beda, nu lamun bari kapasihan hidayah ti nu murbeng
alam mah nya jadi boga ‘sulthonal nashira’ nu leuwih
bener jeung enya, leuwih kapake ku jalma rea, ngomean
dunya nanjeurkeun dangiang jaman.

Atawa,….

Kujalan ninggalkeun heula pangaruh nu sapopoe aya dinu
nyingkur, uteuk jeung jiwa na teu kabeungbeuratan
terus, memory bisa cukup deui teu beurat lir ibarat di
‘restart’. Ahirna jadi teu pakujut pikeun
narima/pagawean urusan lain.

Memeh leuwih jero neuleuman cara nyingkurkeun maneh
kaum ahnaf ieu, kayaning kamana madep jeung naon bae
pacambalana, urang tengetan heula conto-conto
leutikna:

Saenyana kabiasaan nyingkurkeun maneh ti ‘jalma
rea/pikiran jamak’ nu jadi
’masyarakatna/lingkunganana’ dina sawatara waktu teh
mangrupakeun hiji kabutuh jeung kabiasaan jalma modern
dina kahirupan sapopoe.

(1) Sakabeh jalma ayeuna aya dina rutinitas pagawean
sapopoe. Supaya bisa terus kuat jeung sehat teh dibere
waktu libur ninggalkeun pagaweanana. Poe libur
‘kaluar/nyingkur’ ti ‘masyarakatna/pagaweanana’
supaya bisa ‘rest’ jeung ‘refresh’, nu ku kitu teh
lamun bener migawena kakuatan tur kasehatan jeung
sumanget na ningkat atawa paling henteu timbul deui.
Nu teu bener ‘nyingkurna’ tina ‘suasana pagawean’ dina
poe sabtu/mingu, senenna sok masih cararape haroream
gawe kongas aya omongan “I hate Monday”.
(2) Ayeuna, keur urang kantor loba program ‘outbond’.
Ieu dilakukeun pikeun diantarana ningkatkeun gawe
bareng, refreshing jeung ngalatih kaahlian mutus
pasualana dina waktu nu samporet. Outbond ieu nyaeta
tea ninggalkeun rutinitasna biasa di kantor sawatara
waktu nyungsi ka tempat lain nu beda kayaning
pileuweungan/pagunungan. Lamun bener program jeung
ngiluanana dina balikna teh kabukti aya hasilna
ningkatkeun kamampuh pagawe di lingkungan tempat
gawena engke.
(3) Dilingkungan kampus, di luar nagri para lecturers
sok dibere waktu ninggalkeun ‘kampusna’
(masarakatna)/’sabbatical live’ sawatara waktu. Supaya
dina balikna deui teh aya karyana nu bisa ‘publish’
sabab lamun henteu diputus ‘perish’. Kitu teh sabab
kapanggih kunu palinter yen dimana dibere waktu
sabbatical ti lingkungan rutinitasna kamampuh
‘inner’na bisa ‘optimal’ jeung leuwih produktif dina
ideu timanan terus ngagugulung jeung kagugulung
‘urusan’ di lingkunganana.

Tapi naon bedana cara nyingkurna “Kaum Ahnaf” ??

Urang teraskeun upami pareng.

TAPA: SUMANGET KAUM AHNAF KEUR JAYANA SUNDA

Eddy Nugraha

Panganteur

I

Saha Kaum Ahnaf teh jeung naon ketakna?
Kaum Ahnaf teh sesebutan keur jalma-jalma jaman
baheula di Mekah nu nuluykeun ajaran Sang Hanif
Halilullah Ibrahim as. Ceuk cenah (tina sajarah) ieu
jalma-jalma nu harita kaasup kaum minoritas di Mekah
teh sok resep nyingkurkeun maneh ka gunung-gunung, ka
guha-guha, ka tegal-tegal keusik jeung ka
tempat-tempat lain nu jauh ti jalma rea (masarakat
Mekah jaman jahiliyyah harita) pikeun neangan
‘tuduh/caang/enlighting/pencerahan’ ti nu Murbeng
alam, di sunda mah sok disebut tatapa atawa nyepi.
Sang al Amin Sayyidina Muhammad kakocapkeun nuju anom
keneh sateuacan janten Nabi mangrupikeun salah sawios
diantawis kaum Ahnaf, mantenna sok resep nyingkur
khalwat di guha Hira nu aya di luhur gunung. Malih
saatos janten kaNabianana ge, ieu hataman nabiyyin teh
disebatkeun ku Allah dina Qur’an leres leres Millatu
Ibrahim (kaum Ahnaf).

Harita jaman kaum Ahnaf ieu kasebut, tanah Mekah jeung
Arab umumna disebut aya dina jaman jahilliyah (poek).
Kajahiliyahan ieu seuweu Semit (turunan putra Kahiji
Nuh as) teh lain pedah masih frimitif tapi malah
ekonomi jeung budayana kasebut maju tur geus
‘kompleks’. Mekah ngarupakeun puser agama/ekonomi keur
urang Arab. Sabab Kahiji, ngarupakeun tempat ayana
Ka’bah sesa-sesa ajaran tauhid Ibrahim as nu diaku ku
Yahudi jeung Nasrani. Ka dua, di Mekah aya Hajar
Aswad (batu hideung) nu jadi pusat ibadah batu bangsa
Arab Pagan, jeung umumna seuweu siwi Semit, nu percaya
yen guha-guha atawa batu-batu dianggap suci jeung boga
kakuatan atawa barakah, Sayidina Muhammad ge cenah sok
kersa nyiuman batu hideung eta. Sanajan kitu, ieu
bangsa Quraish harita dikepung ku pangaruh
bangsa-bangsa Ajam non-Arab sabudeureunna nu leuwih
maju/modern boh agama (Yahudi, Nasrani) boh
budaya/politikna (Romawi ti kulon jeung Persia ti
wetan).

Di Jaman Jahilliyyah (poek) euweuh cahara ieu, (1)
tatar Arab nu subur kayaning Yaman dikawasa ku bangsa
deungeun (Persia); (2) Budaya anyar nu asup ka
jazirah Arab ngarupakeun budaya individualisme nu
ngarusak tradisi komunal. (3) Urang Mekah leuwih agul
ka nu aya di deungeun-deungeun; loba saudagar/ urang
Mekah nu geus ulin ka luar nagri kayaning ka Thaif,
Suriah jeung Irak sok leuwih muji bangsa deungeun;
dina baralikna teh sok agul nyararitakeun dongeng
dongeng aheng ngeunaan leuwih majuna adab bangsa
deungeun ti bangsana sorangan. (4) Muru’ah atawa
aturan nu geus heubeul di Mekah aya jadi teu saluyu
deui jeung kabutuh + kahayang maranehna, bari
pacengkadan antara maranehna terus terusan aya (Perang
antar suku). (5) Urang Arab jeung sabangsa seuweuna
loba teu alakur, nu dina seuh-seuhanana
marentingkeun/ngaheulakeun dulur jeung baladna
sorangan (kasukuan). (6) Dulur bangsana loba nu jadi
budak ku bangsana keneh, ari Semah (pendatang, yahudi)
meunang tempat nu leuwih ngeunah/mulya (tingal di
Yathrib memeh Sayidina Muhammad sumping). (7) Sasama
bangsa sering rebutan cai jeung tempat cicing di
sagara keusik, jrrd nu Hal kitu teh bari (8)
ditambah-tambah ku mahabuna pamusyrikan dina kayakinan
tur payakinan masarakatna.

Untungna kaayaan Jahiliyyah di Mekah kasuaikeun ku
hasil padamelan salah saurang kaum Ahnaf nu jenengan
Muhammad. Tina hasil sering nyingkurkeun maneh
tatapa/nyepi di guha, Sang Al Amin Muhammad saw hiji
waktos kasinugrahan, kapasihan tuduh disarengan
kamampuh pikeun ngomean akhlak umat ningkatkeun
dangiang Nagri. Hasilna geus pada terang sadunya yen
dina waktu ngan 23 taun eta hasil tatapa di mandala
Hira teh hasil ditapakeun di masarakatna (tapa
dinagara). Ku kitu teh ngajadikeun jalma-jalma
jaratnika bangsa-bangsa ajam didunya kaasup di sunda
kabitaeun, anut nurut nuturkeun hasil tina tatapa Sang
Mursalin (agama Islam) di mandala hira, bari oge
nyebarkeun agemanna ka seler bangsana, atuh dangiang
Sang rahmatan lil alamin langkung-langkung kawangikeun
ampir ka sakuliah dunya tug dugi ka ayeuna.

Ari nu lain osok migawe tapa kawas kaum Ahnaf?


II

Tatapa nyingkurkeun maneh dipilampah ku loba-loba
jalma utama

Kabiasaan tatapa Sayidina Muhammad ieu saenyana lain
kabiasaan kaum Ahnaf mekah mungkul, Sateuacan jeung
saatos Muhammad, sakabeh nabi-nabi bangsa Semit seuweu
Isra-El (yaqub) ge maridamel tatapa nyingkurkeun maneh
ti jalma rea dina sawatara waktu (Bible), diantarana
nu di dongengkeun rada loba dina qur’an nya ngeunaan,
Khidir as, Sang Kalamulah Musa as, Zakaria as miwah
Sang Rukhullah Isa as. Dedengkot Bangsa - bangsa di
beulahan dunya nu lain ge sarua maridamel tapa
nyingkurkeun maneh, sebut wae nu diantara nu
katuliskeun nyaeta Sang Sidarta Gautama, Sri Krishna
Sang Kesawa, Sri Rama Wijaya tedak Ayodya, Harjuna
seuweu Kuru, para wali boh nu di arab boh nu di jawa
malah kongas Sultonul auliya Abdul Qadir ti Zaelan mah
nyingkurkeun maneh na ge 25 warsih di tegal keusik
Irak. Malah Suharto ge cenah tatapa heula nyepi dinu
nyingkur di ‘pertemuan’ dua leuwi memeh jeneng janten
Presiden RI panglamina.

Di sunda khususna, ratusan tahun saatos Sayidina
Muhammad saw midamel tatapa di gua Hira, kabiasaan
mantena the oge ditaluturkeun kayaning arindit ka
kabuyutan sabaraha waktu, numpi di guha anu, di leuwi
anu, digunung anu balik balik lamun geus waktuna.
Sebut wae diantara nu katuliskeun Prabu Kean Santang
Sang Hyang Lumajang di gunung lumajang srg di
timbanganten, Pangeran Walangsungsang Sang Bayanullah
di gunung Merapi, jeung Syech Abdul Muhyi nu mokteng
ing Pamijahan di guha safarwadi, jeung Dalem Wiratanu
teureuh Wangsagoparana di leuwi kihiang. Kabiasaan
kitu ditarurutan the diantarana sabab saencan Islam
diagem ku urang sunda kabiasaan tatapa mah geus
lumbrah, matak aya istilah tapa di mandala
(Siksakandang ing karesian). Malah di jaman Pajajaran
ieu tempat - tempat tapa the dijaga di auban ku
Raja/pamarentah kawas katingali dina sababaraha
prasasti.

Ngan kadieunakeun, kabiasaan tatapa ka tempat nu
nyingkur the geus beuki ngurangan malah ampir kadenge
‘Aheng’ , teu dipikaresep jeung kapoyok ku kalolobaan
urang sunda komo lamun di adu renyomkeun jeung urusan
sareat. Loba nu nganggap pagawean teu luyu jeung
sareat agama.

Sanajan kitu, saenyana mah dina sareat agama Islam
kabiasaan tatapa ieu aya ngan istilahna nu kongas
kasebut I’TIKAF, pan dina harti kecapna ge I’tikaf teh
cicing ngurung maneh di hiji tempat. Itikaf dipigawe
ku cara meresihan jeung nyucikeun hate tina sagala
urusan dunya madep ka Allah swt. Mopohokeun urusan
dunya, batur, dulur jeung saniskara supaya tinggal nu
aya teh Allah swt jeung manehna pribadi (khalwat).
Ngan dina sapopoena Itikaf jadi boga harti nu leuwih
heureut nyatana cicing ibadah di jero masjid. Malah
kecapna ge jadi langsung ngantet ‘itikaf di masjid’
wae, jeung kalolobaana dipigawe jeung dipadungdengkeun
the lamun bulan Puasa. Kitu deui, dongeng itikaf nu
sering katepikeun teh ngan ngeunaan conto Kangjeng
Nabi nu sok itikaf di masjid di panungtungan ramadan,
nu kitu dianggap sunat sabab cenah ceuk hadis, ieu
Rasul teh sok midamel malah miwarang ka umatna (HR
Mutafaq ‘alaih). Ditempat lain mah kayaning nurutan
tatapa Sang Al Amin di guha/ atawa nu nyingkur tara
dihucuhkeun jeung geus dianggap teu perlu atawa
diulahkeun, malah loba nu megat ku omongan nu
nyakompet daunkeun jeung istilah munjung/muja muhit ka
werejit lamun numpi di nu nyingkur.

III
Naha perlu kitu tapa di nu singkur di jaman ayeuna ??
naha aya keneh tempat singkur dijaman ayeuna?? Kumaha
carana kamana madepna? Naon jampena?? Naon
pacambalanana?? Waaah dongeng baheula eta mah….. naon
gunana ??

HAKANEUN jeung KUBURAN KAMI (1)

Lantaran loba ningali, kalolobaan urang sunda –munhenteu disebut kabeh- nu umumna nyekel agama Islam pada nyaho yen lamun engke manehna paeh tangtu dikubur. Sanggeus diberesihan dishalatan dibungkus boeh. Dipendem jero taneuh. Awakna nu paeh euweuh nyawaan ieu disangirah ngalerkeun bari nyangigir madep ka qiblat. Eta kabeh keur muslimin/muslimat nu kafir musrik mah cenah ulah.

Malah sanajan can ngajaran oge, umumna pada percaya yen sanggeus dikubur teh nu maot bakal asup kana alam nu disebut alam barjakh (antara) nunggu-nunggu kiamat dunya. Salila di ieu alam antara teh jelema (rukhna) cenah meunang siksa atawa meunang ni’mat gumantung pagawean salila hirupna.

Dina luhureun kuburan, lila lila sok barijil tutuwuhan, mimitinaa jukut terus tangkal nu lainna harirup..biasana mah kamboja…atawa nu gede Caringin. Lir nunjukkeun…tinu paeh…dibijilkeun deui nu hirup…tukhrijul hayya minal mayyit wa tukhrijul mayyit minnal hayyi.

Ceuk nu harirup mah tempat na nu dikubur teh sok disebut (h)astana…nu nunjukkeun kana ukuran kapling nu salebar hasta (leungeun)na…jeung nu nunjukeun kana ukuran alus henteuna eta makam na nu ditangtukeun ku pagawean hasta na baheula salila hirup (amal salila hirup)….kongas di kawali aya ngaran Astana gede….tangtu hiji tempat sumarena jelema nu salila hirup amal hastana nya gede nya agung. Dina basa Arab harti piguratif astana sarua jeung makam, harti sajalantrahna tina astana kuburan.

Satuluyna upama eta astana teh loba/aya nu ngadeuheusan…tandaning boga anak atawa boga amal kahadean atawa boga harta nu diwakafkeun…eta astana sakali deui ceuk nu harirup keneh sok oge disebut pajaratan tempat jarah…tempat deuheus turunanana jeung saha-saha nu ngarasa kahutangan atawa ngalap berkahna.

Satuluyna upama geus kabuktian ku sasaha eta nu sumare di eta tempat jalma karamah (boga karamat = hartina sok barang bere kaalusan) sabab gede amal shalehna eta tempat sok disebut ku nu harirup keneh kabuyutan. Malah lamun kabuyutan na geus aya…jelema-jelema nu saroleh ceuk nu hirup sok dipendem di kabuyutan tempatna oge sok disebut pangjarahan.

Daratangna nu harirup keneh teh ka pajaratan mah sok mawa seuseungitan...(kembang/menyan) jeung cai ditambah do’a.

Ari kuburan nu baheulana teu baraleg mah malah eta astana teh disarebut tempat jurig…dedemit ..jrrd. boro-boro hayang jarah ngadeukeutan oge embung…nu sieunan mah cenah nepikeun ka maruringkak bulupunduk sabab tempatna teh geueuman naker.

Eta kabeh caritaan batur…..kumaha nu bakal kaalaman ku sorangan engke? Walahu ‘alam teu nyaho teuing pastina da kudu paeh heula meureun..he..he. Nya ayeuna mah karek percaya kana euceuk kana ceunah…

Tapi, caritaan dihandap rek ngaguar ngeunaan kubur sorangan bari ngeunteung ka kubur batur saayeunaeun nu sugan jadi cecekelan keur kayakinan nu jadi payakinan…(atawa bisa jadi ngan saukur cenah jeung euceuk keneh)


II

Eh euy….kajadian nu paeh dikubur teh sarua pisan jeung nu kaalaman sapopoe ku urang…dina waktu dahar euy…..walah…naha?

Enya…pan nu dididahar teh sarupaning nu paeh….boh sasatoan…boh…tutuwuhan….tuluy disimpen/dikubur dina beuteung…tuluy tidinya teh bijil tanaga…bijil usik malik….lain eta teh lir… tukhrijul hayya minal mayyit wa tukhrijul mayyit minnal hayyi.

Pek we euy pikiran…lamun nu paeh nu asup kana beuteung teu bener…sok jadi teu ngeunah di kubur (beteung) na…nu bener mah sok jadi ngeunah. Pan urang bisa mikir bisa ngagedean teh gumantung kana kadaharan/gizi nu asup kana beuteung. Lain gizi/kadaharan teh asalna tinu paraeh nu dipendem dina beuteung? Eta kabeh jadi alam barjakh/kubur urang ayeuna. Bisa mikir bisa nenjo bisa ngadenge bisa usik malik..eta kabeh sasat ibadahna nu paraeh dina beuteung urang euy…

Pek we uey pikiran…lain sakabeh nu paeh nu asup kana beuteung teh engkena supaya madep (nurut) kana qiblatna ---nu nyatana dina awak mah pan hate urang…tina hate bijil sir tuluy bijil nafsu tuluy biji akal pamilih….pan kongas qalbu mu’minin baitullah…..

…kusabab kitu hasil tina pependeman nu paeh dina kubur beuteung teh nya urang jadi usik malik migawe amal…lamun alus (gizi/amal karaktristik nu kadahar…nya urang jadi bisa mikir hade dina ngabedakeun nu goreng jeung alus…tah tidinya…bijil tangkal hartina…tangtungan …bisa jadi tangtungan urang teh (asta) pagawean teh jadi bijil kamboja…caringin …atawa…dedemit mungkul…

Teu kudu hese-hese….

Tina hasil nu paeh dikubur beuteung jelema teh pan (lamun alus gizina terus bisa dididik jadi jatnika) kaciri aya nu jadi pangjarahan….pada ngedeugdeug ku kulawrgana sabab butuheun….malah tangtungan teh aya nu nepikeun ka jadi panyaluuhan sakabeh pada hayang deuheus (jarah)…..tapi loba oge jelema nu embung deukeut….jalmana dijarauhan da pada ijid pada sieun ngadekeutanana.

Matak ge dina agama mah nepikeun ka rek dahar aya shalatna (do’ana)….hakaneun nu asup ka kubur urang ulah sambewara…teu bisa kabeh…pantangana diantarana getih.. babi.. dipeuncitna kudu make bismillah….(hartina nu haram, nu kafir nu musrik teu make asma Allah mah ulah).

Matak ge euy kudu daek nganteurkeun nu maot ka kubur tah engke reungeukeun aya nu talkin….tah eta teh tong jauh-jauh mikir nu maot…. nu kudu diingetkeun mah tumpah darah sorangan…

III

Tina guaran diluhur…muga-muga nu maca bisa nyangkem ayana hubungan makrokosmos jeung mikrokosmos…(nu engke bisa kabuktikeun lain sukur analogi asal daek ngulikna) jeung nu utamana yen atikan agama lain ngan saukur keur engke…lain ngan saukur narohkeun kayakinan nu nganut supaya percaya ka euceuk ka pijagaaeun, tapi bisa…disaliksik…dina awakna supaya jadi ageman nu haqul yaqin… da enya.

Tina do’a do’a arek dahar (paling henteu aya tilu hadis) …kajadian dikubur tangtung..nepikeun ka engke kiamatna jagat saghir…mere tuduh ngeunaan ulikan dasar/poko dina ulikan sunda ngeunaan tileum…ngeunaan sampurna sampurna ning beak…innalillahi wa innailaihi rajiun nu lain saukur engke mungkul…..

Wah siah….bener ieu teh…kumaha carana ???

Insya allah urang suaykeun saeutik lalangsena di bagian satuluyna ngeunaan elmu kasundaan (nu sarua jeung dina Islam) dina kuburan tangtung…. jeung cara-cara nyampurnakeunana…nu masih keneh tetep aya hubungana/bisa dirunut sacara empiris tina HAKANEUN nu diKUBUR ku urang sorangan dina beuteung sabab metodologina oge empiris pakeun nu daek jadi partisipan observer mah.

Ajian Batara Karang: Ageman Pakeun Jadi Khalifatullah Fil Ardhi !?

Ku Eddy Nugraha*)

Kecap petingan: Batara Karang, Adam, Khalifatullah fil ardhi, Kasumedangan, Sajaratul khuldi,

I. Panganteur

Puluhan taun katukang mun teu salah mah taun 80an di daerah Ujung Berung Bandung pernah geger aya tukang gali manggihan mayit nu geus ratusan taun beleger keneh. Harita teh keur usum mindahkeun kuburan umum keur dijieun perumahan, diantara tulang-taleng sesa awak jelema pas lebah tangkal caringin gede ka gali aya mayit lengkep keneh dibungkus kulit nepi ka buuk-buukna (digelung) bari kukuna paranjang...harita teu kaburu nyaho dikumahakeun eta mayit teh, ngan nu jelasmah ceuk cenah matak kitu teh sabab eta jelema baheula teh ngawasa elmu batara karang ...nyaeta cenah elmu kanuragan elmu weduk lir batu karang teu kuat dikadek nepikeun ka paeh ge angger awakna teu busik....hanjakal teu apal dikumahakeun eta mayit teh, nu jelas mah teu dikamusiumkeun.

Sabaraha taun saenggeusna,...
ditempat lain, di daerah Tasik pakidulan kabeneran manggihan hal nu sarupa. Waktu warga keur nugar tangkal manggihan deui jasad nu beleger....sarua deui geger...pada silih tanya saha nu ngagangguna ditambah balarea baroga kasieun ku tulah tina ngahudangkeun ’jurig’ jawara sabab perbawa tahayul rekaan atina nu cenah pasti baheulana ieu jelema boga ajian batara karang. Tapi, kabeneran papanggihan nu kadua ieu mah bari ditambahan ku nganyahokeun ’solusina’. Sore eta keneh aya kokolot lembur datang nganggeuskeun pasualan. Eta mayit diasupkeun kana munding –nu geus dipeuncit jeung dikaluarkeun jeroanana heula- bari saeunggeus diparancahan bur weh dipiceun ka laut.

Ngaliwatan dongeng-dongeng jalma rea jeung papanggihan diluhur....
kecap Batara Karang atawa batu karang sakuringeun harita boga rasa kecap nu goreng nyaeta kecap nu ngan dipikaneneh ku preman, garong, begal, jawara jeung sabaturna nu ngajarago sabab weduk, kalakuana kawas-kawas jauh ti jalma ’bageur’ jauh tina wawadi agama. Basa hayang nyaho tatanya ge kaburu kandeg dihuitan ku guru ngaji ”ulah ngelmu kitu jang...eta mah elmu teu matak sampurna... hirupna sok teu hurip komo aya guna keur papada mah....malah tingali we ku hidep.... geus maot ge awakna teu bisa ruksak teu bisa mulih ka jati mulang ka asal”.

Bisa jadi meureun sabab jasad nu lain mah lebur deui jadi taneuh (terurai ku mikroba jadi sirna) ari ieu mah angger teu ruksak...jadi we dianggap teu sampurna. Beu.... padahal lamun bisa teh meureun keun bae hirup mah kumaha aing weh... ngan geus pasti lamun paeh teh bakal kasohor, Fir’aun ge nepikeun ka ayeuna pada ngadeugdeug sabab aya bukti mayitna - bari manehna mah kudu di balsem...ieu mah teu kudu da kuat sorangan. Lumayan jadi aset wisata pakeun nagri nu loba hutang.

Tapi ketang,..... pas rek nambalang teh aya deui ingetan lain: kumaha mun dijadikeun ’percobaan’? jeung diera-era disebut kafir? wah meureun karunya anak incu susaheun bari nyirnakeuna ge kudu nyusahkeun batur sabab mahal kudu meuncit munding sagala..mending lamun mundingna aya keneh lamun ’punah’? meureun anak incu kabere geugeuleuhna...he..he..hanas saaingeun mah keun bae da geus paeh ieuh.

Saur guru ngaji di kampung mah kieu ”urang mah kudu diajar bisa innalillahi wa innailaihi raji’un sampurna balik sampurna. Sampurna ning beak sirna raga sirna rasa. Malah kongas cenah luluhur baheula mah nepikeun ka barisa tilem-ngahyang. Jelemana jagjag keneh dina waktuna mulang ka kalanggengan teh bari langsung nyanggakeun badanna ku nyalirana ka nu Maha Suci teu kudu nungguan dibantuan ku alam” (tingali ngeunaan- ngahyang/tilem di alam kami).

Atuh niat tatanya ka kolot-kolot lembur tangtung sunda teh jadi pugag harita mah saba elmu batara karang atawa sok oge disebut elmu batu karang teh lain ngeunaan kasampurnaan nu oge cenah teu saluyu jeung ajaran agama (islam)....malah-malah di Jawa ge sarua, diantarana nu didugikeun ku Sunan Mangkurat IV, ieu sesepuh jawa teh masihan wawadi (tingali: Ma’rifat kejawen ) yen ulah diajar elmu Batu Karang sabab –singketna- lain elmu kasampurnaan nudipirido ku Allah swt.

Ngan.....
kadieunakeun aneh pisan.....
Dina ulikan kasundaan mah....dina salah sahiji ulikan poko kasumedangan (elmu madangan/nyaangan batur –ulikan advance dina kapajajaranan) salah sahiji atikan pokona teh manusa kudu JADI Kanyataan Karang. Jadi kanyataan Karang teh cirining kasampurnaan hiji seuweu sunda... sasat-sasat hasil tina ngulik Batara Karang (salian ti jadi kanyataan Ujung Kulon jeung Ratu Galuh – (tingali: diantarana tulisan ”sasaka kabantenan jeung nanjeurkeun deui Pajajaran tangtung”).

Aeh naha jadi muter deui?... panggih deui jeung ajian batara karang ?? boa kasundaan teh memang enya lain ulikan kasampurnaan?? naha luluhur sunda teh ’kafir musrik nu belegug’? Naha nya....beda jeung ajaran seuweu jawa nu nyaram ngulik elmu batu karang?... tulisan ieu insya Allah rek ngaguar eta sakadugana.


II

Dina ulikan kasundaan hususna kasumedangan (elmu madangan nyaangan batur) saperti nu disebutkeun dina bagian panganteur aya ulikan utama (advance) jadi Kanyataan Karang. Saliwat mah –sabab geus katumanan ku rasa kecap karang nu hartina teuas/weduk /kanuragan/ nu teusampurna – ulikan batara karang nyoko/boga warna mangrupa ulikan kanuragan supaya jadi weduk.

Ngan sanggeus ditilik-tilik ditatanyakeun mah...

Ulikan hayang weduk mah, cenah, lain ku cara ngulik nepi ka batara karang tapi ku, biasana, cukup ku puasa/matigeni sababaraha poe - bari migawe hiji latihan, diantarana aya, ku make olahan napas make ritme husus supaya ngawangun hiji ’field’ kana awakna atawa wiridan nu prosesna pakeun bisa museurkeun saraf kana hiji ’koordinat’ rasa make metode tertentu jeung kudu wae di ’resonansi’ kunu geus bisa (utamana lamun teu make puasa) - nu diajar bisa weduk.

Bari nu kitu teh,...
sok baroga pantangan/mangaruhan karakter nu ngulikna/mangaruhan rijki (cara babandana) jrrd gumantung kana muhitna. Jeung utamana kudu apal cara ngaleungitkeunana deui -install jeung uninstall- aya nu install jeung uninstallna teh ku guruna, aya nu bisa kusorangan di uninstall ari rek paeh, aya oge -nu alus mah- bisa diinstall/uninstall ku sorangan iraha wae sakarepna) (tingali – bagian IV atawa tulisan ’Kanuragan kami naha enya kanuragan?’).

Na nu kumaha atuh ajian batara karang jeung jadi kanyataan karang teh?

Memeh ngadadarkeun kanyataan karang tina ulikan batara karang. Urang tepikeun heula caritaan ngeunaan naha jalma rea kaayeunakeun loba nu nganggap batara karang saperti diluhur?

Urang mimitian ieu ku guaran nurutkeun istilah nu dipake....

1. Harti Kecap karang

Lantaran kagegedekeun ku kabiasaan make Basa Indonesia jeung beja ti jalma awam yen loba jelema nu cenah weduk teu raheut ku bedog disebut ngabogaan aji batara karang kawas carita diluhur, kecap karang ku para ahli basa sunda ayeuna (punten bilih aya ahli basa sunda di di kisunda/urang sunda) leuwih di asosiasikeun kana kecap batu karang (Indonesia) batu nu teuas nu kapanggih di laut ( tingali - Kamus umum Basa Sunda LBSS 1992).

Matak tuluyna....
eta entri jadi siga teu nyambung pas nyaritakeun harti kecap karang dina maksud ’karangan’ jeung sajabana. ...tuluyna dadaran eta entri...pakarangan cenah, misalna, tanah sakuriling imah, ngarang nyieun carita, karangan hasil ngarang jeung pangarang nu ngarang.

Sabenerna di kampung mah harti kecap KARANG teh TANEUH. Karang kawas taneuh hideung dina kulit nu koneng/bodas. Ieu nu teu ditulis dina entry kamus jeung geus jarang ka sungsi ku umum. Ari taneuh mangrupa barang nu bisa diolah jadi naon wae (sabab bisa) jeung tempat hirup mahluk. Hartina kanaon wae bisa: dirawat subur, diruksak ngahgar, digali dieksplorasi bisa sagala aya nyampak pakeun sagala kabutuh mahluk tur pakeun ngaruksakna; Dipelakan bisa (jadi media ti sakabeh tutuwuhan), digahgarkeun bisa. Nu lembok hejo aya nu jadi sagara keusik aya. Nu paeh jeung nu hirup bijil, cicing jeung asupna (paeh) ka dinya. Pokona mah taneuh mah dikana naon jeung dikumahakeun ge bisa lir ibarat budak nu kawas kertas bodas dikumahakeun ge bisa kumaha nu nulisanana- Ari batu karang (basa Indonesia) sisi basisir mah di sunda sok disebutna batu cadas pan aya tempat kakoncara ngarana cadas ngampar!!??

Matakna...matakna....
Kecap pakarang ngandung harti barang (beusi umumna) nu geus diolah ditempa diseukeutan dido’aan (sabab bisa) nepikeun ka jadi seukeut atawa aya peurahan); Pakarangan taneuh sabudeureun imah nu geus diolah (sabab bisa diolah) ku sabangsaning tutuwuhan jeung rupa-rupa kumaha kahayang nu boga; Di Kuningan aya kecap Karang Asisten Wadana hartina imah camat. Sabab taneuhna geus dijadikeun tanah pamarentah dijadikeun milik camat (sabab bisa).

Saluyu jeung eta...
Harti kecap karangan mangrupa hasil olahan tinu bisa di olah (ide) jadi hiji susunan carita/karya (sabab bisa); Pangarang jelema nu uteukna bisa diolah/dipake nyusun carita (sabab bisa); Kawartikeun nepi ka ayeuna tempat sumarena Sang Manarah luluhur Galuh disebutna Karang Kamulyan sabab mangrupa taneuh kamulyaan hasil olahan (sabab bisa) eta seuweu siliwangi; Aya Karang pawitan di Garut nyatana taneuh tempat kumereb nu jadi ’modal/aset’ hurip (sabab bisa); Aya oge karang anyar di nagri Bandung (meureun baheulana mah) taneuh nu karek anyar dibukbak dijadikeun panganjrekan (sabab bisa). Aya deui karang kambang taneuh (pulo leutik) di sagara nu teu karem ku ombak laut kawas ngambang luhureun sagara.

Jadi sakali deui.....
Hartina karang di sunda mah taneuh.... matak tangtu pada nyaho naon ari banjar karang pamidangan?.

2. Harti kecap Batara

Kecap Batara aya sabaraha harti:

Kahiji, Batara diwancah tina Ba hartina 2, Tara kaahlian/’manifestasi’. Jadi hiji jelema di sunda boga gelar batara sabab ahli ngawasa atawa tapis dina 2 hal lahir jeung batin matak jadi panyaluuhan lir dewa (tingali ’Dewa Ruci’) kongas diantarana Batara Guru di Jampang jeung Batara Sakawayana.

Kadua, Bhaṭāra dina hindu cenah Rasulullah keur ngauban manusa, kawas Avatar (awatara) saperti Rama jeung Krisna. Batara ngawujud jelema, teu kabeh dewa jadi batara.

Katilu, Di Bali Kecap Batara disaruakeun jeung kecap Dewa.
(kadua jeung katilu tingali diantawisna dina - wikipedia)

Tiluharti tina kecap Batara diluhur masih sawarna nu bisa dijadikeun arahan yen Batara ngandung harti manusa nu geus bisa ngauban alam tur eusina sabab tepi lahir tepi batin bari lahir batinna waluya nangtung ajeg, nu kitu sok jadi panyaluuhan jelema da bari sok ngauban nu bakating ku dipuhitna ku nu butuh lir jadi wawakil Pangeran nu murbeng alam.


Ana kitu.....
Ajian Batara Karang nyatana ulikan/jampe/tips/ajaran nu ngajadikeun atawa ngarahkeun nu ngulikna ngawasa lahir batin ngeunaan sifat-sifat taneuh nepikeun ka ngarti jeung jadi atawa timbul hakekat sifat taneuh (bisa kana sagala jeung ku sagala bisa) eta dina dirina.

Ana kitu....
Ulikan kasumedangan nu diantarana supaya jadi kanyataan (hakekat) karang (lain jadi karang/taneuh) ku jalan ngulik batara karang – ulikan lahir batin supaya boga/ngawasa hakekat taneuh salila di dunya. Kanyataan karang ngandung harti jadi kanyataan (hakekat) taneuh lain jadi kanyataan batu dumasar kana arahan nu asalna ti nu Murbeng Alam. Ulikan na dumasar ti Nu murbeng alam Allah swt sabab dipakena pakeun ngauban manusa (hakekat ka-bataraan/ka rasulan..
Ari Batara Karang arahan tinu murbeng alam mah atuh tina agama ayeuna islam oge kudu aya ...mana saksina...?? kumaha carana/metodana/paradigmana ??


(Bagian III)

2. Lebah-lebahna makam Ulikan Batara Karang dina Qur’an


Samemeh asup kana bagian cara/metoda nu leuwih teleb ngeunaan ulikan kasundaan Batara karang supaya jadi kanyataan karang, urang susud heula saksi tina kaagamaan Muhammad, sabab:

Kahijina, nu nulis mah ngadeukeutan kasundaan teh sasat nutur-nutur syareat Sayidina Muhammad Sang Rahmatan lil alamin tedak quraysh (sakadugana - boa pantes boa henteu).

Kaduana, ameh dina asup kana disiplin ulikan batara karang karya tedak sunda nu ngawengku falasifah katut kamatihan kamampuhanana teh nu maca geus boga referensi nu bisa jadi saksi pakeun nyusud atawa saukur ngaenya henteukeun ieu ulikan.

Kieu dongengna........



Ulikan hakekat Karang/taneuh teh aya hubungana jeung Bapana manusa nu ngaran Adam nu dipilih ku Nu murbeng alam jadi wakilNa di dunya (khalifatullah).

Adam, diantara rupa-rupa mahluk (kaasup Malaikat (dijieun tina Sunda (Nur) jeung Iblis (dijieun tina seuneu), dipilih jadi wawakil Allah di dunya teh dijieunna ngan dicaritakeun ’bahan dasarna’ UKUR TINA KARANG/taneuh. Malah cenah dina mushaf utsmani disebutkeun karang/taneuh na teh likeut gampang (sabab bisa) diropea (dibentuk) - nyatana taneuh liat/tiin. (Al-A'raaf).

Hal ieu aya bedana – mun teu kasebut beda pisan- jeung kajadian jelema umumna nu dicaritakeunana dijieunna tina nuftah, turobun jeung saterusna nu lain saukur/ngabogaan unsur karang/taneuh tapi cai. Malah dicaritakeun keur yen sakumna mahluk (tangtu kaasup jelema da jelema ge mahluk) dijieunna asal-mualsalna tina cai (teu disebutkeun tina karang/taneuh mungkul).

Jadi ana kitu….

Harti Adam tina karang ieu bisa leuwih ngandung harti metaphore/figuratif/perlambang….yen maksudna… nunjukeun kana makam/pangkat/level/kualitas hiji jelema nu diangkat jadi wakil Allah teh sabab boga karakter karang. Hartina….. jelema nu gampang/bisa /narima diropea/diajar/dibere treatment/dibere nyaho rupa-rupa asma (informasi/data/elmu/pangalaman jrrd).

Nyatana…. Cenah saur Allah dina mushaf utsmani….

Adam mah pas diajarkeun rupa-rupa asma teh ku Allah bisa/mampuh nalar/nyangkemna. Pas dipiwarang nyaritakeun deui payunen malaikat teh bisaeun/apal/nyangkeum sagala rupa asma nu tos diajarkeun malah katalar/kacangkem kabeh..teu kacaritakeun ngan apal sabagian.

Malah-malah….
Pan malaikat ngawitan na protes da tos apriori –geus terang- yen jelema mah umumna tukang ngaruksak (tingali qur’an……) ngan Allah langkung terang yen jelema nu dijieun/boga karakteristik taneuh mah bisa dijieun wakil manteNa sanggeus diajarkeun/nyaho asmaNa.

Jadi ana kitu…

Ngan nu boga karakter karang nu bisa jadi wawakil Allah didunya da jelema umuna mah malaikat ge tos apal ngan saukur nyieun pacogregan jeung papaseaan/ngarusak dunya.


Ngan ngarana jelema sabab aya oge ngandung karakter karangna jadi bisa eta karakter teh nguatan/dominan. Nu lamun geus diropea/diajar/ditreatment (sabab bisa) teh nya pantes ngaku/jadi seuweu na Adam nu kapeto jadi khalifatullah di dunya.

Naha perlu atikan keur jelema…. supaya karakter karang teh terus kuat??

Urang teraskeun salajengna upami pareng



Naha nu awakna weduk bisa bijil tina kamampuh Ajian Batara Karang? Naha nu jadi pamanggih umum ngeunaan batara karang salah kabeh? Naha nepikeun ka nu satingkat sunan Mangkurat IV ti jawa ngaulahkeun ngelmu karang ?? jadi naon atuh beda/onjoyna kasundaan jeung kajawan?? (bagian VII)

Ari Batara Karang arahan tinu murbeng alam mah atuh tina agama ayeuna islam oge kudu aya ...mana saksina...?? kumaha carana/metodana/paradigmana ??


SASAKA SAKAWAYANA

SAKAWAYANA KAMI SAKUMAHA EUY? DIMANA SASAKANA?

Eddy Nugraha


PANGANTEUR

I
Sasaka Sakawayana.

Kecap sasaka masih keneh asup kana entri kamus sunda nu hartina TIHANG atawa lulugu, aya oge nu nyebut pusaka ( kamus umum basa sunda LBSS). Ari sakawayana mah asana ku para ahli basa sunda formal ayeuna geus teu diasupkeun kana entri kamus atawa ensiklopedi sunda (Naha nya??)

Dina ayana oge, kecap sakawayana teh disambungkeun atawa aya hubungana jeung saukur ngaran nami gelar luluhur pajajaran teureuh talaga manggung baheula kongas kasebat Batara Sakawayana buyutna Prabu Niskala Wastukancana ti Ajar Kutamangu Kusumalaya sareng Ratu Simbarkancana (tingal diantawisna sajarah Jawa Barat nu dikempelkeun bahan-bahana ku Drs. Yoseph Iskandar) atawa ngeunaan sababaraha tempat di tatar sunda (misalna wae di sumedang jeung, nu geus teu bireuk mah nya, daerah Sakawayana di Sukabumi kidul) atawa di Garut (timbanganten).

Sakawayana –dina logat lokal sok jadi sokawayana/sukawayana- boga harti: kahiji, tina kecap sakawaya(H)na. diwancah jadi saka-wayahna, saka-waktuna. Harti kadua, nurutkeun basa urang kampung sapopoe sakawayana teh tina kecap sa-kawaya-na ari kawaya teh hartina SABUK, BEUBEUR, EPEK. Jadi lamun geus dicalana dibaju memeh indit saged rek kaluar teh sok nyarita kieu “ke atuh rek dikawaya heula” maksudna calanana rek dibeubeuran heula ameh teu morosot jeung leuwih pantes.

Tangtu geus pada terang yen guna na kawaya salian ti ‘accessories’ nu rupa-rupa model warna jeung bahanna supaya pantes (sakaresepna, sakahayangna), oge pakeun nyangcang calana supaya teu morosot/pas dina cangkeng da bisa diatur ku nyangreudna (ayeuna mah aya liangan) ameh aurat handapeun beuteungna (karesep, kasusah, kangeunah, kaerana nu dibabawa jeung ngilu) teu kaciri lain dina waktuna. Ari cangkeng utamana ngagedean ngaleutikanana kumaha beuteung sedengkeun beuteung nya kumaha eusi peujitna; aya nu leutik, gede nepi ka burayut nu ditangtukeun ku kabutuh pakeun hirupna (kayaning rupa rupa hakaneun jeung rea henteuna nyatu), jeung kabetah jelema salira hirupna (nu teu daek olah raga mah ku dahar wae teh beuteungna jadi burayut moal tuluy boga beuteung rata ‘six pack’ tuluy, da geus betah dina haroream ngusikeun awak). Jadi, kawaya mernahkeun calana (sakabutuhna, sakabetahna, sahirupna, sahuripna) supaya pas merenah alus ditiap cangkeng masing masing jalma nu bisa ngagedean /ngaleutikan -bari beda-beda ukuran (liang) kawayana- sabab tiap jelema ukuran beuteung (kabutuh/kabetah) eusi peujitna teu sarua jeung teu angger saban wayah saban waktu (saka-wayahna).

Ana kitu, hususna dina ulikan kapribadian di sunda, sakawayana boga harti sakabutuhna sakabetahna sahirup huripna masing masing (boh batur boh sorangana). Sedengkeun Sasaka sakawayana hartina tihang lulugu pusaka nu nahan nu ngauban nu nyaangan nyaharaan hirup hurip nu kumelip nurutkeun sakabutuhna sakabetahna sakadaekna sahirupna sahuripna saban wayah saban waktu sawayahna sawaktuna.


II. Ari sakawayana maneh sakumaha? kumaha nihanganana, ngaubanana, nyukupanana?

Naha bet natanyakeun kitu? Ih …. cik atuh peupeuriheun salila hirup ukuran kawaya (kabutuh, kabetah jrrd) sorangan the embung ge… dialukur batur wae (leuleutikanana diomongkeun, …. bari can tangtu bener ngukur dewek… da batur mah ngukur kawaya urang the aya pambrihna (moyok we mun ngewaeun komo asa kasoro mah, muji mun resepeun eta ge pedah sakabeuki sakabetah), lamun sorangan bisa ngukurna mah meureun genah … da nu sorangan ukuran sorangan. Moal cilaka katideresa dicalana morosot katingali kanjut ku batur lain wayah, arek ge make model morosot siga budak ayeuna taya bayana da nyaho bisa keneh katahan ku bujur sorangan teu kudu ku bujur batur…

Lamun geus nyaho kawaya sorangan meureun bisa ngarasakeun ngahargaan kawaya batur nu oge baroga masing-masing malah (mun bisa mah) daek wani nyaho ngauban nihangan nyukupan (jadi sasaka) kawaya batur.

Na kumaha nihangan, ngauban, kawaya batur ? meureun kudu apal liang, apal bahan, nyaho warna, nyaho model, nyaho kakantet kabutuh batur, jeung kumaha mikeuna ameh teu asa leungiteun nu sorangan? Kumaha nalianana ameh batur teu asa dipaksa dicangreud? Ameh bisa sa kabutuhna sakaresepna sahirup huripna. Lamun henteu da boro boro daek narima komo tumarima, nu aya mah meureun asa kacekek atawa angger susah era calanana morosot. Jeung mana atuh Sasakana pakeun nyukupan ngauban nihangan kawaya teh? boh nu di aing boh nu di batur?

Saluyu jeung ‘inquiry’ diluhur, Ieu tulisan rek nganepikeun yen disunda (baheula) ajaran atikan nu geus masagi ngeunaan Sakawayana jeung Sasakana mangrupakeun hiji ulikan poko dina ulikan kasundaan (baheula) nu diajarkeun diwariskeun turun manurun supaya dijadikeun tangtungan seuweu siwi.

Wah….mana saksina aya ajaran di sunda kawas kitu? Mana buktina? Tong asal nyarita tong sok kikirataan (dinyata nyata ku kira-kira)…. (teu usum komo dijaman alam pikiran jelema nu kagedenakeun na (lolobana) ku pola pikir positivis mungkul).



III. bukti jeung saksi ngeunaan sasaka sakawayana


Salah sahiji bukti tinulis ngeunaan ajen inajen ieu ajaran, ka-sakawayana-an aya disunda pernah diungkara diantarana dina hiji papatet. Ka-sakawayana-an ngahiji jeung ajaran poko kasundaan lianna, nyatana kasumedangan jeung kagalunggungan (ngeunaan kasumedangan jeung kagalunggungan tingali tulisan “tangtungan sunda eusi”):

Daweung Menak Pajajaran


Gunung Galungggung kapungkur
Gunung Sumedang katunjang
Talaga sakawayana
Rangkecik ditengah leuweung

Ulah pundung ku disungkun,
Ulah sungkan ku diteang,
Tarima raga wayahna,
Ngancik di nagara deungeun.

Singketna menak pajajaran mah kudu kagalunggungan (galunggung galuh nu agung, geus katukangan (pungkur=tukang, di Bandung jalan pungkur jalan tukangeun kabupaten (alun-alun ayeuna). Jadi lamun ditingal ti hareup, ti ieu menak teh kaciri cahayaan ngagalunggung nu mahal lir inten pohaci terus patala nu jadi galeuh galeuhna hiji jalma. Kasumedangana (elmu madangan nyaangan batur) geus katunjang katepi kacangkem tapis ngawujud dina tapak lacakna. (Jadi) talaga sakawayana. Tempat kahuripan, karahayuan, karongkahan nu nyukupan somah. talaga tempat nucaina loba, ari cai di jelema the pang diperlukeuna. Di sunda mah kahuripan, kajayaan, kinasihan, kawedukan, karongkahan, kamandirian (mencerger) sok bijil tina cai-caina hirup. Kongas di loba kabuyutan sok aya ci kahuripan, ciasihan, cikajayaan jeung rea-rea deui. (jadi) Rangkecik …..jst.


Tina papatet diluhur, saheulaaneun, nunjukeun yen kecap Sakawayana dihijikeun atawa aya dina kumpulan kecap kecap nu nuduhkeun ulikan kapribadian kasundaan poko/utama lianna nyatana kagalunggungan jeung kasumedangan nu jadi cangkeman menak pajajaran.

IV. Enya lah bisa wae eta carita diluhur teh enya…tapi maenya wae bisa hiji ulikan buktina saukur tina papatet (sastra) ?

Sabab teu cukup ukur ku bukti ulikan nu ngan ukur dumasar kana tulisan sastra (kawas buku “Sangkakala pajajaran” (H. Setia Hidayat & N. Syamsuddin Ch. Haesy numutkeun Ajip Rosidi). Komo nu diluhurmah ukur tina papatet nu pondok (saeutik), dina ieu bagian urang buka lalangse sabagian ulikan sunda ngeunaan ka-sakawayana-an.

Dihandap ieu, mimitina rek ditepikeun, panganteur ayana ulikan kasakawayanaan di sunda ti babaheula nepikeun ka ayeuna kawariskeun ku cara make warna post-positivis. Dibagian ahirna insya alllah kailo yen ayana ieu ulikan bisa oge kadongkang dumasar wanda empirik kaom positivis.

Dina hal elmu/realm ulikan kasundaan, kecap sakawayana aya dina tiap bacaan/du’a/’trigger’ kapribadian ngeunaan tangtungan kasundaan, diantarana wae : 1) Sahadat sunda, 2) Kasumedangan, 3) Karatu adilan ti gunung sunda,  jeung 3) kasiliwangian mandala jati sunda.

Trigger-trigger ulikan dihandap ieu teu disalin lengkep (punten dihapus sabagian) sabab katimbang lengkepna mah ngan ukur perlu pakeun partisipant observer.

1. Sahadat Sunda,

…………..
………….
…………. ya isun saseuweu sasaka sakawayana… satunggal….
………. jst

Ngeunaan sahadat sunda, jeung sahadat-sahadat lain (aya waktu jaman mimiti asupna islam di tatar sunda)- nu poko sahadat galuh, cirebon, banten, sancang, pajajaran, sahadat siliwangi - mangrupakeun metoda/teknik dina ulikan kapribadian nu nga-trigger - make artikulasi rajah-rajah pasword- rincikan rasa supaya mampuh nyaksi, ngabuktikeun, nyahadahkeun, ngalahirkeun, nganyatakeun lahir batin jiwa raga ayana hiji ‘tapak/memori/ upload program baheula dina clipboard kitab dunya supaya ka dowload nepikeun ka sah dat na kalawan enya lain saukur euceuk da ka install dina komputer jiwa raga sorangan.

Formulasi-formulasi ‘sahadat’ ieu masih aya dipake kaayeunakeun pakeun ngagampangkeun dina ngalelempeng proses browsing koordinat (alamat) eta upload program dina kitabin mubin. Ayana warna sahadat ieu -banten, cirebon, sancang, pajajaran, siliwangi - pakeun metakeun jeung mere ‘benang merah’, mainstream tangtungan kasundaan harita (baheula) ku mimiti diaranggona jalan (sareat) Sang Rahmatan lil alamin di tatar sunda ngalangkungan inovator anu mulya Kean Santang Gagak Lumayung Sang Garantang Setra. Supaya seuweu siwi teu kapalingan deuleu dina aslamtu.

Update rajah trigger jiwa eta ku cara payungna nganggo bismillah dipasieup ku sahadat rasul ari detail rincikan trigger rasana nganggo kecap kecap sunda asal (leuwih jelasna (atawa leuwih tingali eddy nugraha: sahadat kami: nyahadatan saha? Naha enya jadi sahadat?)

Dina ieu ‘sahadat’ sunda, seuweu sunda angger diajarkeun ka-sakawayana-an. pakeun bisa memener tangtungan yen salaku pribadi –saha wae- rumasa saseuweu (nu sing mampuh) JADI tihang sakawayana. Nyukupan ngauban kabutuh kabetah hirup hurip sa mahina sacukupna nu dimimitian ku nyaho ukuran kawayana sakawayana.

Lain ari di sareat sang khataman Nabiyyin sareng nabi-nabi sateuacana ge ngajarkeun umatna teh sing boga sifat Rabbaniyah (ka Allahan) jadi Rabbaniyyun?..lain ari akhlak teh kudu nurutan Allah? Ari Allah teh lain sasaka nu nyakupan ngauban kawaya mahluk satungkebing langit satangkaraking jagat?… jadi lamun diajarkeun supaya jadi sasaka sakawayana teh lain sarua diajarkeun…. supaya boga sifat rabbaniyah? Supaya boga akhlak sepertos nu diwulangkeun ku Kangjeng Nabi saw? (tingal, Islam dan Peradaban, Dr. Nurcholish Madjid)..

Masih keneh boga sifat hanif kawas Sang Khalililullah Ibrahim daek nyungsang nyungsang tangtung make metoda luluhur supaya leuwih bisa merenah nangtung nempatkeun karabbaniyyahan??

Meureun ari sa kabutuhna mah moal kadedemes keleuleuwihi. Sakabetahna mah moal asa hirup kapaksa. Hirup teu asa ngumbara da di bali geusan ngajadi di banjar karang pamidangan sorangan nu sorangan keur sorangan mawa jeung bawa sorangan. Rek nanonan sirik kabita ku kaboga batur da masing masing ge boga kawayana sorangan moal bisa injeuman bagja…jrrd…jrrd…(klise lamun dituluykeun).

Pek telek jeung tetek heula dimana deui di islam -keur muslim nu nuturkeun sareat Sang khataman Nabiyyin tedak quraysh- nu ngajarkeun ka-sakawayana-an lebah lebahna??? da ayeuna mah lolobana  ti dinya heula nunuturna/cecekelanana memeh urang leuwih tembrakeun ulikan turun manurun sunda pakeun tapis di ka-sakawayana-an ku mageuhan sasakana sasaka sunda.

2. Kasumedangan

POHACI: NYUGUH POHACI MEUNGPEUNG PUASA, POHACINA POHACI SANG HYANG DEWEK

ku Eddy Nugraha

Panganteur

I

Dina babasan kampung Pohaci asalna tina pwah jeung aci. Ari pwah unsur daya rido ti nu Maha kawasa supaya Jadi/mangrupa. Ari aci dina babasan sapopoe nyatana sari pati (nu alusna) tina dat contona nu teu bireuk nepi ka ayeuna nyaeta ngaran aci - tipung nu asalna tina sari pati sampeu. Aci oge mangrupa sari tina puji sabab hasil pagawean/olahan nu jadi kapujian hartina dipikaresep/dipikabutuh ku nu makena.

Jadi, pohaci dina babasan kabiasaan urang kampung mah nunjukkeun aci-aci ning dat nu dibarengan ku daya ti nu Maha kawasa nu murbeng alam supaya ngajadi/ngabantuan kaperluan/kabutuh/karesep jalma/mahluk.

Matak indung beurang lamun arek ngubaran budak nu gering atawa nu ngadat/ceurik wae, sok biasa ngaheungheum beas cikur atawa panglay, tuluy lamun geus karasa rasa aci-aci/sarina ku anjeuna –da diasupkeun kana bahamna- cikur atawa panglay the diburakeun atawa kadang saukur dilepehkeun bari terus ditempelkeun kana tarang nu gering/nu ngadat wae bari tuluy ngucap

…PUAH (pwah) CAGEUR siah!

Eta kabeh lir ibarat aci ngahiji jeung doa/itikad/program ti indung berang neneda ka nu maha kawasa make kecap Pwah....nya jadi Pwah kana aci….jadi Pohaci….nya tuluyna mah, nu ngan saukur cikur atawa panglay the boga daya mangfaat lain pakeun nyagerkeun atawa ngarepehkeun budak, sabab lain saukur aci cikur atawa panglay tapi jadi kaselir ku pohaci (na) cikur atawa panglay nu boga maunat nulung jelema.

Matak kangaranan pohaci diterapkeun oge kana sari rupa-rupa barang nu aya didunya. Kayaning- pare/ibu ngarana pohaci sang hyang sri, inten Pohaci terus patala, emas pohaci maya herang, barang dagangan pohaci wenis jati, Perak pohaci maya putih jrrd.

Malah geus kawicara dina tulisan bujangga oge, ayana tingkatan (pakeun ngabedakeun) tina sesebutan aci nepi kana pohaci, yen misalna wae; pikeun nyebutkeun sel sperma disebutna Aci putih maja herang aci putih tunggang herang (teu make pwah-atawa teu disebut pohaci tapi cukup aci); sel telur Aci putih maja hening aci putih tumpang lenggang; karek lamun geus ngajadi pembuahan/zygote disebutna ningkat jadi Pohaci nyatana Pohaci impun larang nu aya di gunung kembar.

II

Tangtu wae dina bag-bagan ulikan mah, engke dibagian satuluyna bakal leuwih katingali, yen aya bedana tingkatan nerapkeun sesebutan aci jeung pohaci -Sabab moal aya ngaran lamun euweuh barangna, moal aya ngaran mun teu boga sifatna moal aya ngaran mun teu boga usik/guna/manfaatna- antara aci acining barang nu aya di dunya jeung pohaci nu leuwih dijelaskeun ayana di alam kahyangan nu turunka dunya sasat saukur dipiwarang (Ngabdi-ibadah) ka Sunan Ambu. Kapanggihna alam katut panta-panta aci tepi ka pohaci the –saperti nu bakal kailo dina bagian satuluyna- lamun geus rajin daek wekel mutih, ngabeuti, ngalalab, ngatah, niis jrrd latihan meruhkeun aci supaya manjing jadi pohaci.

Leuwih jero deui Dina ulikan kasundaaan eusi. Pohaci the nu ngawarnaan RASA. Ku kawasana, Pohaci jadi panghurip nu nimbulkeun nyawa. Tuluyna, pohaci jadi SIR nyatana rupa rupa rasa nu jadi pangrasa.

Ari pangrasa nyatana nu jadi pangawasa nu hirup. Pangrasa matak jadi pangawasa sabab usik malikna jelema jeung sakabeh nu kumelip kumaha pangrasana. Nya pangrasa ieu jadi pangawasa dat na, pangawasa sifat jeung tingkah polahna.

Ieu dadaran…pun sapun….

Rek nganepikeun yen kabiasaan sapopoe nu aya hubungana jeung kapercayaan kana pohaci di kampung, nu beuki kaayeunakeun beuki arang katarima ku jalma-jalma nu ngarasa ‘ngota’ jeung ‘educated’ ku ala barat jeung ala Arab, teh asal muasalna bijil tina falasifah kapercayaan sunda baheula nu empirik.

Para pohaci the ayana lain ngan saukur dongeng memeh sare tapi boga falasifah nu nuduhkeun kana ulikan tangtung jeung masih nerap dina babasan jeung kabiasaaan sapopoe nu boga ‘nilai aplikasi’/kagunaan nu alus tur daya guna malah tepat guna, kayaning dina metoda ngubaran, nyuguh, nyieun tumbal, teknik neluh & nolakna, jeung ngomean awak katut ngomean lingkungan, malah isik sering dipake pakeun nganteur pamaksudan dina usaha jrrd.

Ieu dadaran… pun sapun….

Rek ngajelaskeun ngeunaan Pohaci utusan sunan Ambu nu heubeul nulung seuweu siwi tedak pajajaran….nu ayeuna mah geus diapi lainkeun/dianggap pamusrikan/bidah jrrd ku kalolobaan urang sunda kiwari sabab bisa jadi bijil tina heureutna kanyaho inohong sunda –nu make jalan Arab (lain saukur jalan Islam) - dina masalah ageman, jeung heureutna kamampuh inohong sunda nu saukur ngarasa nyunda tapi teu tapis ngeunaan pamahaman Islam nu rahmatan lil alamin (nu lain saukur pamahaman Arab) oge teu wanoh kana kamajuan paradigma jaman.

Wah…siah…..
….timana asalna wani dodongeng jeung nyebut kitu? ….Naha saukur kirata wae ….dinyata-nyata ku kira-kira? Naha saukur ka teupuas kaum marginal?

Tapi,….Cik atuh kumaha enyana mun enya-enya enya mah enyana?

Ngan kade euy bisi neunggar pangrasa batur….
…. Hayoh matak kabur pang ACIan!
puah…pwah!
Hung…ahung!


III

Memeh ngadadarkeun hal nu empirik/aplikatif ngeunaan pohaci, Urang mimitian utamana ku dongeng nu jadi ‘framework’ ulikan ngeunaan Pohaci nu sok kapangih/katuliskeun nu bisa kabaca ku umum dina pantun- sabab saperti nu geus kajanapria, dina nyimpen atikan tur nganepikeunana falasifah turun manurun, di sunda mah loba nu di’kemas’ make media pantun:

Pohaci teh awewe nu aya di kahyangan (sok disebut oge bumi suci alam padang) nu ngabantu Sunan Ambu. Ngaran Pohaci diantarana nu kabukukeun SangHyang Sri, Wirumananggay, Rincik bumi, Karma Seda, jrrd. Pohaci –ngan pohaci mungkul- nu biasana sok dipiwarang ku Sunan Ambu turun ka Buana Panca tengah Lamun aya seuweu siwi boga maksud/kahayang (umumna mah ngan kacaritakeun lamun boga kahayang sabab boga kasusah/karererepet).

Kawas dina carita Mundinglaya nu (pernah) paeh sabab ngalawan guriang tujuh, nya bisa dihirupan deui (ditulung) ku disumpingan ku Pohaci Wirumananggay .

Naha bet ku wirumananggay ? lain kunu sanes?

Kadieunakeun, dina basa sapopoe –sab di sunda cenah kapangaruhan ku hindu- pohaci sok oge jadi disebut dewi atawa bidadari. Misalna pohaci sanghyang Sri jadi Dewi Sri. Ditambahan ku dongeng lamun Pohaci –bidadari- turun ka dunya ngadon mandi di leuwi ngaliwatan katumbiri jeung lamun kabawa karembongna ku batur teu bisa balik deui ka kahyangan.

Naha pohaci ayana di alam kahyangan, naha dialam kahyangan pohaci turunna kadunya kudu nunggu dititah?, jeung naha bet nitah pohaci, teu tiasa Sunan Ambu angkat nyalira? Naha pas ngalawan guriang tujuh bet paeh? Jeung naha dihirupan ku Pohaci? Jeung naha bet ditambahan ku caritaan sok ngadon mandi dileuwi dunya ngaliwatan katumbiri - lain lamun aya katumbiri mah wayah geus hujan meureun hawa leuwi jeung caina tiris - rada aneh resep mandi lain dina wayah panas/haneut??

Urang bukakeun saeutik lalangsena: urang jujut ti wiwitan, urang pake keur wekasan, didunya urang wanohan, ameh kaaasaan manis imbitna ameh teu giyung ku amisna. ameh teu katerap tai hyang karatan teu boga danghyang teu mulya di parahyang(an) sab geus teu apal naon ari kahyangan.



IV

Mimiti jalma dina jero beuteung indung, jadina Sang Pohaci Impun larang (zygote) nga anak sudang (janin) ngagedean tur lengkep sapuratina kusabab lengkepna/ayana sari sari kadaharan/hakaneun (gizi) nu dituang ku Indung jeung hasil tina (kuat/henteu, sehat/henteuna) bekel Aci putih maja herang aci putih tunggang herang (sel sperma) tina sari aci-acining kadaharan nu dituang ku Bapa.

Matak kongas kasebut lamun ngabasakeun ka budakna -jelema hurmateun nu diajak nyarita) sok bari ngahurmat kolotna, nyebutna urang teh pan ka indung/oge ka bapana make sesebutan TUANG IBU TUANG RAMA, hartina ngingetkeun kanu diajak nyarita yen jelema nu ayeuna mulya teh jadina sabab lantaran hese cape indung bapana. Ibu tuang (dahar) bapa tuang (dahar) acining dunya nu nampa narima nya budakna (ngajadi janin). Da lamun euweuh aci-acining hakaneun nu asup ka indung/bapa mah moal jadi mangrupa orok - budak katempuhan (mun goreng acina)/kabere untung (mun alus sarina)

Sanggeus sampurna aci-acining kahakanan pakeun ngajadikeun janin cenah ku nu murbeng alam dipasihan sukma (ruh).

Lamun dina Mushaf Utsmani loba aya ayat-ayat nu dicutat ku ulama nu ngadugikeun proses janin tina sudut pandang biologi nyatana: tina saripati taneuh, nutfah, ‘alaqah, mudhghat, izham tuluy disampurnakeun ku ruh Allah (diantarana-Al mu’minun 12-14).

Disunda mah analisana make sudut pandang kahanan (dimensi):

Kahanan mimiti dina jero kandungan saggeus dipasihan sukma (bulan ka 1) kasebutna Sang Sukma Mulya. Ku pangaruh aci-acining kadaharan nu asup kana ‘rahim’ ibu. Ieu kahanan kahiji teh robah jadi boga rasa (Sang Sukma rasa/bulan ka 2), Sang jati rasa, Sang sari rasa. Malah engkena jadi Sang terus rasa.

Ku kituna memeh asup kana tahapan Sang terus rasa (bulan ka 5) jeung geus jadi sari-sari rasana si anak sudang (janin) (bulan ka 4), nukagedekeun ku pola pikir sunda bihari mah sok salametan nu eusina ngadu’a -mere program kana aci-aci nu geus beuki ngajadi- ku acara 4 bulanan keur si utun inji dina kahanan Sang jati rasa nu nambahan sari-sari rasana. Sederhana na mah, diantarana, ku nyieun bubur beureum bubur bodas - ameh salamet….aci-aci ning kadaharan…ditambahan ku du’a/itikad/program supaya ngajadi pareng pohacina sinelir.

Ku salametan ngadu’a (program) teh, nu asalna ukur sari-sari acining dat jadi ditambahan ku sari-sari acining puji (do’a+ aci nu direkayasa jadi –diantarana-bubur beureum bubur bodas). Ngajadikeun ayana ‘interaksi’ antara aci-dijero-nu geus ngabaju jadi janin- jeung aci-aci diluar nu direka jadi puji diprogram pakeun kasalametan nu dijero. Tah ku kajadian didieu mimiti (dina bagian satuluyna) bakal kapanggih/ka-track ayana teknik neluh jeung nolakna. (he…he…he tong tebih-tebih tengetan we…teluh kejo)

Ayeuna geus kabuktikeun ku dunya medis yen aya hubungan antara anak sudang jeung emosional indung katut kondisi lingkungana kayaning ngadenge musik jrrd. Ku kituna, salian ti pantangan-pantangan lain ka indung bapa salila reuneuh, mere do’a/program ka anak sudang ku cara salametan dina bulan ka 4 (jeung oge bulan ka 7) sawarna jeung mere pangaruh kawas ku musik ka anak sudang. Malah ieu mah make resonansi aci-acining kadaharan bari husus diprogram supaya kaginuluran bagja, diantarana, Pohaci nyataning aci-aci nu aya Tuah/dayana/pwahna jadi di (bakal) anakna.

Dina bulan ka genep, Sundana -bekel cahaya/nur- ti nu maha suci nurusamawati wal ardhi rek dicekapkeun matakna kongas ieu kahanan janin kasebut Sang Nurseda (sunda panungtungan pasihan rabbul alamin) nu engkena si anak sudang jadi Sang Aria Bumi. Supaya sampurnana kahanan Sang Aria Bumi/euweuh gangguan narima nurseda, deui-deui indung bapana ‘intervensi’ ku ngadu’a ka maha Suci mere program salametan ku acara tujuh bulanan.

Jst…………………..

(punten.... teu dikintunkeun ngeunaan dua kahanan panungtung, da saterasnamah mung cecepengan indung beurang (jeung nu hoyong apal cecepengan jadi indung beurang).

V

Utamana mah, 2 kahanan panungtung jadi trigger pakeun nga-uninstall diri balik ka asal lumenggang. Sabab lamun aya jelema gagah sakti make proses ‘rekayasa tina fitrahna’ ku ngopy jeung nga install rupa rupa tambahan program nu ngamodify wujud normalna –kayaning jadi weduk, pelet jrrd- terus dibacakeun ku indung beurang wincikan ‘track’ wiwitan nu jadi manehna –lamun bener-bener indung beurang- sok leungit pangawasana ‘anomali’na balik deui kana normal –.

Ieu teknik ‘System restore’ masih dipake pakeun ngaleungitkeun sabangsaning ‘kawedukan, kajayaan jrrd’ lamun geus teu diperlukeun atawa arek mulih ka jati. Sabab mulih ka jati bisana lamun geus bisa mulangkeun ka asalna sakabeh aci-acining nu ngajadikeun wujud. Kabeh kawedukan jrrd ‘engineering wujud’ diasupkeun ka jelema make proses intervensi/rekayasa aci-acining nu jadi sarina (tingal bagian XXI).

Sukuran/salametan 4 bulanan oge 7 bulanan diparigawe salaku upaya kontrol, ngarawat jeung ngomean ku ahlina sabab rea manggihan yen salila kakandungan the loba gangguan ka jabang bayi ngaliwatan pangaruh lingkungan, asupan gizi, stress kahariwang emosi indung, tingkah laku bapa (nu sok nyambung/aya pangaruh ka pamajikana nu ngandung nu jadina mangaruhan budak). Oge, sanajan sapopoena mah biasana indung bapana oge geus apal kana pantangan lamun keur kakandungan tapi pan jelema tea sok keuna ku poho, balangah jeung lalawora.

Bisana urang sunda nganyahokeun dimensi kahanan anak sudang/janin sabab disunda mah loba cai. Ku kajatnikaan luluhur sunda, ulikan sunda ku mrogram maneh bari teuleum di cai ngarupakeun ‘modelling’ dina upaya pendekatan ‘shahih’/teruji kana kaayaan janin dina jero kandungan (tingali we sarua kabeh kalingkupan cai). Loba bukti empirikna, da sanyatana memang ulikan ieu teh geus masagi, tinggal daek nanya ka ahlina.

Matak bisa jadi lamun lingkungan alam sunda beuki rusak ku diantarana jadi hese cai, hiji isarat yen kalolobaan urang sunda teu wanoh kana ulikan luluhurna. Da lamun wanoh mah meureun bakal heman ka cai jeung lingkungan nu jadi sabab cai cur cor. Lamun euweuh cai leungit metoda/teknik pakeun nganyahokeun bibit buit bekel lumenggang.


VI

Tina carita diluhur, beuki atra yen aci-acining kadaharan teh ku bantuan daya hirup (sukma) ti nu maha suci (pwahna/gunana) jadi pohaci - jeung tambahan doa indung bapa sab Allah mah ngabulkeun doa. Nya eta tea nu ngajadikeun janin jadi hirup bari hurip. Matak kudu hurmat pisan ka pohaci teh sabab enya manfaat tutulungna ka jelema.

Pan kongas dulur-dulur urang kanekes mah dina ngawincik asal-usul luluhur teh ti mimiti indung-bapa tuluy ka aki-nini, buyut, bao,udeg-udeg, janggawareng, kakait siwur tuluyna/ahirna mah ka bapa Adam indung Hawa. Ieu nunjukkeun kawinekasan aranjeuna sabab ari Adam teh pan tina taneuh ari hawa teh pan di sundamah udara atmosphere (hawa teh mani seger, mani nyongkab, mani tiis jrrd). Nya tangtu heueuh pisan enyana da jadina jelema timimiti anak sudang teh asalna mah tina aci-acining taneuh nu bisa dihakan ku jelema kusabab aya Hawa nu ngabayuan nu ngajadikeun pohaci tiasa nyata/turun di buana pancatengah. Moal aya jelema di dunya lamun euweuh hawa nu ngajadikeun taneuh tempat hirup hurip bijil cai curcor tutuwuhan sasatoan manggapulia.

Di situs purba gunung padang Cianjur oge di undakan pangluhurna-luhureun/pengkeureun ‘makam/kedudukan’ Sang Siliwangi teh aya ‘batu’ makam/kedudukan Bapa Adam Indung Hawa-dihandapna aya taneuh nu sok dibekelkeun kanu jarah. Cenah aya maunatna lamun boga pamaksudan. Sacara wijaksana luluhur mere siloka nyaeta nu utama lamun boga kahayang hayang laksana nya omean taneuh maneh (awak teh asalna tina aci-aci taneuh) – kawas taneuh nu boga karamat- ameh nyari meureun payu.


VII

Lamun geus lahir……

Balina lumrahna dikubur deui hartina dibalikeun ka taneuh (nu jadi asal mula Adam) bari di program keun supaya ngahiji deui make aci-acining uyah panglay jrrd supaya jadi Pohaci Dangdayang Sari nganteur lebur jeung taneuh sa dunya sarina asup deui ka awak-awak jelema mantuan jelema.

Matak sabenerna kudu daek make parancah indung beurang supaya budak walagri ku ngado’a mere program nitip (ctrl-C, ctrl-V) dina ‘memory dunya’ ngaliwatan balina nu dileburkeun deui jeung taneuh. Ayeuna mah urang sunda loba nu teu wanoh ka pohaci Dangdayang Sari, ngaapilainkeun atawa dina nguburna sok teu pati ngajenan jeung nganggap ngan saukur sarat komo loba nu nganggap ngan saukur adat - buktina dina migawena teh Bapana nu boga tanggung jawabna nu TUANGna tara ngilu-ngilu acan. Padahal nu penting mah bapana mere do’a/program meungpeung balina ‘alus’ keneh bisa nyimpen memory program du’a memeh di lebur balik ka asal ngahiji jeung puseur asalna.

Bali budak teh, aya oge nu digantung jadi kanjut kunang pakeun dipake ubar/tumbal/jimat jrrd sanggeus ngaliwatan ‘program’ parancah khusus nu engke make setting ‘time-counted program’ nu bareng larut/leungit lamun budakna waktuna maot. Ayeuna aya beja ti rumah sakit di Singapore aya program nyimpen bali orok di hospital. Waragadna ratusan juta perak, cenah dokter-dokterna yakin yen ti eta balina bisa dipake sumber diagnosa jeung ubar pakeun sagala panyakit budakna kahareupnakeun mun katerap. Pan dina basa sunda mah aya paribasa nu geus nahun BALI GEUSAN NGAJADI. Baheula dipake ku urang sunda ayeuna di mangfaatkeun ku singapura (sanajan can tangtu beunang nanya ti indung beurang) …. sugema pisan…. nu sorangan dipiceun ari perlu mayar ka deungeun.

VIII

Kumaha timimiti orok nepi ka jadi jelema? Kumaha carita pantun nu di caritakeun timimiti teh nerapna..euy?
Jeung kumaha maksud tulisan nyuguh pohaci meungpeung puasa? Bari pohacina ngaku-ngaku wani nyebut pohaci sang hyang dewek sagala?? Teu sieun katulah??....puah…puah…

(Urang kintunkeun bagian salajengna upami pareng)

Kalam Kasundaan (Bag III)

Bag III

Disiplin Ulikan Kasundaan Eusi

Ulikan eusi kasundaan, ulikan sunda jero, eusi atawa jati, mangrupakeun ulikan nu lengkep teori reujeung praktekna sanajan pustakana aya dina hambalan sunda nu ayeuna geus teu populer deui di lingkungan formal alam pikiran kalolobana urang sunda katut para budiman sunda ayeuna. Ieu ‘elmu’ ngeunaan Sunda, katut ‘teknologi’ tina metakeun sunda eusi keur kamaslahatan alam katut eusina nu geus kapanggih ku luluhur sunda baheula, kahontalna teh make parabot rasa nu geus kacaangan sunda.
Ulikan ieu dina proses edukasina mentingkeun JADI tibatan saukur nyaho. Hartina ulikan disiplin kasundaan leuwih mentingkeun jadi Sunda (Nyunda) tibatan nyaho ka sunda, leuwih mentingkeun jadi Caang moncorong cahayaan. Tibatan saukur nyaho ayana Sunda.

Kabiasaan Dina Nganepikeun Sunda Eusi

Saperti nu di sebutkeun diluhur ulikan sunda eusi mentingkeun jadi, mentingkeun jadi sunda nu caang cahayaan timanan ngan saukur nyaho ayana caang eusi. Jadi dina nganepakeun ulikan ngeunaan sunda eusi teu sambarangan ditepikeun.
Nepikeuna jeung nepakeunna teh make ‘media’ husus nyaeta make paawas awas rasa pabersih bersih ati ku cara mernahkeun tangtung di bumi suci alam padang hasil tina henang hening henung sunda.
Kulantaran ngeunaan alam rasa dina hambalan sunda, tulisan, ucap ‘teori’ atawa katerangana sering disilib sindirkeun atawa dipilihan ngajaga timbulna salah harti nu ngadenge/numacana. Dina geus kacekel barang tur Aya-na karek dijentrekeun satarabasna.
Hal eta teh lantaran, caritaan sunda eusi mah hese kahontal ku jalma nu ngagedekeun keneh uteuk jeung angkeuhna sorangan. Dina merenahkeun tangtung nage carita sunda eusi bakal ngan saukur dikira kira lamun jalmana can manggih ‘Aya’ jeung ‘barang’na. Ari kira kira tangtu lain jeung moal nu enyana.
Sigana moal jadi aneh upami budiman sapertos Hoof-Panghulu H. Hasan Mustapa seueur masihan simbol siloka sareng sindir dina ngadugikeun pamendakna teras dipilih-pilih nurutkeun pamahaman nu ngupingna, diantarana misalna wae H Hasan Mustapa mung milih sabagian ayat Qur’an –dina adab padikana disebut 105 ayat, numutkeun etangan Ayip Rosidi 352 ayat- dina nyerat tafsir qur’anul adhim.
Dipilih ngan sabagian leutik tina qur’an sigana tangtos kaemuteun ku anjeuna yen tafsirna hiji waktos, bakal kaaos ku umum nu teu sadayana apal kana aya jeung barangna, kaayeunakeun geus kajadian. Eusining qur’an nu numutkeun anjeuna, hatamna ti sunda ka sunda deui teh moal gampang kaharti ku ‘bangsa kaula’. Saurna ge, ‘Komo lamun jalmana geus tikait kana panyakit ati’.
Bangsa kaula didinya lain nuduhkeun urang sunda kabeh tapi sakabeh bangsa jalma nu masih keneh di ka-kaulaan, teu masagi dina rasa kuring, rasa kami, rasa ingsun jeung rasaning aing. Nu karitu moal bisa ngahontal eusining bacaan sagemblengna.
Kusabab sunda(eusi)na mah moal kahartieun ku pamahaman ka-kaula-an komo deui ku nu geus kotor hatena nu ngan ngarti sisindiran jeung wawangsalan. Ayat ayat nu dipilihna keur nuduhkeun supaya jalma nu di ka-kaula-an katuduhkeun kana sunda.
Dina kanyataanana lantaran kamampuh umum nu teu sarua eta tafsir jadi ‘dongeng’ atawa ‘carita’ penafsiran nu warna warna utamana ku para budiman nu teu weruh ka sunda eusi.
Tapi tangtu eta teh lumrahna kitu jeung kuduna kitu, ku ayana wacana teh ngabantu nyaangan uteuk dina nyusuk kanyataan ‘aya’ jeung kanyataan ‘barang’ nu dicaritakeun nyaeta Sunda tea.
Ngan jadi pihanjakaleun lamun dina ngabahasna saukur make uteukna mungkul teu daek make ati anu putihna. Tangtunganana teu daek dijadikeun kabuyutan (kabuyutan=tempat suci) da nganggap kabuyutan teh ayana diluar, di kuburan luluhurna mungkul, teu hayang nyieun sorangan siga luluhurna baheula nu mampuh nyieun jeung boga kabuyutan.
Kapan loba kacaritakeun elmu tapak kamampuh pikeun ‘tanjeur na juritan’ ‘heubeul jaya di buana’ teh pan ayana di kabuyutan, jadi boga kabuyutan sorangan teh kudu pisan lamun hayang hirup mulya ameh masing masing bisa makena dina nyanghareupan musuh jeung tangtangan hirup.
Nu teu daek nyieun kabuyutan dina dirina sorangan pohoeun kana ayat Al Qur’an nu unina kieu: Fi buyutin addinallahu anthur fa'a wa yudzkara fihasmuhuu yusabbihu lahuu fiihaa bilqudhuwi wal ashal (QS Annur: 36), yen ngan di buyut=tempat suci asma Allah teh diijinkeun ayana. Matak kudu jadi nyieun kabuyutan nu deuheus ka awakna supaya bisa nyusuk jeung gampang makena. Dina ngahartikeun sunda nu teu daek beberesih ati jeung lampahna mah ngan saukur meunang dongeng bari teu karasaaeun manfaatna ku inyana sorangan.
Hal ieu teh nu oge sok dipaurkeun ku para budiman sunda eusi sanesna, sieun sunda teh ngan saukur jadi dongeng, pagede gede carita, parame rame mere tafsiran tapi nyundana teu jadi, da teu daek manggihan aya jeung barangna.
Kadieunakeun, paling henteu nu katengetan taunan katukang, dina ngahartikeun mentingkeun jadi Sunda tea, sabagean jalmi tedak sunda nu nganyahokeun sunda eusi nganggap ieu ulikan pamali. Pamali diomongkeun pamali dituliskeun sagawayah sabab ngajaga jeung kasieunan bisi ulikan teh jadi ngan saukur dongeng, pagede gede carita wungkul, bari teu karasaeun teu kapanggih. Dina kapaksa nulis, nulisna terus sok di silib sindirkeun atawa lamun ditepikeun sok milih milih kanu enggeus ‘mateng’ pola pikir jeung pola lakuna, dipilihan kanu geus tapis neuleuman sunda luar heula. Ngarariung nepikeun eusi na ge sok milih dina waktu sareureuh budak atawa ditepikeun teu sagemblengna, sesana sina kapanggih sorangan ku nu hayang nyusudna.
Kabiasaan nu katengetan eta tangtu ngan saukur kawijakan jalmina atawa sifatna kasuistis nu kahareup bisa di saluyukeun jeung kabutuh selerna asal tetep mentingkeun JADI. Sabab, harti ‘hese’ nganyahokeun sunda eusi didieu lain hartina teu bisa kahontal jeung teu bisa manggihanana, komo teu bisa di ‘bukakeun’ mah sabab lamun puguh ‘cara jeung jalanna’ mah teu hese hese acan.
Cara jeung jalan ieu, nu ayeuna dina loba lingkungan formal karasa asing, tibabaheula sabenerna turun tumurun di tepakeun ditepikeun dicekel dialusan ti mimiti kapanggihna ku luluhur urang sunda tug nepi ka jaman ayeuna disampurnakeun nganggo sir’ah jeung minhaj Islam nu datang ti tanah Arab.
Ulikan kasundaan eusi nu tangtungan jeung nembongkeunana 1) ngagunakeun awas caang rasa jeung bersih ati; 2) bijilna tina SIR nu ku sari, 3) ayana lantaran RAS ku rasana nu hasil tina merenah tangtungan di bumi suci alam padang sabab mampuh henang hening henung dina Sunda eusi, sabenerna mangrupa skill nu bisa diajarkeun bisa ditepakeun kalawan empiris.
Ulikan sunda eusi ieu ngarupakeun ulikan empirik sabab lamun make jalanna saha wae nu makena bakal tepi. Tapi tangtu lamun teu nyaho jeung teu make carana lebeng moal panggih. Lir ibarat hayang nyaho internet [sunda eusi diibaratkeun internet] teu boga modemna (warnet euweuh), sanajan komputer awakna alus hardware jeung software na alus moal bisa nepi. Jadi we internet ku nuboga eta komputer ngan saukur ‘khayalan’ Nya terus we dikira kira da rea maca ngeunaan internet eta tina majalah, buku atawa dongeng batur nu eusina lain hand book atawa journal tapi ngan saukur ‘cenah’ nu dibungbuan ‘basa iklan’. Sanajan cang tangtu jadi ‘sasar’ atawa ‘bias’ dina nyahona ngan saukur dongengna wungkul. Informasi jeung fasilitas ti internetna mah weleh teu ngarasaan jeung ngabuktikeun. Tapi, lamun bisa nga-acessna mah kabeh nu nga-access pada ngarasa jeung ngabuktikeun sarua gening kitu internet teh. Tah dina sapopoena tiap netter beda beda
makena beda beda naon nu didownload [khasanah pustaka jeung teknologi sunda eusi] ka komputer awakna kumaha karesepna kumaha kabutuhna.
Ngawanohkeun ‘modem’ ieu nu sigana perlu ditepikeun deui supaya kana sunda eusi teh loba nu nganyahokeun, ngarasaan, jeung ngabuktikeun. Supaya jaradi caang nyaangan uteuk angkeuh jeung lampahna dina nanjeurkeun deui sunda boh dina budayana boh dina tangtungan kasundaana nu ayeuna warna warna jeung terus kagerus jaman.
Jenis modemna nu aya dina pabetekan pustaka hambalan Sunda: aya nu tina Agama Islam, aya oge nu tina ‘inovasi’ luluhur sunda baheula. Ngan ari kanggo para budimanna mah, sigana, kedah tapis nganggo duanana sabab lamun teu pernah ngaraoskeun jeung ngabuktoskeun sacara haqul yakin ngeunaan inovasi luluhur tedak sunda, terus teu jadi ‘tacit jeung explicit knowledge’, tangtos moal ngeusi dina nganepikeun jeung ngama’naana budayana, moal ENYA, da ngan saukur nganggo kira-kira. Nuduhkeun jeung ngajelaskeun budaya sunda -nu nyunda- ka selerna oge tangtu teu eusian da teu merenah Sundana.


Panutup

Panginten nu ngaos, timimiti ningal ieu tulisan ngemut : naha bener henteu ? boa ngan saukur ngira-ngira, ngimpi, ngahayal, atawa supertisi ? atawa naha ngan saukur pamanggih subyektif ?
Ieu tulisan ‘panganteur’ bijil tina hasil multiple case study. Protocol jeung data base kajian sadia pikeun external validity, Tehoritical proposition keur nganalisa papanggihan aya, sabagian ditepikeun dina ieu tulisan Keur internal validityna. Key informants masih aya, Dokumentasi artefak arsipna aya, oge chain of evidence dina hambalan sundana bisa nedunan construct validity, Tinggal daek langsung jadi participant observer ngalakukeun kajian sorangan pikeun nganyahokeun ngeunaan tangtungan Sunda jati - lain ngan saukur mitos tapi aya, empirik jeung bisa dipake. Ngan tangtu pikeun ngalakukeun participant observation, maca data base jeung nyusud chain of evidence na perlu ‘training’ heula.
Ieu ‘kajian’ perlu ‘tempat’ keur ngawacanakeun utamana dina nepikeun hasilna, ‘pustaka’ sumber na masih dikalangan koleksi pribadi-pribadi tertentu hariwangeun keneh lamun disimpen di ‘perpustakaan umum’ lantaran sieun ‘pustakawanna’ teu ‘eungeuh’.
Ngahaja ditulis ti pandeuri sabab hayang oge nganepikeun yen tangtungan sunda jati, khasanah pustaka jeung teknologi sunda dina hambalan sunda bisa di talungtik dibuktikeun make pola pikir pola laku disiplin ilmu ‘jalmi nyakola modern’ , supaya rea urang sunda ayeuna nu gedena ku sikep ilmiah (scientific) bisa maca pustaka jeung make ‘teknologi’ dina hambalan sunda keur nanjeurkeun deui sunda; sugan ari rea mah engke paTAPA di nagara nu masagi dina tangtungan sunda eusi, aranjeunna jadi sauyunan nanggarakaeun Pajajaran anu mulya nohonan uga.
Ngan tangtu kudu dimimitian ku sumanget, nu saur kangjeng Nabi Muhammad saw mah, Al hanifiyyat al-samhah.

Robbana atmim lanaa nuuranaa…
Nun… Nungauban sampurnakeun sunda abdi..
(At-tahrim 66:8)
Amin.


Cag.

Kalam Kasundaan (II)

Bag II

Rata PenuhKaterangan Sunda Eusi
Dina Ageman Urang Sunda Ayeuna (Agama Islam)

Sabagian katerangan tina Qur’an dina tulisan ieu dicutat lain rek saukur nyalindung ka Qur’an dina ngajentrekeun ulikan SUNDA eusi tapi utamana nuduhkeun yen ulikan SUNDA eusi, jero atawa jati dina Qur’an aya sanajan
sir’ah kalawan minhaj dina manggihan jeung nyimbolkeunana teu sarua.


Sunda teh Iman, Iman teh Sunda

Sunda dina harti sunda eusi nyeta Nur nu nyaangan ati nu kapanggih ku awasna ati (rasa) teh kanyataan Iman, sabab Iman dina (agama) Islam numutkeun Allah swt dina Al-Qur’an mangrupikeun Nur. Iman teh Sunda jati (Nur) nu mangrupakeun hidayah nu datangna ti nu murbeng Alam.
‘.…[Kitab jeung] iman teh Nur (Sunda) ti Allah, nu ku sunda eta Allah mere pituduh ka sing saha bae nu kuanjeuna dikersakeun, jeung saenyana ku sunda eta maneh bakal mere pituduh kana jalan –sirothol- mustaqim’ (As-syura, 42:52).

Dina disiplin kasundaan, saperti nu disebutkeun di bagian saencanna, Nur ieu kapanggihna lamun hiji jalma nyirnakeun pancadriana heula, oge tapak uteuk jeung angkeuhna sorangan heula nepikeun ka teu kumanehna manehna acan.

Nyunda Ciri nu Ariman

Lamun meunang iman Nur nya jadi nyunda. Hartina lamun nyunda caang cahayaan, Nur(sunda)na moncorong jeung pasti terus hayang tetep nyunda cahayaan. Numutkeun Firman Allah swt dina Al-qur’an ‘…Jalma jalma nu ariman mah nyunda (caang cahayaan), sundana (Nurna) tembong sumirat moncorong dihareupeun jeung dina (lebah) leungeun katuhuna, maranehna nu nyunda (nu caraang) nyarita: Nun Gusti, mugi Gusti nyampurnakeun kasundaan abdi sadaya…’ (At Tahrim, 66:8).
Jadi sabenerna lamun hiji jalma, hususna, urang sunda (etnis/genetis) iman terus bener ngulik jeung ngalakonan Islam kuduna bakal leuwih nyunda gumawang lain jadi ‘Arab’, Kuduna mah anu loba elmuna elmu lahir elmu batin kudu leuwih nyunda caang moncorong, lain jadi ‘bule’.

Kitab Mangrupa Sunda

Sunda eusi ngajadikeun, pancadria uteuk jeung angkeuhna kacaangan. Lamun tapis didinya nya jadi permana kana kamulyaan jeung kani’matan hirup hurip, saperti nu geus kaalaman ku jalma jalma saencana. Al Qur’an nu harti asalna bacaan bacaeun oge mangrupa sunda:
‘.… Kitab [jeung iman] teh Nur (Sunda) ti Allah, nu ku sunda eta Allah mere pituduh ka sing saha bae nu kuanjeuna dikersakeun, jeung saenyana ku Nur (sunda) eta maneh bakal mere pituduh kana jalan –sirothol- mustaqim’ (As-syura, 42:52).
Dina ayat nu lainna bisa ditingali yen ku kitab, nu mangrupa Nur (sunda) eta tea, Allah ngaluarkeun jalma jalma ti poek ka nu caang kalawan idinna jeung nunjukkeun ka jalan mustaqim (AL Maidah, 5:16).
Kitab Alqur’an oge aya dina hate nu nyunda: “kitab (Al Qur’an) teh ngarupakeun ayat ayat Nu Maha Kawasa nu nyata dina hate jalma nu ngelmu” (Al ankabut, 29:49). Ari elmu ngandung harti kanyaho, sedengkeun ari kanyaho teh unsur caang (sunda) nu mere jeung jadi tuduh ka tiap jalma dina pikir ucap jeung usikna nyanghareupan kabutuh hirup huripna.

Nu Nyunda Moncorong Cahayaan Tanda Sajatining SUNDA

Allah nurunkeun ayat ayatna ka abdi abdina lantaran seja nyundakeun [ngaluarkeun maranehna tinu poek kanu caang] (Al Hadid, 57:9).
Caang cahayaan sunda ieu ngarupakeun ciri nu ariman boh Lalaki boh awewe:
‘Mu’minin jeung mu’minat mah sumirat tembong Nur (sunda) dihareupeun jeung dina leungeun katuhuna, mareunang pangbagea kabagjaan surga keur maranehanana ..’ (al Hadid, 57:12).
Cahaya (sunda) Caang teh mangrupakeun rahmat jeung ampunan Nu murbeng Alam Allah swt lantaran maranehna pengkuh nyunda [mu’minin] (Al Ahzab 33:43).
Urang sunda sakuduna, ngalangkungan para budimanna, sing bisa katuduhkeun yen kayakinan sunda nu tembong dina pola pikir pola laku katut tapak budayana baheula teh nyumber tina pangaweruh ti Nu Maha Kawasa Allah rabbul ‘alamin. Ieu teh bisa kahontal lamun para budiman sundana bener nuduhkeun nembongkeun sunda (eusi) kalawan ENYA ka bangsana dina pola pikir pola lakuna.

Hayang Manggihan Jeung Meunang Sunda Teh Kudu Islam

Cara hayang manggihan sunda eusi teh euweuh deui kudu tumut turut sumerah (aslamtu) ka Nu Murbeng alam: ‘Jalma jalma nu dibukakeun ku Nu murbeng Alam hatena kana tumut turut sumerah (aslamtu) ka Gustina, manehna meunang Sunda ti Gustina’ (Az Zumar, 39:22).
Jadi lamun para budiman sunda baheula nyunda eta teh pasti lantaran pola laku lampah jeung pikirna Islam tunduk turut tumut ka nu Murbeng alam.
Sedengkeun Nu Murbeng Alam ieu cahayana langit jeung bumi ‘Allahu nuurus samawaati wal ardhi’ anu ‘Nurrun ‘ala nurrin’. Kanyataan Sunda eusi ieu sanajan ‘nyata’ da moal aya ucap lamun euweuh ‘barangna’ lain hiji ulikan nu sagawayah da teu bisa kahontal ku kamampuh jalma biasa nu masih teu daek, terus teu bisa bener aslamtuna.

Pangaweruh Sunda Eusi Tanda Kaluhungan Luluhur Tedak Sunda

Para budiman urang ‘sunda’ (etnis) ayeuna tangtos tos pada aruninga kecap Sunda, saperti nu diantarana diterangkeun dina Ensiklopedi Sunda, mimiti kapanggih karek di taun 736 dina prasasti Rakyan Jarupangambat sedengkeun karajaan Sundana karek ngadeg tahun 669 M.
Ngaran Sunda ieu nu mere ciri jeung sesebutan ngeunaan kahirupana hiji bangsa tangtu lain nu pangheulana aya jeung hirup di daerah jawa kulon, sabab didaerah jawa kulon keneh, kurang leuwih 500 taun saacanna (130 M) geus aya karajaan nu disebut Salakanagara, nu ngarupakeun karajaan pangmimitina aya di Nusantara, dimana salila ngadegna teh geus boga budaya, ‘beunta’, daragang jeung wawawuhan jeung bangsa lain nu ‘maju’ saperti India jeung China. Sanggeus karajaan salakanagara pareum, saacan Sunda kasebut – dina prasasti - malah aya karajaan Tarumanagara nu salila kurang leuwih 300 tahun neruskeun salakanagara (358-669). Tarumanagara geus sanggup mere bukti sajarah –diantarana batu tulis di Bogor - nu warta ayana eta kahirupan geus kacatet oge ku seler bangsa lain.
Saterusna, sanggeus Sunda aya, sanajan dina sajarahna dibere warna ku robah robahna pamarentahan jeung nagarana diantarana aya Kendan, Galuh, terus jadi Pajajaran, terus nepikeun jadi Sumedang larang, Banten, Cirebon - ngaran nu dijadikeun ‘sesebutan’ atawa ciri pikeun manusa, kamanusaan jeung budaya na tetep dipilih Sunda. naha lain urang Salaka, urang Taruma, urang Kendan, atawa urang indraprasta, urang Galuh, atawa urang Pajajaran ? (dua kecap panungtung, katingalina, ngan sering dipake piken ‘nostalgia’ ka ayana jaman kamulyaan baheula) naha bet ngaku jeung nyebut urang Sunda ?
Hal ieu teh tangtu aya ajen inajen nu hayang ditepakeun hayang ditepikeun jeung nu terus aya lantaran luhung jeung bener eusina. Ajen inajen ngeunaan SUNDA ieu dipiara jeung diwariskeun ti generasi ka generasi sabab ngeunaan kayakinan hirup hurip nu mulya nu datangna ti Nu murbeng alam.
Sunda ieu tangtu hasil ‘inovasi’ ti budiman luluhur sunda tina naon nu geus kapanggih dina nyanghareupan tantangan hirup hurip nu aya hubungan jeung kayakinan tangtunganana dumasar kana pola pikir pola laku saacanna. Kapan agama di tatar sunda teh ngarupakeun pengembangan tina agama hindu agama budha nu samemehna datang ka tatar sunda, istilah jeung jargon-jargon agama di sunda na ge pan rea nu beda jeung hindhu atawa budha.
Lamun ngarujuk kana Al Qur’an, nu sabagianna ditepikeun saencana dina ieu tulisan, sunda eusi sarua jeung nu didugikeun Qur’an. Kaluhungan budiman luluhur sunda baheula waktu can ngagem Agama Islam nunjukkeun yen aranjeuna teh parantos ngalampahkeun ‘bener.’
Kukieu teh bisa katingali yen Luluhur sunda baheula tangtu tos kasumpingan Rasul nu moal boa rasulna urang sunda sorangan. Komo deui numutkeun Qur’an yen tiap umat kapasihan Rasul kanggo nyundakeun jalmana nya hartina nyandak tinu poek kanu caang ku pangersana Rabbul Alamin.
Sanajan lamun ditengetan nurutkeun tahun kapanggihna prasasti jaru pangambat eta, 700 M, teh ratusan taun sanggeus Agama Islam (Islam AL khusus= sir’ah sareng minhaj nu digelarkeun ku Kangjeng Nabi Muhammad saw) lungsur ka buana panca tengah (abad ka 6 M) nu mungkin aya pangaruhna tina Islam. Tapi, can aya bukti yen pangaruhna aya di tatar sunda. Atawa lamun aya pangaruh na ge hal ieu leuwih nunjukkeun yen para budiman luluhur sunda harita sir’ah jeung minhajna beda ti agama Islam ti tanah arab.
Sakali deui, konsep gambaran ngeunaan Sunda eusi nu sawanda saperti nu didugikeun ku Al-Qur’an ti agama Islam (Islam AL khusus) nunjukkeun yen urang sunda baheula, paling henteu para budimanna, geus gaduh pangaweruh ngeunaan kayakinan Islam (Islam Al umum nu dicandak sadaya Rasulullah di tiap umat).
Jadi, budayana ge tangtu nyumber tina falsafah kayakinanana falsafah tauhid falsafah kasundaan nu caang hasil pola pikir pola laku nu kacaangan ku Nu Maha Suci. Robah jadi Agama Islam (Islam al khusus) teh lantaran sir’ah jeung minhaj nu digelarkeun ku Kangjeng Rasulullah Muhammad saw langkung langkung sampurna nyampurnakeun sakabeh nu enggeus dipake samemehna, kaasup nu dipake di tatar sunda nu mun sacara praktek na mah eta jalan (sareat) teh lewih sederhana.
H.Hasan Mustapa (1930), nu numutkeun Ayip Rosidi tos dianggap Bujangga Sunda pangbadagna, ngadugikeun ngeunaan ‘tempat’na Agama Islam jeung tangtungan Sunda jati (HH Mustapa, Tafsir Quranul adhim: 293-294), yen Agama Islam nu digelarkeun ku Kangjeng nabi Muhammad saw teh ‘sareat pangparatan hakekat’, nu ngabuka rasiah sindir siloka prawira perlambang teori nu tiheula-heula dina nekanan Sunda ka Sunda deui. Ieu Hoofd Panghulu ngadugikeun yen eusi Al qur’an nu jadi sumber ajaran Islam ka buktikeun ‘nekanan saur karuhun [tedak sunda] hatamna Qur’an ti sunda ka sunda deui’. Ti (Nur) Cahaya caang ka caang (nur) cahaya kanyataan sunda eusi.
Jadi, ageman nu dipake ku urang sunda ayeuna, Agama Islam, teh ngan beda sareatna mungkul –leuwih sampurna- nu matak dina ngagem Islam nu datangna ti tanah Arab ieu teh H Hasan Mustapa gaduh kasimpulan: ”baheula ku basa sunda ahirna ku basa arab: jadi kaula nyundakeun Arab nguyang ka arab, ngarabkeun sunda tina basa Arab”.
Hanjakalna, kadieunakeun rea para budiman sunda, kulantaran henteu wanoh jeung henteu masagi kana tangtungan sunda eusi luluhurna, seueur nu ngajelaskeun ka selerna yen gantina ageman kana agama Islam ti tanah Arab teh kulantaran kayakinan luluhur sunda baheula goreng, ‘musrik’ atawa salah. Nya tangtu budayana oge jadi ‘musrik’, goreng atawa salah da nyumber tina kayakinan anu goreng musrik atawa salah tea. Jadina, budaya sunda na oge saeutik saeutik tapi pasti ditinggalkeun sabab maranehna kayakinkeun yen eta budaya teh nyumberna tina kayakinana anu ‘supertisi’ henteu ‘tauhid’ lain ti Allah swt jrrd. Terus, pola laku kabiasaan asal sapopoena anu masih dina budaya ‘sunda’ oge jadi loba kasieun kapaur kaera ku ka cap kolot, tahayul (mitos), bid’ah, syirik jrrd, lain ngakar ti Islam.
Matakna loba urang sunda nu neuleuman jeung make agama Islam jadi Arab budayana sabab manehna kayakinkeun yen budaya arab teh kasebutkeun nyumber tina Islam. Komo deui sanggeus jadi Indonesia terus patepung jeung budaya sejen –barat- nu keur nanjung, budaya sundana beuki kagerus da nu ngarora ngarasa teu boga nu alus ngeunaan asal usulna nu perlu dijadikeun tangtungan. Urang sunda ayeuna jadi rea nu teu reueus, teu hayangeun miara jeung make budaya sundana, lantaran nu normal mah tangtu mikir naon untungna miara jeung make –komo nanjeurkeun- pola pikir pola laku katut tapak-tapak anu sumberna mitos, musrik, salah atawa goreng ?

Kalam Kasundaan (I):

Kalam Kasundaan (I):

Eddy Nugraha




Bubuka

Kanyaho urang sunda ngeunaan nu aya hubungana jeung ‘sesebutan’ sunda warna warna, timimiti nu nganyahokeun sunda dina harti kayakinan, budaya, karajaan, etnis, basa, tempat, sastra, seni tug nepikeun ka nu teu apal pisan naon ari sunda teh.
Salian ti warna warna kanyaho urang sunda ngeunaan ‘sesebutan’ sunda eta, harti nu dipake ku para budimanna ngeunaan sunda oge robah robah ti jaman ka jaman. Misalna, dina pustaka tahun 50-an harti sunda teh nepikeun ka leuwih ti 25 harti (Sajarah Sunda I, 1956). Satuluyna, dina kamus basa sunda [timiti citakan ka 1 (LBSS, 1975) nepi ka citakan ka 7 (LBSS 1992)] ngan dihartikeun sacara etnis sanajan ditambah katerangan ngeunaan harti asalna. Robah robahna ieu nunjukkeun robahna pangartos para budiman urang sunda dina ngama’naan sunda jeung dina ngajelaskeun ngeunaan tangtungan sunda ka bangsana.
Ka beh dieunakeun dina ensiklopedi sunda (2000), ku para budiman nu ngadamelna entri sunda dihubungkeun deui jeung budaya, tempat, etnis, karajaan, sastra jeung basa nu ngarupakeun ‘produk’ atawa tapak budaya nu geus kakumpulkeun, tapi acan nuduhkeun jeung ngajelaskeun kayakinan eusi atawa jati nu jadi, jeung nu kudu jadi, tangtungan urang sunda.
Ngeunaan kayakinan eusi atawa jati dina ensiklopedi sunda ngan saukur dihubungkeun jeung entri agama sunda wiwitan nu dibere komentar ‘hanya sedikit diketahui’, oge teu aya katerangan ngeunaan hubungan eusina jeung ageman ayeuna nyaeta Agama Islam. Padahal, di bagian sejen di sebutkeun yen dina pamahaman para budiman urang sunda, aranjeunna pernah garaduh pamadegan yen budaya sunda teh mangrupakeun ‘seluruh perwujudan gagasan, perilaku, dan hasil kegiatan manusa sunda dalam bidang-bidang;… , dan sistem religi (ensiklopedi sunda, 586). Tangtu ‘kecap’ religi teh nyoko kana kayakinan tangtungan eusi atawa jati.
Sedengkeun, pangaweruh ngeunaan sunda nu nuduhkeun tangtungan eusi atawa jati, lain ngan saukur ‘produk’ jeung tapak, diperlukeun pisan di ieu jaman global dina upaya miara jeung ngawariskeun budaya sunda ka generasi nu pandeuri.
Perluna teh lantaran kahiji, generasi sunda ayeuna geus rea manggihan budaya-budaya sejen nu ‘aralus’ jeung geus dipake nyampak dina kahirupan sapopoena, pangpangna budaya ti Jawa nu geus rea campur dipake di sunda, Arab nu jadi ‘baju’ Islam, ‘Indonesia’ nu jadi budaya formalna, jeung budaya barat nu maju elmu jeung teknologina, nu ku ‘kaalusana’ teh geus rea jadi bagian tina kabiasaan hirup sapopoena.
Tangtungan jati atawa asal ieu, nu lamun bener tur alus mah, bisa nimbulkeun kareueus ngeunaan asal usulna sorangan jadi urang sunda - boga ‘asal usul nu pantes diakukeun’ – jeung bisa jadi cecekelan dina kahirupan ngajajar jeung jajaran seler-bangsa lain. Lamun geus boga kareueus ka asal usul jatina tangtu daek kawaris, daek make jeung daek nanjeurkeunana.
Kaduana, budaya sundana sorangan nu rek diwariskeun ayeuna geus saru geus nyampur jeung budaya deungeun, jeung geus rea teu jadi pakean kalolobana urang sunda ayeuna, atawa ngan saukur jadi ‘pinggiran’ dibanding dominasi budaya ‘alus’ lainna. Kukituna tangtungan eusi atawa jati luluhurna bisa jadi payakinan jeung pamake dina milih budaya-budaya nu aya ayeuna, terus dina make jeung mekarkeunana keur ngajembarkeun tangtung.
Tulisan ieu ngarupakeun guaran panganteur ngeunaan sunda nurutkeun harti asal nu aya hubungana jeung kayakinan ngeunaan tangtungan sunda, utamana sunda eusi atawa jati malah mandar nanjeurkeun deui sunda.